Meungkeut Tali Mimitran Ngaliwatan Iket Sunda

Mangle
Ti kenca ka katuhu Agus Roche, Arya Surya Firdaus jeung Andi Rustandi [Potrét/Ilustasi: Ayie]

Iket Sunda téh hasil karancagéan karuhun. Biasa  dipaké keur nututupan sirah.  Dijieun tina batik atawa lawon polos pasagi opat.

Baheula, iket téh lain sakadar tutup sirah, tapi ogé keur nyingkahan rupa-rupa gangguan roh jahat.  Wangun jeung rupana  ngabogaan palsapah jeung harti anu mandiri. Kiwari iket mimiti loba diparaké deui boh ku para inohong boh ku masarakat biasa. Ilaharna barang-barang tradisional nu séjénna wangun segi opat dina iket sarta pola-pola atawa cara makéna tangtuna gé boga harti atawa palsapah luyu jeung modél iket nu dipakéna. Modél-modél iket kitu loba pisan di antarana saperti iket barangbang semplak, parékos, atawa porténg jsb.

Rupa-rupa iket diantarana waé nyaéta;

  • Barangbang semplak, iket  ieu disebut barangbang (palapah kalapa).  Culana méh nutupan panon. Bagéan luhurna kabuka (kaciri rambut). Biasana iket modél ieu dipaké ku para jawara.
  • Julang ngapak, wangun iket ieu saperti jangjang manuk nu keur hiber. Dipaké ku para sesepuh
  • Kékéongan (di Banten sok disebut borongsong kéong), wangunna saperti kéong.
  • Kuda ngencar, iket nu culana ditukang, ngampléh ka handap. Bagian tungtungna naék ka luhur.
  • Maung heuay, wangun iket ieu saperti maung nu keur calangap.
  • Parekos nangka, iket nu ieu kawilang basajan. Biasana dipaké ku masarakat umum.
  • Porténg, iket culana aya di hareup jeung tungtung kaénna digulung ka tukang.
  • Talingkup, iket culana ti mimiti tarang nepi ka nutupan sabeulah mata.

Abah Ilin Dasyah, kasepuhan kampung adat Cikondang nyebutkeun iket téh hartina  ‘sa-iket-an’, sabeungkeutan. Hartina, sabeungkeutan dina kahirupan sapopoe, kabijakan. Harti sacara fisik nyaéta nutup sirah tapi harti séjénna nyaéta nutupan jeung ngajaga sirah sacara batiniah (mustika na jero sirah). Di Kampung Adat Cikondang, henteu dibedakeun boh dina motif boh dina corak iket, Kuncén, kepala Adat, atawa  sesepuh bebas pikeun milih atawa maké iket nu mana waé, sarta euweuh iket husus dina prak-prakanana. Tapi dina pamakéanana  kudu luyu  jeung  wancina atawa waktuna. Saperti; kopéah dipaké dina wanci masamoan ka para tamu (umum), Iket dipaké dina wanci masamoan keur urusan adat saperti Sérén taun, Mitembeyan, tandur, dibuat, hajat solokan, hajat  paaralon, hajat lembur, jsb.

Dina ngamumule titinggal budaya karuhun rupa-rupa pisan cara nu dipaké dina mangsa kiwari. Salah sahijina aya Komunitas Iket Sunda. Éta komunitas téh diluluguan  ku Agus Roche. Tujuanana, ngamumulé jeung ngamasarakatkeun iket ka balaréa sarta meungkeut tali silaturahmi urang Sunda dimana waé ayana.
“Ngawitan kataji ku iket téh waktos nuju sering tepang sareng kang Oca (Roza Mintaredja), anjeuna salawasna teu weléh sok nganggé iket waé” ceuk Agus nétélakeun.

Ti dinya Agus Roche mimiti diajar nyieun iket-iket kasundaan sababaraha modél iket dicobaan, anu ngajarkeunana teh ibuna kang Roza. Nya ti harita pisan Agus mokalan nyieun iket anu gampang tur basajan. Dingaranan ‘iket praktis’, nyaéta iket nu geus dikaput jeung tinggal dipaké teu kudu dibeulat-beulit deui.

KIS atawa Komunitas Iket Sunda ngadeg ping 5 Nopember 2011. Éta komunitas geus remen ilubiung dina sababaraha kagiatan kasundaan. KIS milu  kagiatan Moka Jabar, Sosialisasi Iket Sunda, car free day kaasup kagiatan lembaga pamarentahan nu sipatna para pajabat nu rék maké iket, komunitas iket Sunda salawasna hadir pikeun sosialisasi jeung jadi “tukang ngiket” para pajabat saperti gubernur jeung wakil gubernur nu memang dina sababaraha kagiatan kudu maké iket Sunda.

“Malih mah dina sababaraha acara, sim kuring saparakanca kadang sok masihan heula pelatihan atanapi ngajarkeun heula kumaha cara ngadamel iket” ceuk ieu pupuhu Komunitas Iket Sunda.
Dina ngumpulkeun kaanggotaanana Komunitas Iket Sunda ngamangpaatkeun situs “jejaring sosial” facebook. “Alhamdulillah member KIS ayeuna tos dugi ka 1486 anggota, tapi teu sadaya anggota aktif da seueur ogé anu di luar Bandung” ceuk Agus ngécéskeun.

Ku ayana Komunitas Iket Sunda,  dipiharep bisa jadi panggeuing ka generasi ngora dina ngamumulé budaya lokal hususna iket Sunda.

“Upami urang amengan ka Bali, méh sadaya urang Bali ngaranggé iket adat. Tah, sim kuring gaduh emutan, piraku urang teu tiasa  ngamumule budaya Sunda, sapertos iket,” pokna deui.

Memang kiwari geus mimiti loba kaum rumaja nu maraké iket, boh dina unggal pagelaran atawa nu dipaké keur sapopoé. Ku ayana Komunitas Iket Sunda ieu dipiharep bisa ngamekarkeun tur ngamumulé budaya lokal.
Keur kahareupna Komunitas Iket Sunda boga udagan sangkan bisa ngadegkeun musieum nu lain ngan saukur mamérkeun rupa-rupa iket waé tapi jeung palsapah oge sajarahna.

“Mudah-mudahan aya pangrojong ti pamarentah kanggo udagan ieu” Agus pinuh harepan.
Kiwari ramé pisan ngaradeg distro-distro di Bandung nu ngajualan rupa-rupa baju jeung nu séjénna. Agus ngarasa hayang ogé boga distro tapi konsépna nu béda jeung distro séjén. Nya ahirna ngadegkeun distro Sunda, distro ieu mimitina ngadeg mawa konsep kasundaan tur hayang ngangkat umumna produk-produk kasundaan kaasup ngajual rupa-rupa jinis iket.

Tina sakitu lobana model jeung jinis iket. Agus Roche minangka ti Komunitas Iket Sunda ngabagi jadi 4 golongan iket, diantarana:

  1. Iket Buhun, nyaéta iket nu biasa dipaké ku kampung adat.
  2. Iket Rékaan nyaéta iket jieunan téa.
  3. Iket Praktis nyaéta iket nu geus dikaput sarta praktis tinggal dipaké (biasana dipaké ku nu can ngarti jeung bisa cara nyieun iket)
  4. Iket Wanoja Sunda nyaéta iket tina karémbong atawa sabangsana nu dipaké ku wanoja (ieu mah iket husus rékaan atawa jieunan Komunitas Iket Sunda).

Husus iket wanoja can pati mekar. Ku kituna, ceuk Agus,  butuh pangrojong ti para kasepuhan jeung para wanoja Sunda.
Nurutkeun Agus,  nu maraké iket téh lain ngan saukur maké wungkul, tapi dipiharep kahareupna kudu aya pangaruh kana pasipatanana, misalna, wanoh kana palsapahna.
“Ulah éra makéna, da éta téh salah sahiji cicirén budaya Sunda,” pokna.

Dicutat tina : Manglé Online

Posted on April 18, 2013, in Budaya Sunda. Bookmark the permalink. Leave a comment.

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: