Mohammad Toha – Pahlawan Bandung Lautan Api

Mohammad Toha – Pahlawan Bandung Lautan Api

Image

Carita mimiti diguar kualatan ayana ultimatum ti soldadu sekutu pikeun ngosongkan dayeuh Bandung Kidul sageus maranéhanana ngarebut Bandung Kalér. Tujuanana pikeun dijadikeun markas strategis militer. Kaputusan dicokot Kolonél Abdoel Haris Nasoetion salaku Komandan Divisi III Soldadu Republik Indonésia (TRI) ngaliwatan musyawarah Madjelis Persatoean Perdjoeangan Parahiangan (MP3) pikeun mengosongkan dayeuh Bandung dina tanggal 24 Maret 1946,

TRI sarta pajoang séjénna horéam mikeun dayeuh Bandung sacara gembleng. Kualatan éta sanggeus ngungsikeun nu nyicingan, maranéhanana ngabeuleum dayeuh Bandung. Ku kituna di mamana haseup hideung ngebul di saluhureun Bandung nganteur rombongan masarakat Bandung anu paantay-antay ngabring ninggalkeun dayeuh Bandung. Puncakna nyaéta ngadurukan anu ngabalukarkeun ledakan anu mokaha di gudang amunisi milik soldadu Sekutu anu dipigawé Mohammad Toha sarta Mohammad Ramdan, dua anggota milisi Barisan Rakyat Indonésia (BRI). Pancén anu junun dieksekusi kalawan alus ku Mohammad Toha sakaligus ngabalukarkeun dirina sarta Mohammad Ramdan tilar dunya dina ledakan sarta kahuruan gudang éta.

Sabot seuneu ngapung luhur ti wanci jam 21.00 Bandung Kidul geus kosong ti nu masarakat sarta TRI. Bandung ogé geus jadi lautan seuneu. Hiji strategi jitu alatan kakuatan TRI sarta rahayat henteu sabanding naglawan pihak Sekutu sarta Nica anu jumlahna réa.

Ku ayana kajadian éta, saban taun nu masarakat Bandung sok miéling kajadian éta. Kajadian sabot Bandung jadi Lautan Seuneu sarta nyatet hiji ngaran anu boga jasa alatan sikep heroikna sanggup ngajelegurkeun Pusat Amunisi Tentara Sekutu. Ngaran éta, Mohammad Toha nepi ka kiwari jadi pacongkédan dian ngusulkeun anjeuna sangkan jadi Pahlawan Nasional ditampik Bandan Pembina Pahlawan Pusat kalawan ékol anu mana perjoangannana dianggap burem / sumir sarta data bajoangna kurang écés.

Lahir taun 1927 di jalan Banceuy Suniaraja dayeuh Bandung, ti kulawraga Suganda sarta Nariah anu asalna ti Kedunghalang, Bogor. Mohammad Toha leutik jadi pahatu alatan bapana maot dina taun 1929. Ibuna nikah deui jeung Sugandi, adi bapana (mamangna) pikeun saterusna pisah sarta nitipkeunn Mohammad Toha dina asuhan kadua aki ninina, Jahiri sarta Oneng. Mohammad Toha mimiti nincak bangku di Sakola Rakyat dina umur 7 taun sarta kapaksa kaluar nalika nincak kelas 4.

Karir kaprajuritanana dimimitian sabot jaman Jepang Mohammad Toha ngasupan Seinendan. Sapopoé Toha ogé mantuan akina di Biro Sunda, saterusna digawé di bengkel motor di Cikudapateuh. Saterusna Toha diajar jadi montir mobil sarta digawé di bengkel tutumpakan militer Jepang ku kituna manéhna ngarti basa Jepang.

Sageus kamerdikaan, Mohamad Toha ngagabung jeung Barisan Rakyat Indonésia (BRI) anu dipingpin ku Ben Alamsyah, mamang Toha. BRI saterusna ngagabung jeung Barisan Pelopor anu dipingpin ku Anwar Sutan Pamuncak sarta robah ngaran jadi Barisan Banténg Republik Indonésia (BBRI).

Mohammad Toha ngajabat jadi Komandan Seksi 1 Bagian Penggempur di BBRI. Numutkeun mamang Toha, Ben Alamsyah, deung baraya, sarta Komandanna di BBRI: “Mohammad Toha saurang anu calakan, nurut ka kolot, ngabogaan disiplin luhur sarta boga hubungan anu alus jeung balad-baladna (soméah)”.

Mohammad Toha meunang pangajén Bintang Mahaputra Pratama keur jasana. Aksi heroikna memang sakuduna henteu leupas ti miéling Bandung Lautan Api. Kawas halna lagu “Hallo Hallo Bandung” anu sok dihaleuangkeun minangka lagu mars peserta Napak Tilas miéling eksekusi gedé-gedéan masayarakat kaluar ti Bandung. Tapi lain pamrih anu diharepkeun saurang pajoang. Manéhna ngajarkeun minangka hiji kahadéan pikeun nanjeurna bangsa.

Mohammad Toha minangka manusa anu boga dedikasi luhur pikeun bangsa sarta Nagara, minangka bagian ti bangsa anu heunteu kuméok méméh dipacok nalika kakuatan musuh sanajan nyawa jadi taruhanana mangka manéhna moal smundur. Lain keur ngudag selambar pangajén tapi keur ajén bangsa.

Andi Rustandi Sunarya (Robah Basa ka Basa Sunda)

Dicuat tina :

Posted on December 6, 2013, in Pahlawan Tatar Sunda. Bookmark the permalink. 4 Comments.

  1. Hatur nuhun kanggo informasina….tambih ilmu tambih wawasan ….

  2. Alhamdulillah. Hatur nuhun.

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: