Mang Koko Budayawan Sunda

Mang Koko
 
SASTRAWAN JEUNG MAESTRO KARAWITAN SUNDA
 

Mang Koko mangrupakeun saurang seniman Sunda, panyipta kawih-kawih Sunda. Dilahirkeun di Indihiang, Tasikmalaya dina 10 April 1917 kalawan ngaran Koko Koswara. Bapana Ibrahim landianana Sumarta, masih turunan Sultan Banten (Sultan Hasanuddin). Anjeunna meunang atikan di HIS (1932), MULO Pasundan (1935). Digawé saprak taun 1937 anu runtuyanana di : Balé Pamulang Pasundan, Paguyuban Pasundan, De Javasche Bank; Surat Kabar Harian Cahaya, Harian Suara Merdeka, Jawatan Penerangan Provinsi Jawa Barat, guru anu saterusna jadi Direktur Konservatori Karawitan Bandung (1961-1973); Dosen Luar Biasa di Akademi Seni Tari Indonesia (ASTI) Bandung (kiwari Sekolah Tinggi Seni Indonesia Bandung). Anjeunna pupus di Bandung, 4 Oktober 1985 dina yuswa 68 taun.

Bapa dalapan anak ieu geus nyiptakeun sarébu leuwih kawih pop Sunda. Badminton, anu populer éta, sumawona di mangsa badminton urang masih aya, tétéla diciptakeun jauh saméméh Rudy Hartono jadi pinunjul di All England. Mang Koko nuliskeun kawih éta taun 1943, sabot anjeuna bujangan kénéh.

Mang Koko kacatet geus ngadegkeun sagala rupa perkumpulan kasenian, diantarana : Jenaka Sunda “Kaca Indihiang” (1946), “Taman Murangkalih” (1948), “Taman Cangkurileung” (1950), “Taman Setiaputra” (1950), “Kliningan Ganda Mekar” (1950), “Gamelan Mundinglaya” (1951), dan “Taman Bincarung” (1958)..

Ti keur budak kénéh anjeuna geus mikawanoh kana pakakas musik kawas kacapi, suling, gitar, atawa biola. Pareng bapana nyadiakeun pakakas-pakakas kasebut di imahna di Indihiang. Manéhna ogé mindeng nérékél menara masjid nyanghareupan subuh pikeun tarhim. Ceuk anjeuna tarhim ogé mangrupa cara anu pohara alus pikeun olah vokal.

Bakat seni anu dipibogana asalna ti bapana anu kacatet minangka juru mamaos Ciawian sarta Cianjuran. Saterusna manéhna diajar sorangan ti seniman-seniman ahli karawitan Sunda anu geus kahot sarta neuleuman hasil karya widang karawitan ti Raden Machjar Angga Koesoemadinata, saurang ahli musik Sunda.

Mang Koko mangrupa budayawan Sunda anu meureun hésé pikeun ditéang bandinganana. Anjeuna nyiptakeun kawih, nyieun grup-grup seni Sunda, mingpin sarta sakaligus ngajar di dinya pisan. Kalawan ciptaanana anu teger sarta dinamis, manéhna junun ngaliwatan wates-wates propinsi sarta talari sarta dipikawanoh sacara nasional.

Di mimiti kamerdékaan, taun 1946, anjeuna ngadegkeun grup kasenian “Kanca Indihiang”. Midangna ieu grup ngaliwat siaran Radio Bandung, radio ieu tiheula dipancarkeun ti Tasikmalaya, meunang pangbagéa anu pohara hadéna. Mangka henteu matak reuwas sabot Koko pindah ka Bandung, 1950, Oejeng Soewargana, anu boga penerbit Ganaco, ménta Koko ngabukukeun kawih ciptaanana. Judul buku éta, Tjangkurileung di taun 1959, saterusna diabadikeun jadi ngaran yayasan anu diadegkeun ku Mang Koko pikeun ngembangkeun karawitan di golongan palajar, ti SD nepi ka SMA. Dina hiji dasawarsa, 1960-1970, kacatet 1.800 jalma anu nampa sértipikat ti Yayasan Tjangkurileung. Mang Koko nyieun Lembaga Pendidikan Seni Ganda Mekar pikeun golongan mahasiswa sarta umum. Anjeuna ogé ngadegkeun sarta jadi lulugu Yayasan Badan Penyelenggara Akademi Seni Karawitan Indonesia (ASKI), Bandung (1971). Kungsi ogé manéhna medar majalah kasenian “Swara Cangkurileung” (1970-1983).

Dina mangsa produktif, antara taun 1950-1960, saeutikna Mang Koko ngarang tilu kawih dina saban mingguna. Dina période 1960-1970, produktivitas nurun, tapi kawihna leuwih ngeusi. Kurang leuwih 1.000 kawih Sunda anu geus anjeuna ciptakeun.

Sajaba nyiptakeun kawih, Mang Koko ogé mangrupa “Pembaharu musik Sunda”. Mang Koko nyaéta urang Sunda pangheulana anu ngasupkeun dasar perkusi kana kawih-kawihna. Contona dina lagu Mundinglaya, Mang Koko ngasupkeun sora kohkol. Tapi di bagian séjén deui, manéhna ngalengkepan sada kacapi jeung ngarintis pamakéan elektrik. Dina hal pembaharu musik Sunda ieu pamaréntah mikeun Kasinugrahan Satya Lencana dina 1971, anu dipasangkeun ku Menteri P dan K, Mashuri, S.H.

Mang Koko nyaéta hiji jalma anu saleh, basajan sarta merakyat anu akrab ka sakabéh lapisan masarakat, kitu pisan pameunteunan RAF. Manéhna ogé ngabantah kacurigaan sawatara seniman anu nuduh Mang Koko kungsi ngasupan organisasi Paguyuban Seniman, hiji organisasi anu condong ka Lekra / PKI.

Karya cipta kakawihan anu anjeuna jieun dikumpulkeun dina sagala rupa buku, boh anu geus dipedar boh anu masih mangrupa naskah-naskah, diantarana :

  • “Resep Mamaos” (Ganaco, 1948),
  • “Cangkurileung” (3 jilid/MB, 1952),
  • Dobel Mekar” (Tarate, 1970),
  • “Bincarung” (Tarate, 1970),
  • “Pangajaran Kacapi” (Balebat, 1973),
  • Seni Swara Sunda/Pupuh 17″ (Mitra Buana, 1984),
  • “Sekar Mayang” (Mitra Buana, 1984),
  • “Layeutan Swara” (YCP, 1984),
  • “Bentang Sulintang/Lagu-lagu Perjuangan”; sarta sajabana.

Sedengkeun sawatara Kawih Karya Mang Koko, anu disanggi ti Sajak Sunda para satrawan séjénna:

  • Angin Burit (Winarya Artadinata)
  • Angin Parahiangan (Wahyu Wibisana)
  • Asih Langgeng (DÉDI Windiagiri)
  • Bulan Bandung Panineungan (Wahyu Wibisana)
  • Bulan Langlayangan Peuting (Wahyu Wibisana)
  • Bungur Mumunggang (Wahyu Wibisana)
  • Di Wiati Bandung Bulan keur Mayung (DÉDI Windiagiri)
  • Girimis Kasorénakeun (DÉDI Windiagiri)
  • Hareupeun Kaca (Winarya Artadinata)
  • Hariring Nu Kungsi Nyanding (Winarya Artadinata)
  • Hirup (Nano S)
  • Imut Malati (Wahyu Wibisana)
  • Jalir Jangji (SAR)
  • Kalangkang di Cikamiri (Wahyu Wibisana)
  • Karatagan Pahlawan (Mang Koko)
  • Kasenian (Mang Koko)
  • Kembang Balébat (Wahyu Wibisana)
  • Kembang Impian (DÉDI Windiagiri)
  • Kembang Ujung Panineungan (Wahyu Wibisana)
  • Kudu ka Saha (Winarta Artadinata)
  • Lalaki Padjadjaran (Mang Koko)
  • Longkéwang (DÉDI Windiagiri)
  • Malati di Gunung Guntur (Wahyu Wibisana)
  • Peuting jeung Pangharepan (RAF)
  • Purnama (Agus Sur)
  • Rayagung ka Balé Nyungcung (DÉDI Windiagiri)
  • Reumis Beureum (Wahyu Wibisana)
  • Sagagang kembang Ros (Winarya Artadinata)
  • Salempay Sutra (Winarya Artadinata)
  • Sariak Layung (DÉDI Windiagiri)
  • Sulaya Pasini (Winarya Artadinata)
  • Ujung (Wahyu Wibisana)
  • Tina Jandéla (DÉDI Windiagiri)
  • Wengi ÉNJING Tepang Deui (Tatang Sastrawiria)

Karya-karyana anu lian lain ngan dina widang kawih, tapi ogé dina widang seni drama jeun gending karesmen. Dina hal ieu kacatet contona :

  • “Gondang Pangwangunan”,
  • “Bapa Satar”,
  • “Aduh Asih”,
  • “Samudra”,
  • “Gondang Samagaha”,
  • “Berekat Katitih Mahal”,
  • “Sekar Catur”,
  • “Sempal Guyon”,
  • “Saha?”,
  • “Ngatrok”,
  • “Kareta Seuneu”,
  • Pamajikan Tampikan”,
  • “Si Kabayan”,
  • “Si Kabayan jeung Raja Jimbul”,
  • “Aki-nini Balangantrang”,
  • “Pangeran Jayakarta”,
  • “Nyai Dasimah”.

–ooOoo–

Obah Basa : Andi Rustandi Sunarya
Dicutat tina sababaraha pedaran :

Wikipedia bahasa Indonesia, ensiklopedia bebas
Témpo Édisi. 33/XV/12 – 18 Oktober 1985
– biografinya.bogspot.com : Mang Koko
– gunawank.wordpress.com : Mang Koko Sastrawan Sunda 1917-1985

Posted on August 14, 2014, in Inohong. Bookmark the permalink. Leave a comment.

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: