TATANÉN

Image

Tatanén mangrupakeun hiji pagawéan anu dilakonan di Kebon jeung  Sawah, disebut ogé melak tangkal atawa ngolah taneuh.

Dina widang tatanén aya istilah-istilah anu remen dipaké.

Istilah-istilah anu osok dipaké dina tatanén di kebon diantarana waé:

  1. Ngabukbak = Muka kebon atawa leuweung anu masih kénéh loba tatangkalan pikeun dijadikeun lahan anu bakal dipelakan atawa dipaké tatanén.
  2. Ngabaladah = Memener tempat atawa lahan anu arek dijadikeun tempat tatanén.
  3. Nyacar =  Meresihan lahan anu arék dijadikeun tempat tatanén tina jujukutan jeung tatangkalan.
  4. Babad = Sarua jeung nyacar. Bedana, mun babad mah biasana maké bedog, sedengkeun nyacar mah biasana maké congkrang atawa arit.
  5. Ngahuru = Meuleuman tatangkalan meunang nyacar atawa babad.
  6. Ngadurukan = Meuleuman jukut jeung tatangkalan sésa ngahuru nepikeun ka beresih.
  7. Macul = Ngolah taneuh supaya lalempur kucara dipancongan maké pacul.
  8. Ngawuluku = Ngolah taneuh ku jalan maké tanaga sapi anu narik wuluku.
  9. Némprang = Ngarempu-rempukeun taneuh anu masih kénéh guluntungan meunang macul. Biasana make pacul.
  10. Ngarag = Miceunan sabangsaning akar-akaran tina taneuh meunang macul atawa némprang.
  11. Ngaseuk = Nyieunan liang dina taneuh maké aseuk (gantar anu tungtung handapna diseukeutan) pikeun dipelakan bibinihan sabangsaning suuk atawa paré.
  12. Muuhan = Ngasup-ngasupkeun binih pepelakan kana liang meunang ngaseuk.
  13. Ngamalir = Nyieun jalan cai di kebon supaya ulah ngaganggu kana pepelakan.
  14. Ngagemuk = Méréan gemuk / pupuk kana pepelakan.
  15. Nyaangan = Ngalaanan jujukutan anu minuhan kebon anu dipelakan.
  16. Ngoyos = Sarua jeung nyaangan.
  17. Ngoréd = Miceunan jujukutan ti kebon maké koréd.
  18. Nyemprot = Ngabasmi hama pepelakan maké panyemprot.
  19. Tunggu = Ngajaga kebon supaya ulah aya anu ngaganggu.
  20. Panén = Ngala pepelakan anu geus umurna diala.

Sedengkeun istilah anu osok dipaké di lahan anu baseuh atawa sawah diantarana waé:

  1. Ngawuluku = Ngolah taneuh sawah maké wuluku / bajak anu ditarik ku sapi atawa munding.
  2. Tebar = Nyieun pabinihan atawa melakeun binih saacanna dipindahkeun ka tempat melakna (sawah).
  3. Tandur = Melakeun binih paré ti tempat tebar ka sawah.
  4. Ngarambét = Miceunan jukut anu minuhan sawah supaya ulah ngaganggu pelak paré.
  5. Beuneur héjo = Kaayaan paré anu geus eusian tapi masih kenéh warna hejo.
  6. Beuneur konéng = Kaayaan paré anu geus meujeuhna alaeun, geus beuneur atawa aya eusian jeung geus warna konéng.
  7. Dibuat = Ngala paré anu geus usumna diala.

 

Kecap / paribasa anu lian tina Tatanén

  1. Ngayuman : Ngaganti pepelakan anu rusak atawa teu jadi ogé anu leungit.
  2. Mitembeyan : Ngamimitian, ngabalakn, munggaran, aya anu nyebutkeun ngabalakan neukteuk paré ku étém, oge aya nu nyebutkeun ngamimitian melak paré. Di sababaraha wewengkon acara ieu sok direuah-reuah / diupacarakeun.


Téknologi Urang Sunda dina Widang tatanén

Tatanén pikeun masarakat sunda lain hal anu anéh, sabab dina kabudayaan masrakat sunda pakasaban anu utama nya éta tatanén. Tatanén geus tumuwuh mangabad-abad di masarakat sunda, ti mimiti jaman purba kabiasaan tatanén geus dilakonan ku masarakat sunda, sabab kaayaan alam anu nyadiakeun minangka kabutuhan pikeun neruskeun hirup harita. Sakabéh kagiatan merlukeun atawa miboga pakakas husus, kitu deui dina widang tatanén. Pakakas nu dibutuhkeun téh diantarana :

  1.  Arit : nya éta pakakas paranti ngala jukut atawa ngala paré, dijieunna tina beusi dicampur baja jeung kai minangka gagangna, wangunna saperti gaét tapi teu nguél teuing. Arit miboga pungsi pikeun ngababad semak-semak, alang-alang jeung jujukutan. Dina mimitian ngabuka lahan anyar, biasana ngagunakeun arit.
  2. Asahan : mangrupa batu husus paranti ngasah sabangsaning péso, bedog, jsté.
  3. Aseuk : Wangun aseuk téh kai buleud panjang, méncos tungtungna, paranti ngaseuk, nyieun logak leutik keur melak sisikian saperti jagong, suuk, buncis, kacang jsb. Aseuk disebut ogé luju.
  4. Bakrik : Mangrupa pakakas nu dijieunna tina awi anu diala katut jangkarna, dipaké pikeun gantar pangait, disadiakeun pikeun nulungan nu kahuruan, kaayeunaeun kakaitna sok dijieun tina beusi.
  5. Bawak : Bagian pacul nu ngahiji jeung gelungana (bagian seuseukeutna beunang dilaan upama rék diasah).
  6. Bedog : Nya éta parabot paranti meulah atawa motong sabangsaning awi tawa kai jeung barang séjénna. Dijieunna tina beusi, pérah/ gagangna maké kai tawa ku aluminieum. Wangunna aya anu pondok aya ogé anu panjang. Wadahna disebut sarangka, anu dijieunna tina kai.
  7. Burujul : nya éta wuluku nu teu maké lanjam.
  8. Caplak : nya éta pakakas nu dipaké dina keur tandur, gunana pikeun ngaguratan taeuh supaya upama nancebkeun binih paré lempeng. Caplak téh dijieunna tina kai.
  9. Congkrang : mangrupa parabot paranti ngababad sabangsaning jujukutan atawa tatangkalan anu leutik, jeung sajabana. Dijieunna tina beusi gagangna tina kai atawa aluminieum. Waggunna rada panjang batan arit, bagéan luhurna melengkung / ngeluk.
  10. Étém : sabangsa péso nu diwangun husus paranti ngala paré raranggeuyan.
  11. Garpuh : nya éta pakakas tukang tani paranti ngaguarkeun taneuh.
  12. Garu : nya éta pakakas tukang tani, paranti ngajurkeun taneuh sawah sabada diwuluku, wangunna suga sisir carang, biasanna ditarik ku munding atawa sapi boh sarakit boh hiji.
  13. Halu : nya éta parabot paranti nutu, dijieunna tina kai anu buleud.
  14. Koréd : nya éta pakakas tani pikeun miceunan jujukutan di kebon, dijieunna tina beusi jeung waja, wangunna sarupa arit tapi dipelengkungkeun / dielukeun.
  15. Kujang Parang : mangrupa pakakas sabangsa bedog sok dipaké pakarang atawa nyacar pihumaeun ku Urang Sunda baheula, bisa dipaké ngadék jeung newek, kiwari dipaké lambang rupa-rupa organisasi kasundaan.
  16. Lalandak : nya éta parabot paranti ngarambét di sawah nu ditanduranana maké digarit (tandur jajar) . Disebut ogé géréndél atawa gilinding.
  17. Lisung : mangrupa pakakas paranti nutu paré, dijieunna tina kai, liangna dua nya éta liang buleud jeung ling pasagi opat panjang.
  18. Pacul : nya éta parabot paranti malikkeun taneuh di sawah, ngagali lobang, ngamalirkeun cai, ngaduk jsb. Seuseukeutna dijieun tina beusi atawa waja, gagangna tina kai nu diradabéngkokkeun sangkan gampang makéna.

Dicutat tina sababaraha pedaran

Posted on March 27, 2014, in Budaya Sunda. Bookmark the permalink. Leave a comment.

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: