Totopong (Iket Kepala)

480179_4622030029533_271438015_n

Teu pati apal sabenerna mah sajarah lengkepna iraha mimitina urang Sunda maké totopong atawa iket. Sarta timana asal muasalna. Anu jelas, totopong téh leket pisan jeung kahirupan sapopoé Urang Sunda. Lain ukur papaés atawa pamantés, totopong digunakeun ogé pikeun tutup sirah, gaganti topi atawa dudukuy.

Sajaba ti éta totopong ogé ngabogaan simbol-simbol atawa niléy nu mandiri jeung jadi ciri has di tiap-tiap daérahna. Kalayan, ciri éta bisa dibédakeun tina motip, warna,  jeung rupa iket (cara makéna). Saupamana masarakat adat Geger Sunten, bakal béda makéna jeung masarakat Kampung Naga atawa Masarakat Kuta. Wewengkon Ciamis bakal béda jeung wewengkon Kuningan atawa majaléngka. Kabéh pada-pada ngabogaan ciri has sewang-séwangan.


Nurutkeun sabagéan jalma, iket téh asal muasalna asli lahir ti Urang Sunda. Tur dipakéna ogé ku Urang Sunda. Tapi, aya deui kamandang séjén nurutkeun urang Majaléngka, Kang Oom Somara De Uci mah asalna totopong téh ti Walanda. Tuluy dimekarkeun ku masarakat Sunda kalayan nepi ka jadi ciri has.

Urang Sunda, ku salambar kaén batik anu ukuran rata-ratana 90×90 sénti éta, bisa motékar tur parigel ngulinkeun leungeunna ngabentuk kamonésan rupa iket. Rupa iket éta teu leupas tina niléy-niléy kaélmuan budaya jeung ngandung pilosopi anu luhur. Rupa iket éta diantarana aya paékos jéngkol, badak heuay, barangbang semplak, buaya ngangsar, kuda ngencar, jeung réa-réa deui. Rupa iket éta téh diluyukeun ogé jeung bentuk kaénna. Bentuk iket aya anu pasagi aya ogé anu segi tilu.

Dina naskah “Sadjarah Sukapura” dicaritakeun ogé yén papakéan Urang Sunda dina taun 1933 teu leupas tina totopong. Malah hal ieu ogé sarua jeung urang Bali, ku urang Bali mah sok disebut udeng tur dipaké ogé dina acara ibadah. Di Bali maké iket waktu ibadah ngalambangkeun kamampuan logika anu kudu diwatesanan dina ngadep ka para Deéwata. Hal ieu dilambangkeun ku parékos jéngkol nu nutuppan sirah, parékos jéngkol ngalambangkeun yén teu kabéh pamikiran bisa dijawab ku manusa.

Totopong kungsi copong di masarakat Sunda. Hartina kungsi leungit teu diparaké deui dina kahirupan sapopoé. Éstuning taya nu make, kajaba ti jalma-jalma nu sapopoéna dina seni, kitu ogé tara dipaké dina sapopoéna, ngan saukur ari rék pentas wungkul. Hal ieu dipangaruhan ku rupa-rupa anggapan yén maké iket téh hiji has saurang dukun atawa paranormal, atawa aya ogé anu nganggap yén maké iket téh kuno jeung geus teu jaman. Tina anggapan éta pisan ahirna totopong di masarakat mimiti katolér-tolér.

Kakara kadieunakeun totopong mimiti ngabudaya deui di kalangan masarakat Sunda. Hal ieu ditandakeun ku loba deui jalma-jalama nu daék maké totopong. Sajalanna jeug waktu, ahirna lila-lila beuki ramé. Nu ahirna nepi ka ngabentuk hiji kumpulan (komunitas) nya dingaranan waé Komunitas Iket Sunda (KIS). Ngadegna KIS dina tanggal 5 Nopember 2011 kalayan mimiti diistrénan di Bandung. Komunitas iket kiwari geus nyaba ka ssban daérah kabupatén/kota. Samodél Ciamis, Kuningan, Majaléngka, Cianjur, jeung réa-réa deui.

Ieu téh jadi kareueus pikeun urang saréréa. Ku ayana komunitas, jadi bisa nambahan pangaweruh tur mere jalan pikeun ningkatkeun kaparigelan, dina wangun wanda anyar. Jadi sajaba ti mikanyaah rupa iket buhun, di komunitas bisa ogé nyieun rup-rupa wanda anyar, conto iket wanoja makuta wangsa, iket buntut ucing, dina wangun iket jajakana aya iket barangbang nyangsang, capit gunting, jrd.

dicutat tina : HU. Kabar Priangan, Jumaah 22 Maret 2013

Posted on April 17, 2013, in Budaya Sunda. Bookmark the permalink. Leave a comment.

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: