Babagian tina Wangunan jeung Imah

Image

Sabahagian Ngaran dina Babagian Imah

Ayeuna urang pedar ngeunaan babagian tina Wangunan Imah di tatar Sunda.


A. Ngaran Rohangan di Imah / Wangunan lianna

  • Buruan = taneuh hareupeun imah.
  • Dapur / Pawon = tempat mirun seuneu, masak, nyangu jsb.
  • Enggon = kamar
  • Garasi = tempat (kandang) mobil.
  • Goah = pangkéng (kamar) pabéasan jeung tempat neundeun kadaharan nu séjénna, biasana di jero imah bagian tukang.
  • Jamban = pamandian, tempat mandi.
  • Madé = rohangan lega di tengah karaton paranti nu ngadareuheusan.
  • Mihrab = rohangan leutik di masigit, paranti imam jeung mimbar.
  • Pakarangan = taneuh sakurilingeun imah.
  • Pamengkang = bagian karaton atawa kabupatén (baheula) tempat nampa nu ngadeuheusan atawa masamoan.
  • Pancaniti = tempat ngabadamikeun urusan pamaréntahan di karaton atawa kabupatén (baheula).
  • Pangkéng = kamar, rohangan imah paranti saré atawa barangteundeun.
  • Panyepén = tempat nyepi.
  • Patengahan = rohangan imah nu di tengah.
  • Pipir = taneuh tukangeun atawa gigireun imah.
  • Sepén = kamar leutik tempat neundeun bahan dahareun.
  • Sitinggil / babancong = wawangunan nu lanténa rada luhur di alun-alun (baheula), paranti raja (bupati jsb.), ningali karaméan sok aya ogé nu nyebut istinggil.
  • Srimanganti = gedong atawa tempat abdi-abdi nu rék ngadeuheus ka raja (baheula).
  • Tepas / émpér = bagian imah panghareupna atawa pangtukangna, anu biasana heunteu ditutup kabéh ku bilik, atawa maké kaca.

 

B. Babagian dina wangunan Imah / Adegan

  • Abig (ampig) = bilik juru tilu dina pongpok leuit atawa pongpok imah.
  • Adeg-adeg = pananggeuy nok dina suhunan.
  • Ambén = tepas imah panggung nu lanténa tina palupuh.
  • Babancik = golodog, papanggé.
  • Balandar = sarupa balok nu wangunna pasagi opat dipasang di luhur kuda-kuda pikeun nahan usuk dina rangka hateup.
  • Balé-balé = leuwih gedé ti golodog, biasana dipaké ngukut / nyimpen hayam.
  • Bangbarung = kai atawa awi antara tihang panto di handap.
  • Cempéd (lakop) = papan heureut atawa awi sabébék anu dipaké nutupan sarta mageuhan sisi-sisi atawa sambungan bilik.
  • Dalurung (darurung) = awi guluntungan atawa kai antara pananggeuy jeung palupuh dina imah panggung.
  • Damit = iga-iga leuit, palang dada luareun bilik.
  • Deudeul = tihang pondok panahan dalurung (di kolong imah panggung).
  • Érang-érang = awi atawa kai nu aya di antara dua tihang panto atawa jandéla belah luhur.
  • Eréng = awi bébékan atawa kai paranjang nu dipaku kana usuk pikeun ngaitkeun ceuli kenténg, numpangkeun séng jsb. nu dipaké tutup suhunan (hateup).
  • Gagalur = kai atawa beusi panahan tataban.
  • Galar = palang dada, kai malang antara dua tihang wates sadada (harigu) luhurna, sok dipaké barangteundeun.
  • Golodog = tétécéan atawa tangga paranti unggah-unggah di imah panggung.
  • Hateup = tutup imah di luhurna, supaya iuh, ulah kapanasan, asup cihujan, jsb.
  • Heuay badak = liang haseup, bangunan pasagi dina suhunan dapur, maké hateup deui sina calangap.
  • Iga-iga = pamageuh bilik jeung bilik deui, awi golondongan, jaman bilik rangkep dianggangkeun.
  • Jandéla = lawang cahaya jeung hawa dina bilik atawa dingding témbok nu biasana bisa dibuka jeung ditutup cara panto, aya ogé nu make sarigsig.
  • Jungjang = kai atawa awi anu dipalingpangkeun antara dua tihang supaya ulah réyod, pamageuh saung atawa raraga imah nu rék di adegkeun.
  • Juré = kai suhunan antara pucukna jeung juru imah nu opat.
  • Kolong = rohangan dihandapeun imah panggung.
  • Kuda-kuda = balok kai nu dipasang déngdék anu nyambungkeun tihang adeg jeung pamikul.
  • Kusén = kai rangkay panto atawa jandela.
  • Lincar = cempéd (papan) rubak pikeun nutup bilik ti belah luar, lebah darurung, atawa pikeun nutup tungtung darurung nu di hareup (dina imah panggung).
  • Mundu = golodog panto.
  • Palang dada = galar.
  • Palipid, palisir = papan nu dipaké nutup tungtung usuk supaya ulah katénjo rogokna.
  • Palupuh = lanté imah panggung nu di cacag ka panjangna tuluy dibébérkeun sarta diamparkeun dina dalurung.
  • Pamikul = panahan suhunan ka panjangna imah.
  • Pangérét (panghérét) = pamikul rubakna atawa heureutna imah.
  • Panto = panutup lawang imah nu bisa dibuka jeung dipeundeutkeun (ditutup).
  • Papanggé = golodog atawa babancik.
  • Para = bagian imah antara suhunan jeung lalangit.
  • Pondasi = dasar atawa tatapakan adegan témbok (gedong), pasangan batu jeung adukan dina rorakan anu jerona nepi kana lapisan taneuh nu teuas.
  • Pongpok = rohangan di sisi (handapeun suhunan) anu sok ditutup ku abig (ampig).
  • Ranki = sabagian tina suhunan imah baheula anu dijieun tina sasag paranti hateup balubur.
  • Sarang = awi beunang meulahan saperti eréng nu dipasang dina dalurung handapeun palupuh.
  • Sarigsig / ruji / sarup = pager sap, dina jandéla, liang hawa jsté. tina kai atawa beusi supaya ulah beunang diponcoran.
  • Siku-siku (sisiku) = kai atawa awi sateukteuk pikeun ngawewegan raraga imah jsb.
  • Sorondoy = hateup panambah gigireun atawa tukangeun adegan nu geus aya.
  • Sosompang = wawangunan panambah mangrupa kamar, biasana keur saheulaanan.
  • Suhunan = bagian imah nu pangluhurna, ngujur manjang nurutkeun wangun imah.
  • Tataban = papan kandel nu dipaké lanté imah panggung jsté.
  • Tatapakan = batu atawa témbok tempat napakna tihang imah.
  • Teer = kai atawa awi guluntungan nu nyambungkeun antara dua tatapakan.
  • Tihang = kai atawa awi panjang nu ditangtungkeun pikeun nahan pamikul imah jsté.
  • Usuk = kaso-kaso.
  • Wuwung = tutup hateup sapanjang sambungan suhunan, tempat patepungna dina puncak suhunan (témbok atawa séng).
Image

Sarigsig / ruji / sarup

Image

Golodog / Papanggé / Babancik

Image

Sorondoy

Image

Wuwung

 

Dicutat tina sababaraha pedaran :
– Istilah Wangunan Imah : (http://sasieureun-sabeunyeureun-pikeun-sunda.blogspot.com/2012/09/istilah-wangunan-imah.html)
– Sundanologi Blogspot : (http://sundanologi.blogspot.com/2013/09/rupa-rupa-wangunan-imah-urang-sunda.html)
Kang Effendy Pepen : (https://www.facebook.com/notes/nyarios-sunda-ngamumul%C3%A9-basa-sunda/istilah-wangunan-imah/824847254194492)

Posted on July 2, 2014, in Budaya Sunda. Bookmark the permalink. Leave a comment.

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: