Sumur Bandung

Image

Sumur Bandung

 

Sumur Bandung nya éta sumur nu dijieun ti tilas nancebkeun tongkat R.A.A Wiranatakusumah. Nu ayana di beulah kidul Pendopo Dayeuh Bandung.

Teu loba nu apal, salasahiji tempat di tukangeun tempat parkir gedong patemoan Sumur Bandung nu ayana di beulah kulon Cikapundung aya sumur nu dingaranan Sumur Bandung. Wangunna sarua jeung sumur-sumur umumna, ngan sumur ieu leuwih dipikahormat dina ajén budaya jeung adat, sabab sumur ieu disebut kramat ku masarakat didinya. Di bagéan luhur sumur éta dibéré cungkup panutup jeung dikuriling ku ranté pawates. Dina salasahiji sisina aya prasasti nu tulisanna:
“Sumur Bandung Méré Karahayuan ka Rahayat Bandung
Sumur Bandung Méré Karahayuan ka Dayeuh Bandung
Sumur Bandung Kahayuning Dayeuh Bandung
Ayana di Gedung PLN Bandung”.

Bandung 25 Mei 1811
Raden Adipati Wiranata Kusumah II


Sumur Bandung dipercaya ngabogaan hubungan sajarah jeung ngadegna Dayeuh Bandung.Caritana nalika rombongan Bupati jeung pangiringna nyusur Cikapundung néangan tempat nu pantes keur diadegkeun puseur dayeuh nu cocok. Nalika bupati nancebkeun tongkat tuluy ditarik deui, ti tilas tongkat éta kaluar cai. Di lokasi cai éta salajengna dijieun sumur jeung salajengna dingaranan Sumur Bandung. Di taun 1930-an, diluhur taneuh 3.945 m2 éta, diadegkeun wangunan tingkat hasil rarancang Prof. C.P. Wolff Schoemaker. Sanggeus diresmikeun di tanggal 26 Oktober 1939, wangunan éta salajengna ditempatan N.V. Gebeo, usaha listrik Hindia Walanda. Urut gedung Gebeo nu salajengna dijadikeun kantor PT (Persero) Perusahaan Listrik Negara Distribusi Jawa Barat éta, ayana ditungtung pertiluan Jalan Asia-Afrika jeung Jalan Cikapundung. Sumur Bandung ayana di lantéi dasar Gedung PLN. Caina masih angger wening jeung teu kungsi garing sanajan Dayeuh Bandung ngalaman halodo nu panjang. Dina poé-poé nu tangtu, sumur éta sok aya nu ziarah nu datang ti sababaraha dayeuh, malihan aya nu asalna ti Jawa Tengah jeung Sumatera.

 

CARITA SUMUR BANDUNG

Carita di sabudeureun Sumur Bandung Saradan, nurutkeun nu ngokolakeun cikahuripan kasebut, kapanggihna Sumur Bandung dimimitian ti carita mecenghulna inohong-inohong, kawas Nyi Kentring Manik, Eyang Aji, Eyang Jangkung, sarta Eyang Balaranté. Numutkeun carita, aranjeunna nyaéta pangawasa karajaan Tatar Sunda mangsa harita.

Dina kaitan kana sajarah karajaan-karajaan di Tatar Sunda, ngaran Nyi Kentring Manik mindeng disebutkeun minangka permaswari karajaan Pajajaran. Anjeunna nyaéta putri Prabu Susuk Tunggal anu ditikah ku Prabu Siliwangi.

Dicaritakeun, Nyi Kentring Manik Mayang Sunda mindeng ngadatangan wewengkon-wewengkon leutik karajaan dabarengan ku sababaraha urang ponggawana. Kadatanganana ka wewengkon-wewengkon kasebut biasana nyambung jeung ayana bubuka wewengkon anyar. Sarta dina saban bubuka wewengkon anyar kasebut ditandaan kalayan leuwih tiheula ngawujudkeun hiji sumur cikahuripan.

Ayana sumur cikahuripan dina mangsa éta, henteu ngan dipaké pikeun minuhan kaperluan ngayakeun cai beresih wungkul, ogé ngabogaan fungsi sakral sarta filosofis.

Paribasa Sumur Bandung sorangan mindeng ogé dikaitkeun jeung harti kecap bandung anu hartina pianakeun/rahim indung minangka hiji kasinugrahan anu dibikeun Sang Maha Pencipta ka makhluk anu ilaharna disebut wanoja. Rahim indung ieu pisan anu mangrupa titik mimiti ngainditkeun kahirupan manusa, mangka geus sawajarna manusa sok inget kana kadatangan saurang indung sarta sok ngahormat ka anjeuna.

Kaayaan Sumur Bandung nyaéta wangun keur ngahormatan kaeksistensi’ wanoja dina konteks saban ngabentuk wewengkon anyar, mangka kudu diresmikeun ku ibu nagara. Éta pisan sababna, ayana Sumur Bandung sok dikaitkeun kana ngaran Nyi Kentring Manik Mayang Sunda, minangka ibu nagara dina mangsa éta.

Sumur Bandung dina mangsa saterusna ku masarakat satempat dianggap minangka sumur karamat. Alatan ayana peunteun karamat ieu, atawa peunteun-peunteun sugestif / kapercayaan anu asalna ti para karuhunna, boh ti inohong sajarah pangadegna boh peunteun-peunteun budaya talari anu kungsi hirup dina mangsana, mangka wajar saterusna mecenghul usaha ngamumulé peunteun-peunteun budaya talari sarta ngajén ka inohong sajarah anu kaeusi di jerona.

Usaha ngabéla peunteun-peunteun kesakralan Sumur Bandung nepi ka kiwari ogé tetep kajaga. Komo hal ieu ogé dipaheutkeun henteu waé ku masarakat awam, namung meunang pangajén resmi di golongan pamaréntah tradisional sakumaha dipigawé ku Bupati Bandung R.H.AA. Wiranatakusumah II atawa anu leuwih kaceluk jeung landian Dalem Kaum waktu mindahkeun ibukota kabupatén ti Krapyak ka Dayeuh Bandung ayeuna.

Dina mangsa éta, waktu rék mindahkeun ibukota Kabupatén Bandung, Kangjeng Dalem Kaum kungsi ngayakeun napak tilas pikeun néangan ayana Sumur Bandung anu kunsi dijieun ku Nyi Kentring Manik Mayang Sunda. Hal ieu luyu kalayan pituduh ‘ghoibanu ditarimana. Sarta bener waé, sanggeus ditéang kalayan ngayakeun lalampahan suku anu dibaturan ku para kapetengan, pamustunganana sumur éta kapanggih ogé.

Sanggeus sumur éta kapanggih, ngaliwatan sarupaning ritual upacara “ngretakeun bhumi lamba” anu hirup dina jaman Pajajaran, babarengan tilu kapetengan kadaleman, nyaéta Embah Janalim, Embah Dita sarta Embah Jambrong, dipigawé ngarobah sumur kasebut bari ngabacakeun jampé Bandung pikeun nandakeun pindahna ibukota Bandung, ti tempat lila di Krapyak ka Dayeuh Bandung ayeuna.

Nurutkeun vérsi ieu, kepindahan ibukota Bandung lain paréntah Gubernur Jéndral Deandles, namung mangrupa alpukah Dalem Kaum anu saterusna diajukan ka Deandles, sarta meunang persetujuan sacara resmi ti pamaréntah Walanda. Sarta komo dinyatakeun minangka jarak titik enol pikeun milampah wewengkon séjénna di Tatar Sunda.

Majalah Sabilulungan edisi Maret 2011 méré pedaran pindahna ibukota Kabupaten Bandung dari Krapyak ke kota Bandung ayeuna, kawas kieu :

Tanggal 20 Oktober 1794, Radén Indradiréja jeneng jadi Bupati Bandung. Inyana ngaganti ramana.  Basa diwastu, Radén Indradiréja dibéré gelar Radén Adipati Wiranatakusumah II.

Dina hiji mangsa,  Radén Adipati Wiranatakasumah II ngumpulkeun para kapetenganana. Aya tilu kapetengan anu kacida setia. Kahiji, Embah Jambrong (panaséhat religi/Spiritual). Kadua, Embah Janalim (panaséhat lingkungan alam). Ari anu katiluna katiluna, Embah Dita (panaséhat kadigjayaan atawa kaamanan).

Embah Jambrong ngaran aslina mah R. Aria Dilaga Somanagara. Aya ogé anu nyebut R. Kancung Purwawisésa. Disebut kitu pédah rambutna gondrong. Resep ngukut godég, kumis katut janggot. Kailaharan mangsa harita jalma anu geus ngabagawan.

Pancén bagawan nyaéta ngaping ratu ngayak ménak. Kana tangtu gentur ku pangaweruh, sugih ku pangarti.

Dikumpulkeunana parakapetengan aya patalina jeung pertanda alam. Kangjeng Dalem kungsi ningali cahaya. Sageburan, ngagebur di langit Cikapundung. Tapi teu puguh lebah-lebahna.

“Ieu téh pertanda saé, Gusti Dalem.  Sakumaha iber anu parantos sumebar perkawis rencana pangwangunan jalan raya. Teu aya lepatna, puseur dayeuh dialihkeun nyaketan jalan anu badé diadegkeun. Nya, mangga baé,  ti kawit ayeuna langkung saé urang cukcruk heula pitempateun anu sakirana loyog kanggo kadaton,” walon Embah Janalim. Inyana téh  ahli kana maca perwatekan lembur. Nyarita sotéh kitu, sanggeus aya katerangan ti Embah Jambrong.

Ceuk Embah jambrong, éta cahaya téh mangrupa isyarat. Bisa ogé disebut ‘pituduh gaib’. Bandung leuwih nanjung mun puseur dayeuhna dipindahkeun.

Sanggeus asak babadamian, sapuk sakabéh. Puseur dayeuh Bandung rék dipindahkeun. Tapi kamana?

Kangjeng Dalem gasik baé néangan pitempateun. Henteu cukup ku sakali.  Mimiti ka daérah kalér, ka Cikalintu (Cipaganti ayeuna). Sigana ngarasa kurang cop. Kapaksa balik deui ngidul, ka Kampung Balubur Hilir (Balai Kota ayeuna). Sarua, can kénéh cop. Ongkoh teu keuna kana palintangan.

Di Kampung Balubur Hilir Kangjeng Dalem lila reureuh. Malah kungsi ngadegkeun heula pasanggrahan. Maksudna sangkan teu kudu bulak-balik ti Krapyak.

Salila ngareureuh, mémang kungsi datang ilapat. Cenah mudu néangan tempat urut pangguyangan badak. Leuwih alusna pangguyangan badak putih,

Teu héséeun keur Embah Janalim mah. Sasat apal kana lacak sasatoan leuweung. Anu disebut ahli maca alam téh éstu saenyana. Lain pupulasan. Matak, dipentés kitu, teu lila, jol gurudag meunang laratan.

Cenah, pernahna teu jauh ti walungan Cikapundung. “Ih, atuh kaula loyog pisan mun di dieu mah, Mamang. Akur jeung dina ilapat. Cahaya téh ka dieu muragna. Cing, kumaha pamendak, Mamang?” Kangjeng Dalem ngarérét ka Embah Jambrong.

“Abdi Dalem, ngiringan baé. Sawangan Mamang, ieu téh kersana Nu Murba. Nagara Bandung ngadeg ayeuna,” walon Embah Jambrong.

Sanggeus sapuk, tuluy baé Kangjeng Dalem nunda ciri. Ditindak ngerahkeun rahayat. ngabukbak leuweung.  Tapi, da henteu gagabah. Sakumaha talari paranti, diayakeun heula acara ruwatan. Kangjeng Dalem langsung mingpin acarana. Embah Jambrong nu macakeun jampéna:
“Marga jasana nu murba
Asal leuweung luwang-liwung
Ngadeg nagara Bandung ayeuna!”

Waktu keur ngabukbak leuweung Cikapundung, Kangjeng Dalem jarang balik ka tempat dumukna. Remen pisan mondok di pasanggrahan Kebon Kawung. Ti harita, Kangjeng Dalem boga sebutan anyar. Katelahna Dalem Bogor. Cenah, pédah mindeng mogor (mondok) di pasanggarahan. Ari pasanggarahanana ayana di Kampung Bogor (ayeuna jadi Kebon Kawung). Ngan sabada pupus (1829), leuwih katelah Dalem Kaum. Pédah dimakamkeun di tukangeun masjid Kaum Bandung. Masjid Agung Bandung, mun ayeuna mah.

Image

Gedong PLN Jabar Banten kiwari, tempat ayana Sumur Bandung

 

Obah Basa : Andi Rustandi Sinarya

Diguar tina :

  • Affandy, Frances B., Andi Abubakar.2003. Potrait of West Java Heritage (Potret Pusaka Jawa Barat) . Bandung: Paguyuban Pelestarian Budaya Bandung, Dinas Kabudayaan jeung Pariwisata Jawa Barat.
  • Hardjasaputra, A. Sobana.2000. Bandung, Sejarah Kota-kota Lama di Jawa Barat.Jatinangor: Alwaprint.
  • Situs Sumur Bandung, http://bandungkabmozaik.com/berita-176-situs-sumur-bandung.html

 

Posted on May 14, 2014, in Sajarah. Bookmark the permalink. 2 Comments.

  1. sampurasuuuuun kakang….
    tegep pedaranna kang. (y)

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: