Wangunan jeung Pamakéanana

Image

Imah panggung / saung ranggon jaman baheula, kiwari geus langka

 

Wangunan Sunda nyaéta wangunan anu aya tur diaku salaku tempat cicing, usaha, tur pamaréntah di tatar Sunda. Cirina nyaéta konsép wangunan anu luyu jeung kaayaan alam jeung pangabutuh balaréa di tatar Sunda.

Ieu pedaranana dina sababaraha fungsi pamakéanana

Umum :

  • gedong : imah alus tur badag anu biasana ditémbok
  • joglo : adegan imah leutik basajan
  • balé kambang : iimahana anu diwangun disaluhureun balong, jsb. (‘kambang’ –> ‘ngambang’)
  • poporogok : imah siga saung, leutik tapi lumayan
  • pakuwon : pakarangan tur imah nu sorangan
  • ranggon : saung anu luhur pisan kolongna atawa anu diwangun dina tangkal kai nu luhur
  • régol : panto gedé lawang pakarangan (en:gate, de: tor)
  • saung : adegan leutik, biasana teu didindingan, ayana di sawah, kebon, paranti reureuh.

 

Pamaréntahan :

  • babancong : wangunan leutik di sisi alun-alun baheula, panggung paragi gegedén, ayeuna mah siga tempat nu nongton kelas VIP di stadion.
  • balandongan : adegan samentara pikeun narima sémah dinu hajat atawa tempat hiburan.
  • balé désa : kantor pamong désa
  • balé kota : kantor walikota atawa bupati
  • balé watangan : pangadilan
  • gedong songko : imah bupati baheula
  • kadaton : karaton
  • pandapa / pendopo : tepas lega bagian hareup gedong kawadanaan, balé kota, jsb.
  • kaputrén : bumi jeung pasaréan putri raja
  • kaputran : bumi jeung pasaréan putra raja
  • bénténg : adegan anu tohaga, biasana ngurilingan kota pikeun nahan panarajang musuh
  • bui, panjara : paragi ngerem jelema nu meunang hukuman.

 

Transportasi :

  • hanggar : minangka garasi pikeun kapal udara
  • stasion : pangeureunan karéta
  • halteu : pangeureunan beus
  • terminal : pangeuran beus jeung kandaraan umu lianna

 

Tatani / Tatanén jeung Dagang :

  • jongko, warung : tempat dagang, di pasar biasana eusina pinuh ku jongko
  • palalangon : saung luhur di leuweung atawa di huma paranti ngintip sato atawa nungguan huma
  • leuit : gudang tempat nyimpen paré
  • gosal : tempat gawéna panday
  • bédéng : imah-imah atawa adegan leutik paragi nu digarawé proyék wangunan jeung di kebon

 

Sato :

  • pakandangan : kandang gedé atawa nu loba kandang
  • gedogan, istal : kandang kuda
  • karapyak : kandang munding atawa sapi nu dikurilingan ku pager
  • pagupon : kandang japati
  • paranjé : kandang hayam

 

Ibadah :

  • langgar, tajug : Masjid / masigit leutik

 

Sangkan leuwih écés dihandap ieu dipedar ngaran-ngaran babagian tina imah urang sunda baheula.

  • Abig / ampig : bilik juru tilu dina pongpok leuit atawa pongpok imah.
  • Balandar : sarupa balok wangunna pasagi opat dipasang di luhur kuda-kuda pikeunnahan usuk dina rangka hateup.
  • Bilik : pipinding imah nu dijieun tina anyaman awi anu meunang ngahuaan.
  • Golodog : tétécéan atawa tangga paranti unggah atawa turun ti imah ( Imahpanggung ).
  • Hateup : tutup imah diluhur sangkan iuh atawa ulah asup cihujan, dijieun tina daun eurih, daun kiray, daun sadang atawa daun kalapa ( mun di pameungpeuk mah sok make daun dahon )
  • Jandéla : lawang angin atawa cahaya dina bilik atawa dingding témbok nu bias dibuka jeung ditutup cara panto.
  • Kolong : rohangan dihandapeun imah panggung.
  • Lalangit : tutup rohangan imah beulah luhur ( bagian para Beulah handap )
  • Lincar : campéd ( papan ) rubak pikeun nutup bilik ti beulah luar, lebah darurung, atawa pikeun nutup tungtung darurung nu di hareup (dina imah panggung)
  • Kuda-kuda : balok kai nu dipasang déngdék anu nyambungkeun tihang adeg jeung pamikul.
  • Pongpok : rohangan di sisi ( handapeun suhunan ) anu sok ditutup ku abig / ampig.
  • Suhunan : bagian imah anu pangluhurna, ngujur manjang nurutkeun wangun imah,
  • Wuwung : tutup hateup sapanjang sambungan suhunan, tempat patepungna kenténg / hateup dina puncak suhunan: wuwung sok dijieun tina séng, tembok, atawa tina injuk ( dina imah dipasisian ).
  • Amben : tepas imah panggung nu lantana tina palupuh.
  • Tepas : émpér, bagian imah panghareupna nu digemblangkeun, paranti narima sémah, ngawangkong jeung tatangga ( di imah panggung ), jsb.
  • Patengahan : rohangan imah nu ditengah.
  • Ségog : rohangan tambahan dina wanguan imah, ilaharna dipaké pikeun tempat teuteundeunan barang-barang anu osok dipaké pikeun digawé kayaning dingkul, pacul, nyiru. Atawa dijadikeun tempat neundeun hasil tatanén
  • Dapur / pawon : rohangan imah nu ditukang, paranti masak, jsb.
  • Goah : rohangan ( biasana di dapur ) paranti nyimpen pabéasan, kadaharan, jsb ( di imah panggung )
  • Enggon : rohangan imah paranti saré
  • Pangkéng : kamar, rohangan imah paranti saré atawa barang simpen.
  • Pakarangan : tanah sabudeureun imah.
  • Buruan : tanah hareupeun imah.
  • Pipir : tanah tukangeun imah.

 

Dicutat tina :
– Wikipedia : Wangunan Sunda (http://su.wikipedia.org/wiki/Wangunan_Sunda)
– Blog Kang Ahmad Kurnia (http://sundanologi.blogspot.com/2013/09/rupa-rupa-wangunan-imah-urang-sunda.html)
– Kampung Ciburuan (http://ciburuan.wordpress.com/2013/04/05/segog-rohangan-tambahan-dina-wangunan-imah/)

Posted on May 20, 2014, in Budaya Sunda. Bookmark the permalink. Leave a comment.

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: