Sajarah Gedong Saté

Image

Gedong Saté, kalawan ciri hasna mangrupa saté di tojos dina tengah manarana, geus lila jadi tanda atawa markah taneuh Dayeuh Bandung anu henteu waé dipikawanoh masarakat di Jawa Barat, namung ku sakumna Indonésia komo modél wangunan éta dijadikeun patanda pikeun sawatara wangunan sarta tanda-tanda dayeuh di Jawa Barat. Contona wangun gedong palebah payun Stasiun Karéta Api Tasikmalaya. Mimiti diwangun taun 1920, gedong boga kelir bodas ieu masih ajeg tapi éndah sarta kiwari boga fungsi minangka “Gedung Pusat Pemerintahan Jawa Barat”.

Gedong Saté anu dina mangsa Hindia Walanda éta disebut Gouvernements Bedrijven (GB), pamasangan batu anu munggaran (peletakan batu pertama) dipigawé ku Johanna Catherina Coops, puteri cikal Walikota Bandung, B. Coops sarta Petronella Roelofsen, ngawakilan Gubernur Jenderal di Batavia, J.P. Graaf van Limburg Stirum dina tanggal 27 Juli 1920, mangrupa hasil rarancang hiji tim anu diwangun ti Ir.J.Gerber, arsiték ngora kakoncara lulusan Fakultas Téknik Delft Nederland, Ir. Éh. De Roo sarta Ir. G. Hendriks sarta pihak Gemeente van Bandoeng, dipupuhuan Kolonel Pur. VL. Slors kalawan dipigawé ku 2.000 pagawé, 150 jelema diantarana pamahat, atawa ahli bongpay pangukir batu nisan sarta pangukir kai ti Cina anu asalna ti Konghu atawa Kanton, dibantuan tukang batu, kuli aduk sarta laden anu asalna ti nu nyicingan Kampung Sekeloa, Kampung Coblong Dago, Kampung Gandok sarta Kampung Cibarengkok, anu saméméhna maranéhanana nyieun Gedong Sirap (Kampus ITB) sarta Gedong Papak (Balé Dayeuh Bandung).

Salila waktu 4 taun dina bulan Séptember 1924 junun dipungkas pangwangunan induk wangunan utama Gouverments Bedrijven, kaasup kantor puseur PTT (Pos, Telepon sarta Telegraf sarta Perpustakaan.

Arsitektur Gedong Saté mangrupa hasil karya arsiték Ir. J.Gerber sarta jumplukanana anu henteu leupas ti kamandangan maestro arsiték Walanda Dr.Hendrik Petrus Berlage, anu némbongkeun rupa arsitektur tradisional Nusantara.

Loba golongan arsiték sarta ahli wangunan nyatakeun Gedong Saté nyaéta wangunan “monumental” anu “anggun mempesona” kalawan gaya arsitektur unik / ahéng nuju ka wangun gaya arsitektur Indo-eropa, (Indo Europeeschen architectuur stijl), ku kituna henteu mustahil lamun kaanggunan Candi Borobudur milu ngawarnaan Gedong Saté.

Sababaraha pamadegan ngeunaan agréngna Gedong Saté diantarana Cor Pashier sarta Jan Wittenberg dua arsiték Walanda, anu ngomong “langgam arsitektur Gedong Saté nyaéta gaya hasil eksperimen sang arsiték anu nojo dina wangun gaya arsitektur Indo-eropa”.

D. Ruhl dina bukuna Bandoeng en haar Hoogvlakte 1952, “Gedong Saté nyaéta wangunan pangéndahna di Indonésia”.

Ir. H.P.Berlage, sawaktu datangna ka Gedong Saté April 1923, nyatakeun, “Gedong Saté nyaéta hiji karya arsitektur badag, anu junun ngahijikeun langgam wétan sarta kulon sacara harmonis”. Kawas halna gaya arsitektur Italia dina mangsa renaiscance utamana dina wangunan jangjang kulon / Sayap Barat. Sedengkeun manara tingkat di tengah wangunan jiga hateup meru atawa pagoda. Masih loba deui pamadegan arsiték Indonésia anu nyatakeun kaagréngan Gedong Saté contona Slamet Wirasonjaya, sarta Ir. Harnyoto Kunto.

Kuat sarta gemblengna Gedong Saté nepi ka kiwari, henteu leupas ti bahan sarta téknis konstruksi anu dipaké. Tembok Gedong Saté dijieun ti batu ukuran badag (1×1× 2m) anu dicokot ti wewengkon pasir batu di Bandung wétan : Arcamanik sarta Gunung Manglayang. Konstruksi wangunan Gedong Saté ngagunakeun cara konvensional anu profésional kalawan nengetan standar téknik.

Gedong Saté nangtung diluhur lahan salega 27.990,859 m², lega wangunan 10.877,734 m² diwangun ti Basement 3.039,264 m², Lanté I 4.062,553 m², tepas lanté I 212,976 m², Lanté II 3.023,796 m², tepas lanté II 212.976 m², menara 121 m² sarta tepas menara 205,169 m².

Gerber sorangan ngamadukeun sawatara aliran arsitektur dina rarancangna. Pikeun jandela, Gerber nyokot téma Moor Spanyol, sedengkeun pikeun wangunanana dalah Rennaisance Italia. Husus pikeun manara, Gerber ngasupkeun aliran Asia, nyaéta gaya hateup pura Bali atawa pagoda di Thailand. Di penclutna aya “tusuk saté” kalawan 6 siki rupa saté (vérsi séjén nyebutkeun jambu cai atawa malati), anu nyilokakeun / ngalambangkeun 6 juta gulden – jumlah waragad anu dipaké pikeun ngawangun Gedong Saté.

Fasade (tampak depan) Gedong Saté tétéla pohara diitung. Kalawan nuturkeun sumbu poros utara-selatan (anu ogé dilarapkeun di Gedong Pakuan, anu nyanghareup Gunung Malabar di kidul), Gedong Saté malahan ngahaja diwangun nyanghareup Gunung Tangkuban Parahu di palebah kalér.

Dina lalampahanana mimitina dijieun pikeun Departemen Lalulintas sarta Pekerjaan Umum, komo jadi puseur pamaréntahan Hindia Walanda sanggeus Batavia dianggap geus henteu minuhan sarat minangka puseur pamaréntahan alatan perkembanganana, ku kituna dipaké ku Jawatan Pekerjaan Umum. Tanggal 3 Désémber 1945 lumangsung kajadian anu mawa korban tujuh urang nonoman anu ngabéla Gedong Saté ti serangan pasukan Gurkha. Pikeun miéling ka tujuh nonoman éta, dipangnyieunkeun tugu tina batu anu disimpen di tukang buruan Gedong Saté. Ayana paréntah Menteri Pekerjaan Umum dina tanggal 3 Désémber 1970 Tugu kasebut dipindahkan ka buruan payun Gedong Saté.

Gedong Saté saprak taun 1980 dipikawanoh kalawan sebutan Kantor Gubernur alatan minangka puseur kagiatan Pamaréntah Propinsi Jawa Barat, anu saméméhna Pemerintahaan Propinsi Jawa Kulon nempatan Gedong Kerta Mukti di Jalan Braga Bandung.

Rohang gawé Gubernur aya di lanté II babarengan jeung rohang gawé Wakil Gubernur, Sekretaris Daerah, Para Assisten sarta Biro. Ayeuna Gubernur di bantu ku tilu Wakil Gubernur anu nungkulan Widang Pamaréntahan, Bidang Ékonomi dan Pembangunan, sarta Bidang Kesejahteraan Rakyat, saurang Sekretaris Daerah sarta Opat Asisten nyaéta Asisten Ketataprajaan, Asisten Administrasi Pembangunan, Asisten Kesejahteraan Sosial sarta Asisten Administrasi.

Tapi henteu sakumna Asisten nempatan Gedong Saté. Asisten Kesejahteraan Sosial sarta Asisten Administrasi babarengan staff nempatan Gedong Anyar.

Palebah wétan sarta kulon aya dua rohang badag anu baris ngingetkeun dina rohang dansa (ball room) anu mindeng aya dina wangunan masarakat Éropa. Rohangan ieu leuwih mindeng dipikawanoh kalawan sebutan Aula Barat sarta aula Aula Timur, mindeng dipaké kagiatan resmi. Di sakuriling kadua aula ieu aya rohangan-rohangan anu ditempatan sawatara Biro jeung Staffna.

Pangluhurna aya lanté anu disebut “Menara Gedung Saté”, lanté ieu henteu bisa ditempo ti handap, pikeun nuju ka lanté pangluhurna ngagunakeun Lift atawa kalawan naékan tangga kai.

Kasampurnaan agréngna Gedong Saté dilengkepan jeung Gedong Anyar anu nyokot saeutik gaya arsitektur Gedong Saté, namung miboga gaya konstektual hasil karya arsiték Ir.Sudibyo anu diwangun taun 1977, dijieun pikeun para Lulugu/Pimpinan sarta Anggota Déwan Perwakolan Rakyat / DPRD Propinsi Jawa Barat dina ngalaksanakeun pancén sarta fungsina minangka Lembaga Legislatif Daerah.

Ngabandingkeun Gedong Saté jeung wangunan-wangunan puseur pamaréntahan (capitol building) di loba ibukota nagara jigana henteu kaleuleuwihan. Kasaruanana kabéh diwangun di tengah Kompleks Héjo / kompleks Hijau kalawan menara sentral anu agréng. Leuwih ti sagi lokasi gedong saté sarta lanskapnya anu relatif jiga Gedung Putih di Washington, DC, Amérika Sarikat. Bisa disebutkeun Gedong Saté nyaéta “Gedung Putihna”na dayeuh Bandung.

Image

Gedong Saté mangsa peuting

Obah Basa : Andi Rustandi Sunarya
Dicuta tina sababaraha pedaran

Posted on February 19, 2014, in Budaya Sunda. Bookmark the permalink. Leave a comment.

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: