Pilihan Kecap jeung Istilah dina Basa Sunda

1. Pilihan Kecap

 a. Watesan Kandaga Kecap

Pilihan kecap atawa diksi mangrupa cara-cara milih kecap atawakandaga kecap pikeun dipake dina komunikasi. Pilihan kecap gede gunana sangkan kecap-kecap anu dipake teh luyu jung kabutuh nepi ka henteu matak nimbulkeun pacengkadan / salah paham.

Istilah kandaga kecap, kabeungharan kecap, kajembaran kecap (kosa kata; vocabulary) asalna tina basa Yunani léxikon, hartina “kecap‟ kandaga kecap atawa léksikon bisa dihartikeun:
(1) sajumlahing kecap anu aya dina hiji basa;
(2) kecap-kecap anu geus dipikanyaho tur diparaké ku jalma atawa sabubuhan jalma di hiji basa;
(3) sajumlahing morfém bébas anu aya dina hiji basa;
(4) istilah : kecap-kecap anu dipaké dina élmu pangaweruh;
(5) kamus : daptar sapuratina kecap nu disusundilengkepan ku wangenan atawa katerangan.

Bagian tina élmu basa anu ngulik jeung medar kandaga kecap, asal-usulna, selang surupna, parobahan, tur kamekaran kandaga kecap sokdi sebut léksikologi. Bagian léksikologi anu maluruh asal-usulna kandaga kecap disebut etimologi, ari anu maluruh cara mata kandaga kecap jadi kamus disebut léksikografi.

 

b. Wanda Kandaga Kecap

1) Kecap Sampakan jeung Kecap Serepan

Kandaga kecap basa Sunda téh tumuwuh jeung mekar ti mangsa ka mangsa. Ari mekarna téh kapangaruhan ku basa deungeun atawa basa kosta. Sakapeung kecap (ungkara) tina basa lian téh tara karasa deui asing. Sangkan mikanyaho asal-usulna kandaga kecap hiji basa, urang perlu ngulik jeung maluruh eta pakecapan. Elmu anu maluruh jeung ngulik asal-usul kandaga kecap atawa pakecapan hiji basa, parobahan, katut kamekaranana, disebut étimologi.

Ku lantaran kandaga kecap teh tumuwuh jeung mekar, nya dina hiji basa teh aya kecap sampakan. Kecap sampakan nya eta kandaga kecap anu tulen atawa asli dina eta basa. Kecap sampakan dina hiji basa ilaharna mangrupa kandaga kecap dasar. Ari nu dimaksud ku kandaga kecap dasar nya éta sajumlahing kecap anu asli dina hiji basa tur saeutik pisan kamungkinanana diserep tina basa kosta, biasana relatif angger.

Anu kagolong kana kandaga kecap dasar, di antarana baé, ebreh di handap ieu.
a) Istilah pancakaki : ema, bapa, aki, uyut, bao, janggawareng, udeg-udeg, gantung siwur, karuhun, jsté.
b) Ngaran babagian awak : sirah, rambut, panon, cepil, jsté.
c) Kecap pagawéan dasar : dahar, saré, hudang, mandi, jsté.
d) Kecap sipat dasar : resep, gering, gumbira, jsté.
e) Kecap Bilangan dasar : hiji, dua, tilu, opat, lima, jsté.
f) Barang universal kayaning :

  • Ngaran waktu / wanci : pajar, balébat, haneut moyan, jsté.
  • Ngaran poé : Senén, Selasa, Rebo, Kemis, jsté.
  • Ngaran bulan : Januari, Pebruari, Maret, jsté.
  • Ngaran kekembangan : gélényé, ingwang, dingdet, jsté.
  • Ngaran anak sasatoan : belo,begog, rarong, énéng, jsté.
  • Ngaran undagi (arsitektur) : cempéd, hontob, darurung, émpér, sosompang, jsté.
  • Ngaran patukangan : anjun, legig, maranggi, panday, jsté.
  • Ngaran pakakas tani : pacul, koréd, étém, garpuh, jsté.
  • Ngaran usum : mamaréng, halodo, ngijih, jsté.

Kecap serepan mangrupa kandaga kecap sampeuran atawa pangaruh tina basa asing. Asupna atawa nyerepna kecap asing kana basa Sunda dibalukarkeun ku rupa-rupa hal. Kahiji, balukar campur gaul panyatur hiji basa jeung panyatur basa lian. Kadua, balukar tina pasosokna basa nu hiji jeung basa sejenna. Katilu, balukar tina kecap sampakan henteu mampuh nyumponan sakumna kabutuh komunikasi para panyatur basa.

Asupna kecap serepan dina basa Sunda bisa tina rupa-rupa sumber, boh basa dulur (basa daerah sejen di Indonesia) boh basa kosta (basa asing).

Di handap ieu diberendelkeun sawatara conto sumber kandaga kecap basa Sunda.

a. Basa Jawa : adus, bisa, carik, dusun, kulem, lali, lebaran, ngimpen, rega, sasih.
b. Basa Arab : ajaib, dunya, gaib, hakim, hak, iman, jilid, kekal, paham, waktu.
c. Bahasa Cina : cengkéh, loncéng, loténg, mie, panggung, tauco, tahu. Siomay, bapau.
d. Basa Inggris : aktip, badminton, cék, gul, kaptén, méter, suksés.
e. Basa Portugis : armada, bandéra, kamer, biola, jandéla, kaméja, ronda, roda.
f. Basa Parsi/Pérsia : bandar, gandrung, jam, kawin, pasar, tahta, laskar.
g. Basa Sansekerta : kerta: agama, bumi, cahaya, cakra, istana, rusiah, nista, widadari.
h. Basa Tamil : cuka, martil, pinggan, tilam.
i. Basa Walanda : baki, bengkel, bor, élo, duit, kartu, kopi, lampu, pelesir

 

2) Kecap Populer jeung Kecap Kajian (Istilah)

Kecap kajian atawa istilah biasana dipatukangtonggongkeun jeung kecap populer. Kecap kajian nya eta kecap anu dipake dina hiji widang paelmuan atawa lingkungan nu tangtu. Ari kecap populer nya eta kecap anu sipatna umum anu dipake ku masarakat panyaturna dina kahirupan sapopoe.

Disawang tina wangunna, kecap kajian atawa istilah nya éta kecap atawa kantétan kecap anu kalawan gemet nggambarkeun hiji konsep, prosés, kahanan, atawa sipat nu aya dina hiji widang paelmuan. Aturan nyieun jeung ngawangun istilah disebut tata istilah. Dina basa Indonesia mah geus aya buku Pedoman Pembentukan Istilah wedalan “Pusat Pembinaan dan Pengembangan Bahasa”, Jakarta. Ari dina basa Sunda mah can aya.

Sakumna kandaga kecap basa Sunda bisa dipaké bahan ngawangun istilah asal nyumponan pasarakat kieu.

  • Mun aya dua kecap atawa leuwih anu hartina sarua mirip, keur istilah dipilih nu pangmerenahkeun tur nu teu ngahudang rupa-rupa tapsiran, contona: ngurus, miara, ngamumulé, ngariksa, ngaraksa, mulasara, jsté.
  • Upama aya dua kecap atawa leuwih anu sarua maksudna, pikeun istilah dipilih kecap nu pangpondokna, contona: nu miluan (pamilon), tukang tani (patani), jsté.
  • Upama aya dua kecap atawa leuwih anu sarua hartina tapi béda ajénna (konotasina), pikeun istilah dipilih istilah anu konotasina hadé tur ngeunah kadéngéna, contona: ungkluk (tunasusila), awéwé (wanita), jsté.

Aya rupa-rupa istilah anu sok dipaké dina basa Sunda, boh istilah sampakan atawa tulen basa Sunda boh istilah sampeuran atawa serepan tina basa kosta (asing).

Geura urang tengetan rupa-rupa éta istilah téh.

  • Istilah kaulinan : ucing sumput, beklen, jujungkungan, babangkongan;
  • Istilah kaélmuan : metode, data, tehnik, analisis;
  • Istilah teknologi : canggih, satelit, telepon, mesin;
  • Istilah tatanén : macul, tandur, ngarambét, panén, binih,cangkokan;
  • Istilah organisasi : pingpinan, anggota, girang serat, panata harta;
  • Istilah olah raga : wasit, galandang, opsét, kiper, sérpen;
  • Istilah kasenian : suling, cianjuran, sirimpi, tari, nayaga, sinden;
  • Istilah kasehatan : salatri, peujit koreseun, rorombeheun, nongtot bool (ambeyen);
  • Istilah industri : pabrik, limbah, tekstil, tinunan;
  • Istilah pancakaki : indung, bapa, nini, aki, buyut, bao, udeg-udeg, janggawaréng;
  • Istilah kaagamaan : takwa, imam, modin, rakaat, solat;
  • Istilah arsitektur (undagi) : suhunan, ampig, pangheret, tihang, kenteng;
  • Istilah geografi : walungan, gunung, pasir, padataran, sawah, balong;
  • Istilah pariwisata : wisatawan, wisma, obyek wisata, wana wisata, wisata bahari;
  • Istilah pakakas : pacul, peso, piring, traktor, obéng;
  • Istilah patukangan : ragaji, kampak, tatah, palu, sugu;
  • Istilah kadaharan/inuman : comro, misro; bajigur, lahang, bandrék;
  • Istilah sasatoan : énéng, belo, nanahaon, ménél, pedét, piyik;
  • Istilah tutuwuhan : tangkal, daun, dahan, akar, buah, kembang, olohok, ringsang;
  • Istilah anggota awak : sirah, irung, panon, baham, suku, rambut, leungeun;
  • Istilah waktu/usum-usuman : pecat sawed, janari; mamareng, ngijih

 

>>> HANCA <<<

Posted on August 23, 2014, in Diajar Basa Sunda. Bookmark the permalink. Leave a comment.

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: