Sultan Ageng Tirtayasa

Sultan Ageng Tirtayasa
(Banten, 1631 – 1683)

 Image

Sultan Ageng Tirtayasa pituin urang Banten. Lahir taun 1631. Jenengan aslina Abu’l Fath Abdulfattah tur meunang gelar Pangeran Surya. Anjeunna diangkat jadi Sultan Banten taun 1651. Nalika yuswa anjeunna 20 taun. Katelah Sultan Ageng Tirtayasa, ku margi saparantos sepuh anjeunna linggih di Karaton Tirtayasa.

Dina mangsa anjeunna jeneng sultan, Banten téh kaasup kasultanan anu maju. Maju dina sagala widangna, boh agamana, boh ékonomina. Kitu deui jeung widang pertahanan kaamananana. Banten aya dina mangsa puncak kajayaanana. Dina widanga agama, Banten jadi puseur kagiatan nyebarkeun agama Islam. Utamana di tungtung Pulo Jawa Beulah kulon jeung Pulo Sumatra Beulah kidul. Éta kagiatan téh diluluguan ku Syéh Yusuf Tajul Khalwati, anu harita jadi Mufti Karajaan Banten.

Pikeun ngaronjatkeun kahirupan rahayatna, Sultan Ageng nyieun sawah-sawah anyar. Ngahadéan sawatara walungan anu aya di Kasultanan Banten. Salian ti pikeun nyaian tatanén, éta walungan-walungan téh bisa dipaké patalimarga ngagunakeun parahu. Palabuan Banten kaasup palabuan anu gedé Kapal-kapal dagang ti mancanagara larsup ka Palabuan Ban¬ten. Aya anu ti Nagri Cina, India, malah anu ti Éropa ogé aya. Éta kapal-kapal téh mawa rupa-rupa barang, anu engkéna ditukeurkeun jeung hasil bumi ti Banten. Pangpangna mah sahang atawa pedes katut rempah-rempah lianna. Kaayaan sarupa kitu téh, henteu pikaresepeun pikeun Kumpeni mah. Kumpeni téh nyaéta pausahaan bangsa Walanda anu disebut VOC téa. Harita Kumpeni geus nyieun benténg di Batavia. Ku urang Sunda mah sok disebut Batawi, anu ayeuna jadi Jakarta.


Ti Batavia Kumpeni museurkeun kagiatanana pikeun ngamonopoli perdagangan di Nusantara. Kahayang Kumpeni, sakur nagara anu aya di Nusantara, ulah ngayakeun hubungan dagang jeung nagara séjén. Ngan kudu jeung manéhna baé. Utamana mah jual-beuli rempah-rempah kayaning cengkéh, pala, jeung pedes.Upama aya nagara anu nolak kana kahayangna, diperangan. Nepi ka loba nagara anu dijajah atawa serah bongkokan ka Kumpeni. Ari sababna, Kumpeni teh boga loba soldaduna sarta tohaga pakarangna.

Kumpeni hayang ngamonopoli perdagangan di Palabuan Banten. Kahayangna mah urang Banten kudu ngajual hasil bumi jeung barang lianna ka Kumpeni. Kitu deui kapal-kapal asing anu rék meuli barang ti Palabuan Banten, meulina téh kudu ka Kumpeni. Kahayang Kumpeni kitu téh ditolak sapajodogan ku Sultan Ageng Tirtayasa. Sultan Ageng henteu gimir, henteu galideur. Mémang ti saméméhna ogé Sultan Ageng téh henteu resepeun ka Kumpeni. Ari sababna, Kumpeni mah pelit jeung licik. Mindeng ngarempak jangji, asal nguntungkeun keur pihakna baé. Malah Kumpeni téh dianggap musuh utama urang Banten.

Kawas anu ngahajakeun pisan urang Banten téh. Ti harita terus baé ngaganggu Kumpeni, boh di darat boh di laut. Di darat, soldadu Kumpeni anu keur patroli, dicaregatan ku gerilya Banten. Henteu cukup ku kitu, loba pos-pos Kumpeni diserang ku pasukan Banten. Di laut ogé kitu. Kapal-kapal Kumpeni anu keur patroli mindeng dicegat ku armada Banten. Dibuburak sina jauh ti wilayah Kasultanan Banten. Ari kapal-kapalna anu mawa barang dagangan, mindeng dibajo ku rahayat Banten. Kituna téh ngan ka kapal-kapal Walanda wé. Da ari ka kapal-kapal nagara séjén mah henteu. Nénjo kaayaan kitu, Kumpeni ogé henteu cicingeun. Pikeun males serangan-serangan rahayat Banten téa, Kumpeni ngablokadeu Palabuan Bantun. Maksudna sangkan kapal-kapal ti mancanagara ulah aya anu asup ka Palabuan Banten. Kitu deui kapal-kapal dagang Banten, ulah nepi ka bisa kaluar ti palabuanana. Tapi armada Banten bisa norobos eta blokadeu. Kapal-kapal Kumpeni anu ngablokadeu téa, diperangan ku armada Banten. Kumpeni katétér. Ahirna ngacir ninggalkeun wilayah laut Banten. Mémang, harita mah Banten téh mibanda angkatan laut anu kawilang tanggoh.

Kumpeni beuki hésé asup ka Palabuan Banten. Komo deui Sultan Ageng Tirtayasa geus ngayakeun hubungan sarta gawé bareng jeung padagang-padagang Éropah lianna. Kapal-kapal dagang Inggris jeung Dénmark bisa bébas meulian sahang di sakuliah Kasultanan Banten.

Éta kajadian téh matak gimir paragegedén Banten di Batavia. Maranéhna mimiti geumpeur nyanghareupan pasukan Banten anu gedé wawanén. Kumpeni nyieun taktik anyar. Tuluy baé ngirim utusan ka Banten pikeun badami jeung Sultan Ageng Tirtayasa. Utusan Kumpeni datangna ka Surosowan téh henteu léngoh, tapi rébo ku babawaan. Mawa rupa-rupa barang berharga kayaning emas, inten, berlian, jeung supenir lianna. Maksudna mah hadiah pikeun Sultan Ageng Tirtayasa. Utusan Kumpeni téh ngajak babadamian. Ti dinya Kumpeni ngasongkeun sababaraha usul. Tapi usulna ditolak ku Sultan Ageng. Ari sababna, anu diajukeunana leuwih loba ngarugikeun pihak Banten. Lamun éta usul ditarima, ceuk pamikir Sultan Ageng, kamerdékaan jeung kadaulatan Banten bisa leungit.  Utusan Kumpeni balik deui ka Batavia bari henteu mawa hasil nanaon. Anu puguh mah, ku ditolakna usul Kumpeni téh, sarua baé jeung nangtang perang. Kaayaan beuki rengkeng baé. Tapi Sultan Ageng henteu gimir ku Kumpeni, anu dipikasieun ku karajaan séjén di Nusantara.

Sultan Ageng nyiapkeun pasukanana pikeun nyanghareupan sagala kamungkinan. Pasukanana ditambahan deui, boh di darat boh di laut. Malah henteu saeutik rahayat Banten anu sukaréla jadi prajurit pikeun ngabéla lemah caina. Pasukan Banten henteu eureun-eureun ngaganggu Kumpeni. Nepi ka hiji mangsa, dua kapal patroli Kumpeni pasangrok jeung armada Banten di tengah laut. Der baé perang. Kapal patroli Kumpeni teu bisa ngayonan armada Banten. Kapal patroli Kumpeni diruksan sarta dicaremkeun ku armada Banten.

Barang ngadéngé éta béja, gegedén Kumpeni di Batavia kacida ambekna. Tuluy baé atuh mepek balad. Maksudna arék ngarurug Banten. Ari tentara Kumpeni téh lolobana mah bangsa urang kénéh. Anu matak sok disarebut Walanda Hideung. Da urang Walandana mah jaradi pamingpin pasukanana. Banten dirurug ku pasukan Kumpeni ti darat jeung ti laut. Tapi pasukan Banten enggeus siap pikeun nyanghareupanana. Kapal-kapal perang Kumpeni dicegat ku armada Banten di tengah laut. Di laut Kumpeni kariripuhan, nepi ka kudu ngadatangkeun kapal perang tambahan ti Maluku. Sanggeus kitu mah, kakara aya sababaraha kapal perang Kumpeni anu bisa lolos ngadeukeutan puseur dayeuh Kasultanan Banten. Tapi angger baé kariripuhan. Ari sababna, geus disampakkeun belasan mariem anu ngadangong di basisir Banten. Nepi ka loba kapal perang Kumpeni anu ruksak dihantem pélor mariem.

Perang rongkah ogé lumangsung di darat. Anu pangrongkahna mah perang di tapel wates Banten-Batavia, nyaéta di wewengkon Angké, Tangerang. Perang ragot méh unggal poé. Bangké patulayah di mana-mana. Tapi lolobana mah bangké prajurit Kumpeni anu disebut Walanda Hideung téa. Perang salila sataun. Can aya anu éléh jeung anu meunang. Ngan umumna mah paraprajurit Banten bisa ngadéséh pasukan Kumpeni. Padahal pasukan Kumpeni leuwih loba jeung leuwih tohaga pakarangna. Nénjo kaayaan kitu, Kumpeni ngusulkeun deui babadamian. Ari sababna, salian ti loba prajuritna anu korban téh, Kumpeni kudu ngaluarkeun waragada perang anu saeutik. Mangkaning anu kudu disanghareupan ku Kumpeni téh lain Banten wungkul.

Ayeuna mah usul Kumpeni téh ditarima ku Sultan Ageng. Banten jeung Kumpeni ngayakeun gencatan senjata. Sultan Ageng narima kana éta usul, dumasar kana pertimbangan, karunya ka rahayatna anu kahirupanana balangsak alatan perang. Hanjakal, rapihna Banten jeung Kumpeni téh ngan dua belas taun. Hubungan Sultan Ageng jeung Kumpeni téh rengkeng deui. Ari sababna, Kumpeni ngayakeun rupa-rupa réka perdaya pikeun ngawasa Kasultanan Banten. Ngan ayeuna mah taktikna béda. Kumpeni mimiti ngajalankeun pulitik adu domba.

Ayeuna mah salian ti ngalawan Kumpeni téh, Sultan Ageng ogé kudu ngalawan pasukan Sultan Haji deuih. Ari Sultan Haji téh putra Sultan Ageng, anu digadangkeun baris jadi Sultan Banten. Sanajan Sultan Haji téh putra pituin Sultan Ageng, tapi watek jeung pasipatanana béda pisan jeung bapana. Sultan Haji resep curak-curak jeung sukan-sukan. Malah dina tingkah paripolah jeung campur-gaulna ogé, Sultan Haji mah leuwih deukeut ka bangsa Walanda ti batan jeung bangsana sorangan. Sikepna ogé henteu kukuh-pengkuh cara Sultan Ageng deuih.

Kaayaan sarupa kitu téh, dipaké kasempetan ku Kum¬peni pikeun ngajalankeun pulitik adu domba téa. Kumpeni ngadeukeutan Sultan Haji. Diwawoy ku rupa-rupa kasenangan lahir. Malah diangsonan supaya baha ka nu jadi kolotna, nyaéta Sultan Ageng. Tarékah Kumpeni téh hasil. Ahirna Sultan Haji leuwih deukeut ka Kumpeni tibatan ka bangsana surangan. Leuwih percaya ka Kumpeni tibatan ka bapana sorangan. Lamun aya nanaon, Sultan Haji sok ngajak badamina téh ka bangsa Walanda. Komo sanggeus Sultan Ageng eureun tina mancén ngurus pamaréntahan sapopoé mah. Éta pancén dipasrahkeun ka Sultan Haji. Sultan Ageng ukur nyekel urusan jero karaton, di Karaton Tirtayasa. Ari Sultan Haji, angger ngaratonna di Karaton Surosowan. Puguh baé, Kum¬peni téh beuki laluasa enggoning ngajalankeun pulitik adu dombana téa.

Mireungeuh kaayaan kitu, Sultan Ageng kacida hanjeluna. Kumpeni téh musuh gerot Sultan Ageng. Malah bisa disebutkeun sagala kawijaksanaan pamaréntahanana ogé, ditujulkeun pikeun nyanghareupan Kumpeni. Ari ku nu jadi anak bet kalah diraketan. Diomongan mah diomongan, kalah bosen anu ngomongan. Ti batan nurut, kalah ka ngalawan ku punduk. Nepi ka hiji mangsa mah Sultan Ageng béak kasaharanana. Pék mepek balad di Tirtayasa, terus nyerang Sultan Haji di Surosowan. Maksudna taya lian, pikeun ngawarah ka nu jadi anak. Tapi Sultan Haji henteu surti. Manéhna kalah ngalolos ti Surosowan, ménta bantuan ka Kumpeni di Batavia. Puguh wé pikeun Kumpeni mah asa mobok manggih gorowong. Da mémang kitu kahayangna. Paménta Sultan Haji ditedunan.

Der baé perang di Surosowan. Perang antara anak jeung bapa. Perang sadulur, pasukan Banten anu satia ka Sultan Ageng ngalawan pasukan Banten anu satia ka Sultan Haji. Pasukan Sultan Ageng kadéséh, sabab éléh loba ku pasukan Sultan Haji anu dibantuan ku pasukan Kumpeni. Sultan Ageng jeung pasukanana ngalolos ka Leuweung Kranggan. Sultan Ageng diba¬réngan ku Pangéran Purbaya, adina Sultan Haji, jeung sababaraha kapetenganana saperti Syéh Yusuf, Pangéran Kidul, jeung Pangéran Kulon. Di Leuweung Kranggan, Sultan Ageng saparakanca terus ngayakeun per-lawanan ka Kumpeni, ngagunakeun taktik gerilya. Nya teu burung kariripuhan ogé Kumpeni téh. Tuluy bae nyieun siasat anyar. Kumpeni nitah ka Sultan Haji sangkan nyuratan ka bapana.
Eusi éta surat téh ménta sangkan Sultan Ageng daék balik ka Surosowan. Dina éta surat ditétélakeun, Sultan Haji ngajamin baris méré kabébasan jeung kamerdékaan ka Sultan Ageng. Sultan Ageng daék nohonan éta pameredih, sabab percaya yén anakna moal jalir jangji. Barang Sultan Ageng nepi ka Surosowan, harita kénéh ditangkep ku Kumpeni. Terus dibawa ka Batavia sarta dipanjara di hiji benténg anu tohaga. Nepi ka wapatna di dinya. Jadi, Sultan Ageng mah beunangna téh ku réka-perdaya Kumpeni Walanda. Sultan Ageng wapat dina taun 1683 sarta dimakamkeun di deukeut Masjid Agung Banten.

Obah Basa : Andi Rustandi Sunarya

Dicutat tina sababraha pedaran :
http://zonangelmu.blogspot.com/2013/01/perlawanan-sultan-ageng-tirtayasa.html#.UvyXD_vQYZR
http://pahlawansunda-uing.blogspot.com/2008/07/sultan-ageng-tirtayasa.html
http://nuurislami.blogspot.com/2012/06/sultan-ageng-tirtayasa-perjuangan-tanpa.html

 

Posted on February 13, 2014, in Pahlawan Tatar Sunda. Bookmark the permalink. Leave a comment.

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: