Sajarah Garut

Image

Babancong di Alun-alun Garut jaman baheula

Sajarah pangaranan Garut

Sajarah Kabupatén Garut dimimitian ku bubarna Kabupatén Limbangan dina taun 1811 ku Daendels kalawan alesan produksi kopi ti wewengkon Limbangan murun nepi ka titik panghandapna enol sarta Bupatina nampik paréntah melak nila (indigo). Dina tanggal 16 Pebruari 1813, Létnan Gubernur di Indonésia anu dina magsa éta dijabat ku Raffles, geus ngaluarkeun Surat Kaputusan ngeunaan “Pembentukan Kembali Kabupatén Limbangan” anu ibu kotana di Suci. Pikeun hiji Kota Kabupatén, ayana Suci dipeunteun henteu minuhan pasaratan sabab wewengkon kasebut wewengkonna leutik.

Patali jeung hal kasebut, Bupati Limbangan Adipati Adiwijaya (1813-1831) nyieun panitia pikeun néangan tempat anu cocog pikeun Puseur Kota Kabupatén. Pangheulana, panitia manggihan Cimurah, kira-kira 3 Km palebah Wétan Suci (Ayeuna kampung kasebut dipikawanoh kalawan ngaran Kampung Pidayeuheun). Tapi di tempat kasebut cai bersih hésé ditampa ku kituna henteu pas jadi Puseur  Kota. Saterusna panitia néangan lokasi ka arah Kulon Suci, kira-kira 5 Km sarta meunangkeun tempat anu cocog pikeun dijadikeun Puseur kota. Sajaba taneuhna subur, tempat kasebut ngabogaan cinyusu anu nyérélék ka Walungan Cimanuk sarta tetempoanana éndah dikuriling gunung, kawas Gunung Cikuray, Gunung Papandayan, Gunung Guntur, Gunung Galunggung, Gunung Talaga Bodas sarta Gunung Karacak.

Waktu kapanggih cinyusu mangrupa telaga leutik anu katutup saliara cucukan (Marantha), saurang panitia kakarut leungeunnya nepi ka getihan. Dina rombongan panitia, turut ogé saurang Éropa anu milu ngabebenah atawa “ngabaladah” tempat kasebut. Kitu nempo leungeun salah saurang panitia kasebut getihan, langsung nanya: “Naha getihan?” Jelema anu kakarut némbalan, leungeunnya kakarut. Urang Éropa atawa Walanda kasebut menirukan kecap kakarut kalawan létah anu henteu béntés ku kituna sebutanana jadi “gagarut”.

Saprak harita, para pagawé dina rombongan panitia mere ngaran pepelakan anu aya cucukan ku sebutan “Ki Garut” sarta talagana diaranan “Ci Garut”. (Talaga ieu ayeuna ditempatan ku wangunan SLTP I, SLTPII, sarta SLTP IV Garut). Ku kapanggihna Ci Garut, wewengkon sabudeureun éta dipikawanoh kalawan ngaran Garut. Betusna ngaran Garut kasebut disatujuan ku Bupati Kabupatén Limbangan Adipati Adiwijaya pikeun dijadikeun Puseur Dayeuh Kabupatén Limbangan.

Dina tanggal 15 Séptember 1813 dipigawé nempatkeun batu kahiji pangwangunan sarana sarta prasarana Ibu Kota, kawas tempat ancik, pendopo, kantor asisten résiden, masjid, sarta alun-alun. Di hareup pendopo, antara alun-alun jeung pendopo aya “Babancong” tempat Bupati reujeung pajabat pamaréntahan séjénna nepikeun biantara di hareup umum. Sanggeus tempat-tempat tadi réngsé diwangun, Puseur dayeuh Kabupatén Limbangan pindah ti Suci ka Garut kira-kira taun 1821. Dumasar Surat Keputusan Gubernur Jenderal No: 60 tanggal 7 Méi 1913, ngaran Kabupatén Limbangan digantian jadi Kabupatén Garut sarta miboga Ibu Kota Garut dina tanggal 1 Juli 1913. Dina mangsa éta, Bupati anu keur nyekel kalungguhan nyaéta RAA Wiratanudatar (1871-1915). Dayeuh Garut dina waktu éta ngawengku tilu désa, nyaéta Désa Desa Kota Kulon, Desa Kota Wetan, dan Desa Margawati. Kabupatén Garut ngawengku Distrik-distrik Garut, Bayongbong, Cibatu, Tarogong, Léleés, Balubur Limbangan, Cikajang, Bungbulang sarta Pameungpeuk.

Dina taun 1915, RAA Wiratanudatar digantikeun ku alona Adipati Suria Karta Legawa (1915-1929). Dina mangsa pamaréntahanana benerna tanggal 14 Agustus 1925, dumasar kaputusan Gubernur Jenderal, Kabupatén Garut disahkeun jadi wewengkon pamaréntahan anu nangtung sorangan (otonom). Wewenang anu boga sipat otonom ngabogaan hak dijalankeun Kabupatén Garut dina sawatara hal, nyaéta nyambung jeung masalah ngariksa jalan-jalan, jembatan-jembatan, kaberesihan, sarta poliklinik. Salila période 1930-1942, Bupati anu nyekel kalungguhan di Kabupatén Garut nyaéta Adipati Moh. Musa Suria Kartalegawa. Anjeuna diangkat jadi Bupati Kabupatén Garut dina warsih 1929 ngagantikeun bapana Adipati Suria Karta Legawa (1915-1929)

 

Mekarna Fisik Dayeuh

Nepi ka taun 1960-an, mekarna fisik Dayeuh Garut dibagi jadi tilu période, nyaéta :

  • Periode kahiji (1813-1920) ngembang sacara linear. Dina mangsa éta di Dayeuh Garut loba didirikan wangunan ku Pamaréntah Kolonial Walanda pikeun kapentingan pamaréntahan, ngainvestasi dina usaha ‘perkebunan’, ngagalian asal mineral sarta objek wisata. Pangwangunan imah nu nyicingan, utamana di sabudeureun alun-alun sarta manjang ka arah Wétan sapanjang jalan Societeit Straat.
  • Période kadua (1920-1940), Dayeuh Garut ngembang sacara konsentris. Parobahan éta lumangsung alatan dina période kahiji dibikeun proyék pangladén pikeun nu nyicingan. Rupa tatakota mimiti robah kalawan ngadegna sababaraha fasilitas dayeuh, kawas stasiun karéta api, kantor pos, apoték, sakola, hotél, pertokoan (milik urang Cina, Jepang, India sarta Éropa) sarta pasar.
  • Période katilu (1940-1960-an), ngembangna Dayeuh Garut nilik nuturkeun teori ‘Inti berganda’. Perkembangan ieu bisa ditempo dina zona-zona perdagangan, atikan, pilemburan sarta nambahna nu nyicingan.

 

Ditetepkeunana “Hari Jadi Garut”

Sakumaha geus sapuk saprak mimiti, kabéh golongan masarakat Garut geus narima yén poé jadi Garut lain cindek dina tanggal 17 Méi 1913 nyaéta mangsa robahna ngaran Kabupatén Limbangan jadi Kabupatén Garut, tapi dina waktu wewengkon dayeuh Garut mimiti dibuka sarta diwangun sarana prasarana minangka persiapan ibukota Kabupatén Limbangan. Ku alatan éta, mimiti taun 1963 Poé Jadi Garut dipiéling saban tanggal 15 Séptember dumasar timuan “Tim Pencari Fakta Sejarah” anu ngarujuk tanggal 15 Séptember 1813 kasebut dina tulisan anu nembrak di jambatan Leuwidaun saméméh diropéa. Tapi kayakinan masarakat ka dasar “Pengambilan hari jadi Garut” ogé robah. Dina PERDA Kab. DT II Garut No. 11 taun 1981 ngeunaan “Penetapan Hari Jadi Garut” anu diundangkeun dina Lembaran Daerah dina tanggal 30 Januari 1982, dinyatakeun yén Poé Jadi Garut ditempo leuwih pas dina Tanggal 17 Maret 1813.

Panalungtikan poé jadi Garut nincak dina patarosan iraha mimiti mecenghul istilah “Garut”. Kawas dijelaskeun dina Kasang Tukang di luhur, yén babasan éta mecenghul mangsa “ngabaladah” dina néangan tempat pikeun ibukota Kabupatén Limbangan anu diperintahkan R.A.A Adiwijaya minangka Bupati anu dilantik dina tanggal 16 Pebruari 1813. Fakta ngeunaan Jembatan Leuwidaun anu nempatkeun batu kahijina nyaéta tanggal 15 Séptember 1918 ogé tetep diitung. Ku kituna, kasang tukang dikedalkeun kecap “Garut” nyaéta dina hiji poé antara tanggal 16 Pebruari 1813 dugi 15 Séptember 1918.

Ti sagala rupapanalungtikan dipikanyaho yén Bupati Adiwijaya dina nyieun kawijakan sok ménta fatwa ti sesepuh anu kaceluk miboga “berkebudayaan Islam” lantaran Suci aya di sabudeureun Godog, astana inohong anu nyebarkeun ageman Islam. Nilik kana sumber dina tradisi tata itungan wanci masarakat, disebutkeun yén panitia anu “ngabaladah” ibukota diperéntahkeun dina bulan Mulud minangka bulan anu dianggap alus dina mangsa harita. “Ngabaladah” mustahil dipigawé dina tanggal 1 Mulud alatan kapercayaan urang Sunda dina mangsa éta téh yén poé alus murag dina waktu bulan purnama antara 12-14 Mulud. Alatan, 12 mulud dianggap minangka poé puncak peringatan Maulud Nabi Muhammad SAW, mangka anu pang disatujuan matak bisa pikeun “ngabaladah” nyaéta tanggal 14 Mulud. Nurutkeun itungan wanci karya Roofer, hasil konversi tanggal 14 Mulud 1228 Hijriyah éta téh tanggal 17 Maret 1913

Bupati Garut ti Baheula dugi Ayeuna

  1. RAA. Adiwijaya (1813 – 1831)
    > Kasebutna Kabupaten Limbangan
  2. RAA. Kusumadinata (1831 – 1833)
  3. Tumenggung Jaya Diningrat (1833 – 1871)
  4. R. Adipati Aria Wiratanudatar (1871 – 1915)
  5. RAA Soeria Kartalegawa (1915 – 1929)
    > Robah Ngaran Jadi Kabupaten Garut
  6. RAA. Muh. Musa Suria Kertalegawa (1929 – 1944)
  7. R. Tumenggung Endung Suriaputra (1944 – 1945)
    > Saterasna diangkat jadi Bupati Bandung
  8. R. Kalih Wiraatmadja (1945 – 1948)
  9. R. Tumenggung Agus Padmanagara (1948 – 1949)
    > Dilungsurkeun tina jabatanana ku Pamaréntah Pusat kualatan kasangsian Gelar Karajaan
  10. R. Tumenggung Kartahudaya (1949 – 1950)
  11. R. Moh. Sabri Kartasomantri (1950 – 1956)
  12. R. Moh. Noh Kartanegara (1956 – 1959)
  13. R. Gahara Widjaja Suria (1959 – 1966)
    > Anu ngawanohkeun Sebutan  “Garut Kota Intan” tur dipaparin pangajén ku Presiden RI
  14. Letkol Akil Ahyar Mansyur (1966 – 1967)
  15. R. M. Bob Yacob Ishak (1967 – 1972)
    > Lirén di pamustungan masa jabatanana kualatan kasakit
  16. Drs. R. Moh. Syamsudin (1972 – 1973)
  17. Ir. Hasan Wirahadikusumah (1973 – 1978)
  18. Letkol Iman Sulaeman (1978 – 1983)
  19. Letkol Kav Taufik Hidayat (1983 – 1988)
    > Tukeur Posisi / Jabatan sareng Bupati Ciamis
  20. Momon Gandasasmita, S.H. (1988 – 1993)
  21. Drs. H. Toharudin Gani (1993 – 1998)
  22. Drs. H. Dede Satibi (1999 – 2004)
  23. H. Agus Supriadi (2004 – 2009)
    >Taun 2007 dinonaktifkeunn ku alatan Kasus Korupsi, divonis tahun 2009, saterasna Pelaksana Jabatan Bupati dipancen ku Memo Hermawan (Wakil Bupati Garut)
  24. H. Aceng H.M. Fikri, S.Ag. (13 Juni 2009 – 25 Februari 2013)
    > Dilungsurkeun / Dimakzulkan tina Jabatanana ku alatan Kasus pernikahan singket
  25. H. Agus Hamdani G.S., S.Pd.I. ( 25 Februari 2013 – 23 Januari 2014)
    > Saacanna ngajabat Wakit Bupati, diangkat jadi Bupati saba’da Bupati saacana dinonaktifkeun ku alatan dimakzulkan. Dilantik menjadi Bupati Resmi tanggal 4 April 2013
  26. H. Rudy Gunawan, S.H., M.H., MP. (23 Januari 2014 – …)

 

Obah Basa : Andi Rustandi Sunarya
Dicutat tina sababaraha pedaran

Posted on March 10, 2014, in Sajarah. Bookmark the permalink. Leave a comment.

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: