Rupa Iket – Parékos Gedang

Parékos Gedang

Parekos Gedang 15%

Parékos adalah sebuah bentuk ikatan, parékos bukan ikatan keseluruhan namun arti parékos adalah, ujung bungkusan yang sudah dikecilkan. Diparékoskeun ditikelkeun, diringkeskeun kujalan diriutkeun. PASUNG BENDO DIPAREKOSKEUN diriutkeun ngarah alus (JOTO).

Iket rupa Parékos Gedang wanguna kudu aya anu diriutkeun, jadi ngarah cohag jeung ngaran parékos téa, parékos moal bisa disaruakeun jeung PAROS ari paros mah bengketan anu alakadarna, jadi mun aya iket Paros Nangka éta ngandung harti maké iket dapon dibeulitkeun wungkul kana sirah. Saperti anu dipaké maros nangka huhuluan. Numutkeun carita sarta tina cutatan dina pabukon ogé sababaraha urang kokolot di kampung kampung adat anu masih tigin ngaropéa iket rupa parékos Gedang saperti Ciptagelar.

Dina perkara wangun parékos mibanda ciri anu luyu jeung aran rupa parékos kulantaran aya tungtung iket anu dileutiken tuluyna diparékoskeun ditukangna, laju kana perkara ngaran GEDANG, gedang mun ditilikmah énténg éta ngaran téh.

Tapi mun ku urang rek disungsi tina rupa tangkal, ngan saukur gedang anu palabahna eweuh ruasan atawa buku. Palapah gédang éstu nantrat parat taya hahalang. “ MALAPAH GEDANG” (maluruh hiji perkara tapi henteu togmol kana éta perkara, tapi mapay tina soal séjén heula sakira anu aya patula patalina jeung hal anu rék ditanyakeun.) dina hiji dongéng ti daerah kidul aya carita, hiji raja datangna ti nagri Campa ka Sriwijaya.

Eta raja hayang boga urusan dagang jeung Sunda. Eta raja Sriwijaya ngomong kieu : ”Kami mah kadar ratu teu bisa nangtukeun sikep kana kahayang anjeun, lamun anjeun hayang boga urusan dagan jeung kami prak ka kulon téang jelma nu sapopoé cicing disawah (tani) cirina maké joto rupa gedang” nalika éta raja ti Campa datang ka Sunda panggih jeung rupa éta jalma anu disebut patani (RAMA), diudag tina aran rama dina tatanagara ngokolakeun kahirupan dunya ngasuh somah.

Lamun urang rék ngayakeun hiji perkara anu aya patula patulina jeung kadunyaan apan kudu malapah gedang ulah togmol sangkan caina hérang laukna beunang, écésna yén jalma anu maké rupa iket parékos gedang kudu luyu jeung harti sarta surti kana kaayaan kudu bisa siger tengah teu linyok .

Diguar ku Kang Diky Pamanah Rasa / Komunitas Iket Sunda. (11-04-2013)

Posted on April 17, 2013, in Budaya Sunda. Bookmark the permalink. Leave a comment.

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: