Pasipatan Jalma
Pasipatan jalma aya dua rupa, nyaéta sipat hadé jeung sipat goréng
A. PASIPATAN JALMA ANU HADE :
- Adil = henteu pilih kasih
- Antieum = lungguh, henteu loba tingkah
- Apik = Ati-ati kana pagawéan supaya hasilna hadé
- Balabah = resep tutulung
- Banteran, wanter = wani henteu éraan
- Basajan = sederhana, henteu kaleuleuwihi dina laku lampah
- Bener = pamikiranana nurutkeun aturan hade
- Béréhan = resep barang béré
- Berséka = apik kana ngurus awak jeung papakéan
- Daékan = lamun dititah tara hésé
- Deudeuh = Welas asih atawa nyaah ka sasama
- Gemi, rikrik = resep neundeun rejeki
- Getol = upama digawé henteu loba ngareureuh, budak sakola jarang absén
- Hideng = Nyaho naun anu kudu dilampahkeun sapopoé dina waktuna
- Kandulan = henteu lalawora dina sagala rupa hal salilana ati ati
- Parimpén = neundeun barang dina tempatna, henteu asal baé
- Pinter = uteukna sagala bisa
- Rajin = daékan kana gawé
- Rapékan = sagala pagawéan dicabak
- Sabar = tara ambek
- Satuhu = nurut kana sagala papatah/paréntah
- Singer = kana gawé trampil / loba pangabisa
- Soméah, saréhséh, géréwél = akuan, resep nanya
- Sopan = nyaho anggah-ungguh tatakrama
- Suhud = soson-soson kana pagawéan
- Surti = nganyahoankeun kana kaayaan/kahayang batur
- Tanghian = resep hudang isuk-isuk
- Tarapti = henteu lalawora dina sagala rupa hal salilana ati-ati
- Tartib = ati-ati dina sagala pagawean
- Tawekal = dina sagala rupa hal prihatin henteu aral
- Wekel = digawé henteu bosenan
- Wijaksana = mutuskeun hiji perkara pisugemaeun, teu aya pacengkadan
B. PASIPATAN JALMA ANU GORENG :
- Awuntah = teu bias nyimpen rejeki
- Barangasan = gedé ambek
- Bawél = resep nganteurkeun omongan ka batur
- Bengis = gedé ambek sok mergasa
- Beubeulieun = resep diugung-ugung
- Burahol = gedé rahul (wadul)
- Campelak, culangung = wani ka saluhureun
- Cegisan, cegekan = henteu payaan resep ngawada
- Céngéng, belikan, delitan = gampang putus asa atawa tampaan kana omongan tuluy sedih
- Centil, genjlé, ganjen = polahna kaleuleuwihi (awéwé)
- Céréwéd = réwél teu weléh ngomong
- Cidra = bohong / jalir kana janji.
- Cileureun = balangah upama di sina tunggu
- Codéka = geus katohyan kalakuan goréng
- Cologog, colonos = teu boga tatakrama
- Cunihin, purunyus = kalakuanana pikasebeleun (lalaki)
- Deleka = resep nyiksa sasatoan
- Géhgéran = resep pipilueun
- Kebluk = jalma anu hésé dihudangkeun
- Kuuleun = anu teu aya kahayang, teu boga kahayang
- Limpeuran = pohoan kana teundeun sorangan
- Malaweung = teu husu upama dipapatahan
- Mumulan = embung digawé
- Murugul = mawa karep sorangan
- Ngabalun = indit-inditan kamana karep
- Nyéndéng = awéwébaha ka salaki
- Orowodol = digawé asal baé
- Panasbaran = jalma panasan teu kaop kaluhuran dunya
- Pelekik, licik = sok ngarah barang atawa ajang keur batur
- Rucah = resep miceunan duit teu puguh
- Saliwang, liwar = salah pangdéngé
- Suudon = goréng sangka batur
- Tambélar, jolédar = henteu ngariksa ka kolot
- Teureugeus, seureudeug = digawéna gurung gusuh
- Tiktikan = méré resiko (balanja) ngutik-ngutik di tanyakeun
- Tolohéor = mata karanjang teu kaop nempo nu geulis (lalaki)
- Tungi, degeg = bedegong tara daék nanya
- Wangkelang = tara nurut kana papatah
Dicutat tina : Kamus Umum Basa Sunda & Peperenian Basa Sunda
Iklan
Posted on Januari 3, 2014, in Kandaga Basa. Bookmark the permalink. Tinggalkan komentar.
Tinggalkan komentar
Comments 0