NGABÉDAKEUN FUNGSI KECAP ‘di’, ’ka’ JEUNG ‘ti’

NGABÉDAKEUN FUNGSI KECAP ‘di’, ’ka’ JEUNG ‘ti’

I.      Kecap ‘di’ miboga dua fungsi, di antarana:

1.     Minangka kecap pangantét (préposisi) anu nuduhkeun tampat nu lega.

Conto : di imah, di lapang, di kampung, di kota, jsté.

*Nulisna misah.

2.     Minangka rarangkén hareup atawa préfiks (b. Ind ; awalan) anu fungsina ngawangun:

a.     kecap pagawéan anu hartina:

  • ‘kalakuan aktif’ : dibaju, digawé, diajar, jsté;
  • ‘kalakuan pasif’ : dicokot, diala, diomé, dipiceun,jsté;

b.     kecap sipat anu hartina:

  • ‘dibéré’ : diogo, dipercaya, dihormat, diugung-ugung,dirojong, jsté;
  • ‘kakeunaan’ ; diancam, dikabul, dijugjug, jsté;

*Nulisna ngahiji.

II.     Kecap ‘ka’ ogé miboga dua fungsi, di antarana:

1.     Minangka kecap pangantét (préposisi) anunuduhkeun ‘tujuan’ atawa ‘jurusan’.

Conto: ka kota, ka pasar, ka sakola, jsté;

*Nulisna misah.

2.     Minangka rarangkén hareup atawa prefiks (b. Ind; awalan) anu fungsina ngawangun:

a.     kecap pagawéan anu hartina:

  • ‘teudihaja di-….’ : kagéléng, kadupak,katincak, jsté;
  • ‘beunang di-….’ : kabawa, kabaca, kahontal,kaudag, jsté;
  • ‘anu di….’: kasebut, kasabit, jsté;

b.     Kecap barang (fungsi nominal) anu hartina :

  •  ‘hal anu patali jeung’ : kabisa, kasakit,kamampuh;
  •  ‘hal nu dipi….’ : kadeudeuh, kanyaah, kaasih,kangéwa;

c.      Kecap sipat anu hartina:

  • ‘kakeunaan’: kapincut, katohyan, kagagas;
  • ‘bisadi….’ : katénjo, kaerong, kaampeuh;
  •  ‘teudihaja di…’ : kakeueum, katajong,kapaksa, kadupak, jsté;

d.     Kecap bilangan (fungsi numeral) nu hartina ‘tahapan’ jeung ‘bagian’ : kahiji,kadua, katilu, jsté.

*Nulisna ngahiji

 

III.   Kecap ‘ti’ miboga sababaraha fungsi:

1.     Minangka kecap pangantét (préposisi)

Conto : ti pasar, ti kota, ti kantor

*Nulisna misah.

 

2.     Robahan tina ‘di’ anu hartina waktu.

Conto:  ti peuting, ti beurang, ti jam opat

3.     Rarangkénhareup.

a.     Kecap pagawéan nu hartina; kalakuan teu dihaja.

Conto : tidagor, titajong,  jsté.

b.     Kecap sipat nu hartina

  • aya dina kaayaan.

Conto : tikudawet, tigebrus

  • teu dihaja.

Conto : tibeubeut, tikusruk, jsté.

c.      Robahan tina kecap tai.

Conto: tikotok, tihiang

*Nulisna ngahiji

 

Catetan: Teu kudu bingung ku nengetan babagéan fungsina, nu penting cara nulisna. Naha kudu dihijikeun jeung kecap satutasna atawa dipisahkeun.

Pedaran : Kang Iing Firmansyah dina NYARIOS SUNDA ( https://www.facebook.com/groups/basasunda/ )

Posted on August 22, 2013, in Diajar Basa Sunda. Bookmark the permalink. Leave a comment.

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: