Raden Aria Wira Tanu I – Sajarah Ngadegna Cianjur

Image

Raden Aria Wiratanudatar

 

Raden. Aria Wira Tanu I / Raden Aria Wiratanudatar / Raden Djayasasana Bin Aria Wangsa Goparana lahir di Sagalahérang Subang Jawa Barat dina poé ahad tanggal 10 Robi`ul Ahir 1025 H /  8 Méi 1616 M sarta pupus dina poé Juma`ah 13 Robi`ul Awwal 1118 H / 25 juni 1706 M.

Raden Aria Wira Tanu nyaéta Dalem (bupati) pangadeg kabupatén Cianjur. Raden Aria Wira Tanu ngaran aslina Jayasasana atawa Djayasasana. Raden ieu mangrupa figur pamingpin anu kawilang arip sarta wijaksana. Sajaba jadi pamingpin cianjur, anjeuna ogé mangrupa Kyai anu nyebarkeun agama Islam di wewengkon Cianjur

 

Sajarah Raden Aria Wiratanudatar
Radén Jayasasana nyaéta putra Radén Aria Wangsa Goparana. Dumasar silsilah, Radén Aria Wangsa Goparana mangrupa putra ti Sunan Ciburang salah saurang raja ti karajaan Talaga. Sunan Ciburang mangrupa putra ti Sunan Wanapri, putra ti Sunan Parung Gangsa, putra ti Pucuk Umum, putra ti Munding Sari Leutik, putra ti Munding Sari. Munding Sari mangrupa salah sahiji putra ti Prabu Siliwangi anu sabot tilemna Pajajaran dina taun 1579 anjeuna ngahyang ka wewengkon Talaga di suku gunung Cereme. Jadi nurutkeun silsilah, Raden Jayasasana mangrupa masih turunan ti Prabu Siliwangi. Raden Aria Wangsa Goparana anu mangrupa bapa ti Raden Jayasasana bareng jeung barayana, Panembahan Giri Laya mangrupa generasi kahiji ti Munding Sari anu asup Islam sarta jadi ajengan kahot sarta ngabogaan pasantrén di wewengkon Sagarahérang.

Alatan Raden Aria Wangsa Goparana asup islam, mangka anjeunna kaluar ti Talaga sarta saterusna ngalalana nepi ka Kampung Nangkabeurit anu ayeuna asup ka wewengkon Kacamatan Sagalahérang Kabupatén Subang. Di ditu anjeunna ngadegkeun hiji désa sarta jadi Dalem (kepala negara). Raden Aria Wangsa Goparana ngabogaan dalapan urang anak nyaéta:
1. Jayasasana
2. Wiradiwangsa
3. Candramangala
4. Santaan Kumbang
5. Yudanagara
6. Nawing Candradirana
7. Santaan Yudanagara
8. Nyi Murti

Rd. Aria Wiratanudatar mangsa leutik ngaranna Pangeran Jayalalana atawa R. Ngabehi Jayasasana. Bapana, Radén Aria Wangsa Goparana anu ogé masih turunan raja Talaga, nalika umurna 8 taun R. Aria Wiratanudatar masantrén di Cirebon neuleuman élmu agama Islam. Anjeuna nyaéta saurang santri anu pang punjulna dina widang kaagamaan, kamasarakatan sarta élmu pamaréntahan, ku kituna ku Kasultanan Cirebon dibéré pangajén gelar Aria minangka tanda anggahota kulawarga karaton. Sanggeus rumaja anjeuna dipénta ku guruna ngadegkeun Kadipatén di Cinengah, gunana pikeun nyebarkeun Islam. Nyebarkeun agama Islam di tengah masarakat urang anu mangsa harita ngagem agama Hindu sarta Budha lain hal anu gampang. Tangtangan sarta panghalang datang ti sagala rupa juru, Tapi ku alatan kaahlianana, saeutiksaeutik anjeunna bisa ogé ngajak masarakat sabudeureunana pikeun asup Islam.

 

Ngadegna Cianjur

Sanggeus dewasa, Jayasasana dibéré tanggungjawab ku bapana Dalem Sagaraherang mangrupa 100 urang rahayat (cacah). Nurutkeunsistem feodalisme’ waktu éta, kakawasaan saurang gegedén (bangsawan) ditangtukeun ku lobana rahayat anu dipingpin lain dumasar taneuh (wewengkon). Alatan beuki loba rahayat, mangka baris beuki loba ogé wewengkon anu ditempatan ku rahayatna éta.

Babarengan kasaratus jelema éta, Jayasasana saterusna néangan tempat anyar ka wewengkon pilemburan Jawa Barat kiwari sarta nepi ka walungan Cikundul anu ayeuna aya di wewengkon kacamatan Cikalong Kulon. Di dieu maranéhanana nyicing sarta muka lahan anyar. Rahayat Jayasasana mencar henteu cicing di hiji tempat, tapi lolobana di Cijagang alatan di dinya pamingpin maranéhanana (Jayasasana) aya. Sawatara tempat anu dicicingan rahayat Jayasasana diantarana nyaéta di deukeut walungan kawas di Cibalagung sarta di Cirata.

Sanajan tempat ancik manéhna mencar, maranéhanana masih aya dina hiji lingkup rahayat (Walanda: Volksgemeenschap) anu diluluguan ku Jayasasana. Dumasar hukum sosiologi ngeunaan ngawangun masarakat, dina lingkup rahayat Jayasasana pamustunganana lahir tata cara sarta aturan ngamasyarakat (adat) anu kudu dilakonan ku sakabéh rahayat Jayasasana. Tata cara di saban masarakat ngabogaan sipat ngahiji, ku kituna dina saban kasatuan masarakat aya sasaruaan hukum (Walanda: rechtsgemenschap)

Pancén utama saurang lulugu masarakat nyaéta ngatur kahirupan sarta ngadegkeun hukum anu lumaku. Sajaba ti éta, manéhna ogé ngabogaan pancén pikeun nangtayungan rahayatna lamun aya kaributan, lamun aya bégal atawa lamun aya serangan ti wewengkon séjén. Ku kituna lulugu masarakat mangsa hartita leuwih pas disebut Panglima atawa Senapati sarta lain disebut minangka Dalem. Kitu ogé masarakat Jayasasana mangsa éta masih aya dina tahap kasenapatian. Sacara “de Jure” alatan tilemna Pajajaran, sabenerna wewengkon anu mangsa éta ditempatan ku Rahayat Jayasasana nyaéta dihandap kakawasaan Mataram anu dina prak-prakanana dihandap kakawasaan Cirebon alatan Cirebon mangrupa bawahan (vasal) ti Mataram. Ku alatan éta dina sawatara catetan-catetan VOC rahayat Jayasasana mindeng disebut minangka rahayat Cirebon.

 

Jadi Dalem sarta Meunang Gelar Wira Tanu

Runtagna / Tilemna Pajajaran ngabalukarkeun sawatara wewengkon merdika sarta ngabalukarkeun sawatara karajaan miboga kahayang pikeun ngaku wewengkon urut Pajajaran kaasup karajaan Sumedang Larang di handapeun Prabu Geusan Ulun anu nurutkeun angkeuhanana yén sakumna urut wewengkon Pajajaran nyaéta wewengkon Sumedang Larang. Dina raraga ngadegkeun angkeuhanana, Prabu Geusan Ulun saterusna ngayakeun saruntuyan kampanyeu militer pikeun ngahijikeun wewengkon-wewengkon anu henteu tunduk dina angkeuhanana. Pikeun nungkulan kampanyeu militer Sumedang Larang, Cirebon saterusna nguatkeun pertahananana, diantarana nyaéta di wewengkon Cimapag anu waktu éta wewengkon Cimapag kaasup ka wewengkon tanggungjawab Jayasasana. Mangka Cirebon saterusna ngangkat Jayasasana minangka senapati atawa panglima kalawan gelar Wira Tanu (Wira Tanu hartina Panglima atawa Senapati).

Dina mangsa geunjleung kawas éta, sawatara kasatuan masarakat nyaéta:
1. Cipamingkis diluluguan ku Nalamerta;
2. Cimapag diluluguan ku Nyiuh Nagara;
3. Cikalong diluluguan ku Wangsa Kusumah;
4. Cibalagung diluluguan kuu Natamanggala;
5. Cihea diluluguan ku Wastu Nagara;
6. Cikundul diluluguan ku Jayasasana kalawan gelar Wira Tanu
sapuk pikeun nyatakeun yén wewengkonna ngahiji jadi hiji nagari anu ngaranna Cianjur sarta sapuk pikeun ngangkat Jayasasana (anu geus meunang gelar Wira Tanu) pikeun jadi Dalem. Alatan geus diangkat minangka dalem (henteu deui ngan senapati) Wira Tanu saterusna ngagunakeun gelar Aria, ku kituna ngaran pepekna jadi Raden Aria Wira Tanu.

Béda jeung Bandung atawa Sumedang, Cianjur mangrupa kabupatén anu nangtung sorangan (merdika) sanajan sacara de jure masih di handapeun Mataram ngaliwatan Cirebon. Ieu lumangsung alatan aya jangji-pasini antara Mataram jeung VOC pikeun mikeun wewengkon antara Cisadane – Citarum jadi wewengkon VOC nurutkeun kontrak tanggal 25 Pebruari 1677.

 

Nangtukeun Poé Ngadegna Cianjur

Sakumaha pedaran diluhur, Cianjur dina mungaranana nyaéta wewengkon Mataram ngaliwatan Cirebon. Dina taun 1670-1677 bisa disebutkeun minangka 7 taun kabébasan ti kakawasaan Mataram, hal ieu lumangsung alatan dina taun 1670 klaim Mataram ka wilayah-wilayahna geus ngurangan alatan fokus perang ngalawan VOC, sedengkeun dina taun 1677 Mataram sacara yuridis geus mikeun kakawasaanana di antara wewengkon Cisadane – Citarum ka VOC. Tapi kualatan katerbatasan VOC, VOC tacan bisa ngajajah wewengkon anu dipibandana ti Mataram sacara intensif. Jadi sanajan sacara de facto wewengkon kasebut merdika tapi sacara de jure status maranéhanana nyaéta jajahan VOC.

Dina tanggal 2 Juli 1677, Trunojoyo nyerbu karaton Plered anu ngabalukarkeun Amangkurat I kabur babarengan Mas Rahmat. Kasempetan ieu dijadikeun titik tampik uculna wewengkon-wewengkon jajahan Mataram sacara de facto. Warta ieu kakara nepi ka ka Cianjur dina tanggal 12 Juli 1677, ku kituna sacara de facto dina tanggal 12 Juli 1677 Cianjur leupas ti Mataram.

Kamerdikaan anu dihontal sabenerna ngan de facto alatan sacara de jure, Cianjur geus aya di wewengkon VOC dumasar kontrak tanggal 25 Pebruari 1677. Tapi alatan VOC tacan sanggup ngokolakeun wewengkon jajahanana, ku kituna Wira Tanu dina mangsa éta junun jadi Dalem sacara Teuneung tanpa diangkat ku VOC atawa ku Raja / Sultan anu séjén. Ku kituna nurutkeun catetan VOC / Walanda, Bupati Regent Cianjur anu kahiji lain Wira Tanu I tapi anakna nyaéta Wira Tanu II.

 

Mangsa Sepuh

Sanggeus tuluy umur manéhna netep di Kp. Majalaya kalawan ngadegkeun Paguron Pasantrén di Sagalahérang nepi ka tilarna kira-kira taun 1706 Masehi, sarta Anjeunna ngantunkeun putra-puteri saloba 11 urang :

1. Dalem Aria wiramanggala. ( Aria Wiratanu II )
2. Dalem Aria Martayuda (Dalem Sarampad).
3. Dalem Aria Tirta (Di Karawang).
4. Dalem Aria Natamanggala (Dalem aria kidul / Gunung jati cjr),
5. R.Aria Wiradimanggala(Dalem Aria Cikondang)
6. Dalem Aria Suradiwangsa (Dalem Panembong),
7. Nyi Mas R. Kaluntar.
8. Nyi Mas R. Peureup
9. Nyi Mas R. Karangan.
10. Nyi Mas R. Kara
11. Nyi Mas R. Djenggot

 

Anjeunna Ogé ngabogaan saurang istri (Arum Endah) ti bangsa jin Islam Syekh Jubaedi ti Karajaan Jin Ajrag (Wallahu ‘alam), sarta ngabogaan tilu urang putra-putri, nyaéta :
1. Suryakancana, numutkeun carita ngahyang di Gunung Gede
2. Indang Kancana atawa Indang Sukaesih, numutkeun carita ngahyang di Gunung Ceremai
3. Andika Wirasujagad, numutkeun carita ngahyang di Gunung Kumbang

 

 

ImageImage

Astana Dalem Cikundul perenahna di Pasir Gajah , Kampung Majalaya, Désa Cijagang, Kacamatan Cikalong Kulon.

 

Obah Basa : Andi Rustandi Sunarya

Dicutat tina :
http://id.wikipedia.org/wiki/Raden_Aria_Wira_Tanu_I
http://ulamalangit.blogspot.com/2012/12/eyang-dalem-cikundul-sang-wali.html
http://www.potretbogornews.com/2013/06/sejarah-aria-wiratanudatardalem-cikundul.html

Posted on April 29, 2014, in Sajarah. Bookmark the permalink. Leave a comment.

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: