Mangpaat Sarta Éfék Négatif Jéngkol

Jengkol

 

Jering atawa jéngkol atawa ngaran laténna Archidendron pauciflorum, sinonim : A. jiringa, Pithecellobium jiringa, sarta P. lobatum nyaéta tangkal has di wewengkon Asia Tenggara. Sikina dipikaresep di Malaysia, Thailand, sarta Indonésia minangka bahan katuangan. Jéngkol kaasup suku polong-polongan (Fabaceae. Buahna mangrupa polong sarta rupana gepéng meulit nyieun ‘spiral’, boga kelir layung kolot. Siki buah miboga kulit ari ipis jeung kelir coklat ngagurilap. Jéngkol bisa ngabalukarkeun bau nu teu ngeunah dina cikiih sanggeus dikokolakeun sarta diprosés ku peujit, utamana lamun didahar atah.

Jéngkol, sanggeus ditalungtik sarta diuji labolatorium, tétéla ngabogaan serat anu luhur, asam jengkolat, vitamin (sanajan tacan écés jenisna) sarta ogé mineral.

MANGPAAT JÉNGKOL PIKEUN UBAR

  1. Ngalancarkeun prosés miceun / BAB ogé keur ngumbah beuteung, ieu alatan jéngkol ngabogaan serat anu luhur.
  2. Jéngkol ogé bisa nyingkahan panyakit gula / diabétés, meureun alatan ngabogaan asam, sarta mineralna.
  3. Jéngkol bisa nyingkahan panyakit jantung koroner.

Tangkal jéngkol dianggap ogé miboga kamampuh nu hadé pikeun nyerep cai taneuh sahingga méré mangpaat dina konsérvasi cai di hiji tempat.

Cangkang jéngkol mangpaat ogé kanggo ngusir beurit dipasawahan, carana keueum cangkang jéngkol sapoé sapeuting lajeng disaring, disemprotkeun kana paréna. Ku bau na éta cai keueuman jéngkol beurit teu betaheun, teu nafsu barang hakan jadi nyingkah ngajauhan kotakan paré. Cara kadua dicacag di awurkeun dina galengan sawah.

Sarta meureun loba kénéh deui hasiatna anu tacan dipikanyaho.

 

ÉFÉK NÉGATIF

  1. Anu ilahar di timbulkeun nyaéta panyakit anu disebut “Jéngkoleun” landian hésé kahampangan sarta karasa nyeri mangsa kaluarna, aya ogé anu ngomong panyakit ieu anyang-anyangan.
    Hal ieu alatan kandungan asamna, tapi henteu kabéh anu ngakonsumsina saterusna ngalaman jéngkoleun, nurutkeun ahli kaséhatan gumantung kadar asam anu dikandung siki jengkol éta sarta ogé kadar asam anu aya di awak urang, sarta factor genetika ti urang bisa mangaruhan.
    Tapi saupama urang ngalaman jéngkoleun ulah salempang ubarna nyaéta loba inum cai herang sarta cai soda. Sabab ku lobana urang nginum bisa ngalancarkeun kahampangan
  2. Saterusna anu ilahar disebut panyakit “Bungut Naga” landian bau baham sarta “Kiih Munding” landian hangseur.
  3. Sajaba bau, jéngkol bisa ngaganggu kaséhatan hiji jalma alatan konsumsi nu kaleuleuwihi nu ngabalukarkeun numpukna kristal dina saluran cikiih, anu disebut “jéngkoleun”. Jéngkoleun kajadian alatan jéngkol ngandung réa asam jéngkolat sarta hésé puyar dina cai nu PHna haseum. Konsumsi jéngkol nu kaleuleuwihi baris ngabalukarkeun kawangunna kristal sarta ngaganggu urinasi. Mamala kakeunaan jéngkolan dipikanyaho rupa-rupa saban jelemana, sarta dipangaruhan genetik / turunan sarta ku lingkungan.

CARA NGALEUNGITKEUN / NGURANGAN BAU JÉNGKOL

Aya anu ngomong pikeun nungkulanana kalayan dahar bonténg, nyapék béas atah, nginum kopi hideung atawa nyapék pucuk cengkéh, tapi meureun anu pangtegepna sarta gampil nyaéta nyikat huntu sarta gugurah / kekemu maké kekemu.

Éfék négatif bau Jengkol sabenerna bisa dikurangan ku cara dikeueum atawa dikulub. Bau dina mangsa kahampangan bisa dikurangi saupama beberesihna dipigawé saméméh sarta sageus kahampangan kalayan dibanjur ku cai anu rada loba.

Siki jéngkol biasa didahar atah atawa dikokolakeun (biasana disemur, sarta dipikawanoh ku urang Sunda minangka ati maung atawa “ati macan”). Sikina beyé sarta hipu. Tékstur ieu pisan anu ngajadikeun jéngkol dipikaresep.

Sajaba disemur, siki jéngkol ogé bisa dijieun jadi kiripik kawas emping nu dijieun tina tangkil, ku cara ditutu/digencét nepi ka gepéng, digaringkeun sarta digoréng maké minyak panas.

Mugia aya mangpaatna kanggo sadaya. Wilujeng nuang Jéngkol si Ati Maung téa, Kadé tong kaleuleuwihan teuing bising Jéngkolen.

–ooOoo–

 

Obah Basa : Andi Rustandi Sunarya
Dicutan tina sababaraha pedaran

Posted on May 9, 2014, in Katuangan. Bookmark the permalink. Leave a comment.

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: