R.A. Lasminingrat

R.A. Lasminingrat – Tokoh Wanoja Intelektual Munggaran di Indonesia
(Garut : 1843 – 1948
)

RA Lasminingrat

Raden Ayu Lasminingrat

OPAT taun saméméh Raden Dewi Sartika lahir, aya hiji ngaran wanoja anu mangrupakeun puteri saurang Bupati Garut mangsa harita, ngaranna Raden Ayu Lasminingrat (Raden Ajoe Lasminingrat) anu geus béntés nulis buku pikeun bacaeunn barudak sakola. Sabot R. A. Kartini lahir taun 1879, Raden Ayu Lasminingrat geus nerjemahkeun sarta medar buku-buku anu dijadikeun buku bacaan wajib di HIS, Schakelschool, sarta séjén-séjéna, nepi ka réngsé mangsa pangjajahan Walanda.

Naha masarakat Indonésia, hususna masarakat Jawa Barat sorangan ngarasa ahéng kana ngaran R.A. Lasminingrat? Nurutkeun ‘Peneliti Sajarah dan Budaya’ di kabupatén Garut, Deddy Efendie, TP. M. Hs, salah sahiji unsur pers nasional dipeunteun ngabogaan andil neuleumkeun katokohan Raden Ayu Lasminingrat. Ketokohan atikan R.A. Lasminingrat éta sok disapirakeun saprak jaman, R. Mas Tirto Adisoerjo salaku inohong pers nasional (1904), anu mangsa harita  jadi Redaktur Kepala : Soenda Berita, Putri Hindia serta Medan Priayi.

Mangka henteu salah lamun ngaran R.A. Lasminingrat jadi hiji ngaran ahéng anu kadéngé di masarakat hususna murid-murid sakola mimiti tingkat SD nepi ka Paguron Luhur ? Pergutuan Tinggi. Pamaréntah Kabupatén Garut geus ngusulkeun sangkan R.A. Lasminingrat dijadikeun salah saurang Pahlawan Nasional ti taun 2009, ngan hanjakal nalika Présidén RI Susilo Bambang Yudoyono ngabacakeun Penganugerahan Gelar Pahlawan ka para inohong dina tanggal 10 Nopémber 2011, ngaran RA, Lasminingrat tacan kaasup di jerona.

Hiji “PR” badag pikeun Pemkab Garut, masarakat Garut tur sakabéh Urang Sunda pikeun terus narékahan ngaperjuangkeun sangkan ngaran RA. Lasminingrat ka hareupeunana bisa diajén baktina pikeun diangkat jadi salah saurang Pahlawan Nasional, nginget jasa anjeunna minangka pionir dunya atikan di Indonésia.


Saha ari R.A. Lasminingrat

Raden Ayu Lasminingrat lahir di Garut taun 1843, putri saurang Penghulu Limbangan sarta Sastrawan Sunda anu kaceluk dina jamanana, nyaéta Raden Haji Muhamad Musa jeung Raden Ayu Ria. Sanggeus éta lahir ogé dua urang adi awéwé anu saindung-sabapa, nyaéta Nyi Raden Ratnaningrum sarta Nyi Raden Lenggang Kencana. Dina hiji buku kajian ngeunaan perjoangan Raden Ayu Lasminingrat karya Prof. Dr. Hj. Nina Lubis, M.S. , diguar yén Raden Haji Muhamad Musa pohara nengetan atikan barudakna. Manéhna miharep sangkan barudakna anu lobana 17 urang ti sababaraha garwana éta, sakola di Sakola Walanda.

Lasminingrat leutik kudu pisah jeung kulawarga sarta pindah ti Garut ka Sumedang pikeun diajar maca, nulis, sarta teu tinggaleun, diajar basa Walanda.

Di ditu manéhna diasuh ku urang Walanda balad bapana, Levyson Norman. Alatan atikan Norman, Lasminingrat kacatet minangka awéwé pribumi hiji-hijina anu mahér dina nulis sarta ngucapkeun basa Walanda dina mangsana. Dina 1871 manéhna balik sarta netep di Pendopo Kabupatén Garut.

Di taun éta ogé, manéhna nulis sawatara buku anu maké Basa Sunda anu ditujukeun pikeun barudak sakola. Buah moal murag jauh ti tangkalna. Babasan ieu sarasa pas pikeun ngagambarkeun bakat nulis Lasminingrat anu nurun ti bapana. Adi Lasminingrat, nyaéta Kartawinata, ogé dipikawanoh minangka saurang nu nulis Sunda. Buku-buku Lasminingrat mangrupa buku pikeun barudak sakola, boh karangan sorangan ogé tarjamahan.

Ku alatan mangsa harita tacan aya sakola kawas éta di Garut, mangka Raden Haji Muhamad Musa ngadegkeun sakola Éropa (Bijzondere Europeesche School) kalawan ngagajih dua urang guru Éropa. Di sakola ieu urang Éropa (Walanda) bisa sakola babarengan rejeung barudak pribumi, ogé anak lalaki ngahiji jeung barudak awéwé.

Hasilna, pangabisa Raden Ayu Lasminingrat dina cumarita Walanda pohara béntés, komo Karel Frederick Holle, saurang administrator di ‘Perkebunan Téh Waspada’, Cikajang, muji manéhna. Pujian éta dinyatakeun dina surat Holle ka P. J. Veth, antara séjén nyebutkeun Yén: “Anak awéwé penghulu anu nikah jeung Bupati Garut, nerjemahkeunkalawan pas carita-carita dongeng karangan Grimm, carita-carita ti negeri Dongeng (Oleg Goeverneur), sarta carita-carita séjénna kanabasa Sunda.” (Moriyama, 2005:244).

K. F. Holle memang pohara deukeut jeung barudak Raden Haji Muhamad Musa, kaasup jeung Lasminingrat, komo teu asa-asa, Lasmingrat “nembang” di hareup K. F. Holle, anu sakapeung digeroan minangka “Tuan Kawasa” (Lubis, 1998). Lalakon K. F. Holle dina merevitalisasi basa Sunda pohara badag, kabuktian ku medarna buku-buku dina basa Sunda, méré dorongan / pangrojong ka kaum ménak pikeun nuliskeun karya-karya maranéhanana sarta medar manéhna. Dina buku kasebut diceritakan, Lasmingrat ogé kalibet dina proyék nyusun buku-buku palajaran Sunda, tur dibéré waragad ƒ 1.200 ti Pamaréntah Walanda.

Taun 1875 anjeuna medar buku Carita Erman anu mangrupa tarjamahan ti buku karya Christoph von Schmid. Buku ieu dicitak saloba 6.015 eksemplar kalawan ngagunakeun aksara Jawa, tuluy ngalaman citak deui dina 1911 dina aksara Jawa sarta 1922 dina aksara Latin.

Taun 1876 medal Warnasari atawa Roepa-roepa Dongeng Jilid I dina aksara Jawa. Buku ieu mangrupa hasil tarjamahan ti tulisan Marchen von Grimm sarta JAA Goeverneur, nyaéta Vertelsels uit het wonderland voor kinderen, klein en groot (1872) sarta sawatara carita Éropa séjénna. Jilid II buku ieu medal sataun saterusna, tuluy ngalaman sawatara kali citak deui, nyaéta dina 1887, 1909, sarta 1912, dina aksara Jawa sarta Latin.

Kacida reuwasna lamun urang ngeunteung dina lobana eksemplar citak, nginget dina mangsa kiwari waé, kalolobaan ‘penerbit buku’ ngan myétak buku saloba 1.500 nepi ka 3.000 eksemplar pikeun terbitan kahiji. Henteu dibayangkeun, kumaha bisa karyanya laris, sedengkeun dina mangsa éta meureun masarakat pribumi masih loba anu teu bisa maca (Buta Hurup). Anu leuwih mencengangkan deui, karya-karya Lasminingrat ngalaman citak deui sababaraha-kali.

Tarobosan anyar anu dihontal Lasminingrat di dunya kapengarangan nyaéta pamakéan kecap ganti jelema kahiji. Mikihiro Moriyama dina bukuna : Sumangangat Baru : Kolonialisme, Budaya Citak, sarta Kesastraan Sunda Abad ke-19 nyatet yén manéhna (Lasminingrat) mangrupa penulis pribumi kahiji anu ngagunakeun kecap ganti jelema kahiji dina tulisan basa Sunda. Lasminingrat, tulis Mikihiro, maké kecap kula anu ngarujuk ka kuring dina kecap panganteur bukuna Warnasari atawa Roepa-roepa Dongeng anu medal dina 1876. Buku ieu mangrupa kumpulan sagala rupa macem karya tarjamahan. Dunya atikan

Image

RA. Lasminingrat sareng Kulawargana

Nalika janten garwa Bupati Garut RAA Wiratanudatar VIII, Lasminingrat ngeureunkeun aktivitas kapengarangannya. Manéhna tuluy konsentrasi di widang atikan pikeun kaum awéwé Sunda (Moriyama, 2005: 243). Ti saprak budak Lasminingrat miboga cita-cita ngamajukeun kaum hawa ngaliwatan atikan.

Obsesina ieu laksana dina taun 1907. Sabot éta anjeuna ngadegkeun sakola Keutamaan Istri di rohang gamelan Pendopo Kabupatén Garut. Di sakola ieu Lasminingrat maké kurikulum. Henteu disangka, dina 1911 sakolana ngembang. Jumlah muridnya ngahontal 200 jelema, sarta lima kelas diwangun di palebah pendopo. Sakola ieu pamustunganana meunangkeun pengesahan ti pamaréntah Hindia Walanda dina 1913 ngaliwatan akta nomer 12 tertanggal 12 Pebruari 1913. Dina 1934, cabang-cabang Keutamaan Istri diwangun di dayeuh Wetan Garut, Bayongbong, sarta Cikajang.

Di sakola Keutamaan Istri, murid-muridna diajari cara masak, ngarapikeun pakéan, kukumbah, ngaput pakéan, sarta sagala hal anu aya patula-patalina reujeung kahirupan rumah tangga. Tujuanana, sangkan jaga waktu nalika rumaja sarta nikah, maranéhanana bisa méré kabagjaan pikeun salaki sarta anakna, ogé migawé sorangan naon waé anu aya patula-patalina reujeung laki-rabi.

Kalungguhan Bupati Garut saterusna dipangku ku R.A.A. Suria Kartalegawa, anu masih alona. Pamustunganana Raden Ayu Lasmingrat ngalih ti pendopo ka hiji imah di Regensweg (ayeuna Jalan Siliwangi). Imah anu badag ieu (ayeuna jadi Yogya Department Store). Nepi ka yuswa 80 taun manéhna aktip kénéh, sanajan henteu langsung dina dunya atikan.

Lasminingrat dipikawanoh minangka sosok anu paduli ka batur. Dina catetan sajarah, manéhna mangrupa salah saurang inohong anu ngarojong Dewi Sartika pikeun ngadegkeun sakola pikeun kaum awéwé dina 1904. nalika Dewi Sartika meunang kasulitan dina ménta idin ka Bupati Bandung RAA Martanagara pikeun ngadegkeun sakola. Bupati sok nampik maksud Dewi Sartika kasebut. Lain tayaalesan Bupati Bandung nampik kahayang Dewi Sartika.

Numutkeun sejarawan Universitas Padjadjaran, Nina Herlina Lubis, dina bukuna Kahirupan Kaum Menak Parahiangan, ramana Dewi Sartika diasingkeun ka Ternate lantaran dituduh kalibet percobaan pembunuhan ka Bupati Bandung sarta pajabat Walanda di Bandung, dina umurna anu kakara salapan taun. Alatan kajadian éta, Bupati Bandung nganggap Dewi Sartika nyaéta anak musuh pulitikna. Mangka ti éta, paméntana sok ditampik.

Nempo hal ieu, Lasminingrat turun kalawan bantuan salakina. Manéhna ménta salakina méré bongbolongan ka Bupati Bandung ambéh maksud Dewi Sartika anu baris ngadegkeun sakola kalaksana. Sanggeus nyarita dibarengan RAA Wiratanudatar VIII, Bupati Bandung mikeun idin ka Dewi Sartika. Dina Januari 1904, Dewi Sartika ngadegkeun Sakola Istri di Bandung. Lasminingrat sarta Dewi Sartika satemena mindeng méré piwurung lir ibarat indung ka anak. Maranéhanana utamana silih mikeun pangrojong perjuangan pikeun ngamajukeun kaum awéwé.

Dina mangsa pamaréntahan Jepang, Sakola Kautamaan Istri éta digantian ngaranna jadi Sekolah Rakyat (SR) sarta mimiti narima lalaki. Saprak taun 1950, SR kasebut robah jadi SDN Ranggalawe I sarta IV anu dikokolakeun Dinas Pendidikan dan Kebudayaan Kabupatén Daerah Tingkat II Garut. Taun 1990-an nepi ka kiwari robah deui jadi SDN Regol VII sarta X.

RA. Lasminingrat dipapaparin yuswa anu pohara panjang. Anjeuna maot dina 10 April 1948 dina umur 105 taun sanggeus saméméhna dina perang kamerdikaan manéhna ngungsi ka Waaspojok dina 1946. Anjeuna kungsi cicing di ditu sawatara lila. Nepi ka pamustunganana anjeuna gering parna dugi ka tilar dunya di taneuh kalahiranana, Garut. Makam ajeuna aya di  Taman Makam Mesjid Agung Garut

Lamun RA Kartini katelahna minangka Pahlawan Emansipasi sarta Dewi Sartika minangka Tokoh pendidikan, henteu kaleuleuwihan lamun RA Lasminingrat katelahna minangka Tokoh Wanita Intelektual Pertama di Indonésia / Tokoh Wanoja Intelektual Munggaran di Indonesia, alatan pikiran-pikiran kritis sarta modernna geus ngaleuwihan jamanana.


Obah Basa : Andi Rustandi Sunarya

Dicutat tina sababaraha Pedaran

 

Posted on February 10, 2014, in Pahlawan Tatar Sunda. Bookmark the permalink. Leave a comment.

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: