1.272 Babasan Paribasa Sunda

  1. Abang-abang lambé : Ukur ngagenahkeun batur wungkul.
  2. Abong létah teu tulangan : Ngomong henteu dipikir heula, tungtungna matak pikanyerieun batur.
  3. Adab lanyap : Jiga nu handap asor, daék ngahormat ka batur, tapi boga haté luhur, tungtungna sok ngunghak jeung kurang ajar, temahna batur loba nu teu resepeun.
  4. Adam lali tapél : Poho ka baraya jeung poho ka lemah cai.
  5. Adat kakurung ku iga : Adat goréng nu hésé dileungitkeunana.
  6. Adéan ku kuda beureum : Beunghar ku barang titipan atawa ginding ku pakéan batur, atawa agul ku banda batur.
  7. Adigung adiguna : Géde hulu, boga rasa leuwih ti batur, kaciri dina laku lampahna jeung omonganana.
  8. Agul ku payung butut : Ngagulkeun luluhur sorangan,Jalma nu sok agul nyaritakeun yen manehna turunan menak baheula, sanajan ayeuna hirupna taya kaboga.
  9. Akal koja : Pinter dina kagoréngan atawa kajahatan.
  10. Aki aki tujuh mulud : Lalaki nu geus kolot pisan.
  11. Aku aku angga : Ngaku barang batur kalawan ngandung maksud hayang mibanda ngaku baraya batur anu beunghar atawa jeneng, mamrih kahormatan atawa kauntungan.
  12. Aku panggung : Daréhdéh jeung méré mawéh, ngan hanjakal ku ieu aing asa pangpunjulna, pangbeungharna jste.
  13. Alak paul : Tempat anu lain dikieuna, ngeunaan jauhna jeung pisusaheunana.
  14. Alak – alak cumampaka : Resep jeung hayang dipuji batur, boga rasa pangpunjulna. Anu handap hayang nyaruaan nu luhur, nu hina hayang nyaruaan nu mulya.
  15. Allah mah tara nanggeuy ti bongkokna : Allah moal mihak ka jalma nu boga dosa.
  16. Along – along bagja : Teu tulus meunang bagja.
  17. Alus laur hade omé :Tegep dedeg pangadegna.
  18. Alus panggung : alus laur hade omé : Tegep / hadé dedeg pangadegna.
  19. Ambek nyedek tanaga midek : Ari napsu pohara gédéna, ngan masih bisa mépér diri, rék ngalawan tapi henteu walakaya
  20. Ambek sadu santa budi : Saléh haté, lemes budi, sabar darana.
  21. Ambekna sakulit bawang : Gampang pisan ambek, jeung mun geus ambek teu reureuh sakeudeung.
  22. Ambon sorangan : Bogoh sosoranganan, teu dilayanan.
  23. Amis budi : Hadé budi parangi, someah, mun nyarita sok dibarung ku imut.
  24. Amis daging : Babari pisan katerap kasakit
  25. Anak dua keur gumunda : Awéwé nu karék boga anak dua, keur meujeuhna tegep, pikabogoheun.
  26. Anak hiji keur gumeulis : Awéwé nu karek boga anak hiji, katenjona teh sok beuki geulis bae, komo nu bisa ngurus awak mah.
  27. Anak merak kukuncungan : Kahadéan atawa kagorengan anak ngala ka indung-bapana.
  28. Anak puputon : Anak nu kacida didama-damana, nu pohara dipikanyaah.
  29. Anak tilu keur kumusut : Upama geus boga anak tilu, awéwé nu teu bisa ngurus awak katenjona sok karusut, geus teu pati luis.
  30. Anggeus – anggeusan : Bébéakan.
  31. Anjing ngagogogan kalong : Mikahayang nu lain lain, nu pamohalan pilaksanaeun
  32. Anu borok dirojok, anu titeuleum di simbeuh : Mupuas kanu keur cilaka.
  33. Apal cangkem : Apal tapi teu nyaho hartina.
  34. Ari diarah supana, kudu dipiara catangna : Naon baé nu méré hasil ka urang kudu diurus bener bener.
  35. Ari umur tunggang gunung, angen angen pecat sawed : Ari umur geus kolot tapi kahayang kawas nu ngora.
  36. Ari diarah supana, kudu dijaga catangna : Ari aya barang nu diala hasilna kudu daek ngurusna.
  37. Asa aing uyah kidul : Boga rasa panggindingna, pangkasépna, pangtegepna atawa pangpunjulna.
  38. Asa bucat bisul : Ngarasakeun lugina sanggeus ngaréngsékeun pagawéan anu beurat, atawa sanggeus lesot tina kasusah.
  39. Asa dijual payu : Ngungun duméh nyorangan di panyabaan, jauh ti indung bapa.
  40. Asa dijual teu payu : Cuang-cieung euweuh batur lantaran ditinggalkeun di panyabaan ku anu ngajakna.
  41. Asa dipopokan tai : Ngarasa pohara diwiwirangna.
  42. Asa dipupuk birus : Ngarasa tibra haté.
  43. Asa ditonjok congcot : Kacida atohna, meunang kabungah nu gedé, anu saenyana teu diarep arep.
  44. Asa ditumbu umur : Boga rasa kahutangan budi anu pohara gedéna.
  45. Asa euweuh beungeutan : Kacida érana.
  46. Asa kabur pangacian : Kacida reuwasna, nepi ka teu puguh cabak; asa leungit sumanget
  47. Asa kagunturah madu kaurugan menyan putih :Kacida bungahna jeung kacida bagjana.
  48. Asa katindihan langit : Henteu aya harepan.
  49. Asa kiamat : Pohara sedihna jeung susah luar biasa.
  50. Asa mobok manggih gorowong : Kabeneran aya jalan pikeun ngahasilkeun usaha nu keur dipaju.
  51. Asa nanggeuy endog beubeureumna : Kacida nyaahna.
  52. Asa nyanghulu ka jarian : Teu ngeunah rasa lantaran kudu nga-dunungan ka jalma nu sahandapeun pangartina atawa harkat darajatna.
  53. Asa peunggas rancatan : Leungiteun batur nu sok nalang dina pagawéan.
  54. Asa potong leungeun katuhu : Leungiteun jalma nu pohara hade galena.
  55. Asa rawing daun ceuli : Mindeng ngadéngé omongan anu henteu ngeunah.
  56. Asa runtag bumi alam : Asa lebur kiamat;
  57. Asa tungkeb bumi alam : Kacida bingungna.
  58. Asak jeujeuhan : Dipikiran heula masing anteb.
  59. Asak warah : Hadé atikan, basa jeung paripolahna merenah.
  60. Atah adol : Kurang ajar, kurang pangawarah.
  61. Atah anjang : Langka silih anjangan.
  62. Atah warah : Kurang atikan, sabalikna tina asak warah.
  63. Ateul biwir : Sok géték hayang baé ngomong sanajan teu perlu dicaritakeun.
  64. Ateul dampal leungeun : Gereget hayang nampiling.
  65. Ati mungkir beungeut nyanghareup : Caritaan jeung kalakuan henteu terus nepi kana haté, sabab di hareupeun hadé di tukangeun ngagorengkeun
  66. Atung énéh atung énéh : Kitu-kitu kénéh.
  67. Aub payung sabet panon soba soba : Nuduhkeun watesan pakuwon, sabasoba wewengkon, ngeunaan tanah.
  68. Awak kawas badawang : Jangkung gedé teu matut.
  69. Awak sabeulah : Henteu boga salaki atawa pamajikan.
  70. Awak sampayan : Make pakéan kumaha oge pantes baé.
  71. Awak satilas : Jangkung lenjang.
  72. Awét jaya :  Katénjona siga ngora baé.
  73. Awét rajét : Dilarapkeun ka nu laki-rabi, lana tapi réa pacéngkadanana.
  74. Awéwé dulang tinandé : Awéwé nurutkeun kumaha kahayang salaki.
  75. Awéwé mah tara cari ka Batawi : Awéwé mah tara nyiar kipayah.
  76. Awi sadapuran tara lempeng kabéh : Najan sarua saturunan, tapi perkara milik jeung rejeki mah tara sarua.
  77. Aya astana sajeungkal : Datangna ajal teu gumantung kana umur panjang, anu mustahil ogé bisa kajadian.
  78. Aya bagja teu daulat : Arék meunang bagja atawa kauntungan tapi teu tulus.
  79. Aya cukang  komo meuntas : Kabeneran aya cukang lantaran pikeun gancang-gancang ngalaksanakeun pamaksudan.
  80. Aya dina sihung maung : Kulantaran loba kawawuh gegedén, dina aya karerepet atawa kaperluan penting gampang naker meunang pitulungna.
  81. Aya gantar kakaitan : Aya hal anu teu sapuk jeung haténa tapi teu dikedalkeun, henteu iklas pisan; atawa aya perkara atawa kajadian riaon-naon nu pasambung jeung kajadian anu ti heula.
  82. Aya haté kadua leutik naksir.
  83. Aya jalan komo meuntas : Aya kahayang aya nu ngajak nepi ka maksud urang gancang kalaksanakeun.
  84. Aya jalan komo meuntas : Aya cukang lantaran pikeun gancang-gancang ngalaksanakeun pamaksudan.
  85. Aya jodo pakokolot : Bisa ngajodo sanggeus papada kolot.
  86. Aya jurig numpak kuda : Aya milik nu teu di sangka-sangka.
  87. Aya nu dianjing cai : Aya nu diarep-arep atawa dihéroan. Kecap héro murwakanti jeung séro, ari séro nu disebut anjing cai téa.
  88. Aya peurah aya komara : Aya harega, aya pangaji.
  89. Ayakan tara meunang kancra : Nu bodo jeung nu pinter moal sarua darajatna jeung panghasilanana.
  90. Ayak – ayak béas, nu badag moncor nu lembut nyangsang : Nuduhkeun kaayaan anu teu sawajarna upamana baé anu dihukum téh anu teu pira kasalahanana, ari nu gedé kasa-lahanana teu dihukum.
  91. Ayang – ayangan : Tumerap kana perkara anu réa rambat kamaléna.
  92. Ayem tengtrem : Euweuh kaributan atawa bancang pakewuh.
  93. Ayeuh ngora : Tumerap kana turunan nu maraot ngora-ngora.
  94. Babalik pikir : Ngarobah lampah goreng kana hadé.
  95. Babon kapurba ku jago = Awéwé kudu nurut ka salaki.
  96. Bagja kamanyangan : Bagja gedé.
  97. Bahé carék : Gampang nyarékan.
  98. Balabar kawat : Saémbara.
  99. Balég tampélé : Mojang anu keur mangkat begér, tapi éraan kénéh lamun panggih jeung lalaki.
  100. Bali geusan ngajadi : Lembur matuh, tempat dilahirkeun.
  101. Bali pépéh : Nu gering teu daék cicing.
  102. Balik jarami : Ngagarap sawah anu kakara anggeus dipibuatan.
  103. Balik ka temen : Asal banyol jadi paséa.
  104. Balik ngaran : Maot di lembur batur.
  105. Balung kulit kotok meuting : Kanyeri baheula ten leungit – leungit, henteu beresih pisan haténa, masih kénéh ngunek-ngunek.
  106. Balungbang timur, caang bulan opat belas, jalan gedé sasapuan : Nuduhkeun rido jeung beresih haté.
  107. Bancang pakewuh : Pikasusaheun, picilakaeun.
  108. Banda sasampiran, nyawa gagaduhan : Ulah boga angkeuhan yén banda jeung nyawa bisa diatur ku urang.
  109. Banda tatalang raga : Leuwih hade ngorbankeun harta, tibatan cilaka awak.
  110. Bangkong koléntang : Sagala euweuh, teu boga duit pisan.
  111. Banténg ngamuk gajah meta : Kajadian atawa ririweuhan anu dipikasieun jeung dipikagigis.
  112. Banting tulang : Digawé popohoan, toh tohan.
  113. Bapa héman : Taya panarima, taya pamales budi ka nu geus nyieun kahadéan.
  114. Batan kapok kalah gawok : Batan eureun kalah maceuh.
  115. Batok bulu eusina madu : Henteu cocog jeung panénjo; ninggang lain pitempateunnana.
  116. Batok kohok piring semplék : Paparabotan nu taya hargana.
  117. Batu turun keusik naék : Cangkang sisindiran nu hartina itu purun kuring daék, dilarapkeun ka jalma anu sarua micintana.
  118. Batur ngalér ieu ngidul : Lain-lainna deui jeung nu keur diomongkeun ku batur.
  119. Bau-bau sinduk : Baraya kénéh sanajan laér.
  120. Béak déngkak : Sagala ikhtiar geus diusahakeun tapi teu hasil baé.
  121. Béar budi : Gumbira.
  122. Bébék ngoyor di sagara, rék nginum néangan cai : Lubak-libuk tapi henteu bisa kapaké lantaran lain hakna.
  123. Bedah bendungan : Kalah wowotan ku gogoda nu pohara.
  124. Béja mah béjé : Béja ulah waka dipercaya.
  125. Belang bayah gindi pikir : Boga pikiran goréng ka papada kawula.
  126. Béngkok tikoro : Teu kabagéan kadaharan istiméwa, lantaran teu datang atawa geus béakeun mantén.
  127. Bengkung ngariung bongkok ngaronyok : Babarengan sok sanajan dina hina, rugi, atawa cilaka.
  128. Bentik curuk balas nunjuk, capétang balas miwarang : Kabisana ngan nitah, teu daék prak sorangan.
  129. Beungeut nyanghareup ati mungkir : Henteu terus jeung haté.
  130. Beunghar memeh boga : Loba kahayang nu teu saimbang jeung kaayaan dirina.
  131. Beurat birit : Hésé jeung sungkan dititah, kedul.
  132. Beurat nyuhun beurat nanggung, beurat narimakeunana : Pohara narimakeunana kana pitulung, ngan teu kawasa ngedalkeun ku lisan atawa tulisan, anging Gusti nu ningali.
  133. Beureum paneureuy : Hesé pisal hasil kana maksud
  134. Beuteung anjingeun : ngeunaan ka jelema nu beuteungna gedé ka luhur cara/siga beuteung anjing.
  135. Beuteung mutiktrik berekat meunang : Dahar seubeuh di nu hajat, ari balik mawa berekat.
  136. Beuteung si eta mah ruas bungbas : Teu aya kaseubeuhan.
  137. Bihari ngalingling pasir, ayeuna ngalanglang pasar : Jaman geus robah, jelema ogé loba nu ganti pacabakan, atawa robah-robah tingkah lakuna.
  138. Bilatung ninggang dagé : Jelema teu jujur meunang kadudukan atawa kasempetan anu matak nguntungkeun keur dirina; Bungah pisan.
  139. Bilih aya turus bengkung : Bisi salah pokpokanana.
  140. Birit aseupan : Jelema nu diukna teu daék cicing, nyanggéyéng ka ditu, nyanggéyéng ka dieu.
  141. Birit supaheun : Teu daék cicing.
  142. Bisa ka bula ka balé : Bisa campur jeung jelema ti rupa-rupa golongan, atawa bisa gawé kasar jeung gawé lemes.
  143. Bisa lolondokan : Bisa nuturkeun adat sakarep batur supaya akur, bisa ula-ilu.
  144. Bisi aya ti cai ti geusan mandi : Bisi aya nu kasigeung atawa katoél mamaras rasana.
  145. Biwir nyiru rombéngeun : Resep mukakeun rasiah sorangan atawa rasiah batur.
  146. Biwir sambung lemek, suku sambung léngkah : Darma nepikeun maksud batur, lain niat sorangan.
  147. Bluk nyuuh blak nangkarak : Kabina bina rajina dina enggoning nyiar kipayah.
  148. Bobo sapanon carang sapakan : Teu puguh undak-usukna, teu beres entep seureuhna; éta babasan sok dipaké pamungkas carita, sasadu bisi salah pok-pokanana atawa peréléanana.
  149. Bobor karahayuan : Henteu rahayu, henteu salamet, meunang kacilakaan atawa tiwas, katarajang apes
  150. Bobot pangayon timbang taraju : Pangadilan, timbangan nu adil.
  151. Bobot pangayun timbang taraju : Kabéh anu dipigawé kudu pinuh tinimbangan.
  152. Bobot sapanon carang sapakan : Aya kuciwana, lantaran aya kakuranganana atawa karuksakanana.
  153. Bodo alewoh : Jalma anu teu boga kanyaho tapi daék tatanya (aya kahayang ngarah nyaho).
  154. Bodo katotoloyoh : Jalma anu tei boga kanyaho tur euweuh kahayang keur tatanya, tara daék nurut kana naséhat batur
  155. Boga pikir rangkepan : Henteu bolostrong, henteu ujug-ujug percaya kana omongan batur anu manis.
  156. Boga sawah saicak : Boga sawah saeutik.
  157. Bogoh nogéncang : Bogoh sosoranganan, teu dilayanan.
  158. Bojo dénok sawah ledok : Hirup senang lantaran boga pamajikan tegep jeung banda cukup.
  159. Bongkok meongeun : Semu bengkung ka tukang palebah cangken.
  160. Bonténg ngalawan kadu : Nu leutik ngalawan nu gedé.
  161. Borangan ku surak : Eraan dina gempungan jalma réa.
  162. Bru di juru, bro di panto, ngalayah di tengah imah : Jalma beunghar nepi ka barangteundeun teu puguh tempatna sabab barangna loba.
  163. Bubu ngawaregan cocok : Méré naséhat atawa nyieun aturan anu balukarna nguntungkeun sorangan.
  164. Buburuh nyatu diupah béas : Nyiar pangarti tur diburuhan atawa digajih, meunang dua rupa kauntungan
  165. Budak bau jaringao kénéh : Budak can aya kanyaho, budak olol lého.
  166. Budak keur meujeuhna dulang : Budak keur meujeuhna beuki dahar.
  167. Budak olol lého kénéh : Pamoyok ka jalma ngora nu tacan boga pangalaman dina pagawéan.
  168. Budak rodék hulu : Budak can aya kanyaho.
  169. Budi santri, légég lebé, ari lampah euwah euwah : Ari laku lampah mah kawas santri tapi saenyana mah jahat.
  170. Bujang jénggléngan = Jajaka tulén sarta tegep.
  171. Bujang tarangna : Lalaki anu can kawin geus teu bujang deui.
  172. Bulan alaeun : Kakandungan anu geus nincak salapan bulan.
  173. Bulu taneuh : Tukang tani, patani.
  174. Buluan belut, jangjangan oray : Pamohalan kajadian.
  175. Buncir leuit loba duit : Beunghar, taya kakurang.
  176. Bungah amarwatasuta : Bungah sagedé anak gunung, bungah pisan.
  177. Bungbulang tunda / tunda talatah : Lamun dititah tara sok pék ku manéh, tapi sok nitah deui ka batur.
  178. Buntu laku : Teu bisa neruskeun usaha atawa pagawéan.
  179. Buntut kasiran : Korét, medit, ngeupeul, tara pisan daék barangbéré.
  180. Bur beureum bur hideung, hurung nagtung siang leumpang : Ginding, loba pakéan anu aralus dipaké, salilana ginding
  181. Buruk-buruk papan jati : Hadé goréng dulur sorangan, sanajan ngéwa atawa ngambek ka dulur (baraya) anu landes, tapi ari manéhna meunang karerepet mah, teu weléh hayang nulungan jeung ngahampura kasalahanana. Teu tega ngantep.
  182. Burung palung dulur sorangan : Sanajan ngewa/ambek ka dulur/ baraya nu landes, ari manéhna meunang karerepet mah teu weléh hayang nulungan jeung ngahampura kasalahanana,henteu ngantep.
  183. Buta térong : Pamoyok ka jelema nu goreng patut, katurug-turug sagala beuki.
  184. Buta tuli :Teu nyaho naon-naon.
  185. Caang bulan dadamaran : Migawé nu kurang mangpaat.
  186. Caang bulan opat welas, jalan gedé sasapuan : Rido pisan.
  187. Caang padang narawangan : Caang pisan atawa bisa nénjo ku panon batin ka tempat gaib.
  188. Cacag nangkaeun : Hanteu bérés, hanteu rata, henteu sampurna.
  189. Cacah rucah atah warah : Somah nu dianggap taya ajénna sarta bodo.
  190. Cacarakan : Kakara diajar, tacan bisa bener.
  191. Cadu mungkuk haram dempak : Sumpah yén bener-bener embung, atawa moal ngalampahkeun salah sahiji perkara.
  192. Cai asa tuak bari, kejo asa catang bobo : Sagala teu ngeunah lantaran keur susah atawa keur gering. Cai di hilir mah kumaha ti girangna Rahayat leutik sok nyonto kalakuan parningpinna.
  193. Caina hérang laukna beunang : Hasil maksud ku cara lantip bari teu aya pacéngkadan.
  194. Campaka jadi di reuma : Nu geulis urang kampung/lembur lain pipanteseunana aya di pasisian. Campur kaya Tepung kaya atawa kaya reujeung kaya, harta banda babarengan nu rimbitan.
  195. Cangkir emas eusi delan : Omonganana mah alus nepi ka urang jadi percaya jeung kataji, tapi haténa jahat jeung matak bahaya ka urang.
  196. Cara bueuk meunang mabuk : Ngeluk baé, teu lémék teu carék, euweuh hojah, euweuh karep, euweuh kahayang sabab éra atawa sieun.
  197. Cara gaang katincak : Anu tadina ramé kacida, ayeuna mah jadi jempling pisan.
  198. Cara hurang, tai ka hulu-hulu : Bodo pisan.
  199. Cara jogjog mondok : Carékcok baé, mani gandéng naker.
  200. Cara simeut hiris, tai kana beuheung beuheung : Pohara bodona, beunang dibobodo atawa ditipu ku batur.
  201. Carang takol : Jelema anu langka pisan ngomong, ari teu perlu-perlu teuing mah.
  202. Carincing pageuh kancing, saringset pageuh iket : Ngajaga kaamanan, mageuhan tulak jeung sajabana, bisi aya bancang pakewuh.
  203. Cécéndét mandé kiara : Nu leutik hayang nyaruaan anu gedé, nu miskin hayang nyaruaan nu beunghar.
  204. Céplak pahang : Satarabasna teuing kajeun matak nyeri haté batur.
  205. Ceuli léntaheun : Sok gancang nyaritakeun ka batur naon baé anu kadéngé, turtaning tacan karuhan éta béja téh bener henteuna.
  206. Cicing dina sihung maung : Nganjrek di jelema anu nyusahkeun atawa bakal nyilakakeun ka diri urang.
  207. Cikal bugang Cikal hirup :  anu pangheulana gugur di médan perang.
  208. Cikaracak ninggang batu laun laun jadi legok : Ku dileukeunan mah sakumaha héséna ogé lila lila jadi bisa.
  209. Cilaka dua belas : Cilaka pohara.
  210. Cileuncang mandé sagara, cécéndét mandé kiara, hunyur nandéan gunung : Nyaruaan ka jelema anu saluhureun harkatna, darajatna atawa pangabogana.
  211. Ciri sabumi cara sadésa : Béda tempatna, beda deui adat jeung kabiasaanana.
  212. Clik putih clak herang : Kaluar tian haté anu beresih, rido pisan, teu aya geuneuk maleukmeuk.
  213. Congo congo ku amis, mun rek mais oge puhuna : Kumaha arék bageurna dinu jadi anak, lamun kolotna henteu bageur, henteu nyontoan.
  214. Cruk-crék : Gunta-ganti pamajikan.
  215. Cucuk rungkang : Perkara leutik atawa teu pira, tapi lamun diantep bisa ngaganggu kana urusan anu gedé.
  216. Cueut ka hareup : Téréh maot, geus kolot.
  217. Cueut ka nu hideung, ponténg ka nu konéng : Teu adil, pilih kasih.
  218. Cukang tara néangan nu ngising : Nu hayang ditulungan sapantesna datang ku maneh kanu rék dipéntaan tulung.
  219. Cukup belengur baraga naya : Resep mere ka batur, bari teu ngingetkeun kaperluan sorangan.
  220. Cul dogdog tanggel igel : Ninggalkeun gawé baku lantaran ngalampahkeun pagawéan séjén nu teu aya hasilna.
  221. Daék macok embung dipacok : Jelema nu hayang meunang  sorangan, daék menta embung dipénta.
  222. Dagang oncom rancatan emas : Ari modalna gedé kacida, ngan batina anu diarah teu sabaraha / kacida leutikna.
  223. Dah bawang dah kapas : Tah barangna tah duitna, jual beuli kontan.
  224. Dahar kawas meri : Uprat-apreé jeung ngaréméh.
  225. Dahar soré henteu isuk : Ngagambarkeun jalma miskin anu henteu bisa dahar dua kali sapoé, biasana digunakeun dina carita atawa dongéng.
  226. Daharna sakésér daun : Daharna mindeng pisan.
  227. Daluang katinggang mangsi : Susuganan katuliskeun aya jodo (waris).
  228. Datang katénjo tarang, undur katénjo punduk :Tatakrama nu amit-amitan, nembongkeun yén taya geuneuk maleukmeuk atawa teu sérong salingkuh.
  229. Datang katingali tarang, undur katingali punduk : Datang kanyahoan, balik (indit) oge kanyahoan, menta idin heula.
  230. Dedeg sampé rupa hadé : Ngagambarkeun dedeg pangadeg budak ngora (lalaki) anu pikaresepeun nu nénjo, pangpangna awéwe.
  231. Dédéngé tara : Kadéngé sawaréh atawa dedengean anu teu pati tétéla.
  232. Déngdék tapi maliding sanak : Pilih kasih, teu adil.
  233. Désa maca cara nagara mawa tata : Ngagambarkeun yén kaayaan jeung adat kabiasaan di désa jeung kota (nagara) téh béda-béda.
  234. Deugdeug tanjeuran pada ngadeugdeug : Pada nongton, jadi tongtonan kulantaran pinter dina kasenian.
  235. Deukeut deukeut anak taleus : Ari imahna mah puguh padeukeut, ngan hanjakal teu nyaho tibaréto yén baraya.
  236. Deungeun-deungeun haseum : Taya baraya saeutik-eutik acan.
  237. Di bawah tangan : Teu maké saksi ti pihak nu resmi.
  238. Dianakterekeun : Disapirakeun.
  239. Diangeuncareuhkeun : Diantep henteu didahar.
  240. Dibabuk lalay : Dibabukan kawas lalay, ngababukan ngénca-ngatuhu.
  241. Dibejerbéaskeun : Diécéskeun atawa dijéntrékeun pisan.
  242. Dibéré sabuku ménta sajeungkal, dibéré sajeungkal ménta sadeupa : Lantaran dibéré wani saeutik, jadi beuki loba pamentana sarta nyalutak .
  243. Dibeuleum seuseur : Diburu-buru sina anggeus.
  244. Dibeuteungan nyusu : Dieureunan nyusu, dipesat.
  245. Dibeuweung diutahkeun : Dipikir dibulak-balik.
  246. Dibilang peuteuy : Dibilang hiji-hiji.
  247. Didagoan ku sééng nyéngsréng : Dipikabutuh ayeuna.
  248. Didago-dago tilewu : Hanas didagoan, ari pék teu datang.
  249. Didingding kelir : Dibuni-buni atawa dirusiahkeun.
  250. Dihin pinasti, anyar pinanggih : Baheula ditangtukeunana, ngan kakara ayeuna kalakonanana atawa kapanggihna.
  251. Dijieun hulu teu nyanggut, dijieun buntut teu ngépot : Teu beunang dijeujeuhkeun, tara eucreug baé.
  252. Dijieun lalab rumbah : Disapirakeun, henteu diajénan.
  253. Dikepung wakul buaya mangap : Dikepung ku musuh anu samakta ku pakarangna.
  254. Dikerid peuti : Dibawa kabéh saeusi imah atawa kampung.
  255. Dikojayan : Ditulungan tina karurubed
  256. Dikungkung teu diawur, dicangcang teu diparaban : Ari dipegat mah teu acan, ngan geus teu dipeutingan jeung teu dibalanjaan.
  257. Diperih pati turta gawé : Dibéré papancén nu kacida beuratna, bisa jadi kudu nemahan pati.
  258. Dipiamis buah gintung : Disangka hadé jeung bageur tapi buktina goreng jeung jahat.
  259. Dipisudi méré budi : Dipiharep kalah ngambek, ngabaeudan.
  260. Disakompét daunkeun, dihurun suluh : dihijikeun baé, disaruakeun baé, teu dibéda béda.
  261. Disiksik dikunyit-kunyit, dicacag diwalang-walang : Dihukum pati, dihukum beurat pisan.
  262. Disuhun dina embun-embunan : Ditarimakeun pisan.
  263. Disusul tepus : Ditéangan terus, nepi ka beunang .
  264. Ditangtang diténgténg dijieun bonténg sapasi : Dialak ilik lantaran dianggap anéh.
  265. Ditéték nepi ka bubuk leutikna : Diterangkeun kalawan écés sagala rupana, henteu aya anu disumput salindungkeun;
  266. Ditilik ti gigir lenggik, disawang ti tukang lenjang, diteuteup ti hareup sieup : Kekecapan keur awéwé anu kacida geulisna, taya cawadeunana.
  267. Ditincak hulu : Dihina lain lumayan
  268. Ditiung méméh hujan : Kudu iatna saméméh cilaka
  269. Ditiung sanggeus hujan : Kakara iatna sanggeus karuhan cilaka, lain saméméhna nyegah picilakaeun.
  270. Dogdog pangréwong : Jalma nu mantuan pagawéan tamba lumayan, teu boga tugas nu penting.
  271. Dogong dogong tulak cau, geus gedé dituar batur : Ngantian jeung mahugi parawan ti keur leutik kénéh, sugan diparengkeun ku nu kawasa jadi pipamajikaneun, na ari geus gedé dikawin batur, atuh hésé capé taya gawé.
  272. Dosa salaput hulu : Dosa nu kacida lobana.
  273. Dug hulu pet nyawa : Digawé henteu ngingetkeun kacapé ku sabab hayang nyiar napakah keur anak pamajikan nu cukup.
  274. Dug tinetek : Digawé beurat meh taya eureunna.
  275. Dulang tinandé : Awéwé mah nurutkeun baé, kumaha diaturna jeung diparéntahna ku nu jadi salami.
  276. Duum tinggi : Ngabagikeun naon naon henteu kalawan adil aya nu loba, aya nu saeutik.
  277. Eléh déét : Ngéléhan manéh.
  278. Elmu ajug : Jalma nu biasa mapatahan kahadean ka batur, ari sorangan henteu bisa ngamalkeunana.
  279. Elmu angklung : Jolédar atawa patukang tonggong jeung kolot.
  280. Elmu kepek : Pituduh tina buku atawa kitab anu acan diprakkeun ku sorangan.
  281. Elmu sapi : Samiuk (ngahiji) kana kagoréngan, guyub dina hal nu kurang hadé.
  282. Elmu tumbila : Nu boga imah ngarugikeun ka tatamu.
  283. Elmu tungtut dunya siar, sukan-sukan sakadarna : Hirup kudu nungtut nyiar élmu pikeun kasalametan dunya ahérat sarta kudu siger tengah.
  284. Elok bangkong : Nuju sakarat, ngan kari tunggu dawuh baé.
  285. Embung kakalangkangan : Embung kaéléhkeun.
  286. Endog sapatarangan, peupeus hiji, peupeus kabéh : Kasusah atawa karerepet anu tumiba ka dulur, baraya atawa sobat, balukarna ngabingungkeun atawa nyusahkeun ka saréréa.
  287. Endog tara megar kabéh : Najan saindung sabapa henteu sarua milikna, rejekina atawa darajatna.
  288. Era parada : Era ku lampah atawa omongan batur, nu matak aéb.
  289. Galagah kacaahan : Nganteur atawa ngalajur napsu kabawa ku batur.
  290. Galak sinongnong : Lalaki nu mimiti aya sir ka awéwé, tapi can wani adu hareupan.
  291. Galak timburu : Babari timburuan. Awéwé nyangka nyéléwér ka salakina atawa sabalikna.
  292. Galéhgéh gado : Daréhdéh, soméah, akuan tapi henteu terus kana haté.
  293. Gancang pincang : Kulantaran digawéna buru buru jeung kurang tarapti hasilna teh teu nyugemakeun.
  294. Gandrung kapirangrung : kaayaan jalma anu kaédanan.
  295. Gantung déngé : Henteu terus bisa ngadéngékeun hiji perkara jeung pohara hayangna neruskeun ngadengekeun.
  296. Gantung teureuyeun : Hanteu terus daharna sabab dahareunana geus béak atawa daharna kapaksa kudu eureun heula ku lantaran aya dahareun nu didagoan.
  297. Garo maling : Boléksék henteu dihaja, urut gagaro keur saré.
  298. Garo mengmengan : Euweuh kasabaran.
  299. Garo singsat : Samar polah henteu sabar ku sabab nu didagoan henteu jol baé. Nu sok digambarkeun garo singsat mah awéwé.
  300. Garo-garo teu ateul : Gagaro lain ku lantaran ateul, tapi ku sabab bingung pilakueun, biasana anu digarona téh tukangeun ceuli.
  301. Gedé cahak manan cohok : Leuwih loba ngaluarkeun duit batan panghasilan.
  302. Gedé gedé kayu randu, dipaké pamikul bengkung, dipaké lincar sok anggang, dipaké pancir ngajédig : Ngeunaan ka jelema anu jangkung harelung tur dedeg ngan hanjakal gawéna jeung karajinanana goréng.
  303. Gedé gunung pananggeuhan : Adigung kulanatran boga kolot atawa baraya baleunghar atawa jareneng.
  304. Gedé hulu : Adigung, sombong.
  305. Geledug ces : Ukur ramé mimitina wungkul, ka dituna mah jadi tiiseun.
  306. Gemah ripah loh jinawi : Gegek cacah jiwana sarta raharja. Genténg-genténg ulah potong Sanajan hasilna teu sabaraha, keun bae tinimbang luput.
  307. Gentel keak : Budak anu méh tara lesot ti indungna, mun dilésotkeun sok ceurik.
  308. Gereges-gedebug : Ngalampahkeun pagawéan teu karana dipikir panjangheula.
  309. Gering nangtung  ngalanglayung : Henteu gering parna, tapi sehat bener oge henteu ngalanglayung.
  310. Getas harupateun, pingges harepan : Babari ambek, gampang pisan nyalahkeun atawa ngahukum ka batur.
  311. Geugeut manjahan : Ngogo ka budak tapi ari ambek gampang nyarékan, ngan henteu nepi ka meupeuh atawa neunggeul.
  312. Geulis sisi, laur gunung, sonagar huma : Awéwé anu rupa tegep ngan dangong dusun meledug.
  313. Geus apal luar jerona : Geus nyaho kana kalakuan jeung tabéatna.
  314. Geus aya dina pésak : Geus nyaho pisan kana sarupaning perkara.
  315. Geus bijil bulu mayang : Geus mimiti balég (ka lalaki).
  316. Geus cueut ka hareup : Geus kolot, geus liwat satengah tuwuh.
  317. Geus cumarita : Geus kawin sarta imah-imah sorangan, geus misah ti kolot.
  318. Geus euweuh pangabetah : Geus henteu aya nu matak betah.
  319. Geus labuh bandéra : Perkara anu geus diputus.
  320. Geus nyanghulu ngalér : Geus maot.
  321. Gindi pikir belang bayah : Goréng haté, dolim, julig , dengki, resep nyilakakeun batur.
  322. Ginding bangbara : Resep gigindingan jeung royal ngarah katénjo ku batur, tapi di imah kékéréhét
  323. Ginding kakampis : Ari paké mah ginding ngan duit teu boga.
  324. Giri lungsi tanpa hina : Nu luhur jeung nu handap sarua baé ulah dihina.
  325. Goong nabeuh manéh : Ngagulkeun diri sorangan.
  326. Goong saba karia : Datang ka nu hajatan bari teu diondang, maksudna sangkan kaarah gawé tur seubeuh baranghakan.
  327. Goréng sisit : Goréng milik.
  328. Goréng sopak : Jelema goréng patut.
  329. Gugon tuhon : Kukuh, boh ka dunungan, boh kana adat kabiasaan atawa kapercayaan.
  330. Gulak-giluk kari tuur, hérang-hérang kari mata, teuas-teuas kari bincurang : Asal beunghar jadi miskin, bandana teu ngari saeutik-eutik acan.
  331. Gunung hapitan sela : Budak awéwé nu boga lanceuk lalaki hiji jeung adi lalaki hiji (sabalikna tina sela hapitan gunung).
  332. Gunung luhur beunang diukur/ laut jero beunang diteuleuman, tapi haté jalma najan déét moal kakobét : Nganyahokeun eusi hate  jelema anu dirasiahkeun mah kacida héséna.
  333. Gunung tanpa tutugan, sagara tanpa tepi : Euweuh anggeusna, euweuh béakna, euweuh tungtungna.
  334. Gurat batu : Pageuh dina nyekel omongan atawa pamadegan, teguh tangtungan.
  335. Gurat cai : Babari ngarobah omongan/jangji nu geus diucapkeun. Cidera kana jangji. Sabalikna tina gurat batu.
  336. Gusti Alloh tara nanggeuy dibongkokna : Gusti Alloh tara nangtayungan ka mahlukna anu salah atawa boga dosa ka papada kawula.
  337. Guyur salelembur éar sajajagat : Pohara geunjleungna,
  338. Hadé gogog hadé tagog : Hadé basa, budi jeung hadé sikepna, apal kana tata-titi.
  339. Hade ku omong goreng ku omong : Omongan nu hadé balukarna hadé jeung omongan nu goréng, goréng deui balukarna. sagala rupa perkara biasana dianggap hadé atawa goréng ku batur gumantung kana caritaan urang atawa basa anu dipaké ku urang.
  340. Halodo sataun lantis ku hujan sapoé : Kahadéan anu sakitu gedéna tur lilana leungit pisan ku kagoréngan atawa kasalahan sapoé.
  341. Hambur bacot murah congcot : Goréng sungutna jeung sok mindeng nyarékan deuih tapi béréhan sok daék barangbéré dahareun.
  342. Hampang birit : Gampang jeung daékan dititah.
  343. Hampang leungeun : Gampang neunggeul.
  344. Hampang omong batan goong = Béja mah sok babari pisan sumebarna.
  345. Handap asor : Daék ngahargaan atawa ngahormat ka batur.
  346. Handap lanyap : Hadé basa, puguh éntép-seureuhna, tapi nu saenyana mah ngunghak atawa ngahina; hormat tapi matak nyentug kana haté.
  347. Hantang hantung hantigong hantriweli : Kalah ka hadé rupa hadé tagog, tapi taya araheunana.
  348. Hanteu gedag bulu salambar : Hanteu sieun atawa gimir saeutik eutik acan.
  349. Haok hamprong : Beuki hahaok.
  350. Hapa hapa gé ranggeuyan : Miskin miskin ogé da boga salaki nu ngurus jeung nangtayungan.
  351. Hapa héman : Taya panarima, taya pamales budi ka nu geus nyieun kahadéan
  352. Hapa-hapa ogé ranggeuyan : Sanajan teu boga harta banda leuheung kénéh sabab boga salaki.
  353. Harelung jangkung : Kacida jangkungna.
  354. Haréwos bojong : Haréwos anu cukup tarikna, nepi kadéngé ku jelema anu deukeut kalawan tétéla pisan.
  355. Harigu manukeun : Dada jelema nu nonjol ka hareup.
  356. Haripeut ku teuteureuyeun : Gancang atoh dina meunangna rejeki, boh dahareun boh duit kalawan teu ngingetkeun balukarna ieu teh rejeki halal atawa haram.
  357. Harus omong batan goong : Béja téh sasarina sok gampang jeung gancang nerekab, kulantaran umuna sok pabéja béja.
  358. Haseum budi : Leuwih mindeng baeud jeung camberut tibatan seuri.
  359. Haseum kawas cuka bibit : Kuraweud haseum, teu méré budi pisan.
  360. Hatur tangis : Ngabéjakeun kanyeri ati.
  361. Hawara biwir : Resep ngabéjakeun perkara anu tacan tangtu bakal dilaksanakeun atawa hal anu lila kénéh kana waktu dilaksanakeunana.
  362. Hayang leuwih jadi léwéh : Hayang untung kalah rugi.
  363. Hayang untung jadi buntung : Teu papanggih ari jeung kauntungan mah, papanggih sotéh jeung karugian anu sama sakali henteu diarep arep.
  364. Hayang utah iga : Ngarasa kacida sebelna.
  365. Héjo cokor badag sambel : Dusun pisan.
  366. Héjo tihang : Resep jeung remen gunta ganti imah tempat atawa pagawéan.
  367. Henteu asa jeung jiga : Geus loma pisan.
  368. Henteu gedag bulu salambar : Henteu sieun atawa henteu gimir saeutik-eutik acan.
  369. Henteu gedag kaanginan : Henteu sieun atawa henteu gimir saeutik-eutik acan.
  370. Henteu jingjing henteu bawa : Henteu mawa naon-naon keur oleh-oleh ka nu dijugjug.
  371. Henteu terus jeung haté : Henteu saenyana, ngan ukur omong baé.
  372. Hérang caina beunang laukna : Maksud bisa kahontal kalawan bérés teu aya pihak anu dirugikeun atawa dinyenyeri.
  373. Hérang caina beunang laukna : Nu dipikahayang bisa laksana tur teu nganyenyeri batur.
  374. Hérang hérang kari mata, teuas teuas kari bincurang : Bareto mah beunghar ayeuna kari miskina.
  375. Hésé capé teu kapaké : Hanas ceuk rarasaan mah digawé soson-soson, ari heg dianggap salah ku dunungan atawa hasilna mubadir.
  376. Heueuh heueuh bueuk : Nyatujuan ari diluar mah, ngan baé henteu terus jeung haténa.
  377. Heunceut ucingeun : Awéwé anu babari reuneuh.
  378. Heuras genggerong : Caritaanana sugal jeung garihal, teu bisa ngangeunahkeun haté batur ku omongan.
  379. Heuras létah : Omonganana matak nyugak atawa teu ngeunaheun batur.
  380. Heureut deuleu pondok léngkah Ngagambarkeun sundek kanyaho ku sabab henteu réa babandingan da kurung batok.
  381. Heureut pakeun pungsat bahan :Teu réa kaboga, saeutik panghasilan.
  382. Heurin ku letah : Hayang jeung perlu ngabéjakeun hiji perkara, ngan sieun pok kulantaran loba karisi/ karempang.
  383. Hideung ngabangbara : Hideung meles sarta hérang.
  384. Hirup katungkul ku pati, paéh teu nyaho di mangsa : Hirup di dunya téh bakal ditungtungan ku maot anu datangna teu bisa dipastikeun ti anggalna.
  385. Hirup ku ibun, gedé ku poé : Hirup balangsak, sasat euweuh nu ngurus, hirup kalantar.
  386. Hirup ku panyukup gede ku paméré : Hirup samahi mahi ku paméré batur baé, sabab teu purun hojah sorangan dina enggoning nyiar kipayah.
  387. Hirup ngabangbara : Jelema anu tempat matuhna keur leutik teh teu tumaninah, tapi ari sakalieun barangpaké mani kacida gindingna.
  388. Hirup nuhun paéh dirampés : Rido pisan pasrah pisan, teu boga kahayang naon naon.
  389. Hirup teu neut, paéh teu hos : Terus-terusan gering ripuh, tapi teu maot.
  390. Hirup ulah manggih tungtung, paéh ulah manggih béja : Kudu bageur kudu hadé laku lampah supaya alus kacaritakeunana.
  391. Huap hiji diduakeun : Ngirit-ngirit sagala kaperluan sapopoé, supaya bisa nyumponan kaperluan anak atawa saha baé anu perlu dibélaan.
  392. Hujan cipanon : Ceurik balilihan, loba nu ceurik.
  393. Hulu dugul dihihidan : Nu keur senang tambang senang, nu keur untung tambah untung.
  394. Hulu peutieun : Jelema nu leutik sirahna henteu surup jeung awakna.
  395. Hunyur nandéan gunung : Nyaruaan ka jelema saluhureun harkatna atawa pangabogana.
  396. Hurip gusti, waras abdi : Jaman péodal, upama raja senang sarta mulya, rayat cageur.
  397. Hurung nangtung siang leumpang : Ginding karana maké papakéan atawa perhiasan anu aralus.
  398. Hutang hatong : Satengah heureuy, nyapirakeun kana hutang, daék bayar, henteu entong.
  399. Hutang salaput hulu : Loba pisan hutang, nepi ka samar kabayar.
  400. Hutang uyah bayar uyah, hutang nyeri bayar nyeri : Males kanyeri atawa kajahatan ku hukuman nu sarua atawa saimbang.
  401. Ieu aing : Jelema nu ngarasa luhur, hadé, pinter, gagah jeung sajabana ti dinya atawa adigung.
  402. Ieu aing uyah kidul : Boga rasa pangleuwihna ti pada batur, boh ngeunaan rupa, pangarti, pangaboga, pangkat atawa kakawasaan.
  403. Ilang along margahina, katinggang pangpung dilebok maung, rambutna salambar, getihna satétés, ambekanana sadami, agamana darigamana, kaula nyérénkeun : Masrahkeun sagalagalana hadena gorengna, bagja cilakana (biasana sok dipaké dina seserahan).
  404. Ilang-along margahina, katinggang pangpung dilebok maung, rambutna salambar, getihna satétés, ambekanana sadami, agamana darigamana , nyérénkeun : Masrahkeun sagala-galana, ilaharna diucapkeunana waktu rek ngawin-keun atawa satutasna nyerahkeun.
  405. Indit sirib : Indit saréréa saeusi imah.
  406. Indung hukum bapa darigama : Papagon, aturan Agama jeung Nagara.
  407. Indung lembu bapa banténg : Ti indung jeung bapa turunan ménak jeung beunghar.
  408. Indung peuting : Méga hideung anu sok témbong ti peuting.
  409. Indung suku gé moal dibéjaan : Niat pageuh nyekel rasiah, baraya nu landes gé moal dibéré nyaho.
  410. Indung tunggul rahayu, bapa tangkal darajat : Kasalamatan jeung kabagjaan nu jadi anak gumantung kana karidoan jeung do’a indung–bapa.
  411. Inggis batan maut hinis : Pohara risina, pohara paurna.
  412. Inggis ku bisi rempan ku sugan = Salempang aya naon-naon,
  413. Inggis manan maut hinis, rempan batan mesat gobang : Inggis jeung paur kabina bina.
  414. Ipis biwir : Babari ceurik.
  415. Ipis kulit beungeut : Gedé kaéra, éraan
  416. Ipis wiwirang : Kandel kulit beungeut, kurang kaéra.
  417. Iwak nangtang sujén : Wani nyorang picilakaeun, pibalaieun atawa pibahayaeun.
  418. Jabung tumalapung sabda tumapalang : Milu nyaritakeun hiji perkara sakapeung némpasan omongan batur, nyéta siga nu nyaho, padahal teu nyaho nanaon.
  419. Jadi cikal bugang : Pangheulana kasambut di pangperangan.
  420. Jadi kembang carita : Loba nu nyaritakeun.
  421. Jadi kulit jadi daging : Jadi kabiasaan nu hésé dipiceunna.
  422. Jadi lalab rumbah : Jadi bahan omongan sapopoé. “Teu nyana Engkang téh mung alus saur wungkul, beurat cinta dianggo lalab rumah, horéng ukur semet lambey”
  423. Jadi maung malang : Jadi panghalang, ngeunaan ka lalaki nu ngahalangan pijodoeun hiji awéwé.
  424. Jadi sabiwir hiji : Geus jadi carita jalma loba.
  425. Jadi senden kalemekan : Jadi kembang carita.
  426. Jadi senén kalémékan : Mindeng dicaritakeun batur.
  427. Jajar pasar : Sedeng atawa meujeuhna (kana rupa).
  428. Jalma notorogan : Jalma nu boga laku-Iampah teu pantes, pikacuaeun.
  429. Jaman bedil sundut : Jaman baheula.
  430. Jaman cacing dua saduit : Jaman baheula pisan.
  431. Jaman tai kotok dilebuan : Jaman baheula.
  432. Jampana bugang : Pasaran, wadah paranti ngagotong mayit ka kuburan.
  433. Jampé pamaké : Rupa-rupa jampé jeung tingkah laku pikeun ngahasilkeun maksud.
  434. Jampé pipahokan : Jampé atawa ajian nu maksudna supaya musuh teu nénjoeun ka urang kawas nu lolong.
  435. Janget kinatelon : Turunan hadé ti indung-bapa.
  436. Jantungeun : Kawas anu kasima.
  437. Jati kasilih ku junti : Pribumi kaéléhkeun ku sémah / urang asing.
  438. Jauh di jug jug anggang ditéang : Jauh-jauh ogé didatangan baé.
  439. Jauh jauh panjang gagang : Hanas jauh jauh oge dijugjug, ngan hanjakal ku teu hasil.
  440. Jauh ka bedug : Dusun, bodo, euweuh kanyaho.
  441. Jauh ka bedug anggang ka dayeuh : Dusun, teu nyaho di tata-titi, tidak tanduk, suba sita, duduga jeung peryoga.
  442. Jauh ka bedug, anggang ka dulag : Dusun henteu nyaho di adat, dusun pisan.
  443. Jauh tanah ka langit : Mikahayang nu pamohalan kalaksanakeun; kacida pisan bedana.
  444. Jauh-jauh panjang gagang : Hanas jauh-jauh oée dijugjug ari pék teu hasil maksud.
  445. Jawadah tutung biritna, sacarana sacarana : Masyarakat di saban tempat boga tata cara séwang-séwangan.
  446. Jegjeg cékér : Capé kulantaran leumpang ka dieu ka dieu.
  447. Jejer pasar : Lumrah baé, mun ka lalaki, kasép henteu, goreng henteu.
  448. Jelema andar-andar : Jalma anu henteu puguh asal-usul jeung padumukanana, galandangan.
  449. Jelema balung tunggal : Jelema bedas pisan.
  450. Jelema pasésaan : Jelema nu kungsi gélo.
  451. Jeneng méméh pangkat : Loba kahayang nu teu saimbang jeung kaayaan dirina.
  452. Jéngkol mah aya usumna : Pikeun nyindiran nu loba ékol.
  453. Jeung léwéh mah mending waléh : Leuwih hadé wakca balaka ngedalkeun kahayang ti batan ngandung kabingung teu wani pok nyarita.
  454. Jiga tunggul kahuru : Goréng patut.
  455. Jodo pakokolot : Kalaksanakeun ngawin kabogoh ti keur ngora dina umur pakokolot.
  456. Jogjog neureuy buah loa : Mikahayang perkara anu moal kasorang.
  457. Jongjon bontos : Junun kana gawé, tara kabéngbat ku naon-naon.
  458. Jual dedet : Ngajual barang satengah maksa.
  459. Julig ati : Goréng haté, hianat
  460. Ka bau-bau sungut : Omongan anu moal didéngé, moal dipaliré, jadi taya gunana.
  461. Ka cai diangir mandi, batu lempar panuusan : Lemah cai, bali geusan ngajadi.
  462. Ka cai jadi saleuwi kadarat jadi salogak : Sauyunan
  463. Ka hareup ngala sajeujeuh, ka tukang ngala sajeungkal : Hirup ati-ati maké itungan.
  464. Ka luhur sieun gugur, ka handap sieun cacing : Taya kawani.
  465. Ka luhur teu sirungan kahandap teu akaran : Jelema nu jahat, julig jeung dengki mah moal jamuga, moal aya kamajuan boh ngeunaan pangkat, boh rejeki.
  466. Ka luhur teu sirungan, ka handap teu akaran :Taya kamajuan minangka hukumullah ka jelema doraka atawa nu sok jail ka batur.
  467. Kabawa ku sakaba-kaba : Kabawakeun teu puguh lampah ku batur, kapangaruhan ku batur nepi ka teu eucreug.
  468. Kabeureuyan mah tara ku tulang munding, tapi ku cucuk peda : Cilaka mah biasana tina mokahaan urusan leutik.
  469. Kabur pangacian : Sarua jeung kapupul bayu, leungit tanaga jeung sumanget.
  470. Kacang poho ka lanjaran : Poho ka asal wiwitan, pindah pileumpangan.
  471. Kacanir bangban : Kawiwirangan, meunang kaéra.
  472. Kacekel bagal buntutna : Katéwak luluguna.
  473. Kaceluk ka awun-awun kawentar ka janapria, kakoncara ka mancanagara : Kawéntar pisan, kawéntar kamana mana.
  474. Kaciwit kulit kabawa daging : Kabawa goreng ku kalakuan baraya anu salah, atawa milu ngarasa teu ngeunah lantaran aya baraya dihina ku batur.
  475. Kaduhung tara ti heula : Ngarasa hanjakal mah geus tangtu moal saméméh migawé kasalahan.
  476. Kagok asor : Jangji nu geus kapalang disanggupan, nepi ka kapaksa kudu dilaksanakeun.
  477. Kahieuman bangkong : Siga beunghar lantaran katitipan banda batur.
  478. Kai teu kalis ku angin : Jelema mah tara senang salalawasna, hiji waktu pasti pinanggih jeung kasusah.
  479. Kajejek ku hakan : Hasil usaha béak ku kaperluan dahareun wungkul.
  480. Kajeun kendor dapon ngagémbol : Papatah nu nitah sabar, ulah gurung gusuh, dapon hasilna mucekil.
  481. Kajeun pait heula amis tungtung, manan amis heula pait tungtung : Leuwih hadé béjaan heula nu banggana, ti batan dibibitaan heula ku untungna, bisi ahirna kaduhung.
  482. Kajeun pait tungtung amis manan amis tungtung pait : Tibatan ahirna matak susah, leuwih hadé dicaritakeun ti heula naon anu matak pisusaheunana.
  483. Kajeun panas tonggong asal tiis beuteung : Kajeun teuing cape digawé oge, asal bisa dahar kalawan cukup, teu kakurangan.
  484. Kakeueum ku cai togé : Eleh pisan ku pamajikan, nepi ka dipangnyéléwérkeun ogé cicing baé.
  485. Kakeureut ku sieup, katindih ku kari-kari : Kasangka boga dosa.
  486. Kalah ka ingkig : Usaha ka ditu ka dieu teu hasil.
  487. Kalah ka ngahuntu : Ngan bisa nyarita atawa pidato wungkul.
  488. Kalapa bijil ti cungap : Muka rusiah sorangan kalawan teu dihaja.
  489. Kaliung kasiput : Loba baraya nu baleunghar, sasat kalingkung.
  490. Kandel kulit beungeut : Euweuh kaéra.
  491. Kapiheulaan ngaluluh taneuh : Hudang kabeurangan.
  492. Kapipit galih, kadudut kalbu : Kapincut, bogoh.
  493. Kapiring leutik : Kaisinan, kaéraan.
  494. Karawu kapangku : Sagala pagawean kacabak, tur hasilna hadé; kalakon kumaha pait peuheurna, muga-muga turunan urang mah kari ngeunahna.
  495. Kasangga kalingga murda, katampi ku asta kalih : Katarimakeun, sarta dinuhunkeun pisan.
  496. Kasép ngalénggéréng konéng : Nya kasép nya ginding.
  497. Katempuhan buntut maung : Batur anu salahna atawa anu boga dosana, tapi urang anu kudu nyanghareupan balukarna.
  498. Katuliskeun jurig : Asal heureuy jadi enyaan.
  499. Katumbukan catur kadatangan carita : Loba anu embung sabab ngagedékeun jeung ngagugulukeun panyeréwédan.
  500. Kaum marhaén : Somah, rayat biasa.
  501. Kawas aeud : Nya goreng budi nya bangor.
  502. Kawas anjing kadempét lincar : Méré paréntah ka batur teu kalawan sabar, malah bari ambek ambekan sagala.
  503. Kawas anjing parebut tulang : Paraséa marebutkeun barang anu teu pira.
  504. Kawas anjing tutung buntut : Berebet ka ditu berebet ka dieu, kawas nu samar polah; ijigimbrang teu daék cicing.
  505. Kawas anu teu dibedong : Kaluar-asup tara nutupkeun panto.
  506. Kawas aul : sok ciciduh.
  507. Kawas awi sumaér di pasir : Luak-léok pikir teu pageuh tangtungan.
  508. Kawas badak Cihéa : Jelema nu leumpangna noyod siga nu degig.
  509. Kawas bayah kuda :  Belél pisan, upamana samping.
  510. Kawas beubeulahan térong : Sarua pisan rupana, nu kembar.
  511. Kawas beusi atah beuleum : Beungeutnageuneuk / beureum awahing ku ngambek
  512. Kawas birit sééng : Hideung lestreng (kulit jelema).
  513. Kawas bodor réog : Jelema nu tingkah polahna pikaseurieun.
  514. Kawas budak rodek hulu : Teu ngupama, teu ngajénan, teu ngahargaan pisan.
  515. Kawas bueuk meunang mabuk : Ngeluk taya tangan pangawasa atawa jempe teu nyarita
  516. Kawas bujur aseupan : Diuk teu daék cicing.
  517. Kawas carangka runtah : Jelema nu sagala beuki jeung gembul.
  518. Kawas careuh bulan : Diwedak kandel teuing, camérok.
  519. Kawas cucurut kaibunan : Ngeunaan ka jelema anu matak sareukseuk panon sarta pikarunyaeun.
  520. Kawas dodol bulukan : Beungeut hideung diwedakan teu rata.
  521. Kawas durukan huut : Pibahayaeun nu teu kaciri, tapi beuki lila beuki gedé.
  522. Kawas gateuw : Teu bisa liar lantaran kasakit, atawa geus rarémpo, tapi ari awak lintuh.
  523. Kawas gula jeung peueut : Kacida dalitna, sarua layeutna atawa geugeutna, tara paséa.
  524. Kawas hayam keur endogan : Élékésékéng henteu sabar, cilingcingcat ka ditu ka dieu, samar cabak ku lantaran hayang geura tepung atawa hayang geura ngadéngé béja nu ditunggu-tunggu;
  525. Kawas hayam keur kumahkar : Teu daék cicing lantaran haté kaweur, atawa geus teu sabar ngadagoan nu diarep-arep.
  526. Kawas hayam panyambungan : Tacan nyaho di kalér kidul, kawantu anyar kénéh aya di éta tempat.
  527. Kawas himi-himi : Méh salilana babarengan duaan, tara daek papisah.
  528. Kawas kacang ninggang kajang : Ngomongna tarik tur gancang, biasana ngeunaan ka awéwé nu keur ngambek bari nyarékan.
  529. Kawas kapuk kaibunan : Ngagambarkeun nu kalenger atawa kapupul bayu ilang tanaga, leuleus lungsé henteu tangan aya pangawasa.
  530. Kawas kedok bakal : Rupa jelema anu goreng patut kacida.
  531. Kawas kedok rautaneun : Kacida goréng patutna kawas kedok nu can anggeus.
  532. Kawas kuda leupas ti gedogan : Ngumbar kahayang lantaran geus euweuh nu ngahalangan.
  533. Kawas lauk asup kana bubu : Babari asupna, tapi teu bisa ngundurkeun diri deui, lantaran geus kabeungkeut ku jangji atawa sumpah.
  534. Kawas leungeun nu palid : Leungeun nu teu daék cicing, ngopépang, sagala dirampa, sagala dicabak.
  535. Kawas nu kékéd : Teu bisa barangbawa.
  536. Kawas nu mulangkeun panyiraman : Sok nu lain lain, jeung hésé ngayakeunana nu dipikayang ku jelema nu téréh ajal, kahayangna sabisabisa kudu dicumponan baé, sanajan matak ngarépotkeun ka ahlina/ kulawargana.
  537. Kawas pantun teu jeung kacapi : Bisa mapatahan wungkul, teu bisa nyontoan.
  538. Kawas panyeupahan lalay : Lawon anu belél, kawas panyeupahan lalay.
  539. Kawas perah bedog rautaneun : Goreng patut.
  540. Kawas siraru jadi : Pabaliut ku tina lobana, ngeunaan ka jelema, jalma anu ngadadak kalaluar ti imahna riab ka mana-mana
  541. Kawas tatah : Teu hideng sorangan kudu dititah baé.
  542. Kawas toéd : Budak beuki ngomong, célémbéng.
  543. Kawas tunggul kahuru : Jelema goréng patut.
  544. Kawas ucing garong : Jelama jahat nu sok ngaranjah imah, sakapeung bari nandasa nu boga imah.
  545. Kawas ucing jeung anjing : Dua jelema anu teu daék akur, lamun paamprok kudu baé paséa.
  546. Kawas ucing kumareumbi : Jelema anu sok resep ruwal-rawél, siga ucing keur kumincir.
  547. Kawas ucing nyanding paisan : Deukeut kana pimaksiateun.
  548. Kawas wayang pangsisina : Ngeunaan jelema nu goreng rupana.
  549. Kebo mulih pakandangan : Balik ka lembur sorangan sabada lila ngumbara di lembur batur.
  550. Kejo asak angeun datang : Sapagodos jeung maksud urang, atuh teu talangké deui harita kénéh dilaksanakeun.
  551. Kejot borosot : Gancang nyokot kaputusan henteu di pikir heula
  552. Kélék jalan : Deukeut tapi jalana taya nu lempeng; tempat anu teu gampang didatangan lantaran jauh ti jalan gedé.
  553. Kembang buruan : Budak anu keur meujeuhna lucu sarta geus resep ulin di buruan.
  554. Kembang carita : Jadi bahan carita nu narik perhatian dina riungan- riungan.
  555. Kembang mata : Nu dipikanyaah atawa dipikaasih.
  556. Keuna ku aén : Meunang cocoba lantaran ku “panénjo” batur (loba teuing nu muji).
  557. Keuna ku lara teu keuna ku pati : Bisa jadi éléh atawa tatu, tapi moal maot.
  558. Keur bentang surem : Keur apes, keur goréng milik.
  559. Keur meujeuhna bilatung dulang : Laleutik kénéh pisan keur meujeuhna bareuki dahar.
  560. Keur meujeuhna buta tulang buta daging :  Keur meujeuhna bedas.
  561. Keur meujeuhna héjo lembok rambay carita : Keur meujeuhna loba pakaya jeung loba rejeki.
  562. Keur nuju bentang surem : Keur sué, atawa tiis badan, lamun guna tani ku hama, lamun dagang rugi terus.
  563. Keuyeup apu : Jelema anu éléhan jeung euweuh kahayang; kodomoyo, leuleumeuyeu.
  564. Kiceupna sabedug sakali : Jelema anu pohara lungguhna.
  565. Kiruh di girang kiruh di hilir : Lamun nu di luhurna geus teu balener, tangtu nu di handapna ogé sarua kitu.
  566. Kiruh ti girang kiruh ka hilir : Lamun anu di luhruna teu balageur jeung teu balener, tangtu nu dihandapna ogé milu teu bener milu teu bageur.
  567. Kokod monongeun :Teu daékeun asak, lantaran mindeng dicabakan (bubuahan nu dipeuyeum).
  568. Kokolot begog : Budak pipilueun kana urusan kolot;  ngomong teu merenah kawas kolot.
  569. Kokoro manggih mulud puasa manggih lebaran : Anu saumur -umur miskin tuluy dina hiji waktu pinanggih jeung kamulyaan atawa rejeki anu gedé.
  570. Kokoro nyoso, malarat rosa, lebaran teu meuncit hayam : Kacida miskina.
  571. Kolot dapuran : Pernah kolot nurutkeun pancakaki, sanajan umur leuwih ngora.
  572. Kolot dina beuheung munding : Kolot tapi teu loba kanyaho.
  573. Kolot kolotok : Kolot tapi euweuh kanyaho, kosong tina elmu pangaweruh.
  574. Koréh-koréh cok : Usaha buruh leutik, hasilna ngan cukup saharitaeun.
  575. Kotok bongkok kumorolong, kacingcalang kumarantang =Jelema anu pipilueun kana hiji urusan lantaran ukur kabawakeun ku batur, lain karepna sorangan.
  576. Kudu bisa kabulu kabalé : Kudu bisa mawa awak.
  577. Kudu bisa ngeureut neundeun : Kudu bisa nyukupkeun rejeki atawa pangala anu saeutik.
  578. Kudu bisa ngeureut pakeun : Kudu bisa ngajeujeuhkeun rejeki, kudu sina mapahat.
  579. Kudu bisa pindah cai pindah tampian : Kudu bisa nyaluyukeun manéh jeung lingkungan anu anyar dicicingan.
  580. Kudu boga pikir kadua leutik : Ulah sabongbrong teuing, kudu aya pikir rangkepan, kudu aya rasa curiga.
  581. Kudu boga pikir rangkepan : Ulah ujug-ujug percaya kana omongan batur aim manis.
  582. Kudu hadé gogod hadé tagog : Kudu hadé basa jeung hadé tingkah lacuna.
  583. Kudu nepi méméh indit : Kudu direncanakan kalawan asak.
  584. Kudu ngukur ka kujur, nimbang ka awak : Sagala rupa tingkah laku kudu luyu jeung kaayaan diri sorangan.
  585. Kujang dua pangadékna : Hiji pagawéan anu ngandung dua rupa maksud.
  586. Kukuh Ciburuy : Teu bisa dionggét-onggét, teu daék nurut kana paham batur nu leuwih bener.
  587. Kukuk sumpung dilawanan dada leway : Sarua gorengna; nu ngambek dilawan ngambek, nu burung dilawan nu gelo.
  588. Kulak canggeum bagja awak : Milik hadé atawa goréng anu geus ditangtukeun ti ajalina kénéh ku Gusti Nu Maha Suci.
  589. Kumaha bule hideungna baé : Kumaha engké baé buktina, kumaha béhna.
  590. Kumaha ceuk nu dibendo baé : Kumaha ceuk nu mingpin di luhur baé.
  591. Kumaha geletuk batuna, kecebur caina : Kumaha béhna, kumaha kajadianana baé.
  592. Kumaha kejebur caina geletuk batuna : Kumaha jadina baé, henteu jadi pikiran.
  593. Kumaha raména pasar : Ula-ilu, kumaha guyubna batur.
  594. Kumambang kana kersa : Pangersa Pasrah kana takdir.
  595. Kuméok méméh dipacok = Wegah méméh ngajalankeun pagawéan.
  596. Kunang kunang nerus bumi : Ramana geus teu jeneng deui, di putrana awal ahir aya nu jeneng cara ramana.
  597. Kurang jeujeuhan : Kurang ati-ati, kurang itungan.
  598. Kurang saeundan : Rada gélo, jelema nu teu patig jejeg pikiranana.
  599. Kuru aking ngajangjawing : Pohara kuruna.
  600. Kuru cileuh kentel peujit : Daék tirakat, ngadoakeun budak sangkan sangkan junun.
  601. Kuru kurulang-kuriling : Lara sangsara kadungsang-dungsang.
  602. Kurung batok : Teu resep nyanyabaan, ni’mat cicing diimah baé; jalma nu tara ka mana-mana, jadi teu loba kanyaho.
  603. Labuh diuk, tiba neundeut : Sarua salahna atawa sarua cilakana.
  604. Ladang késang : Rejeki ti Allah lantaran usaha sorangan.
  605. Laér gado : Sok kabitaan ku kadaharan nu aya di batur.
  606. Lain ku tulang munding kabeureuyan mah, ku cucuk peda : Arék cilaka mah ku kasalahan anu leutik oge bisa, teu kudu ku kasalahan anu gedé baé.
  607. Lain lantung tambuh laku, lain lentang tanpa béja lain leumpang maladra : Indit ti imah kalawan ngandung maksud anu tangtu, lain lapmah sakaparan paran henteu puguh anu dijugjug.
  608. Lain palid ku cikiih, lain datang ku cileuncang : Lain jalma andar andar, tapi datang ku sabab boga tujuan anu tangtu.
  609. Lalaki kembang kamangi : Lalaki nu teu bisa nyukup kabutuhan rumah tangga.
  610. Lalaki langit lalanang jagat : Lalaki anu kasép sarta gagah perkasa.
  611. Lali rabi, tegang pati : Poho ka pamajikan jeung tega kana nyawa pikeun ngabelaan nagara jeung bangsa.
  612. Lanca-linci luncat mulang : Jalir jangji, udar subaya.
  613. Landung kandungan laér aisan : Gedé timbanganana, gedé pangampurana.
  614. Langkung saur bané carék : Nyarita nu matak nyentug atawa anu matak nyeri kana haté batur.
  615. Langsung saur bahé carék : Sok gampang ngagelendeng atawa nyarékan.
  616. Lantip budi : Gancang ngarti kana maksud atawa kahayang batur sanajan teu diceplakkeun.
  617. Lasminingrat : Nu panggeulisna di sakuliah dunya.
  618. Lauk buruk milu mijah, piritan milu endogan : Pipilueun kana hiji kalakuan ku lantaran kabawakeun ku batur, henteu kalawan kahayang sorangan, nepi ka goréng katénjona.
  619. Lébér wawanén : Gedé kawani, henteu boga kasieun.
  620. Légég lebé budi santri, ari lampah euwah-euwah : Jalma jahat bisa nipu ku tindak-tanduk nu sopan.
  621. Legok tapak genténg kadék : Loba luangna pangalamanana jeung kanyahona.
  622. Léléngkah halu : diajar leumpang saléngkah-saléngkah.
  623. Leleyep asu : Acan saré enya.
  624. Lembur matuh panglayungan, banjar karang pamidangan, nagara ancik-ancikan : Lembur tempat matuh atawa cicing.
  625. Lembur singkur, mandala singkah :Tempat anu nyumput sarta jauh.
  626. Lengkah kapiceun : Indit-inditan bari aya nu dimaksud tapi teu hasil, henteu beubeunangan.
  627. Léngkéh légé : Jelema buheukeu, euweuh cangkéngan bawaning ku lintuh.
  628. Léntah darat : Jelema nu sok nginjeumkeun duit maké renten gedé.
  629. Lesang kuras : Henteu bisa nyekel duit, sok béak baé.
  630. Létah leuwih seukeut batan pedang : Raheut hate ku omongan leuwih peurih karasana tibatan raheut biasa.
  631. Leubeut buah hejo daun : Keur meujeuhna loba rejeki, loba pakaya.
  632. Leuleus awak : Gampang dititah.
  633. Leuleus jeujeur liat tali : Pohara adilna, dina mutus hiji perkara tara beurat sabeulah, jeung loba pertimbanganana.
  634. Leuleus kejo poéna : Mimitina bengis, tapi beuki lila beuki hadé.
  635. Leumpang sakaparan-paran :Teu puguh nu dijugjug.
  636. Leumpeuh yuni : Babari kapangaruhan, tara kuat nahan gogoda.
  637. Leunggeuh cau beuleum : Teu lutreuk dina ngajalankeun hiji pagawean.
  638. Leungit tanpa lebih, ilang tanpa karana : Leungit euweuh urutna jeung teu puguh sababna, teu matak kaharti.
  639. Leutik burih : Euweuh kawani, borangan
  640. Leutik cahak, gedé cohok : Ari panghasilan saeutik tapi ari pangaluaran mah gedé.
  641. Leutik leutik ngagalatik : Sanajan leutik awakna henteu jangkung tur gedé, tapi lébér ku wawanén.
  642. Leutik pucus : Euweuh kawani.
  643. Leutik ringkang gedé bugang : Jelema mah teu beunang disapirakeun sabab sanajan leutik warugana, dina aya papaitna atawa bobor karahayuan mah bisa jadi kasusah saréréa.
  644. Leutik-leutik ngagalatik : Leutik waruga tapi wanian, loba kabisa.
  645. Leuweung ganggong simagonggong, leuweung sisumenem jati : Leuweung geueuman pikakeueungeun.
  646. Leuweung ruksak, cai béak, manusa balangsak : Leuweung kudu dijaga, cinyusu kudu diurus lamun henteu mangka manusa baris tunggara.
  647. Leuwi jero beunang diteuleuman, haté jelema najan déét teu kakobét : Hade gorengna pikiran jelema hésé dikira kirana.
  648. Lieuk euweuh ragap taya : Teuing ku miskin nepi ka teu boga naon naon.
  649. Lir nu ngababad pacing : Tumerap ka nu ngéléhkeun pirang-pirang musuh ku pedang.
  650. Loba catur tanpa bukur : Kalah ka omong, taya buktina.
  651. Loba teuing jaksa : Loba teuing nu mere tinimbangan atawa naéehat.
  652. Lodong kosong ngelentrung : Kalah ka loba omong baé, ari pangartina mah euweuh.
  653. Lolondokan : Bisa ngaluyuken diri jeung kaayaan lingkungan atawa kaayaan jaman.
  654. Luhur kokopan : Gumedé.
  655. Luhur kuta gedé dunya : Gagah tur beunghar taya kakurang ogé boga pangaruh.
  656. Luhur tincak : Kalakuanana sok nurutan nu luhur (pangkatna) atawa nu beunghar.
  657. Luncat mulang : Gajlig tina jangji, teu beunang dicekelan omonganana, ayeuna kieu engké mah kitu.
  658. Lungguh tutut : Katénjona siga lungguh tapi saenyana mah henteu.
  659. Lungguh tutut bodo keong, sawah sakotak kaider kabeh : siga nu lungguh katenjona, padahal bangor.
  660. Mabok pangkat : Adigung, ieu aing jeneng.
  661. Macan biungan : Jelema anu teu akur jeung batur salembur.
  662. Mageuhan cangcut tali wanda : Saged rék bajoang.
  663. Maju jurang mundur jungkrang : Taya piliheun, ka ditu ka dieu pibalaieun.
  664. Maléngpéng pakel ku munding, ngajul bulan ku asiwung : Milampah hiji perkara anu taya pihasileunana.
  665. Maliding sanak : Henteu adil, pilih kasih.
  666. Malik ka temen : Asal babanyolan tuluyna jadi enyaan.
  667. Malik mépéh : Gulang-guling lantaran henteu kuat nahan kanyeri atawa keur sakarat.
  668. Malikkeun pangali : Nu disérénan pagawéan kawajibanana, kalah nempuhkeun ka nu nyérénkeunana.
  669. Manan léwéh mending waléh : Tinimbang matak susah sorangan, mending nyarita satarabasna.
  670. Manasina sambel jahé, top top téwéwét : Moal ujug-ujug kaala hasilna, kudu sabar.
  671. Mandi getih : Baloboran getih lantaran tatu.
  672. Mandi oray : Mandi ngan sakilat, mandi ngan sakecebes, teu maké sabun.
  673. Mangduakeun : Nyolowédor, salaki atawa pamajikan neundeun haté atawa ngayakeun hubungan cinta jeung nu séjén.
  674. Mangkok emas eusi madu : Jelema anu omongna, lampahna, nepi ka haténa ogé hadé.
  675. Mangpéngkeun kuya ka leuwi : Nu dititah ka lembur asalna kari-kari ngalelep teu balik deui.
  676. Mani hayang utah iga : Ngarasa kacida sebelna nenjo atawa ngadenge kalakuan batur anu pikaijideun.
  677. Manis lambé : Jangji sanggup naon-naon tapi ngan omong wungkul (kalah ka omong)
  678. Manuk hiber ku jangjangna : Jelema hirup ku akalna.
  679. Maot ulah manggih tungtung, paeh ulah manggih beja : Sing bener waktu keur hirup supaya ulah diomongkeun ari geus maot.
  680. Mapatahan naék ka monyét : Mapatahan ka nu leuwih pinter.
  681. Mapatahan ngojay ka meri : Mapatahan ka jalma nu leuwih loba kanyahona jeung pangalamanana.
  682. Mapay ka puhu leungeun : Kasalahan jelema sok mamawa goréng ka kolotna atawa ka saluhureunana.
  683. Maras miris : Teu pati wani.
  684. Marebutkeun balung tanpa eusi : Marebutkeun perkara anu teu aya gunana.
  685. Marebutkeun paisan kosong : Marebutkeun hiji perkara anu teu aya hasilna atawa mangpaatna.
  686. Mata duiteun : Piduit pisan.
  687. Mata karanjang : Sadeuleu-deuleuna, bengbatan, biasana lalaki ku awéwé.
  688. Mata simeuteun : Ngarasa héran, nepi ka olohok teu ngiceup-ngiceup.
  689. Matak andeul-andeuleun : Matak ngurangan kapercayaan nepi ka handeueul nu nitah.
  690. Matak ibur salelembur, matak éar sajajagat : Matak geunjleung, jadi carita di mana-mana.
  691. Matak pajauh huma : Matak teu silih pikanyaah, tara dibere rejeki jeung dulur lantaran paraséa.
  692. Matak tibalik aseupan : Matak teu bisa nyangu.
  693. Maung ngamuk gajah meta : Bancang pakéwuh.
  694. Maung ompong, bedil kosong, kareta kosong : Jelema anu boga komara mah sanajan geus teu nyekel kakawasaan oge teu weleh dipikaserab.
  695. Maung sarungkun : Tunggal baraya, lain nu lian (sakaruhun), tapi dina bendengna (teu hadéna) alah batan jeung deungeun-deungeun haseum.
  696. Maut ka puhu : Paséa budak mamawa ka kolot.
  697. Maut nyéré ka congona : Keur ngora senang, tapi ari ka kolotnakeun susah.
  698. Mébér-mébér totopong heureut : Ngajeujeuhkeun rejeki saeutik supaya mahi.
  699. Medal sila : Ninggalkeun riungan lantaran ambek atawa wirang.
  700. Melengkung bekas inhalan : Ari keur ngora kénéh bageur tapi kakolotnakeun jadi teu bageur.
  701. Melengkung bekas nyalahan : Keur ngorana bageur, tapi ari geus kolot henteu eucreug; atawa nu ditaksir hadé tapi goréng jadina.
  702. Melengkung umbul-umbulna, ngérab-ngérab bandérana : Ngagambarkeun iring-iringan atawa kaayaan di tempat pésta.
  703. Mending kendor ngagémbol tinimbang gancang pincang : Mending kénéh lila tapi hasilna alus tibatan gancang tapi hasilna goréng.
  704. Mending pait ti heula tinimbang pait tungtungna : Dina urusan jual-beuli atawa usaha kudu asak heula badami, bisi jadi pacogrégan di ahirna.
  705. Menta buntut : Menta deui.
  706. Méré langgir kalieun : Méré naon naon anu bisa jadi aya pisusaheunana atawa pibahlaeunana.
  707. Meuli teri meunang japuh : Kalawan teu disangka sangka meunang milik, darajat atawa kauntungan anu leuwih gedé.
  708. Meunang kopi pait : Digelendeng atawa dicarékan ku dunungan.
  709. Meunang luang tina burang : Meunang pangalaman pait lantaran cilaka heula.
  710. Meungpeun carang ku ayakan : Nyaho yén batur téh salah atawa migawé anu dilarang ku Nagara, tapi teu kitu kieu kalahka api api teu nyaho.
  711. Meungpeung teugeu harianeun : Embung pisan tutulung ka batur nu keur susah atawa loba kabutuh.
  712. Meupeus keuyang : Ngabudalkeun kakeuheul atawa amarah ka nu teu tuah teu dosa, tampolana kana barang, lantaran ka nu boga kasalahanana mah teu wani ngambek.
  713. Miceun batok meunang coét : Miceun nu goreng kulantaran hayang meunang anu alus, tapi tungtungna meunang nu goréng deui baé.
  714. Miceun beungeut : Ngabalieur, embung pateuteup lantaran ngewa atawa éra.
  715. Mihapé hayam ka heulang : Teu boga wiwaha, titip barang atawa harta banda ka nu geus katotol teu jujur.
  716. Mihapékeun manéh : Nyieun pikanyaaheun jeung pikaresepeun nu dicicingan atawa nu jadi dunungan.
  717. Milih-milih rabi, mindah-mindah rasa : Ganti pamajikan sugan leuwih ngarepok.
  718. Milik teu pahili-hili, bagja teu paala-ala : Rejeki mah moal patukeur. Allah anu ngarejekian sakabéh mahluk-Na.
  719. Mindingan beungeut ku saweuy : Ngarusiahkeun hiji perkara padahal batur nyahoeun.
  720. Mipit amit ngala menta : Nyokot boga batur tapi ménta idin heula kanu bogana.
  721. Mipit kudu amit ngala kudu menta : Teu meunang cocorokot kana barang batur.
  722. Mipit teu amit ngala teu menta : Maling boga batur.
  723. Misah badan misah nyawa : Teu sarua boh lahir boh batin.
  724. Miyuni hayam kabiri : Leutik burih babari sumerah eleh atawa lalaki nu babari sumerah ka awéwé.
  725. Miyuni hui kamayung : Teu payaan, katoél saeutik ngambek.
  726. Miyuni hurang, tai ka hulu-hulu : Bodo pisan.
  727. Miyuni kembang : Loba nu mikaresep
  728. Miyuni kohkol : Nasibna diteunggeulan wae ku batur
  729. Moal aya haseup mun euweuh seuneu : Sagala rupa béja tangtu aya benerna, sanajan sok loba tambahna nu meunang ngaréka.
  730. Moal ceurik ménta eusi : Keun baé mawa wadah anu gedé ogé da lain hayang loba dibéréna.
  731. Moal ditarajéan : Teu sieun, wani.
  732. Moal jauh laukna : Moal hésé piuntungeunana.
  733. Moal mundur satunjang béas : Teu sieun teu gimir saeutik eutik acan.
  734. Moal néangan jurig teu kadeuleu : Arek nyekel jelema nu aya baé, moal néangan jelema nu euweuh.
  735. Moal ngabéjaan indung suku : Rusiah pisan, moal dibéja-béja.
  736. Mobok manggih gorowong : Meunang jalan pikeun ngalaksanakeun kahayang.
  737. Modal dengkul : Modal mangrupa kadaék jeung tanaga wungkul, teu maké duit.
  738. Monyét dibéré séséngkéd : Nu rék jahat dibéré parabot.
  739. Monyét kapalingan jagong : Tukang maling kapalingan, tukang tipu katipu, tukang ngarah nagrinah karoroncodan.
  740. Monyét ngagugulung kalapa : Boga elmu teu nyaho maksudna
  741. Mopo méméh nanggung : Hoream, teu sanggup saméméh prakngalaksanakeun pagawéan.
  742. Moro julang ngaleupaskeun peusing : Ninggalkeun kauntungan nu geus tangtu, moro nu tacan puguh.
  743. Moro taya, tinggal kaya : Pakaya nu geus mukti ditinggalkeun, lantaran pindah ka tempat nu singsarwa euweuh.
  744. Muga sing ngaréndékéh kawas séréh, ngarandakah manan manjah : Sing loba turunan.
  745. Mukti wibawa : Hirup senang sarta pada ngambeuan jeung pada ngahormat lantaran boga pangaruh.
  746. Mulih ka jati mulang ka asal : Kabéhanana asalna ti Anu Maha Kawasa anu maha murbeng alam, kabéhjelema baris balik kaasalna.
  747. Mun di lembur kayu randu, mun di leuweung kayu dangdeur, dipake pamikul bengkung, dipaké pangérét bingkeng, dipaké pancar teu ruhay, dipaké tihul teu hurung : Jelema anu taya pupurieunana atawa araheunana, lantaran sagala pugag atawa taya kabisa.
  748. Mun kiruh ti girang, komo ka hilirna : Lamun pamingpin lampahna kurang hadé/ komo nu dipingpinna.
  749. Mun teu ngakal moal ngakeul : Lamun teu digawé niar kipayah tangtu pisusaheun pikeun hirup.
  750. Mun teu ngakal moal ngakeul : Mun teu usaha moal pinanggih jeung rejeki pibekeleun hirup.
  751. Mun teu ngarah moal ngarih : Lamun teu digawé niar kipayah tangtu pisusaheun pikeun hirup.
  752. Mun teu ngoprék, moal nyapék : Lamun teu digawé niar kipayah tangtu pisusaheun pikeun hirup.
  753. Muncang labuh ka puhu, kebo mulih pakandangan : Mulang ka lemburna sabada mang taun taun aya di pangumbaraan/ panyabaan.
  754. Mupugkeun tai kanjut : Ngetrukeun pangaboga dina waktuna nyunatan atawa ngawinkeun anak anu kacida dipikameumeutna.
  755. Murag bulu bitis :Teu betah cicing di imah, karesepna ngan nyaba baé.
  756. Murah congcot hambur bacot : Béréhan dina barangbéré tapi gampang nyarékan jeung sok tara eureun ku sakeudeung ari nyarékan téh.
  757. Murah sandang murah pangan :Teu kakurangan, loba pakéeun jeung dahareun
  758. Murang-maring : Ambek-ambekan ka saha baé nu aya di deukeut manéhna:
  759. Muriang teu kawayaan : Kalah wowotan, teu kuat nyangga lara ati, upamana anu keur kabungbulengan
  760. Mustika pagulingan : Wanoja geulis pisan.
  761. Musuh kabuyutan : Musuh ti baheula nepi ka ayeuna, atawa musuh turunan kawas ucing jeung anjing.
  762. Naheun bubu pahareup hareup : Dina pangabutuh silih injeuman duit.
  763. Najan dibawa ka liang cocopét, moal burung nuturkeun : Dibawa ka mana-mana oge daék
  764. Nanggung bugang : Ditinggalkeun maot ku lanceuk jeung ku adi.
  765. Nangkeup mawa eunyeuh : Mawa cilaka ka jelema anu dipentaan tulung jeung geus nulungan ka urang.
  766. Nangtung di kariungan, ngadeg di karageman : Kumpulan barempug , musawarah.
  767. Nangtung kariung ngadeg karageman : Ngariung rarageman ngabadamikeun hiji perkara.
  768. Némbongkeun sihung : Némbongkeun kapunjul dirina sangkan dipikasérab atawa dipikasieun batur.
  769. Nénéh bonténg : Ngogo ka budak, tapi ari ambek gampang neunggeul.
  770. Nepak cai malar cérét : Ngomongkeun jeung ngagogoréng batur, supaya batur teh ragrag ngarana jeung kawéntar kagorénganana.
  771. Nepak dada : Ngagulkeun jasa diri sorangan.
  772. Népakeun jurig pateuh : Puguh urang nu goréng tapi kagoréngan urang téh ditamplokeun ka batur sangkan urang sorangan salamet.
  773. Nepi ka kaurugan taneuh beureum : Nepi ka maot. Biasana digunakeun pikeun némbongkeun kainget nu moal laas-laas ka jalma anu geus nulungan atawa nyieun kahadéan.
  774. Nepi ka nyanghulu ngalér : Nepi ka paéh.
  775. Nepi ka pakotrék iteuk : Nepi ka pakokolot pisan (nu awét lakirabi ti keur pada ngora).
  776. Nepung-nepung bangkelung : Ngaraketkeun kabarayaan ku jalan bebesanan.
  777. Nété akar ngeumbing jangkar : Sésélékét ka nu hésé, nyorang wewengkon anu rumpil.
  778. Nété porot ngeumbing lésot : Cukup ari ihtiar mah kalawan mangrupa rupa akal tarékah tapi teu hasil baé.
  779. Nété semplék nincak semplak :  Kieu salah kitu salah, ninggang dina salah jeung rugi baé, turug turug kasusah nambahan deuih.
  780. Nete tarajé, nincak hambalan : Kudu merenah, lamun aya uruskeuneun téh urang kudu datang ka nu handap heula, kakara terus kaluhur.
  781. Neukteuk curuk dina pingping : Nyilakakeun baraya atawa batur sagolongan.
  782. Neukteuk leukeur meulah jantung, geus lain-lainna deui : Teu hayang dibalikan deui
  783. Neukteuk mani anggeus, rokrok pondokeun peunggas harupateun : Heuras haténa teu sabar dina nyanghareupan rupa rupa kasusahan jeung babari luluasan.
  784. Neukteuk méré (mari) anggeus atawa neukteuk mawa anggeus : Ngajak mutuskeun hubungan, embung papanjangan.
  785. Neundeun haté : Aya kahayang nu henteu dikedalkeun.
  786. Neundeun piheuleut nunda picela : Néangan pilantaraneun supaya jadi goreng supaya temahna papisahan teu ngahiji deui.
  787. Ngabéjaan bulu tuur : Ngabéjaan jalma nu geus nyahoeun.
  788. Ngabeungeutan : Némbongkeun kagetolan jeung kasatiaan dina mimiti kumawula wungkul.
  789. Ngaborétékeun liang tai di pasar : Nyaritakeun rusiah sorangan nu matak aéb.
  790. Ngabudi ucing : Kawas nu teu karep, api-api teu hayang, padahal ngadagoan batur bongoh.
  791. Ngabudian : Nembongkeun pasemon ngéwa, buad-baeud.
  792. Ngabuntut bangkong : Teu bisa méré katerangan nepi ka écés pisan, atawa teu sanggup nganggeuskeun pagawéan.
  793. Ngacak-ngebur : Mangpang-meungpeung sabab sagala geus nyampak.
  794. Ngadagoan kuah beukah : Ngadagoan pasésaan kadaharan (Hal ieu ngan wungkul tukang babantu di imah batur baé, anu saényana mah ayana tukang babantu teh henteu perlu).
  795. Ngadagoan uncal mabal : Ngadagoan jeung mikahayang kana rejeki tapi sungkan ihtiar pikeun ngadatangkeun éta rejeki.
  796. Ngadaweung ngabangbang areuy : Pohara nineungna kana jaman nu geus kasorang nepi ka matak waas pacampur jeung sedih.
  797. Ngadék sacékna, nilas saplasna : Ngomong/nyarita saenyana anu teu dileuwihan atawa dikurangan.
  798. Ngadeupaan lincar : Ngadeukeutan anu keur sidekah atawa kariaan, supaya katenjo ku anu boga imah jeung diajak dahar.
  799. Ngadu angklung di pasar : Papaduan nguruskeun nu euweuh mangpaatna di hareupeun jalma loba.
  800. Ngadu angklung : Parebut omong atawa paréa-réa omong nu taya gunana
  801. Ngadu bako : Ngobrol ngalér-ngidul bari teu puguh jejerna.
  802. Ngadu ngadu rajawisuna : Mawakeun omongan si a ka si b jeung sabalikna, temahna si a jeung si b paséa, paréréa omong.
  803. Ngagandong kéjo susah nyatu : Loba ari titaheun mah boh anak boh bujang ngan hanjakal ku hésé nitah, euweuh nu daékeun ari dititah téh.
  804. Ngagedag bari mulungan : Nanyakeun hiji perkara ka batur anu urang tacan nyaho, tapi embung kanyahoan yén urang tacan nyaho, kulantaran kitu api api geus nyaho baé.
  805. Ngaginding sataker tanaga (atawa sataker kebek) : Dangdan sangkan ginding pisan, sagala rap dipaké.
  806. Ngahihileudan : Ngahalang-halang jadina hiji perkara ku jalan ngagogoréng, nyingsieunan atawa miténah.
  807. Ngahudang timburu : Nimbulkeun kacuriga. Timburu di dieu lain dina hubungan antara lalaki jeung awéwé anu katalian ku katresna.
  808. Ngahuntu kala : Paselang nu luhur jeung nu handap dina jajaran.
  809. Ngahurun balung ku tulang : Jelema nu diuk bari nangkeup tuur lantaran keur susah atawa keur bingung.
  810. Ngajul bulan ku asiwung, mesék kalapa ku jara : Usaha anu mubadir, moal ngadatangkeun hasil (asiwung; kapas nu geus diberesihan sikina, biasana dipake keur mayit nutupan liang-liangan).
  811. Ngalalakon : Nyieun peta nu matak ngahésékeun.
  812. Ngalambang sari : Awéwe atawa lalaki nu geus boga salaki atawa pamajikan nu ngalakukeun hubungan séks jeung nu lain muhrim; jinah.
  813. Ngalamot curuk : Teu beubeunangan, teu hasil.
  814. Ngalap haté : Ngagenahkeun haté batur sangkan nyaaheun ka urang.
  815. Ngalebur tapak : Ngaleungitkeun lampah goréng, supaya migawé nu hadé.
  816. Ngalénghoy lir ma can teu nangan : Awéwé nu leumpang ngalénghoy atawa ngalanggéor.
  817. Ngalétak ciduh : Teu tulus atawa ngabatalkeun omongan.
  818. Ngaliarkeun taleus ateul : Ngabéja béjakeun kagorengan batur atawa kajahatan anu lian.
  819. Ngalingling ngadeuleu maling : Nénjo bari susulumputan da embung kanyahoan ku nu diténjo atawa ku batur.
  820. Ngalintuhan maung kuru : Néangan pibahayaeun.
  821. Ngalungkeun kuya ka leuwi : Nempatkeun jelema  ka lemburna sorangan.
  822. Ngan ukur saoléseun : Ngan ukur keur kaulinan atawa keur saheulaanan, lain rék enya-enya dijieun pamajikan nu bener.
  823. Ngandung haté : Ngunek-ngunek, boga haté goréng hayang males kanyeri; rasa teu ngeunah dina haté anu can leungit-leungit.
  824. Nganjuk kudu naur, ngahutang kudu mayar : Pihutang, tagihan, sabalikna tina hutang-hatong.
  825. Nganyam samak neukteukan bari motongan : Néang anak ngadeukeutan popotongan.
  826. Nganyar-nganyari : Robah adat, nyieun kalakuan anu tara-tara ti sasari, biasana jadi goréng da nimbulkeun masalah.
  827. Ngarah ngarinah : Ngarugikeun batur ku jalan ngabobodo, nipu,jste.
  828. Ngarah sahuap-sakopeun : Usaha leuleutikan, neangan rejeki saharitaeun.
  829. Ngaraja déwék : Maréntah nagara nurutkeun kahayang sorangan.
  830. Ngarangkay koja : Robah adat, tina hadé kana goréng, ngan henteu ngadadak, tapi lila.
  831. Ngarawu ku siku : Hayang loba panghasilan ku rupa-rupa usaha nu tungtungna teu kaurus, sabalikna tina karawu kapangku.
  832. Ngarep ngarep béntang ragrag : Ngarep-ngarep nu pamohalan bakal kasorang atawa kajadian.
  833. Ngarep ngarep kalangkang heulang : Ngarep ngarep hiji perkara anu kacida banggana jeung sudah pihasileunana.
  834. Ngarujak sentul : Nu keur paguneman paharé-haré, batur ka kidul ieu ka kalér.
  835. Ngawur kasintu nyieuhkeun hayam : Ngaraéh jeung daréhdéh ka deungeun, sabab hayang kapuji, tapi teu nolih jeung nyapirakeun ka dulur atawa ka baraya sorangan.
  836. Ngawurkeur wijén kana keusik : Pagawéan nu mubadir.
  837. Ngebutkeun totopong : Ngetrukkeun élmu pangabisa.
  838. Ngeduk cikur kedah mihatur, nyokél jahé kedah micarek : Lamun nyokot hiji hal kudu saidin anu boga.
  839. Ngembang kadu : Olohok bawaning akgét. Kembang kadu téh disebut olohok.
  840. Ngembang wéra : Beureum beungeut lantaran ambek atawa éra (asal tina wéra).
  841. Ngembat-ngembat nyatang pinang : Kacida panjangna, iring iringan, aleutan.
  842. Ngeplék jawér ngandar jangjang, miyuni hayam kabiri : Kecing, borangan, éléhan.
  843. Ngéplék jawér, ngandar jangjang, miyuni hayam kabiri : Leutik burih, borangan, sieunan, kecing.
  844. Ngepung méja : Dariuk sakurilingeun méja, rék dalahar.
  845. Ngeunah angen ngeunah angeun : Senang haté jeung ngeunah barangdahar.
  846. Ngeunah éon teu ngeunah éhé : Hayang ngeunah sorangan baé, teu ngingetkeun kaperluan batur, teu adil lantaran nu sapihak pinter kodék.
  847. Ngeunah nyandang ngeunah nyanding : Hirup senang lantaran cukup pake jeung nyandingkeun pamajikan nu satia.
  848. Ngeundeuk-ngeundeuk geusan eunteup : Néangan akal pikeun nyilakakeun dunungan.
  849. Ngeungeut damar di suhunan : Barang beré hayang kapuji.
  850. Ngeupeul ngahuapan manéh : Ngaluskeun hiji perkara pikeun kauntungan pribadi.
  851. Ngijing sila béngkok sembah : Teu satia ka dunungan.
  852. Ngindung ka waktu, ngabapa ka mangsa : Nyurupkeun kalakuan kana kaayaan jaman.
  853. Nginjeum sirit ka nu kawin : Nginjeum barang anu keur dipaké ku nu bogana, jeung ngan sakitu-kituna.
  854. Nginjing sila, bengkok sembah : Goréng haté, teu satia ka anu jadi pamingpin atawa dunungan.
  855. Ngodok liang buntu : Geus hésé capé, sanajan tihothat ogé moal atawa henteu beubeunangan.
  856. Ngodok liang jero : Teu hasil enggoning nyiar rejeki, kaditu kadieu luput baé.
  857. Ngorbankeun jiwa jeung raga : Ngorbankeun sagala rupa nu dipibanda, sanajan nepi ka nyawa pisan.
  858. Ngotok ngowo : Cicing baé di imah, tara liar.
  859. Ngudag-ngudag kalangkang heulang : Ngarep-ngarep perkara anu samar kalaksanakeun.
  860. Ngukur baju sasereg awak : Hirup saeukeurna, dina papait jeung mamanis teu daék pacorok jeung batur.
  861. Ngukur ka kujur nimbang ka awak : Ngaluarkeun duit pikeun kaperluan hirup, pakan, pake jste disaluyukeun jeung pangala.
  862. Ngukut kuda kuru ari geus gedé sok nyépak : Ngukut bujang anu tadina pohara balangsakna, susak dahar susah maké, tapi ari geus mulya awak lintuh jeung paké hadé, ngalawan ka anu jadi dunungan.
  863. Ngusap birit bari indit : Ninggalkeun pasamoan tanpa pamit heula.
  864. Nilik bari ngeusi : Babanda ngumpulkeun parabot imah henteu disakalikeun, tapi ditungtut saeutik-saeutik.
  865. Nimu luang tina burang : Meunang pangalaman lantaran cilaka heula.
  866. Nincak parahu dua : Ngadunungan ka duaan atawa boga dua pausahaan.
  867. Ninggalkeun hayam dudutaneun : Ninggalkeun pagawéan nu can anggeus.
  868. Ninggang kana kekecrekna : Keur mah goreng rupana, goreng laku lampahna deuih.
  869. Nini nini dikeningan, awéwé randa dihiasan : Ngamahalkeun barang naon baé anu geus ruksak.
  870. Nini-nini leungit sapeuting, tai maung huisan : Katuding pedah aya patalina jeung kajadian nu jadi perkara.
  871. Nista, maja, utama : Sakali keun bae, dua kali dihampura kénéh, ari katilu kali mah lain antepeun
  872. Nongtot jodo : Geus aya anu ngalamar tapi bedo deui.
  873. Noong ka kolong : Leutik haté, leutik pangharepan.
  874. Nu asih dipulang seungit : Kahadéan di bales ku kahadéan
  875. Nu borok dirorojok, nu titeuleum disimbeuhan : Nu keur susah dipupuas atawa ditambah deui kasusahna.
  876. Nu burung diangklungan, nu édan dikendangan : Ngahaminan omongan atawa carita batur, sanajan ceuk haté sorangan éta omongan atawa carita téh salah.
  877. Nu geulis jadi werejit, nu lenjang jadi baruang : Nu geulis bisa jadi matak ngabahlakeun (ngabahayakeun) ka lalaki .
  878. Nu tani kari daki, nu dagang kari hutang : Nu tani jeung nu dagang sarua ripuhna, euweuh nu mulya.
  879. Nu titeuleum disimbeuhan : Nu keur cilaka dipupuas
  880. Nuju hirup ninggang wirahma : Ngeunaan ka jelema anu keur alus milik.
  881. Nulungan anjing kadempét : Nulungan jelema nu teu boga pisan rasa tumarima.
  882. Numbuk di sué : Meneran keur sué sawatara kali.
  883. Nunggul pinang : Geus teu boga baraya.
  884. Nungtut bari ngeusi : Usaha ngulik elmu atawa ngumpulkeun rejeki saeutik-saeunk nepi ka aya buktina.
  885. Nurub cupu : Ngarepok, sarua alusna.
  886. Nutup lobang ngali lobang : Mayar hutang ku duit meunang nginjeum.
  887. Nuturkeun indung suku : Leumpang sakaparan-paran, ku sabab henteu puguh tujuan.
  888. Nya di hurang nya dikeuyeup : Di unggal jelema oge taya bédana, sarua baé, mungguhing wiwirang atawa katugenah haté mah boh di ménak boh disomah sarua baé.
  889. Nya ngagogog nya mantog : Nya nitah ka batur nya prak kumanéhna.
  890. Nya picung nya hulu maung : Nu nanya jeung nu ngajawab teu sapagodos, pananya jeung jawaban pasalia, henteu nyambung.
  891. Nyaah dulang : Nyaahna ka anak ngan ngurus dahar pakéna, henteu nguruskeun atikanana.
  892. Nyaeuran gunung ku taneuh, sagara ku uyah : Nambahan kauntungan atawa kakayaan ka anu geus beunghar.
  893. Nyaho lautanana : Nyaho karesep jeung kateuresepna.
  894. Nyair hurang meunang kancra : Sugan téh rék meunang kauntungan, kamuliaan atawa bagja anu leutik manahoréng meunang kauntungan atawa bagja anu gedé.
  895. Nyakrawati bahu denda : Maréntah, ngaheuyeuk nagara.
  896. Nyaliksik ka buuk leutik : Nyusahkeun, peperedih atawa pépéntaan ka jelema anu sahandapeun darajatna jeung pangabogana.
  897. Nyalindung di caangna : Ngahaja meres rayat supaya meunang kauntungan nu leuwih gede, ku jalan ngajual nga-ran pamarentah, pangagung, atawa dunungan.
  898. Nyalindung ka gelung : Lalaki nu cicing, ari awewe digawe. Atawa lalaki teu boga, boga pamajikan ka nu beunghar.
  899. Nyandang tatali : Ditalian atawa dibarogol lantaran boga dosa.
  900. Nyanggakeun beuheung teukteukeun, tikoro gorokeun, suku genténg belokeun : Masrahkeun maneh pikeun dihukum lan­taran rumasa boga dosa.
  901. Nyanggakeun buukna salambar, getihna satétés : Pokpokan lalaki nu nyérénkeun pamajikanana ka mitoha dina waktu nyerahkeun.
  902. Nyanggakeun suku genténg belokeun, beuheung teukteukeun, disiksik dikunyit kunyit, dicacag diwalang walang : Sumerah, masrahkeun diri rék dibeureum rék dihideung kari kumaha didinya baé, dina rumasa geus salah atawa rumasa boga dosa.
  903. Nyanghulu ka jarian : Ngawula ka jelema anu sahandapeun harkatna atawa pangartina.
  904. Nyaur kudu diukur nyabda kudu di unggang : Nyarita kudu pas, écés, ngabogaan harti.
  905. Nyécépo ka nu rarémpo : Ngahinakeun ka jalma anu teu boga.
  906. Nyekel sabuk milang tatu : Ngadu jajatén, gelut atawa perang.
  907. Nyeri beuheung sosonggéteun : Pohara ngarep ngarepna, tapi anu diarep arep teu jol baé datang.
  908. Nyeri peurih geus kapanggih, lara wirang geus kasorang : Sagala dodoja hirup geus kaalaman.
  909. Nyeungeut damar di suhunan : Mintonkeun kakayaan, atawa barangbéré supaya dipuji.
  910. Nyeungseurikeun upih murag : Nyeungseurikeun batur padahal ku mariehna bakal kasorang.
  911. Nyeungseurikeun upih ragrag : Akey akeyan nyeungseurikeun batur, duméh buuk geus bodas huntu geus ompong, tonggong geus bengkung turtaning ieu téh kahareup mah ku urang saréréa bakal kasorang.
  912. Nyiar batuk piaraheun : Nyiar pigujrudeun, pipaséaeun.
  913. Nyiar batuk pibaraheun, nyieun piheueuh : Neangan pipanyakiteun.
  914. Nyiar teri meunang japuh : Meunang untung gedé ti batan nu diharepkeun.
  915. Nyicikeun cai, murulukeun lebu : Turun cadu (cacaduan), pantang ngalampahkeun hiji perkara anu dilarang ku luluhur.
  916. Nyiduh ka langit : Méré naséhat ka saluhureun nu leuwih nyaho jeung leuwih réa pangalamanana.
  917. Nyieun catur taya dapur : Ngarang hiji dongéng / carita anu teu aya galurna.
  918. Nyieun heuleur jeroeun huma : Henteu raket jeung dulur paharé-haré baé.
  919. Nyieun piandel : Ngatur carita bohong ngarah dipercaya.
  920. Nyieun pucuk ti girang : Pangheulana néangan piaseaeun.
  921. Nyiruan mah teu resepeun nyeuseup nu pait : Lumrahna manusa teu resep reureujeungan jeung nu teu boga.
  922. Nyiruan teu resepeun nyeuseup nu pait-pait : umumna jalma tara resep sosobatan jeung nu miskin.
  923. Nyiuk cai ku ayakan : Pagawéan nu mubadir, moal ngahasilkeun naon naon.
  924. Nyium bari ngégél : Omongannana hadé ngan haté jeung maksudna goréng . Salakina dipisobat ari pamjikanana dibogohan atawa sabalikna.
  925. Nyokot lésot ngeumbing porot : Teu aya usaha anu ngahasilkeun.
  926. Nyolok mata buncelik : Nganyenyeri, ngahina atawa ngawiwirang di hareupeunana.
  927. Nyolong badé : Siga bageur tapi jahat.
  928. Nyo’o gado : Ngaheureuykeun jalma nu pantes dihormat.
  929. Nyuhun nanggung ngélék ngégél : Rebo pisan, babawaanana loba naker.
  930. Nyuhunkeun bobot pangayon timbang taraju : Ménta pangampura jeung menta timbangan da geus puguh rumasa ari salah jeung dosa mah.
  931. Nyukcruk leuwi malar cai, nyiar seuneu kundang damar : Nyusul-nyusul pituduh batur nu jauh gara-gara teu waspada ka nu nyampak di pribadina.
  932. Nyukcruk walungan mapay mapay wahangan : Kalawan taliti pisan nalungtik luluhur, imeut pisan pancakakina.
  933. Ombak banyuan : Buuk nu galing ombak-ombakan.
  934. Omong harus batan goong : Béja téh gancang naker nerekabna, malah sasarina mah beja anu nerekab téh leuwih hebat batan aslina.
  935. Oray nyampeurkeun paneunggeul : Nyampeurkeun pi bahayaeun.
  936. Owah akal : Teu jejeg pikiranana.
  937. Owah gingsir : Hanteu tetep, henteu ajeg, gunta ganti pamadegan.
  938. Paanteur-anteur julang : Silih anteur nepi ka aya dua tilu kalina.
  939. Pabalik letah : Barangbéré tapi dipénta deui.
  940. Pacikrak ngalawan merak : Tangtu éléhna sabab nu leutik ngalawan anu gedé.
  941. Pada rubak sisi samping : Sarua baé pada loba luangna, pada loba pangalamanana.
  942. Padaringan kebek : Repok nu alus, bakal moal kakurangan rejeki.
  943. Paéh pikir : Teu boga karep.
  944. Paeh poso : Méakeun kadaék, tisusut tidungdung.
  945. Paéh teu hos, hirup teu neut : Gering ngalanglayung, hirup tapi teu eureun-eureun gering.
  946. Pagedé-gedé urat rénggé : Patarik-tarik nyoara .
  947. Pageuh kancing loba anjing : Taki-taki mageuhan tulak, bisi aya bancang pakewuh.
  948. Pagiri-giri calik, pagirang girang tampian : Paunggul unggul dina néangan pangupa jira (Paunggul unggul nyiar rejeki, teu daék silih séblokan).
  949. Paheuyeuk heuyeuk leungeun : Silih bantuan, silih bélaan, silih tulungan, sauyunan.
  950. Pait daging pahang tulang : Cageur teu keuna ku panyakit naon baé, arang gering.
  951. Pait paria : Pait ngeunah.
  952. Pajauh huma : Pegat babarayaan.
  953. Pakait pikir : Jangji rek ngahiji.
  954. Pakokolot supa : Padeukeut umurna, henteu sabaraha ganjor.
  955. Pakotrek iteuk : Laki rabi ti ngongora napi kakolot pisan, pada pada geus jadi aki-aki nini-nini.
  956. Paluhur luhur diuk : Pagedé gedé kauntungan dina nyiar kipayah.
  957. Pamuka lawang : Oléh-oléh, kiriman.
  958. Panas leungeun : Teu jadian pepelakan.
  959. Panasbaran : Babari ambek.
  960. Panday tara bogaeun bedog : Sasarina ari tukang mah sok tara bogaeun.
  961. Pangeprak reumis : Purah diutah-étah, ngajalankeun pagawéan nu lumayan.
  962. Pangéran mah tara nanggeuy ti bongkokna : Alloh mah tara nanggeuy ti bongkokna.
  963. Panjang ingetan : Teu babari poho.
  964. Panjang lengkah : Jauh panyabaannana, loba pangalamannana.
  965. Panjang leungeun : Cocorokot, sok pulang-paling.
  966. Panon kéongeun : Panon nu caian baé.
  967. Panonna kandar ka sisi : Resep ngarérétan nu kasép .
  968. Papadon los ka kolong : Jalir jangji, teu nedunan jangjina.
  969. Papais-pais paray : Patéép kawas paray nu dipais, bari ngahuntu kala.
  970. Paraji ukur malar saji : Dukun palsu, ngan ngarah buruhan wungkul.
  971. Pardu kasambut sunat kalampah : Ngalakukeun anu wajib bari sakalian anu sunat.
  972. Pareumeun obor : Teu nyaho saha-sahana nu jadi baraya atawa karuhun lantaran euweuh nu ngabéjaan.
  973. Hade ku omong goréng ku omong : Sagala rupa perkara bisa disebut hadé atawa goréng lantaran omonganana.
  974. Pariuk manggih kekeb : Papada meunangkeun nu goréng patut.
  975. Pasini jangji pasang subaya : Nyieun perjangjian.
  976. Pasrah arit : Pasrah teu terus jeung haté.
  977. Pat-pat gulipat : Kalakuan licik, teu jujur.
  978. Perang urat sarap : Perang teu maké pakarang, ukur ku omongan.
  979. Perlaya ing yuda : Kasambut di pangperangan.
  980. Pétot bengo dulur sorangan : Sanajan ngéwa atawa ambek ka dulur atawa ka baraya anu landes, ari manéhna meunang karerepet mah teu wéléh hayang nulungan, jeung ngahampura kasalahanana, henteu téga ngantep
  981. Peujit koreseun : Isuk-isuk kénéh geus kudu barangdahar, elat meueusan sok nyalingit beuteung.
  982. Peunggas rancatan : Béak modal, tepi ka jadi pugag usaha, atawa ditinggalkeun maot ku anu jadi andelan.
  983. Peureum hayam : Peureum meueusan, bisa kénéh nénjo atawa api-api peureum.
  984. Peureum kadeuleu beunta karasa : Inget baé, teu bisa poho. Ngagambarkeun nu kaédanan sok inget baé ka nu dipikabogoh.
  985. Picung cibur : Saregepna digawé ngan mimiti baé.
  986. Piit ngeundeuk-ngeundeuk pasir : Mikahayang anu henteu layak pikeun dirina.
  987. Pindah cai dibawa tampianana : Aya di pangumbaraan mageuhan adat kabiasaan sorangan.
  988. Pindah cai pindah tampian : Ngaluyukeun diri kana adat jeung kabiasaan di tempat anyar.
  989. Pindah pileumpangan : Robah adat atawa robah kalakuan, tina hadé jadi goréng.
  990. Pinter aling laing bodo : Pinter tapi embung kanyahoan ku batur, kusabab éta nyeta nyeta anu bodo.
  991. Pinter kabalinger : Ongkoh pinter, tapi katipu atawa ngayakeun aturan anu teu bener pikeun kapentingan sorangan.
  992. Pinter kodék : Licik, daék ménta embung méré.
  993. Pipilih nyiar nu leuwih, kocéplak meunang nu pécak : Hayang nu leuwih alus, kalah meunang nu goréng.
  994. Piruruhan dikatengah-imahkeun : Nu hina jadi mulya, tapi sanggeus mulya adatna jadi ningkah loba léléwa.
  995. Poék mongkléng buta rajin (atawa buta radin) : Poék pisan, sasatna henteu témbong curuk-curuk acan.
  996. Pohara dagdag-dédégna : Ngagambarkeun jalma anu enyaan hayang ngaladénan sangkan nyugemakeun nu diladénanana.
  997. Poho ka purwadaksina (wiwitan) : Pindah pileumpangan, robah adat jadi gedé hulu.
  998. Pokrol bambu : Pangacara nu teu boga kaahlian dina widang hukum, ngan ukur boga pangalaman.
  999. Pondok catur panjang maksud : Caritaan anu ringkes tapi ngeusi.
  1000. Pondok heureut : Kurang akal, teu daek mikir nu hesé-hesé.
  1001. Pondok jodo : Teu awet laki-rabi.
  1002. Pondok jodo panjang baraya : Sanajan geus papisah tapi ari duduluran mah ulah pegat kudu terus nganteng saendengna.
  1003. Pondok léngkah : Teu pati bébas lunta ti lembur.
  1004. Pondok nyogok panjang nyugak : Omongan anu matak nyentug kana haté, garihal teu matak resep ngadéngékeunana.
  1005. Potol jarum : Awéwé nu taya pisan boga pakaya.
  1006. Potol teko : Lalaki nu taya pisan boga pakaya.
  1007. Pucuk awian : Tara puguh pamadegan (jangji), luak-léok baé.
  1008. Puguh éntép seureuhna : Mérélé, sarta alus susunan basana.
  1009. Pupulur méméh mantun : Ménta diburuhan méméh aya jasa atawa ménta buruhan méméh prak digawé.
  1010. Pur kuntul kari tunggul, lar gagak kari tunggak, tunggak kacuwatan daging : Dina cidrana anu diboréhan, boréh anu katempuhan, kudu mayaran hutang anu dipangnanggungkeun.
  1011. Pur manuk : Ngagawékeun jelema bari teu jeung disuguh, ngan diburuhan duit wungkul.
  1012. Puraga tamba kadengda : Digawé asal jadi, tamba henteu, asal baé.
  1013. Randa béngsrat : Randa anu waktu pipisahan jeung salakina masih kénéh parawan da henteu kungsi sapatemon /hubungan badan.
  1014. Ranggaék méméh tandukan : Loba kahayang nu teu saimbang jeung kaayaan dirina. Saharti jeung beunghar memeh boga atawajeneng memeh pangkat.
  1015. Raweuy beuweungeun rambay alaeun : Loba dahareun da loba pepelakan.
  1016. Réa harta réa harti, réa ketan réa keton : Loba paré  jeung loba duit, taya kakurang.
  1017. Réa rambat kamaléna : Réa patula-patalina jeung perkara séjén.
  1018. Rejeki kasésér ku hakan : Rejeki béak ku dipaké barangdahar atawa beak ku kaperluan dahareun wungkul.
  1019. Rejeki maungeun : Rejeki gedé anu datangna bleg-blegan, tapi langka pisan.
  1020. Rék dibeureum rék dihideung gé pasrah : Rék dikumahakeun ogé moal ngalawan.
  1021. Rek dijieun jimat parépéh : Rék didama-dama, awéwé ku salakina nu kacida bogoheunana.
  1022. Rempug jukung : Sauyunan, sahaté, silih tulungan.
  1023. Reuneuh munding : Awewe reuneuh leuwih ti salapan bulan.
  1024. Reuntas ku tingkah : Turun harkat lantaran goréng laku lampah.
  1025. Risi ku bisi, rempan ku sugan : Réa kasalempang dina waktu kurang aman.
  1026. Rokrok pondokeun, peunggas harupateun : Babari ambek, babari anggeus-anggeusan.
  1027. Rumbak caringin di buruan : Geus euweuh nu bakal ngingetan, ku sabab geus teu boga kolot saluhureun.
  1028. Rumbak kuntieun : Henteu lengkep, aya baé anu kurang nu matak cua kana haté.
  1029. Rup ku padung rap ku lemah, katuruban taneuh beureum : Geus maot, dikubur.
  1030. Rusuh luput gancang pincang : Migawé naon baé anu rurusuhan, temahna matak kaduhung sabab hasilna teu matak nyugemakeun.
  1031. Saampar samak : Sageblég jeung kaayaanana meh sarua, sakapat atawa satatar , disebutkeun kana sawah atawa tanah nu padeukeut atawa tepung wates jeung sawah atawa tanah batur.
  1032. Saaub payung sacaang damar : Lahan atawa pakarangan heureut.
  1033. Sabata sarimbangan : Sauyunan, layeut.
  1034. Sabda pandita ratu : Pangandika raja kudu beunang dipercaya kawas sabda pandita, raja teu meunang cidra.
  1035. Sabobot sapihanéan : Sauyunan, sapapait samamanis sabagja sacilaka.
  1036. Sabuni buni anu ngising : Sanajan dibunian atawa disumputkeun ogé ari laku lampah anu goréng mah awal akhir sok kudu kanyahoan baé.
  1037. Sacangreud pageuh, sagolék pangkék : Sagala omonganana ditedunan, tara jalir jangji, pageuh nyekel jangji, tara sulaya tina omonganana.
  1038. Saciduh metu, saucap nyata : Sipat nu luhung élmuna, sagala rupa kasauranana aya buktina.
  1039. Saciriking duit sakocopoking bogo : Rupa-rupa perkara anu boga daya tarik kana haté.
  1040. Sadom araning baraja (braja), sakunang araning geni : Perkara (barang) anu bisa ngalantarankeun cilaka, sanajan teu pira .
  1041. Saeutik mahi loba nyésa : Jelema anu bisa ngatur rejeki, najan ukur meunang saeutik, tapi bisa nyumponan pangabutuh.
  1042. Saeutik patri : Najan saeutik tapi matak sugema lantaran alus.
  1043. Sagalak galakna macan tara nyatu anakna : Sanajan pohara bengisna nu jadi indung-bapa, umumna tara téga ka anu jadi anak.
  1044. Sagolék pangkék sacangreud pageuh : Hanteu cidra kana jangji.
  1045. Sahérang hérangna cai béas : Galibna haté téh hésé pisan beresihna ka jelema anu geus bukti tas nganyernyeri ka urang.
  1046. Sahérang hérangna cibéas, moal hérang cara cisumur : Sasarina lamun geus aya pacéngkadan sok tara hade deui cara baréto saméméh aya pacéngkadan.
  1047. Sakecap kadua gobang : Ngagambarkeun sipat jalma anu gampang ngambek jeung gampang ngadék deuih.
  1048. Sakésér daun : Babari lapar deui.
  1049. Sakiriciking duit sakocopoking bogo : Naon baé anu matak narik kana haté urang.
  1050. Sakti mandraguna : Pohara saktina.
  1051. Sakuru-kuruna lembu, saregeng-regengna banténg : Sakumaha teu bogana, jalma nu asalna beunghar, moal miskin-miskin teuing.
  1052. Salieuk béh : Beunghar, sagala aya.
  1053. Salisung garduh : Sapongkol (sakongkol).
  1054. Saluhur luhur punduk tara ngaliwatan hulu : Sapinter pinterna murid pangartina moal ngaluhuran guru.
  1055. Samar polah samar rasa : Henteu puguh tingkah upamana ku sabab tepung jeung jalma anu dipikacinta tapi kakara disidem dina haté baé, tacan bruk-brak
  1056. Sanajan nepi ka bisa ngukir langit : Sanajan sakumaha pinterna.
  1057. Sangsara di geusan betah : Jelema anu kacida miskinna, tapi anéhna teh ari hirup mah hayang kénéh.
  1058. Sapapait samamanis : Hirup rukun, sauyunan.
  1059. Sapi anut ka banténg : Awéwé ngawula ka salaki.
  1060. Sapu nyéré pegat simpay : Papisah sanggeus babarengan lila, lantaran pindah tempat.
  1061. Sareundeuk saigel sabobot sapihanean sabata sarimbangan : Sauyunan, layeut, tara aya pacéngkadan.
  1062. Sari gunung : Tegep geulis katénjona ti kaanggangan ari ti kadeukeutan mah teu sabaraha.
  1063. Sasieureun sabeunyeureun : Saeutik-eutikeun.
  1064. Satalén tilu baru : Kitu-kitu kénéh.
  1065. Satengah buah leunca : Teu jejeg ingetan, langlang lingling, kurang saeundan.
  1066. Sato busana daging, jalma busana élmu : Jelema mah minangka nu jadi papakéanana téh élmu, lain daging kawas sato.
  1067. Satru kabuyutan : Musuh tuturunan, atawa musuh gerot.
  1068. Satungtung deuleu : Ngagambarkeun anu upluk-aplak lega pisan
  1069. Saumur nyunyuhun hulu : Saumur hirup rumingkang di bumi alam.
  1070. Saungkab peundeuy : Omongan anu pondok tur kurang manis.
  1071. Saur manuk : Ngajawab bareng
  1072. Sawaja sabeusi : Sarua harkatna, darajatna atawa rajakayana, sakupu (salaki jeung pamajikan).
  1073. Sawan geureuh : Kawas nu reuwas ku digeunggeureuhkeun.
  1074. Sawan kuya : Kawas kuya nangkarak teu bisa nangkub, dilarapkeun ka jalma nu naék teu bisa turun atawa nu hayang eureun tina pagawéan nu geus dimimitian tapi teu bisa.
  1075. Sela hapitan gunung : Budak lalaki nu boga lanceuk awéwé hiji jeung adi awéwé hiji.
  1076. Selang-seling : Aya éling aya henteu (nu gering rada owah).
  1077. Selenting bawaning angin, kolepat bawaning kilat (béja) =Kabar angin atawa kabar tolok, nyaéta béja anu nyebarna ditatalepakeun, teu puguh sumberna.
  1078. Séngsérang padung : Ngeunaan awéwé atawa lalaki anu boga kénéh napsuna cara baheula keur ngora kénéh, sasarina aya di jelema nu geus kolot, nu téréh paéh.
  1079. Séngsérang panon : Jajaka atawa parawan nu keur meujeuhna pikaresepeun, atawa keur meujeuhna resep nenjo nu tegep lantaran keur mangkat begér.
  1080. Sentak badakeun : Teu cééhan dina gawé, mimiti pohara getolna, tapi beuki lila beuki ngedul nu tungtungna téh diantep teu dipigawé pisan.
  1081. Sepi paling towong rampog : Aman kerta raharja.
  1082. Serah bongkokan : Taluk, sanggeus ngarasa tétér.
  1083. Sereg di panto logor di liang jarum : Nyingkahan hirup kumbuh jelema loba, sabab loba dosa, loba kasieun jeung kaéra, betahna dinu suni nu teu aya jelema.
  1084. Setan bungkeuleukan : Jelema anu kacida jahatna, taya rasrasan dina kadolimanana.
  1085. Seukeut ambeu seukeut deuleu : Loba mata-matana jeung pinter nyusud perkara.
  1086. Seukeut tambang manan gobang : Sakumaha gagahna wanina jeung ngalawana ogé jalma jahat mah awal ahir tangtu katangkep pulisi.
  1087. Seuneu hurung cai caah : Keur ambek, keur amarah, keur napsu.
  1088. Seuneu hurung dipancaran : Nu keur napsu, heug ditambahan pisan pikakeuheuleun, tangtu bae ngambekna jadi tambah.
  1089. Seuneu hurung, cai caah, ulah disorang : Jalma ami keur napsu ulah diladénan atawa diheureuyan.
  1090. Seungit angin-anginan : Seungit pisan mélébér ka mana-mana
  1091. Seuri konéng : Seuri maur, seuri bari rada era atawa nyeri, upamana tas ceurik atawa tas ngambek.
  1092. Seuseut batan neureuy keueus : Hésé pisan.
  1093. Si Cépot jadi raja =Jelema euweuh kabisa jadi pamingpin.
  1094. Sibanyo laleur : Ledis pisan, teu nyésa saeutik eutik acan.
  1095. Siduru isuk : Nyunatan budak teu maké raraméan, sarta teu ondang-ondang.
  1096. Sieun keplok jadi tamplok : Sieun rugi saeutik, tapi tungtungna rugi gedé pisan.
  1097. Sieun nyakclak jadi bahé : Sieun rugi tapi tungtungna jadi lapur.
  1098. Siga béntang kabeurangan : Geulis pisan.
  1099. Siga bungaok : Goréng patut pisan.
  1100. Silih jenggut jeung nu gundul : Pakumaha-kumaha jeung batur nu pada teu boga nanaon.
  1101. Siniger tengah : Sikep atawa pamadegan nu sedeng, biasana henteu biluk ka salah sahiji pihak.
  1102. Sireum ateulan : Teu adil dina babagi atawa teu sarua gedéna dina barangjieun; teu sarua ukuranana.
  1103. Sireum ngalawan kadal : Nu leutik ngalawan nu gedé.
  1104. Sirung ngaliwatan tunggul : Darajat atawa milik anak ngaliwatan bapa.
  1105. Sirung ngaluhuran tunggul : Jelema nu darajatna atawa élmuna ngungkulan kolotna atawa guruna.
  1106. Sisit kadal : Sial, goréng milik.
  1107. Sisit kancra : Alus milik.
  1108. Soéh keuyeupeun : Soéh nyiku atawa masékon (baju, samping jsb).
  1109. Sono bogoh geus kalakon, lara wirang geus kasorang : Geus cukup pangalaman ngarasakeun suka-duka.
  1110. Sosoroh gawé : Ménta digawékeun tanpa buruhan, asal dibéré dahar.
  1111. Sosoroh kojor : Milu perang nandonkeun nyawa, tapi miluna teu iklas, lantaran dipaksa.
  1112. Sosoroh ngadon kojor : Kikiriman ku lantaran aya pangarahan tapi boro boro meunang kauntungan, kalahka meunang wiwirang jeung karugian.
  1113. Suku sambung leumpang, biwir (létah) sambung lemek : Darma mangnepikeun maksud batur, lain niat sorangan.
  1114. Sulit ati belang bayah : Dilarapkeun ka jelema nu pundungan jeung goréng sangka ka batur.
  1115. Suluh besem ari diasur-asur mah hurung : Jelema sabar oge ari hantem diangsonan mah piraku teu ngalawan.
  1116. Sumput-salindung : Boga kalakuan anu ulah kanyahoan ku batur.
  1117. Sundul ka langit : Kacida luhurna nepi ka kawas nu adek kana langit.
  1118. Taarna teja mentrangan : Tarang anu alus kawas anu cahayaan.
  1119. Tacan aya nu nganjang ka pagéto : Can aya jelema nu nyaho naon anu bakal kajadian di ahir.
  1120. Tai ka hulu-hulu : Tingali miyunihurang, taika hulu-hulu
  1121. Taktak korangeun : Taktak leway kawas kempis.
  1122. Tamba gado ngaburayot :Tamba cicing teu barangdahar, lumayan sanajan lain nu ngeunah.
  1123. Tambuh laku : Laku nu taya gunana, upamana indit rék nagih ka tempat anu jauh, ari hég jalmana keur euweuh di tempat, jadi nyamos.
  1124. Tamiang meulit ka bitis : Malindes ka diri sorangan.
  1125. Tamplok aseupan : Turun sagemblengna ka anak, boh dedeg-pangadegna boh tingkah lakuna.
  1126. Tamplok batokeun : Béréhan teuing nepi ka urang mah susah.
  1127. Tanda wisnu : Tanda bawa waktu lahir dina badan, biasana henteu daékeun leungit nepi ka kolot.
  1128. Tangkal kai teu kalis ku angin : Unggal jelema kudu baé nyorang kasusah.
  1129. Tarajé nangeuh dulang pinandé : Saban tugas kudu dilaksanakeun kalawan alus sarta bener.
  1130. Tatah wadung : Rajakaya anu dipiboga ku hiji jalma.
  1131. Tawar gatra : Nawaran dahar tamba henteu basa-basa acan.
  1132. Taya dunya kinasihan : Sagala rupa dibikeun pikeun jalma nu dipikaasih mah.
  1133. Taya genah panasaran : Geus ngarasa sugema, teu ngandung haté.
  1134. Taya geusan pakumaha : Euweuh batur keur diajak badami.
  1135. Taya halodo panyadapan : Taya eureuna digelendeng atawa di dicarékan (Terus baé digelendeng atawa dicarékan).
  1136. Taya kabau : Sagala daék, sagala beuki.
  1137. Taya tangan pangawasa : Jiga anu dipupul bayu, henteu boga tanaga, leuleus.
  1138. Tebus purun paradah wani : Upama perlu daék nebus, sarta wanikatempuhan jeung wani tanggung jawab.
  1139. Teguh pancuh : Panceg pamadegan.
  1140. Teluh kéjo : Tunduh lantaran seubeuh teuing dahar.
  1141. Témbong gélor : Hiji barang atawa tempat anu katembongna mah deukeut padahal saenyana jauh.
  1142. Téng manuk téng, anak merak kukuncungan : Kalakuan kolot nurun ka anakna, ngala ka indung jeung bapana.
  1143. Terusing ratu rembesing kusumah : Turunan raja-raja atawa ménak.
  1144. Teu asup kolem : Teu asup bilangan, teu kaaku golongan.
  1145. Teu aya geuneuk maleukmeuk : Beresih haté, teu ngunek-ngunek.
  1146. Teu aya sarebuk samérang nyamu : Teu aya saeutik eutik acan.
  1147. Teu basa teu carita : Teu aya béja pisan.
  1148. Teu basa-basa acan : Teu ngedalkeun rasa bungah, sono atawa tumarima.
  1149. Teu beunang dikoét kunu kékéd : Medit pisan.
  1150. Teu beunang disupa dulang : Teu beunang dibébénjokeun.
  1151. Teu boga pikir rangkepan : Bolostrong, teu boga curiga, atawa teu boga rasa timburu.
  1152. Teu boga tulang tonggong : Teu boga tatalang raga.
  1153. Teu busik bulu salambar : Teu régrog régrog, malah unggul dina juritna, salamet atawa meunang kaunggulan, henteu kabeunangan ku musuh.
  1154. Teu busik-busik acan : Salamet, henteu kabeunangan ku musuh.
  1155. Teu cai hérang-hérang acan : Teu disuguhan naon-naon.
  1156. Teu cari ka Batawi tapi ka salaki : Hakan paké hayang ti salaki.
  1157. Teu di hurang teu di keuyeup : Parasaan mah teu di cacah teu di ménak, sarua baé.
  1158. Teu diambeuan : Teu dipikarisi, teu dipikagimir, teu dihargaan/diajénan.
  1159. Teu dibere cai atah : Teu diogo.
  1160. Teu didingding kelir : Teu dibuni buni, ditembrakeun baé, teu dirasiahkeun.
  1161. Teu dipiceun sasieur : Sarua pisan teu aya bedana saeutik eutik acan.
  1162. Teu ditari teu ditakon : Teu dipaliré diantep baé, teu ditanya tanya acan.
  1163. Teu éléh géléng : Henteu éléh pangabisa.
  1164. Teu elok teu embol : Teu katénjo datang atawa balikna, teu témbong-térnbong.
  1165. Teu embut teu ciak : Teu méré béja saeutik-eutik acan.
  1166. Teu gedag bulu salambar : Teu sieun saeutik-eutik acan ku ancaman musuh.
  1167. Teu gugur teu angin : Teu aya lantaranana, teu aya sabab-musababna.
  1168. Teu gugur teu angina : Saméméh kajadian naon naon, teu aya pisan béja, lantaran atawa cicirén.
  1169. Teu hadé gawé : Teu pantes bisa digawé.
  1170. Teu hir teu walahir : Teu baraya meueus-meueus acan.
  1171. Teu inget sacongo buuk : Poho pisan.
  1172. Teu jauh ti juru tihang, teu anggang ti tihang tengah : Geus goréng rupana téh goréng kalakuanana, sabab sok pulang-paling.
  1173. Teu kabadanan : Teu katanagaan.
  1174. Teu kakurung ku entik : Teu kaasup bilangan jelema anu kudu disuguhan/ dibéré dahar.
  1175. Teu kaur beunta/teu kaur buluan :Teu kaur aya kaboga, béak deui-béak deui.
  1176. Teu kénging disupa dulang, teu kénging dibébénjokeun : Wawangsalan nu ngagambarkeun kasono nu henteu bisa disisilihan ku naon baé. Supa dulang = kéjo, sangu. Kecap kéjo murwakanti jeung bébénjo.
  1177. Teu lémék teu nyarék : Teu ngomong naon-naon.
  1178. Teu mais teu meuleum : Teu pipilueun kana urusan nu jadi carita.
  1179. Teu meunang cai atah :Teu dipangmeunangkeun.
  1180. Teu nalipak manéh : Teu ngukur ka kujur, ngalampahkeun kalakuan nu teu saluyu jeung kaayaan dirina.
  1181. Teu ngalarung nu burung, teu nyésakeun nu édan : Ngalajur napsu ka awéwé, ka anu halal jeung anu haram oge disaruakeun baé.
  1182. Teu nginjeum ceuli teu nginjeum mata : Ngadéngé jeung nénjo sorangan lain cenah jeung baruk.
  1183. Teu nyaho di alip bingkeng : bodo teu bisa maca-maca acan, da teu sakola.
  1184. Teu nyaho di hitut bau : Teu loba pangalaman, dusun.
  1185. Teu nyaho di kalér-kidul : Linglung, kapaider.
  1186. Teu pindo gawé : Teu ngabohong.
  1187. Teu puguh alang ujurna : Teu puguh éntép seureuhna, teu bérés lain kitu kuduna.
  1188. Teu puguh monyét hideungna : Teu puguh tungtungna.
  1189. Teu rék gedag bulu salambar : Henteu ngarasa sieun saeutik-eutik acan sarta moal mundur, rék terus ngalawan.
  1190. Teu sanak teu kadang : Teu boga baraya pisan.
  1191. Teu tata pasini : Teu cacarita heula, teu badami heula.
  1192. Teu tuah teu dosa : Teu boga kasalahan naon-naon.
  1193. Teu uyahan : Henteu nyari atawa kurang ajar. Pikeun nyebut jalma anu kalakuanana atawa omonganana henteu merenah.
  1194. Teu wawuh wuwuh pajauh, teu loma tambah paanggang : Sing wawuh tur sing loma sabab balukarna alus pisan.
  1195. Teui hir teu walahir, teu kakak, teu caladi teu aro aro acan : Teu baraya, teu kaka, teu adi teu alo alo acan. Deungeun deungeun tulen.
  1196. Ti batan meunang pala anggur meunang palu : Ti batan meunang pujian atawa buruhan kalah ka dicarékan.
  1197. Ti kikirik nepi ka jadi anjing : Ti bubudak  tepi ka sawawa (dewasa).
  1198. Ti luhur sausap rambut ti handap sahibas dampal : Ménta dihampura tina rumasa geus salah atawa boga dosa.
  1199. Ti nanggerang lila beurang ti nangkorék lila poék : Ti mana-mana, ti suklakna ti siklukna.
  1200. Ti ngongkoak nepi ka ngungkueuk : Ti bubudak nepi ka bongkok ku kakolotan.
  1201. Ti peuting kapalingan ti beurang kasayaban : Sababaraha kali karurugian atawa karoroncodan.
  1202. Tibalik pasangan : Lain kitu kuduna, tojaiah jeung nu bener.
  1203. Tibatan kapok, anggur gawok : Henteu kapok, anggur ngahanakeun.
  1204. Tiis ceuli hérang mata : Sugema haté kulantaran ngeunah deudeuleuan jeung dédéngéan.
  1205. Tiis dingin paripurna = Sampurnaning tiis pikir/ tibra saré, kacida ngarasa sugemana, taya kahariwang.
  1206. Tiis leungeun : Jadian pepelakan.
  1207. Tiis pikir : Bungah haté.
  1208. Tiis-tiis jahé : Anteng waé, padahal rék nyanghareupan pagawéan gedé tur bangga.
  1209. Tikoro andon péso : Ngadeukeutan jelema nu bakal ngahukum atawa nganyenyeri ka diri urang.
  1210. Tilas tepus : Ukur sacukupna baé.
  1211. Tinggar kalongeun : Teu sieun atawa teu nurut kulantaran remen teuing digelendeng atawa dicarékan.
  1212. Tingongkoak tepi ka ngungkleuk : Ti ngora nepi ka kolot.
  1213. Tipu keling ragaji Inggris : Pinter dina kajahatan, pinter dina ngbobodo atawa nipu.
  1214. Tisusut tidungdung : Digawé ti isuk nepi ka peuting teu eureun-eureun.
  1215. Titip diri sangsang badan : Mihapekeun manéh.
  1216. Titirah ngadon kanceuh : Sejana nyiar kasenangan, tapi jadina pinanggih jeung kasusah nu leuwih gedé.
  1217. Totopong heureut dibeber beber, tangtu soeh : Nyukupan ku pangala nu sakitu saeutikna, tangtu baé matak jadi susah, lamun rejeki atawa pangala saeutik, ari keperluan jeung pangaluaran anu sakitu lobana.
  1218. Trong kohkol morongkol, dur bedug murungkut : Dilarapkeun ka jelema nu kedul hudang subuh.
  1219. Tuang jinis : Jelema nu sok seuri ku carita atawa dongengna sorangan, ari batur mah euweuh nu seuri.
  1220. Tugur tundan cuntang gantang : Kawajiban nu leutik ngalampahkeun papagon nagara.
  1221. Tugur tundang cuntang gantang : Ngajalankeun pagawéan pikeun Nagara, babakti ka nagara.
  1222. Tumpang sirang : Teu pantes barangpaké, tumamu lantaran kararagok waé jeung nu dicicingan.
  1223. Tunggal sakocoran : Masih sakaruhun, masih aya katalian pancakaki.
  1224. Tunggu tutung : Nu ngajaga atawa nu tunggu kapalingan ku lantaran lalawora.
  1225. Tunggul dirarud catang dirumpak : Euweuh anu dipikasérab, terus baé ngalajur napsu.
  1226. Tunggul kuras : Duit teu sabaraha anu ngahaja disésakeun, tamba kosong teuing pesak/lokét
  1227. Tunggul sirungan, catang supaan : Aya kajadian anu goréng atawa matak teu genah ahirna.
  1228. Tungkul ka jukut tanggah ka sadapan : Junun nyanghareupan pagawéan anu dipilampah, teu kaganggu ku naon naon.
  1229. Turun ka ranjang : Kawin ka adi beuteung sanggeus jeung lanceukna kapegat ku ajal atawa pepegatan.
  1230. Turun tangis : Babarian ceurik.
  1231. Turunan Tumenggung sundung, patih arit : Lain turunan ménak sanajan enya jeneng.
  1232. Tutung atahan : Pagawéan atawa jijieunan anu alus sawaréh.
  1233. Tuturut munding : Nurutan kalakuan batur bari teu ngarti kana maksudna.
  1234. Tutus langkung, kepang halang : Omongan atawa caritaan anu salah pok-pokanana atawa teu pati merenah.
  1235. Ubar puruluk : Omongan pikeun nengtremkeun pikir sakadarna, ulah ngarasula.
  1236. Ukur pulang modal : Henteu untung henteu rugi, balik jinis.
  1237. Ulah andelan ulah pidelan : Ulah percayaan teuing, tapi ulah teu percayaan teuing.
  1238. Ulah beunghar méméh boga : Ulah adigung nyeta nyeta anu beunghar, turtaning henteu atawa tacan boga pakaya.
  1239. Ulah cara ka kembang malati kudu cara ka picung : Ulah sok bosenan ari ka pamajikan téh, hadéna mah ti keur ngora kénéh nepi ka geus kolot téh, lain beuki lila beuki bosen tapi kudu beuki lila beuki welas asih.
  1240. Ulah cara ka malati kudu cara ka picung : Ulah ngurangan kanyaah kudu beuki lila beuki nyaah.
  1241. Ulah ieu aing uyah kidul : Ulah asa aing pangpunjulna.
  1242. Ulah incah balilahan : Entong pindah tempat.
  1243. Ulah kabawa ku sakaba-kaba : Ulah kabawa ku nu teu puguh, maksudna kabawa jurig, dedemit.
  1244. Ulah kéok méméh dipacok : Ulah sieun saacan ngalakonan.
  1245. Ulah leutik haté : Ulah sieun atawa putus pangharepan.
  1246. Ulah lunca linci luncat mulang udar tina tali gadang, omat ulah lali tina purwadaksina : Kudu nuturkeun étika anu aya.
  1247. Ulah muragkeun duwegan ti luhur : Masing nyaah kana rejeki meunang hésé capé ladang kesang, pacuan arék dimonyah monyah.
  1248. Ulah ngaliarkeun taleus ateul : Ulah nyeubarkeun fitnah.
  1249. Ulah ngukur baju sasereg awak : Ulah menyimpulkan nurutkeun diri sorangan
  1250. Ulah nyaliksik ku buuk leutik : Ulah nyangsarakeun rakyat leutik.
  1251. Ulah pagiri- giri calik, pagirang- girang tampian : Ulah rebutan kakawasaan
  1252. Ulah pangkat méméh jeneng : Ulah adigung adiguna hayang nyaruaan ka nu geus jeneng.
  1253. Ulah sambat kaniaya : Ulah majar manéh dikaniaya, da bongan boga dosa.
  1254. Ulah tiis tiis jahé : Kudu giat, kudu cingceung.
  1255. Ulah unggut kalinduan ulah gedag kaanginan : Ulah kagoda, ulah kaganggu atawa kabéngbat ku rypa rupa, lamun urang keur nyanghareupan hiji maksud anu hadé.
  1256. Umur gagaduhan, banda sasampiran : Boh umur boh harta banda teu ngaboga-boga, sabab dina hakékatna mah sadayana oge kagungan Allah.
  1257. Uncal kaauban surak : Ngadéngé béja tacan sidik tuluy diandel enya baé.
  1258. Uncal tara ridueun ku tanduk : Elmu moal matak ridu mamawa.
  1259. Undur kadeuleu punduk, datang kadeuleu tarang : Henteu ngaléos kitu baé, bébéja heula, basa rék indit saperti basa datang.
  1260. Unggah balewatangan : Katarik kana perkara kudu datang ka pangadilan, boh ukur jadi saksi boh jadi nu didakwa.
  1261. Urang curug ngebul : Jalma dusun ti nu jauh pisan ti kota.
  1262. Urang kampung bau lisung, cacah rucah atah warah : Jelema dusun.
  1263. Uteuk tongo dina tarang batur katenjo, ari gajah depa dina punduk teu karasa =Kagoréngan batur sanajan saeutik kanyahoan, ari cacad awak sorangan masing gedé ogé teu karasa.
  1264. Uteuk tongo walang taga : Barang-barang atawa sasatoan anu panglaleutikna.
  1265. Uyah tara téés ka luhur : Sipat anak sok ngala ka indung-bapana.
  1266. Waspada permana tingal : Bisa nyaho kana naon naon anu bakal kajadian.
  1267. Watang sinambungan : Nu paséa atawa nu boga perkara batur, tapi ari cékcokna jeung urang.
  1268. Wawuh munding : Wawuh meueusan pédah sok panggih di jalan atawa dina pasamoan.
  1269. Weruh sadurung winarah : Nyaho méméh dibéjaan.
  1270. Wiwirang di kolong catang nya gedé nya panjang : Wiwirang nau pohara gedéna.
  1271. Yuni kembang : Jelema anu pasipatanana kawas kembang, pikaresepeun atawa pikalucueun.
  1272. Yuni tai = Jelema anu pasipatanana teu pikaresepeun atawa teu pikalucueun.

    Andi Rustandi Sunarya
    Dicutat tina sababaraha pedaran

 

Posted on June 18, 2014, in Diajar Basa Sunda. Bookmark the permalink. Leave a comment.

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: