TATANÉN

Image

Tatanén mangrupakeun hiji pagawéan anu dilakonan di Kebon jeung  Sawah, disebut ogé melak tangkal atawa ngolah taneuh.

Dina widang tatanén aya istilah-istilah anu remen dipaké.

Istilah-istilah anu osok dipaké dina tatanén di kebon diantarana waé:

  1. Ngabukbak = Muka kebon atawa leuweung anu masih kénéh loba tatangkalan pikeun dijadikeun lahan anu bakal dipelakan atawa dipaké tatanén.
  2. Ngabaladah = Memener tempat atawa lahan anu arek dijadikeun tempat tatanén.
  3. Nyacar =  Meresihan lahan anu arék dijadikeun tempat tatanén tina jujukutan jeung tatangkalan.
  4. Babad = Sarua jeung nyacar. Bedana, mun babad mah biasana maké bedog, sedengkeun nyacar mah biasana maké congkrang atawa arit.
  5. Ngahuru = Meuleuman tatangkalan meunang nyacar atawa babad.
  6. Ngadurukan = Meuleuman jukut jeung tatangkalan sésa ngahuru nepikeun ka beresih.
  7. Macul = Ngolah taneuh supaya lalempur kucara dipancongan maké pacul.
  8. Ngawuluku = Ngolah taneuh ku jalan maké tanaga sapi anu narik wuluku.
  9. Némprang = Ngarempu-rempukeun taneuh anu masih kénéh guluntungan meunang macul. Biasana make pacul.
  10. Ngarag = Miceunan sabangsaning akar-akaran tina taneuh meunang macul atawa némprang.
  11. Ngaseuk = Nyieunan liang dina taneuh maké aseuk (gantar anu tungtung handapna diseukeutan) pikeun dipelakan bibinihan sabangsaning suuk atawa paré.
  12. Muuhan = Ngasup-ngasupkeun binih pepelakan kana liang meunang ngaseuk.
  13. Ngamalir = Nyieun jalan cai di kebon supaya ulah ngaganggu kana pepelakan.
  14. Ngagemuk = Méréan gemuk / pupuk kana pepelakan.
  15. Nyaangan = Ngalaanan jujukutan anu minuhan kebon anu dipelakan.
  16. Ngoyos = Sarua jeung nyaangan.
  17. Ngoréd = Miceunan jujukutan ti kebon maké koréd.
  18. Nyemprot = Ngabasmi hama pepelakan maké panyemprot.
  19. Tunggu = Ngajaga kebon supaya ulah aya anu ngaganggu.
  20. Panén = Ngala pepelakan anu geus umurna diala.

Sedengkeun istilah anu osok dipaké di lahan anu baseuh atawa sawah diantarana waé:

  1. Ngawuluku = Ngolah taneuh sawah maké wuluku / bajak anu ditarik ku sapi atawa munding.
  2. Tebar = Nyieun pabinihan atawa melakeun binih saacanna dipindahkeun ka tempat melakna (sawah).
  3. Tandur = Melakeun binih paré ti tempat tebar ka sawah.
  4. Ngarambét = Miceunan jukut anu minuhan sawah supaya ulah ngaganggu pelak paré.
  5. Beuneur héjo = Kaayaan paré anu geus eusian tapi masih kenéh warna hejo.
  6. Beuneur konéng = Kaayaan paré anu geus meujeuhna alaeun, geus beuneur atawa aya eusian jeung geus warna konéng.
  7. Dibuat = Ngala paré anu geus usumna diala.

 

Kecap / paribasa anu lian tina Tatanén

  1. Ngayuman : Ngaganti pepelakan anu rusak atawa teu jadi ogé anu leungit.
  2. Mitembeyan : Ngamimitian, ngabalakn, munggaran, aya anu nyebutkeun ngabalakan neukteuk paré ku étém, oge aya nu nyebutkeun ngamimitian melak paré. Di sababaraha wewengkon acara ieu sok direuah-reuah / diupacarakeun.


Téknologi Urang Sunda dina Widang tatanén

Tatanén pikeun masarakat sunda lain hal anu anéh, sabab dina kabudayaan masrakat sunda pakasaban anu utama nya éta tatanén. Tatanén geus tumuwuh mangabad-abad di masarakat sunda, ti mimiti jaman purba kabiasaan tatanén geus dilakonan ku masarakat sunda, sabab kaayaan alam anu nyadiakeun minangka kabutuhan pikeun neruskeun hirup harita. Sakabéh kagiatan merlukeun atawa miboga pakakas husus, kitu deui dina widang tatanén. Pakakas nu dibutuhkeun téh diantarana :

  1.  Arit : nya éta pakakas paranti ngala jukut atawa ngala paré, dijieunna tina beusi dicampur baja jeung kai minangka gagangna, wangunna saperti gaét tapi teu nguél teuing. Arit miboga pungsi pikeun ngababad semak-semak, alang-alang jeung jujukutan. Dina mimitian ngabuka lahan anyar, biasana ngagunakeun arit.
  2. Asahan : mangrupa batu husus paranti ngasah sabangsaning péso, bedog, jsté.
  3. Aseuk : Wangun aseuk téh kai buleud panjang, méncos tungtungna, paranti ngaseuk, nyieun logak leutik keur melak sisikian saperti jagong, suuk, buncis, kacang jsb. Aseuk disebut ogé luju.
  4. Bakrik : Mangrupa pakakas nu dijieunna tina awi anu diala katut jangkarna, dipaké pikeun gantar pangait, disadiakeun pikeun nulungan nu kahuruan, kaayeunaeun kakaitna sok dijieun tina beusi.
  5. Bawak : Bagian pacul nu ngahiji jeung gelungana (bagian seuseukeutna beunang dilaan upama rék diasah).
  6. Bedog : Nya éta parabot paranti meulah atawa motong sabangsaning awi tawa kai jeung barang séjénna. Dijieunna tina beusi, pérah/ gagangna maké kai tawa ku aluminieum. Wangunna aya anu pondok aya ogé anu panjang. Wadahna disebut sarangka, anu dijieunna tina kai.
  7. Burujul : nya éta wuluku nu teu maké lanjam.
  8. Caplak : nya éta pakakas nu dipaké dina keur tandur, gunana pikeun ngaguratan taeuh supaya upama nancebkeun binih paré lempeng. Caplak téh dijieunna tina kai.
  9. Congkrang : mangrupa parabot paranti ngababad sabangsaning jujukutan atawa tatangkalan anu leutik, jeung sajabana. Dijieunna tina beusi gagangna tina kai atawa aluminieum. Waggunna rada panjang batan arit, bagéan luhurna melengkung / ngeluk.
  10. Étém : sabangsa péso nu diwangun husus paranti ngala paré raranggeuyan.
  11. Garpuh : nya éta pakakas tukang tani paranti ngaguarkeun taneuh.
  12. Garu : nya éta pakakas tukang tani, paranti ngajurkeun taneuh sawah sabada diwuluku, wangunna suga sisir carang, biasanna ditarik ku munding atawa sapi boh sarakit boh hiji.
  13. Halu : nya éta parabot paranti nutu, dijieunna tina kai anu buleud.
  14. Koréd : nya éta pakakas tani pikeun miceunan jujukutan di kebon, dijieunna tina beusi jeung waja, wangunna sarupa arit tapi dipelengkungkeun / dielukeun.
  15. Kujang Parang : mangrupa pakakas sabangsa bedog sok dipaké pakarang atawa nyacar pihumaeun ku Urang Sunda baheula, bisa dipaké ngadék jeung newek, kiwari dipaké lambang rupa-rupa organisasi kasundaan.
  16. Lalandak : nya éta parabot paranti ngarambét di sawah nu ditanduranana maké digarit (tandur jajar) . Disebut ogé géréndél atawa gilinding.
  17. Lisung : mangrupa pakakas paranti nutu paré, dijieunna tina kai, liangna dua nya éta liang buleud jeung ling pasagi opat panjang.
  18. Pacul : nya éta parabot paranti malikkeun taneuh di sawah, ngagali lobang, ngamalirkeun cai, ngaduk jsb. Seuseukeutna dijieun tina beusi atawa waja, gagangna tina kai nu diradabéngkokkeun sangkan gampang makéna.

Dicutat tina sababaraha pedaran

KAARIFAN EKOLOGIS KARUHUN SUNDA

Image

Lembur di tatar Sunda jaman baheula

Guaran : Nandang Rusnandar
Obah Basa : Andi Rustandi Sunarya


Ngajaga Kalastarian Alam

Karuhun Sunda geus ngabogaan kaarifan dina nata / merenahkeun lingkungan (ekologi). Salah sahiji conto nyaéta urang Rawayan (Baduy) anu mangrupakeun salah sahiji sésa-sésa karuhun Sunda jaman baheula anu dipikawanoh, kuat nyekel prinsip adat. Maranéhanana ngabogaan kaarifan ekologis anu kaeunteung ti cecekelan hirup maranéhanana, nyaéta kawas babasan katut :
Read the rest of this entry

Seni Bénjang

Image
Kasenian Bénjang mangrupa kasenian asli Jawa Barat anu ngembang di suku gunung Manglayang. Tacan dipikanyaho saha anu nyiptakeunana kasenian benjang éta, tapi nurutkeun asal anu mangrupa inohong Benjang di kampung Ciborelang, nyaéta Adang Hakim, dipikanyaho yén panerus Benjang nyaéta Hj. Yayat. Benjang mimiti diwanohkeun ku Hj. Yayat, anu asalna ti Cibiru, kira-kira taun 1918.

Benjang mangrupa seni bela diri anu ngabogaan ciri has pangsoranganna. Kasenian benjang béda jeung seni bela diri pencak silat anu mana patarungna silih jauhan atawa anggang. Sedengkeun, benjang ngudukeun pamaénna muket atawa rapet, kawas dina gulat. Sakumaha seni bela diri séjénna, benjang ogé ngabogaan téknik-téknik, diantarana: téknik dengkék (ngonci beuheung), téknik ngangkat (jelema diangkat), sarta téknik beulit (suku lawan dibelit ku suku urang). Téknik beulit ngabogaan sawatara jenis  nyaéta : beulit gigireun / sabeulah, beulit jero sarta beulit luar. Téknik ieu boga fungsi pikeun ngagubragkeun lawan. Sedengkeun istilah séjénna anu aya dina benjang antara séjén sulikat, gebot, sabet, sarta half side.

Read the rest of this entry

Sajarah Garut

Image

Babancong di Alun-alun Garut jaman baheula

Sajarah pangaranan Garut

Sajarah Kabupatén Garut dimimitian ku bubarna Kabupatén Limbangan dina taun 1811 ku Daendels kalawan alesan produksi kopi ti wewengkon Limbangan murun nepi ka titik panghandapna enol sarta Bupatina nampik paréntah melak nila (indigo). Dina tanggal 16 Pebruari 1813, Létnan Gubernur di Indonésia anu dina magsa éta dijabat ku Raffles, geus ngaluarkeun Surat Kaputusan ngeunaan “Pembentukan Kembali Kabupatén Limbangan” anu ibu kotana di Suci. Pikeun hiji Kota Kabupatén, ayana Suci dipeunteun henteu minuhan pasaratan sabab wewengkon kasebut wewengkonna leutik.

Patali jeung hal kasebut, Bupati Limbangan Adipati Adiwijaya (1813-1831) nyieun panitia pikeun néangan tempat anu cocog pikeun Puseur Kota Kabupatén. Pangheulana, panitia manggihan Cimurah, kira-kira 3 Km palebah Wétan Suci (Ayeuna kampung kasebut dipikawanoh kalawan ngaran Kampung Pidayeuheun). Tapi di tempat kasebut cai bersih hésé ditampa ku kituna henteu pas jadi Puseur  Kota. Saterusna panitia néangan lokasi ka arah Kulon Suci, kira-kira 5 Km sarta meunangkeun tempat anu cocog pikeun dijadikeun Puseur kota. Sajaba taneuhna subur, tempat kasebut ngabogaan cinyusu anu nyérélék ka Walungan Cimanuk sarta tetempoanana éndah dikuriling gunung, kawas Gunung Cikuray, Gunung Papandayan, Gunung Guntur, Gunung Galunggung, Gunung Talaga Bodas sarta Gunung Karacak.

Read the rest of this entry

Kecap Rajékan

Kecap Rajékan nya éta kecap anu diwangun ku cara nyebut dua kali atawa leuwih wangun dasarna, sabagian atawa sagemblengna. Aya nu robah sorana aya ogé nu henteu.


Wangun Kecap Rajékan

I. Kecap Rajékan sagemblengna

Nya éta anu diwangun ku cara nyebut dua kali atawa leuwih wangun dasarna kalawan gembleng, boh robah sorana boh henteu. Kecap rajékan aya dua rupa ; Dwilingga jeung Trilingga


1. Dwilingga

Rajékan Dwilingga nya éta kecap anu dirajék wangun dasarna. Anu di dirajék wangun dasarna bari teu ngarobah sora (Dwimurni), jeung dirajék wangun dasarna bari ngarobah sora (Dwiréka).:

  • Dwilingga murni (dwimurni) nya éta kecap rajékan anu diwangun ku cara nyebut dua kali wangun dasarna kalawan teu robah sorana. Contona: kuda-kuda, imah-imah, sukan-sukan, jsté.
  • Dwilingga réka (dwiréka) nya éta kecap rajékan anu diwangun ku cara nyebut dua kali sagemblengna wangun dasarna bari robah sorana. Contona: bulak-balik, gulang-guling, budag-badug, jul-jol, curat-corét, jsté.


2. Trilingga
Trilingga nya éta kecap rajékan sagemblengna au diwangun ku cara nyebut tilu kali wangun dasarna bari robah sorana. Wangun dasarna biasana mangrupa kecap anteuran jeung tiruan sora anu ngan saengang. Contona: brat-brét-brot, blag-blig-blug, tat-tit-tut, hah-héh-hoh, jsté.


II. Kecap Rajékan Sabagian

Nya éta kecap rajékan anu diwangun ku cara nyebut dua kali wangun dasarna, boh robah sorana boh henteu. Aya sababaraha rupa kecap rajékan téh, kayaning:

1. Dwipurwa
Rajékan Dwipurwa asalna tina dua kecap nya éta “dwi” nu hartina “dua” jeung “purwa” nu hartina “mimiti atawa awal”. Rajékan Dwipurwa kaasup kana rajékan nu dirajék engangna atawa suku katana.
Contona: Mobil jadi momobilan, motor jadi momotoran

2. Dwimadya
Rajékan Dwimadya asalna tina dua kecap nya éta “dwi” nu hartina “dua” jeung “madya” nu hartina “tengah”. jadi rajékan Dwimadya nya éta kecap anu dirajék engang tengahna.
Contona: Sapeuting jadi sapeupeuting, sapoé jadi sapopoe.


III. Kecap Rajékan Binarung Rarangkén

1. Dwimurni (Dm) binarung ngararangkénan:

  • di-Dm : diawut-awut, diacak-acak, diarep-arep, dihiap-hiap
  • ka-Dm : katilep-tilep, katindih-tindih
  • pa-Dm : pahareup-hareup, patukang-tukang, pagigir-gigir
  • sa-Dm : sabisa-bisa, saalus-alus, sageulis-geulis
  • di-Dm-keun : diaya-ayakeun, diawur-awurkeun, dialung-alungkeun
  • N-Dm-keun : nawar-nawarkeun, moé-moékeun, nulis-nuliskeun
  • sa-Dm-na : saalus-alusna, sagoréng-goréngna


2. Dwiréka (dr)
binarung ngararangkénan:

  • di-Dr : dimurah-maréh, dibuntang-banting
  • ka-Dr : katulap-tilep, kabuntang-banting, kaburak-barik


3. Dwipurwa (Dp)
binarung ngararangkénan:

  • Dp-an : babawaan, babarayaan, duduluran, babacaan
  • di-Dp : dibobodo, dibibita, dibuburak
  • N-Dp : ngalilieur, ninitah, ngabobodo
  • di-Dp-keun : ditatanyakeun, disasasaruakeun


4. Dwimadya (Dy)
binarung ngararangkénan:

  • sa-Dy : sapeupeuting, sadidinten, sapopoé, sajajalan,
  • ti-Dy-ar : tidadalagor, tikakarait
  • sa-Dy-keun : sakop-kopeun, sajung-jungeun
  • ka-Dy-an : kanyenyerian, kagegeringan, kangeungeunahan, kamemelangan
  • ka-Dy-i : kaleuleuwihi,


Pedaran : Kang Iing Firmansyah di Grup NYARIOS SUNDA ( https://www.facebook.com/groups/basasunda/ )

Dicutat tina : PEDARAN BASA

Sajarah Kasenian Adu Domba Garut

Image

Domba Adu Jaman Baheula

Domba Garut ngabogaan ciri has pangsoranganna. Awakna keker, ngabogaan beurat antara 60 nepi ka 80 kilogram, sarta ukuran tandukna badag, bingkeng ka tukang (tanduk baplang), kelir bulu lolobana bodas sarta ceuli ngagiri jadi salah sahiji ciri ti domba-domba anu aya. Saterusna ti cara ngurusna domba garut ngarah dina dua sasaran utama, nyaéta minangka ngahasilkeun daging sarta pikeun pangaresep atawa hobi.
Read the rest of this entry

Sajarah Gedong Saté

Image

Gedong Saté, kalawan ciri hasna mangrupa saté di tojos dina tengah manarana, geus lila jadi tanda atawa markah taneuh Dayeuh Bandung anu henteu waé dipikawanoh masarakat di Jawa Barat, namung ku sakumna Indonésia komo modél wangunan éta dijadikeun patanda pikeun sawatara wangunan sarta tanda-tanda dayeuh di Jawa Barat. Contona wangun gedong palebah payun Stasiun Karéta Api Tasikmalaya. Mimiti diwangun taun 1920, gedong boga kelir bodas ieu masih ajeg tapi éndah sarta kiwari boga fungsi minangka “Gedung Pusat Pemerintahan Jawa Barat”.

Gedong Saté anu dina mangsa Hindia Walanda éta disebut Gouvernements Bedrijven (GB), pamasangan batu anu munggaran (peletakan batu pertama) dipigawé ku Johanna Catherina Coops, puteri cikal Walikota Bandung, B. Coops sarta Petronella Roelofsen, ngawakilan Gubernur Jenderal di Batavia, J.P. Graaf van Limburg Stirum dina tanggal 27 Juli 1920, mangrupa hasil rarancang hiji tim anu diwangun ti Ir.J.Gerber, arsiték ngora kakoncara lulusan Fakultas Téknik Delft Nederland, Ir. Éh. De Roo sarta Ir. G. Hendriks sarta pihak Gemeente van Bandoeng, dipupuhuan Kolonel Pur. VL. Slors kalawan dipigawé ku 2.000 pagawé, 150 jelema diantarana pamahat, atawa ahli bongpay pangukir batu nisan sarta pangukir kai ti Cina anu asalna ti Konghu atawa Kanton, dibantuan tukang batu, kuli aduk sarta laden anu asalna ti nu nyicingan Kampung Sekeloa, Kampung Coblong Dago, Kampung Gandok sarta Kampung Cibarengkok, anu saméméhna maranéhanana nyieun Gedong Sirap (Kampus ITB) sarta Gedong Papak (Balé Dayeuh Bandung).

Read the rest of this entry

Sultan Ageng Tirtayasa

Sultan Ageng Tirtayasa
(Banten, 1631 – 1683)

 Image

Sultan Ageng Tirtayasa pituin urang Banten. Lahir taun 1631. Jenengan aslina Abu’l Fath Abdulfattah tur meunang gelar Pangeran Surya. Anjeunna diangkat jadi Sultan Banten taun 1651. Nalika yuswa anjeunna 20 taun. Katelah Sultan Ageng Tirtayasa, ku margi saparantos sepuh anjeunna linggih di Karaton Tirtayasa.

Dina mangsa anjeunna jeneng sultan, Banten téh kaasup kasultanan anu maju. Maju dina sagala widangna, boh agamana, boh ékonomina. Kitu deui jeung widang pertahanan kaamananana. Banten aya dina mangsa puncak kajayaanana. Dina widanga agama, Banten jadi puseur kagiatan nyebarkeun agama Islam. Utamana di tungtung Pulo Jawa Beulah kulon jeung Pulo Sumatra Beulah kidul. Éta kagiatan téh diluluguan ku Syéh Yusuf Tajul Khalwati, anu harita jadi Mufti Karajaan Banten.

Pikeun ngaronjatkeun kahirupan rahayatna, Sultan Ageng nyieun sawah-sawah anyar. Ngahadéan sawatara walungan anu aya di Kasultanan Banten. Salian ti pikeun nyaian tatanén, éta walungan-walungan téh bisa dipaké patalimarga ngagunakeun parahu. Palabuan Banten kaasup palabuan anu gedé Kapal-kapal dagang ti mancanagara larsup ka Palabuan Ban¬ten. Aya anu ti Nagri Cina, India, malah anu ti Éropa ogé aya. Éta kapal-kapal téh mawa rupa-rupa barang, anu engkéna ditukeurkeun jeung hasil bumi ti Banten. Pangpangna mah sahang atawa pedes katut rempah-rempah lianna. Kaayaan sarupa kitu téh, henteu pikaresepeun pikeun Kumpeni mah. Kumpeni téh nyaéta pausahaan bangsa Walanda anu disebut VOC téa. Harita Kumpeni geus nyieun benténg di Batavia. Ku urang Sunda mah sok disebut Batawi, anu ayeuna jadi Jakarta.

Read the rest of this entry

Husein Sastranegara

Husein Sastranegara (Anu ngarintis ngadegna TNI-AU)

Image

Husein Sastranegara Mangsa Kamerdekaan

Pangawasa Hindia Walanda dina taun 1917 ngawangun stasiun radio di derah Rancaekek Bandung, Jawa Barat. Mimiti taun 1918 pamaréntah Hindia Walanda ngawangun lapang terbang Cipagalo, Sukamiskin sarta masih kénéh di wewengkon Bandung. Nyieuna ngan saukur ngaratakan taneuh sarta diteuasan. Peresmian pamakéan lapang terbang dina taun 1920, ditandaan ku ngapungna hiji Pesawat Rancai. Hiberna ngan sababaraha menit tur ngapungna saukur 50 méter.

Kusabab kaayaan taneuh bécék henteu bisa diteuasan kalawan sempuma, mangka Walanda nyieun landasan deui di wewengkon Cicukang Désa Cibeureum anu saterusna katelah Lapang Terbang Andir, alatan tempatna di wewengkon Andir ogé. Saterusna lapang hiber ieu dipaké pikeun kapentingan Angkatan Udara Walanda (Luchvaart Afdelling).

Lapang terbang diwangun taun 1921, di taneuh salega 45 hektar, mimitina milik rahayat anu dibeuli ku Pamaréntah Hindia Walanda. Pangwangunanana masih pohara biasa, ngan diratakeun sarta diteuasan tur henteu dilapisan aspal. Saterusna parabot lapang terbangr anu aya di Sukamiskin sawaréh-sawaréh dipindahkunn ka Andir. Barengan jeung éta diwangun ogé fasilitas nu ngarojongna. Sababaraha wangunan nu ngarojong waktu éta, ayeuna aya kénéh urutna. Hiji diantara kiwari jadi Hanggar Wing Materil 10 anu nyanghareup ka Kalér. Garasi anu ayeuna dipaké pikeun Sarban, Kantin Perwira Walanda ayeuna dipaké pikeun rohang pamotrétan. Kantor Pos sarta gudang panjang urutna kiwari tempat di tukang Tower. Wangunan Staf Komando jaman baheula ayeuna dipaké pikeun Senkom.

Read the rest of this entry

Pangéran Kornél (Pangeran Kusumadinata )

Pangéran Kornél  (Pangeran Kusumadinata ) – Sajarah Cadas Pangéran

Guaran                 : Eman Sudinta
Obah Basa           : Andi Rustandi Sunarya
Dicutat tina         : Manusia Sunda, Sebuah esai tentang tokoh-tokoh sastra dan sejarah ( Ajip Rosidi taun 1984, Kaca 108 – 115)

Image

Pangeran Kornel jeung Gubernur Jenderal Herman Willem Daendels

Dina mangsa pamaréntahan Gubernur Jenderal G.A. Baron Van Der Capllen (1826-1830) Pangeran Kusumadinata meunang pangkat militer minangka Kolonél ti pamaréntahan Walanda kualatan luhur jasana ngamankeun wewengkon perbatasan cirebon sarta numpes begal sarta pemberontak utamana anu mecakan asup ka Sumedang ti Cirebon. Sebutan kolonél dina létah rahayat robah jadi “Kornél” ku kituna katelah nepi ayeuna “Pangeran Kornel”.

Read the rest of this entry

Follow

Get every new post delivered to your Inbox.