PANYARAM JEUNG PAMALI

PANYARAMAN JEUNG PAMALI
Diguar ku : Jamjam Jamaksari
Dicutat tina : Atikan Basa Jeung Budaya Sunda
Baheula kolot urang sok aya basa anu mangrupakeun panyaram / larangan anu lumpatna kana pamali, ieu sababaraha basa anu biasa dikedalkeun kolot urang jaman baheula
  • Ulah dahar endog burung, matak burung kalakuan
  • Ulah dahar jantung, matak belet
  • Ulah dahar polo (otak), matak téréh huisan
  • Ulah dahar tunggir hayam, matak dipangnunggirkeun (disalingkuhan)
  • Ulah dahar maké pingping ngarangkep, matak dicandung
  • Ulah diangir soré-soré, matak maot dipangumbaraan /dipanyaba’an
  • Ulah ditiung ranggap, matak kotokeun
  • Ulah ditiung ku baju, matak hésé ngalahirkeun
  • Ulah diuk dina meja, matak loba hutang
  • Ulah diuk dina nyiru, matak unggah baléwatangan
  • Ulah diuk atawa ngalong dina lawang panto atawa bangbarung, matak nongtot jodo
  • Ulah héhéotan ti peuting, matak disampeurkeun maung
  • Ulah lalangiran, matak mondokkeun umur (paéh) nu jadi indung
  • Ulah lila teuing dicai, matak kalenger, jeung matak jomblo
  • Ulah mandi kurang lantis (teu banjur kabéh), matak dipacok oray
  • Ulah maké baju ngaléléké (baju sapotong/ kurang bahan), matak teu boga anak
  • Ulah méré ketan ka budak, matak cadél
  • Ulah nangkarak dina taneuh, matak kasambet/kasurupan atawa dilengkahan jurig
  • Ulah nepakkan tonggong, matak liar cacing (cacingeun)
  • Ulah ngadahar cékér hayam, matak goréng nulis (goréng aksara)
  • Ulah ngadahar cau sisina, matak kasingsal / kapiheulaan milik
  • Ulah ngadahar cau butitina, matak dihina batur
  • Ulah ngadahar cau runtuh, matak bangkrut usaha atawa buntu kalakuan (matak nganggur)
  • Ulah ngadahar sangu nu kasa’atan caina pangnyaguna, matak buntu usaha
  • Ulah ngageberan (ngahihidan) seuneu, matak katarik perkara (katempuhan teu puguh-puguh)
  • Ulah ngadékan tihang, matak katideresa
  • Ulah ngadiukkan bantal, matak bisul
  • Ulah ngaheureuyan / maéhan bangkong, matak muriang panas tiris teu puguh
  • Ulah ngaputan iket/ kopéah/ tiung/ topi, matak loba nu ngahina
  • Ulah ngerik kuku, matak dikoét / dikaut maung
  • Ulah nginum dina batok, matak goreng masamoan/ matak teu boga harga diri
  • Ulah nginum dina siwur, matak kawisaya deungeun
  • Ulah nginum notor kendi, téko; matak genténg beuheung budak
  • Ulah nguah dina coét, matak meunangkeun randa atawa duda
  • Ulah no’ong kana bilik, matak turuwisen
  • Ulah nyician cangkir/gelas pinuh teuing, matak dikulak deungeun
  • Ulah tatakolan ti peuting, matak diturutan jurig
  • Ulah saré teu maké bantal, matak hésé ngalahirkeun
  • Ulah sok ngahurun balung, matak loba kabingung/ loba kasusah
  • Ulah sok nutuan taneuh, matak torék
  • Ulah sok nyebut ngaran kolot, matak hapa hui
  • Ulah sok nyiduhan, matak jadi aul
  • Ulah sok nyo’o béas (khusus keur parawan), matak digadabah ku dahuan
  • Ulah ulin sareupna, matak dirawu kélong

Posted on October 8, 2013, in Diajar Basa Sunda. Bookmark the permalink. Leave a comment.

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: