Proklamasi Kamerdékaan Indonésia

Proklamasi 17 Agustus 45

Sajarah Proklamasi Kamerdekaan Indonesia

Obah Basa : Andi Rustandi Sunarya
Dicutat tina Wikipedia Indonesia : Proklamasi Kemerdekaan Indonesia

Proklamasi Kamerdékaan Republik Indonésia dina poé Juma’ah, tanggal 17 Agustus 1945 taun Masehi, atawa tanggal 17 Agustus 2605 nurutkeun taun Jepang sarta tanggal 8 Ramadan 1364 nurutkeun Kalender Hijriyah, anu dibacakeun ku Ir. Soekarno kalawan diréndéngan ku Drs. Mohammad Hatta anu tempatna di Jalan Pegangsaan Timur No. 56, Jakarta Pusat.

 

Carita mapag nyanghareupan Proklamasi

Dina tanggal 6 Agustus 1945 hiji bom atom diragragkeun di luhur dayeuh Hiroshima Jepang ku Amérika Serikat anu mimiti nurunkeun moral sumanget soldadu Jepang di sakumna dunya. Sapoé saterusna Badan Penyelidik Usaha Persiapan Kemerdekaan Indonésia (BPUPKI), atawa “Dokuritsu Junbi Cosakai”, ganti ngaran jadi PPKI (Panitia Persiapan Kemerdekaan Indonésia) atawa disebut ogé Dokuritsu Junbi Inkai dina basa Jepang, pikeun leuwih negeskeun kahayang sarta tujuan ngahontal kamerdékaan Indonésia. Dina tanggal 9 Agustus 1945, bom atom kadua digubragkeun di luhur Nagasaki, ku kituna ngabalukarkeun Jepang taluk ka Amérika Serikat sarta sekutuna. Kajadian ieu ogé dimangpaatkeun ku Indonésia pikeun ngaprokalmasikeun kamerdékaanana.

Soekarno, Hatta salaku lulugu PPKI sarta Radjiman Wedyodiningrat minangka urut pupuhu BPUPKI diapungkeun ka Dalat, 250 km di palebah wétan sagara Saigon, Vietnam pikeun papanggih jwung Marsekal Terauchi. Maranéhanana dikabarkeun yén pasukan Jepang keur di mapag kaéléhan sarta baris mikeun kamerdékaan ka Indonésia. Saeatara éta di Indonésia, dina tanggal 10 Agustus 1945, Sutan Syahrir geus ngadéngé warta liwat radio yén Jepang geus taluk ka Sakutu. Para pajoang ngararancang ngaproklamasikeun kamerdékaan RI, sarta nampik  kamerdékaan anu dibikeun minangka kado ti Jepang.

Dina tanggal 12 Agustus 1945, Jepang ngaliwatan Marsekal Terauchi di Dalat, Vietnam, ngomong ka Soekarno, Hatta sarta Radjiman yén pamaréntah Jepang baris sagancangna mikeun kamerdékaan ka Indonésia sarta proklamasi kamerdikaan bisa dilaksanakeun dina sababaraha poé kahareup, gumantung cara gawé PPKI. Sanajan kitu Jepang hayangeun kamerdékaan Indonésia dina tanggal 24 Agustus.

Dua poé saterusna, mangsa Soekarno, Hatta sarta Radjiman balik ka Indonésia ti Dalat, Sutan Syahrir ngadesek ambéh Soekarno sagancangna ngaproklamasikeun kamerdékaan, alatan nganggap hasil pasamoan di Dalat minangka tipu muslihat Jepang, alatan Jepang saban waktu geus kudu taluk ka Sakutu sarta keur ngahindarkeun pacégkadan di kubu nasionalis, diantarana anu anti sarta pro Jepang. Hatta nyaritakeun ka Syahrir ngeunaan hasil pasamoan di Dalat. Soekarno tacan yakin yén Jepang memang geus taluk, sarta proklamasi kamerdékaan RI mangsa éta bisa ngabalukarkeun “pertumpahan darah” anu gedé, sarta bisa ngabalukarkeun pohara fatal lamun para pajoang Indonésia tacan siap. Soekarno ngingetkeun Hatta yén Syahrir henteu ngabogaan hak ngaproklamasikeun kamerdékaan alatan éta téh hak Panitia Persiapan Kemerdekaan Indonésia (PPKI). Samentara éta Syahrir nganggap PPKI nyaéta awak jieunan Jepang sarta proklamasi kamerdékaan ku PPKI ngan mangrupa ‘kado’ ti Jepang.


Dikibarkeunana bendéra Indonésia dina 17 Agustus 1945.

Dina tanggal 14 Agustus 1945 Jepang taluk ka Sekutu. Soldadu sarta Angkatan Laut Jepang masih ngawasa di Indonésia alatan Jepang geus jangji baris mulangkeun kakawasaan di Indonésia ka leungeun Sekutu. Sutan Sjahrir, Wikana, Darwis, sarta Chaerul Saleh ngadéngé béja ieu ngaliwatan radio BBC. Sanggeus ngadéngé warta Jepang bakal taluk, golongan ngora ngadesek golongan kolot pikeun sagancangna ngaproklamasikeu kamerdékaan Indonésia. Tapi golongan kolot henteu hayang rurusuhan. Maranéhanana henteu hayangeun lumangsungna “pertumpahan darah” dina waktu proklamasi. Konsultasi ogé dipigawé dina wangun gempungan PPKI. Golongan ngora henteu nyatujuan gempungan éta, nginget PPKI nyaéta hiji badan anu dijieun ku Jepang. Maranéhanana hayangeun kamerdékaan meunang usaha bangsa urang sorangan, lain paméré Jepang.

Soekarno sarta Hatta ngadatngan pangawasa militer Jepang (Gunsei) pikeun nampa konfirmasi di kantorna di Koningsplein (Medan Merdika). Tapi kantor éta kosong.

Soekarno sarta Hatta babarengan Soebardjo saterusna ka kantor Bukanfu, Laksamana Muda Maeda, di Jalan Medan Merdeka Utara (Imah Maeda di Jl Imam Bonjol 1). Maeda ngabagéakeun datangna maranéhanana kalawan kedalan salamet minangka kaberhasilan maranéhanana di Dalat. Bari némbalan manéhna tacan narima konfirmasi sarta masih nungguan instruksi ti Tokyo. Sabalikna ti Maeda, Soekarno sarta Hatta gancang nyiapkeun pasamoan Panitia Persiapan Kemerdekaan Indonésia dina jam 10 isuk-isuk 16 Agustus isuk poéna di kantor Jalan Pejambon No. 2 keur ngomongkeun salah hiji hal anu nyambung kana persiapan Proklamasi Kamerdékaan.

Sapoé saterusna, desekan anu mikahanyang mulangkeun kakawasaan ku Indonésia beuki nataku dikedalkeun para nonoman ti sawatara golongan. Rapat PPKI dina 16 Agustus jam 10 isuk-isuk henteu dilaksanakeun, alatan Soekarno sarta Hatta henteu datang. Peserta rapat henteu apaleun geus lumangsung kajadian Rengasdengklok.


Kajadian Rengasdengklok

Badami ngararancang Proklamasi di Rengasdengklok

Badami ngararancang Proklamasi di Rengasdengklok

Para nonoman pajoang, kaasup Chaerul Saleh, Sukarni, sarta Wikana kabeuleum galura kapahlawanana sanggeus sawala jeung Ibrahim gelar Datuk Tan Malaka kagabung dina “gerakan bawah tanah” kaleungitan kesabaran. Wanci subuh tanggal 16 Agustus 1945, maranéhanana babarengan Shodanco Singgih, salah saurang anggota PETA, sarta nonoman séjén, maranéhanana mawa Soekarno (babarengan Fatmawati sarta Guntur anu anyar umurna 9 bulan) sarta Hatta, ka Rengasdengklok, anu saterusna kaceluk minangka “Kejadian Rengasdengklok”. Tujuanana nyaéta ambéh Ir. Soekarno sarta Drs. Moh. Hatta henteu kapangaruhan ku Jepang. Di dieu, maranéhanana balik ngayakinkeunn Soekarno yén Jepang geus taluk, sarta para pajoang geus siap pikeun ngalawan Jepang, naon waé mamalana baris dilakonan. Di Jakarta, golongan ngora, Wikana, sarta golongan kolot, nyaéta Mr. Ahmad Soebardjo ngalakonan gempungan. Mr. Ahmad Soebardjo nyatujuan pikeun ngaproklamasikeun kamerdékaan Indonésia di Jakarta. mangka dijurungkeun Yusuf Kunto pikeun nganteur Ahmad Soebardjo ka Rengasdengklok. Maranéhanana mapag Ir. Soekarno sarta Drs. Moh. Hatta balik ka Jakarta. Mr. Ahmad Soebardjo junun ngayakinkeun para nonoman pikeun henteu gurung gusuh ngaproklamasikeunn kamerdékaan. Sanggeus anjog di Jakarta, maranéhanana balik ka imah séwang-séwangan. Nginget yén Hotél Des Indes (ayeuna kompleks pertokoan di Harmoni) henteu bisa dipaké pikeun pasamoan sanggeus jam 10 peuting, mangka tawaran Laksamana Muda Maeda pikeun ngagunakeun imahna (ayeuna Gedung Museum Perumusan Teks Proklamasi) minangka tempat rapat PPKI ditarima ku para inohong Indonésia.


Pasamoan Soekarno/Hatta jeung Jenderal Mayor Nishimura sarta Laksamana Muda Maeda

Laksamana Muda Maeda

Laksamana Muda Maeda

Peutingna, Soekarno sarta Hatta balik ka Jakarta. Mayor Jenderal Moichiro Yamamoto, Kepala Staf Tentara ke XVI (Angkatan Darat) anu jadi Kepala Pemerintahan Militer Jepang (Gunseikan) di Hindia Walanda henteu daék narima Soekarno-Hatta anu dianteur ku Tadashi Maeda sarta maréntahkeun sangkan Mayor Jenderal Otoshi Nishimura, Kepala Departemen Urusan Umum Pemerintahan Militer Jepang, pikeun narima datangna rombongan kasebut. Nishimura ngedalkeun yén saprak beurang tanggal 16 Agustus 1945 geus ditarima paréntah ti Tokyo yén Jepang kudu ngajaga status quo, henteu bisa mikeun idin pikeun nyiapkeun proklamasi Kamerdékaan Indonésia sakumaha geus dijangjikeun ku Marsekal Terauchi di Dalat, Vietnam. Soekarno sarta Hatta nganahakeun kaputusan éta sarta nyindiran Nishimura naha éta sikep / dangong saurang perwira anu miboga sumanget Bushido, jalir pasini ambéh dipikarunya ku Sekutu. Pamustunganana Sukarno-hatta ménta ambéh Nishimura ulah ngahalangan gawé PPKI, meureun ku cara api-api henteu apal. Nempo padungdengan anu panas éta Maeda jeung reureunceupan ninggalkeun rohangan alatan diéingan ku Nishimura ambéh Maeda tuhu paréntah Tokyo sarta manéhna nyaho minangka Perwira Penghubung Angkatan Laut (Kaigun) di wewengkon Angkatan Darat (Rikugun) manéhna henteu boga kawenagan keur mutuskeunana.

Rorompok Laksamana Muda Maeda Baheula

Rorompok Laksamana Muda Maeda Baheula

Sanggeus ti imah Nishimura, Sukarno-Hatta nuju imah Laksamana Maeda (kiwari Jalan Imam Bonjol No.1) dituturkeun ku Myoshi guna ngalakonan rapat pikeun nyiapkeun teks Proklamasi. Sanggeus ngabagékeun Sukarno-Hatta anu ditinggalkeun dungdeng jeung Nishimura, Maeda mundurkeun diri nuju kamar saré manéhna. Panyusunan teks Proklamasi dipigawé ku Soekarno, M. Hatta, Achmad Soebardjo sarta disaksian ku Soekarni, B.M. Diah, Sudiro (Mbah) sarta Sayuti Melik. Myoshi anu satengah mabok diuk di korsi tukang ngaregepkeun penyusunan teks éta tapi saterusna aya kalimah ti Shigetada Nishijima saolah-olah manéhna milu nyampuran penyusunan teks proklamasi sarta ngusulkeun ambéh pamindahan kakawasaan éta ngan hartina kakawasaan administratif. Ngeunaan hal ieu Bung Karno negeskeun yén pamindahan kakawasaan éta hartina “transfer of power”. Bung Hatta, Subardjo, B.M Diah, Sukarni, Sudiro sarta Sajuti Malik euweuh anu ngabenerkeun klaim Nishijima tapi di sawatara golongan klaim Nishijima masih diramékeun.

Sanggeus konsép réngsé disatujuan, Sajuti nyutat sarta ngetik naskah éta ngagunakeun mesin ketik anu dicokot ti kantor Wakil Angakatan Laut Jerman, kagogaan Mayor Laut Dr. Hermann Kandeler. Dina rarancang saanggalna, dibacakeunana proklamasi baris dilakonan di Lapang Ikada, tapi ku alatan ékol/alesan kaamanan dipindahkan ka imah Soekarno, Jalan Pegangsaan Timur No. 56 (kiwari Jl. Proklamasi No. 1).


Detik-detik Dibacakeunana Naskah Proklamasi

Parundingan antara golongan ngora sarta golongan kolot dina nyusun teks Proklamasi Kamerdékaan Indonésia lumangsung jam 02.00 – 04.00 (janari). Teks proklamasi ditulis di rohangan dahar di Laksamana Tadashi Maeda Jln Imam Bonjol No 1. Para panyusun teks proklamasi éta téh Ir. Soekarno, Drs. Moh. Hatta, sarta Mr. Ahmad Soebarjo. Konsép teks proklamasi ditulis ku Ir. Soekarno sorangan. Di rohang hareup, datang B.M Diah, Sayuti Melik, Sukarni, sarta Soediro. Sukarni ngusulkeun ambéh anu nandatanganan teks proklamasi éta téh Ir. Soekarno sarta Drs. Moh. Hatta ngawakilan bangsa Indonésia. Teks Proklamasi Indonésia éta diketik ku Sayuti Melik. Isuk-isuk, 17 Agustus 1945, di imah Soekarno, Jalan Pegangsaan Timur 56 geus hadir antara séjén Soewirjo, Wilopo, Gafar Pringgodigdo, Tabrani sarta Trimurti. Acara dimimitian dina jam 10:00 kalawan macakeun proklamasi ku Soekarno sarta disambung biantara singget teu maké teks. Saterusna bendéra Beureum Bodas / Merah Putih, anu geus dikaput ku Ibu Fatmawati, dikibarkeun, disusul kalawan pangbagéa ku Soewirjo, wawakil walikota Jakarta mangsa harita sarta Moewardi, lulugu Barisan Pelopor.

Mimitina Trimurti dipénta pikeun naékkeun bendéra tapi manéhna nampik kalawan alesan pangérékan bendéra leuwih hadé dipigawé ku saurang soldadu. Ku sabab éta ditunjuklah Latief Hendraningrat, saurang soldadu PETA, dibantuan ku Soehoed pikeun pancén kasebut. Saurang wanoja datang  ti tukang mawa baki anu eusina bendéra Beureum Bodas (Sang Saka Merah Putih), anu dikaput ku Fatmawati sawatara poé saméméhna. Sanggeus bendéra ngahibar, hadirin ngahaleuangkeun lagu Indonésia Raya. Nepi ka ayeuna, bendéra pusaka éta masih ditunda di Museum Tugu Monumen Nasional (MONAS).

Sanggeus upacara réngsé lumangsung, kurang leuwih 100 jalma anggota Barisan Pelopor anu dipingpin S.Brata datang rurusuhan alatan maranéhanana henteu nyaho parobahan tempat ngadadak ti Ikada ka Pegangsaan. Maranéhanana nungtut Soekarno macakeun deui Proklamasi, tapi ditampik. Pamustunganana Hatta mikeun amanat singget ka maranéhanana.

Dina tanggal 18 Agustus 1945, Panitia Persiapan Kemerdekaan Indonésia nyokot kaputusan, ngesahkeun sarta netepkeun Undang-undang Dasar (UUD) minangka dasar nagara Republik Indonésia, anu saterusna dipikawanoh minangka UUD 45. Ku kituna kabentuk ogé Pemerintah Negara Kesatuan Indonésia anu ngawangun Republik (NKRI) kalawan kadaulatan di leungeun rahayat anu dipigawé sapinuhna ku Majelis Permusyawaratan Rakyat (MPR) anu baris dijieun saterusna.

Sanggeus éta Soekarno sarta M.Hatta kapilih minangka usul ti Otto Iskandardinata sarta kasapukan ti PPKI minangka Présidén sarta Wakil Présidén Republik Indonésia anu kahiji. Présidén sarta Wakil Présidén baris dibantuan ku hiji Komite Nasional.


Téks biantara proklamasi kamerdékaan Republik Indonésia

Saudara-saudara sekalian!

Saya telah meminta Anda untuk hadir di sini untuk menyaksikan peristiwa dalam sejarah kami yang paling penting.

Selama beberapa dekade kita, Rakyat Indonesia, telah berjuang untuk kebebasan negara kita-bahkan selama ratusan tahun!

Ada gelombang dalam tindakan kita untuk memenangkan kemerdekaan yang naik, dan ada yang jatuh, namun semangat kami masih ditetapkan dalam arah cita-cita kami.

Juga selama zaman Jepang usaha kita untuk mencapai kemerdekaan nasional tidak pernah berhenti. Pada zaman Jepang itu hanya muncul bahwa kita membungkuk pada mereka. Tetapi pada dasarnya, kita masih terus membangun kekuatan kita sendiri, kita masih percaya pada kekuatan kita sendiri.

Kini telah hadir saat ketika benar-benar kita mengambil nasib tindakan kita dan nasib negara kita ke tangan kita sendiri. Hanya suatu bangsa cukup berani untuk mengambil nasib ke dalam tangannya sendiri akan dapat berdiri dalam kekuatan.

Oleh karena semalam kami telah musyawarah dengan tokoh-tokoh Indonesia dari seluruh Indonesia. Bahwa pengumpulan deliberatif dengan suara bulat berpendapat bahwa sekarang telah datang waktu untuk mendeklarasikan kemerdekaan.

Saudara-saudara:

Bersama ini kami menyatakan solidaritas penentuan itu.

Dengarkan Proklamasi kami :

                                            P R O K L A M A S I

KAMI BANGSA INDONESIA DENGAN INI MENYATAKAN KEMERDEKAAN INDONESIA.

HAL-HAL YANG MENGENAI PEMINDAHAN KEKUASAAN DAN LAIN-LAIN DISELENGGARAKAN DENGAN CARA SAKSAMA DAN DALAM TEMPO YANG SESINGKAT-SINGKATNYA.

                                                                        DJAKARTA, 17 AGUSTUS 1945

                                                                        ATAS NAMA BANGSA INDONESIA.

                                                                        SOEKARNO – HATTA.

Jadi, Saudara-saudara!
Kita sekarang sudah bebas!
Tidak ada lagi penjajahan yang mengikat negara kita dan bangsa kita!

Mulai saat ini kita membangun negara kita. Sebuah negara bebas, Negara Republik Indonesia-lamanya dan abadi independen. Semoga Tuhan memberkati dan membuat aman kemerdekaan kita ini!

Seratan Panangan Teks Proklamasi

Seratan Panangan Teks Proklamasi kenging Soekarno

Teks Proklamasi

Teks Proklamasi anu diketik

Bewara Kamerdekaan Indonesia - Soeara Asia 1945

Bewara Kamerdekaan Indonesia – Soeara Asia 1945

Dibacakeunana Teks Proklamasi

Dibacakeunana Teks Proklamasi

Ngadu'a rengse dibacakeun Proklamasi

Ngadu’a rengse dibacakeun Proklamasi

Rengse macakeun Proklamasi

Rengse macakeun Proklamasi

Ngibarkeun Bendera Merah Putih anu munggaran

Ngibarkeun Bendera Merah Putih anu munggaran

Ngibarkeun Bendera Merah Putih

Ngibarkeun Bendera Merah Putih

Rorompok Soekarno Baheula (Jl. Pegangsaan Timur No. 56) anu dijadikeun tempat dibacakeunana Teks Proklamasi

Rorompok Soekarno Baheula (Jl. Pegangsaan Timur No. 56) anu dijadikeun tempat dibacakeunana Teks Proklamasi

Rorompok Laksamana Muda Meda

Rorompok di Rengasdengklok kiwari dijantenkeun “Monumen Kebulatan Tekad Rengasdengklok”

Rorompok Laksamana Muda Maeda kiwari janten "Museum Proklamasi"

Rorompok Laksamana Muda Maeda kiwari janten “Museum Perumusan Naskah Proklamasi”

–ooOoo–

 

Posted on August 15, 2014, in Sajarah. Bookmark the permalink. Leave a comment.

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: