Otto Iskandar Dinata – Si Jalak Harupat

Image

Raden Otto Iskandar Dinata lahir di Bojongsoang Kabupatén Bandung, Jawa Barat, 31 Maret 1897. Bapana Otto nyaéta turunan Ménak Sunda anu namina Nataatmadja. Otto mangrupakeun putra katilu ti salapan duduluran.

Otto ngaweruh atikan dasarna di Hollandsch-inlandsche School (HIS) Bandung, saterusna nuluykeun di Kweekschool Onderbouw (Sekolah Guru Bagian Pertama) Bandung, sarta di Hogere Kweekschool (Sekolah Guru Atas) di Purworejo, Jawa Tengah. Sanggeus réngsé sakola, Otto jadi guru HIS di Banjarnegara, Jawa Tengah. Dina bulan Juli 1920, Otto pindah ka Bandung sarta ngajar di HIS bersubsidi sarta paguyuban Perguruan Rakyat, tilu taun saterusna pindah ka Pekalongan.

Image

Organisasi Budi Utomo

Perhatianana ka pergerakan bangsana dimimitian sabot masih diajar di HKS. Sawaktu ngabogaan tugas di Pekalongan taun 1925 Otto nerjunkeun diri ka dina organisasi Budi Utomo sarta jadi anggota Déwan Kota Pekalongan ngawakilan Budi Utomo. Minangka anggota Déwan Kota, anjeuna bajoang pikeun ngabenerkeun kahirupan rahayat.

Kagiatan Otto di Budi Utomo, jadi perhatian pamaréntah, ku kituna saban diayakeun gempungan rapat di imahna, sok diintéi ku résérse. Tapi sawaktu-waktu Otto ngajak résérse pikeun ngilu gempungan. Pamustunganana résérse anu dimaksud boga niat asup anggahota Budi Utomo. Ngaran Otto beuki populér sarta manéhna ngahariwangkeun pamaréntah Walanda. Pamustunganana dina taun 1928 anjeuna dipindah ka Jakarta sarta saméméh dipindah anjeuna kungsi ngaprakarsa ngadegna Sekolah Kartini”.

Di Jakarta, anjeuna digawé minangka guru Muhammadiyah, sarta masih giat di widang pulitik. Anjeuna jadi anggahota “Paguyuban Pasundan” sarta henteu lila saterusna dipilih minangka luluguna. Di handapeun lulugu Otto, organisasi ieu beuki ngembang. Paguyuban ieu junun ngadegkeun sakola ti tingkat dasar nepi ka sakola tengahan sarta saterusna junun ngadegkeun Bank Pasundan.

Di sabeulah éta “Paguyuban Pasundan” asup anggahota PPPKI (Permufakatan Partai-Partai Politik Kebangsaan Indonesia). Dina konggrésna di Surabaya dina taun 1932, anjeuna kapilih jadi Sekertaris PPPKI di handapeun Pupuhu M.H. Thamrin.

Djalak Harupat

Sinatria Putra Sunda Jujuluk DJALAK HARUPAT

Taun 1930 Otto dipilih jadi anggahota Volksraad (Déwan Rakyat), ngawakilan “Paguyuban Pasundan”. Alatan kawanina, Otto katelah landian “Si Jalak Harupat”. Anjeuna mecakan ngayakinkeun pamaréntah Walanda yén dina hiji waktu Indonésia pasti merdika.

Alatan pidato-pidatona anu peureus ngancem pamaréntah, ngabalukarkeun anjeuna dina taun 1935 ditarik ti Volkstraad. Saterusna perhatianana dicurahkan ka “Paguyuban Pasundan”. Di sabeulah éta Otto mingpin warta poéan ku basa Sunda “Sipatahunan”, di Bandung. Koran ieu loba mintonkeun kecaman-kecaman ka pamaréntah Walanda.

Mangsa partéi-partéi pulitik sarta organisasi séjénna nyieun GAPI (Gabungan Partai-partai Indonésia) kalayan tungtutanana Indonésia Berparlemen”, anjeuna asup jadi anggahota ngawakilan “Paguyuban Pasundan”. Dina konggres GAPI di Yogyakarta, dijieun Majelis Rakyat Indonésiaminangka Parlemen Rakyat, Otto diuk dina majelis ieu minangka wawakil GAPI.

Mimiti Maret 1942, pasukan Jepang badarat di Pulo Jawa, Walanda henteu sanggup nahan, ku kituna 8 Maret 1942 pamaréntah Hindia Walanda taluk. Jepang ngabubarkeun partéi-partéi pulitik sarta kabéh organisasi kaasup Paguyuban Pasundan. Pikeun nyalametkeun kakayaan organisasi kasebut Otto ngadegkeunBadan Usaha Pasundan”.

Otto henteu bisa nyingcet gawé babarengan jeung pamaréntah Jepang. Otto diuk dina Putera (Pusat Tenaga Rakyat) di handapeun lulugu opat serangkai (Bung Karno, Bung Hatta, Ki Hadjar Dewantara sarta K.H.Mas Mansyur).

Saterusna Otto diangkat jadi anggotaJawa Hokokai”. Dina mangsa Jepang ngaresmikeun ngadegna “Peta” soldadu “Pembela Tanah Air“, Otto ngarojong usaha kasebut komo puterana, Sentot jadi anggahotana.

Kaéléh demi kaéléh anu dialaman ku Jepang taun 1943, ngabalukarkeun anjeuna miboga sikep meungkeut rahayat. Ku kituna dijieun hiji wadah anu disebut BPUPKI (Badan Penyelidik Usaha Persiapan Kemerdekaan Indonesia). Dina mimiti Agustus 1945 wadah éta dibubarkan sarta dijieun wadah anyar nyaéta “Panita Persiapan Kemerdekaan Indonesia” (PPKI), Otto diuk dina wadah ieu minangka anggahota.

Kaayaan ngembang gancang sarta dina tanggal 14 Agustus 1945 Jepang taluk ka Sekutu. Tilu poé saterusna dina tanggal 17 Agustus 1945 Bung Karno sarta Bung Hatta ngawakilam bangsa Indonésia ngaproklamasikeun Kamerdikaan Indonésia.

Tanggal 18 Agustus 1945, PPKI ngalakonan sidang pikeun ngesahkeun UUD anu ayeuna dipikawanoh UUD 45. Dina sidang, Otto ngusulkeun Bung Karno dipilih minangka Présidén sarta Bung Hatta minangka Wawakil Présidén.

Dina Kabinét RI kahiji anu ngawangun kabinét Presidentil, Otto diangkat jadi Menteri Negara. Di sabeulah éta manéhna ogé mingpin Badan Pembantu Prajurit, sarta aktip nyieun Badan Keamanan Rakyat” (BKR) anu jaga ngembang jadi “Tentara Keamanan Rakyat” (TKR) sarta saterusna jadi “Angkatan Bersenjata Republik Indonesia” (ABRI).

Dina dinten Rebo 31 Oktober 1945 Otto kadatangan sémah, sarta sémah kasebut ngajak ka hiji tempat. Taya curiga anjeuna minuhan paméntana, sarta saprak waktu éta pisan Otto henteu kungsi balik. Di poé kahareupnakeun dipikanyaho kaping 20 Désémber 1945, Otto dirogahala numutkeun sababaraha pedaran diculik ku “Laskar Hitam” di Pantai Masuk Banten sarta dimakamkan di Lembang. Minangka pangajén pamaréntah, Otto Iskandar Dinata dipasihan gelar Pahlawan Nasional.

Kiwari ngaran “Si Jalak Harupat” diabadikeun jadi Ngaran Stadion Sépak Bola di Soréang Kabupatén Bandung.

Image

Stadion Sépak Bola si Jalak Harupat Soréang Kabupatén Bandung

 

Hal-hal ngeunaan Otto Iskandar Dinata :

  • Sanggeus anjeunna ngabéréskeun pendidikananaa di Hogere Kweekschool (Sakola Guru Luhur), anjeunna langsung mutuskeun pikeun jadi saurang guru sarta ngajar di Hollandsch-inlandsche School.
  • Dina pengabdianana di HIS, anjeunna nerjunkeun diri ka organisasi Budi Utomo sarta jadi anggota Déwan Kota Pekalongan ngawakilan Budi Utomo. Minangka anggota Déwan Kota, anjeuna bajoang pikeun ngabenerkeun kahirupan rahayat.
  • Di Budi Utomo, junun nyieun pamaréntah Walanda hariwang ngeunaan ayana organisasi Budi Utomo.
  • Anjeunna bisa ngusulkeun ngadegnaSakola Kartini”.
  • Anjeunna bisa jadi pupuhu Paguyuban Pasundan, sarta di handapeun lulugu anjeunna, organisasi ieu beuki ngembang.
  • Taun1930 anjeunna dipilih jadi anggahota Volksraad (Déwan Rahayat), ngawakilan “Paguyuban Pasundan”. Alatan kawanina, anjeunna katelah “Si Jalak Harupat”. Anjeunna mecakan ngayakinkeun pamaréntah Walanda yén dina hiji waktu Indonésia pasti merdika.
  • Anjeunna bisa jadi anggota PPKI (Panita Persiapan Kamerdikaan Indonésia)
  • Anjeuna anu ngusulkeun Bung Karno dipilih minangka Présidén sarta Bung Hatta minangka Wawakil Présidén.
  • Dina Kabinét RI kahiji anu ngawangun kabinét Presidentil, Otto diangkat jadi Menteri Negara. Di sabeulah éta manéhna ogé mingpin Badan Pembantu Prajurit, sarta aktip nyieun Badan Keamanan Rakyat” (BKR) anu jaga ngembang jadi “Tentara Keamanan Rakyat” (TKR) sarta saterusna jadi “Angkatan Bersenjata Republik Indonesia” (ABRI).

Hal-hal anu bisa dijadikeun suri tauladan ti saurang Otto Iskandar Dinata :

  • Urang kudu bisa ngabdi ka Nagara kalayan gigih sarta pantang nyerah
  • Sok aktip dina widang Organisasi boh minangka anggota ogé minangka pupuhu.
  • Sok nyieun ideu-ideu hadé dina ngawangun atikan NKRI
  • Anjeunna miboga sumanget juang anu luhur.
  • Kawani anjeunna nampik pamaréntahan Walanda di Indonésia.

 

Ieu ringkesna ngeunaan anjeuna :

Pendidikan :

  • Hollandsch-Inlandsche School (HIS) Bandung
  • Kweekschool Onderbouw (Sekolah Guru Bagian Pertama) Bandung
  • Hogere Kweekschool (Sekolah Guru Atas) di Purworejo, Jawa Tengah

Karir :

  • Ketua Organisasi Paguyuban Pasundan
  • Anggota Volksraad (DPR pada masa Hindia Belanda)
  • Ketua Umum Persib Bandung
  • Menteri Negara Kabinet Presidensial (19 Agustus 1945 – 14 November 1945)

Pangajén / Penghargaan :

  • Pahlawan Nasional numutkeun Surat Keputusan Presiden Republik Indonesia No. 088/TK/Tahun 1973, tanggal 6 November 1973

 

Obah Basa : Andi Rustandi Sunarya
Dicutat tina sababaraha pedaran :
– Biografi Otto Iskandar Dinata (http://www.profil.web.id/2013/01/biografi-otto-iskandar-dinata.html)
– Merdeka.com (http://profil.merdeka.com/indonesia/r/r-otto-iskandardinata/)
– Wikipedia, Oto Iskandar di Nata (http://id.wikipedia.org/wiki/Oto_Iskandar_di_Nata)

Posted on June 17, 2014, in Pahlawan Tatar Sunda. Bookmark the permalink. 1 Comment.

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: