SASAKALA GUNUNG GUNTUR

Gunung Guntur

 

Di wewengkon Kabupatén Garut, aya gunung anu kawilang gedé, ngaranna Gunung Guntur. Baheulana mah éta gunung téh ngaranna Gunung Kutu. Teu jauh ti dinya, aya gunung leutik. Anu katelahna Gunung Putri. Éta téh aya sasakalana.

Baheula pisan di dinya téh aya hiji karajaan kawilang gedé, ngaranna Karajaan Timbanganten. Ari puseur dayeuhna di Korobokan, henteu jauh ti Gunung Kutu. Pacabakan rahayatna ngandelkeun tina rupa-rupa tatanén. Henteu ari medah-meduh mah, ngan tara kabéjakeun kakurangan dahareun.

Harita anu jadi raja di Timbanganten téh nyaéta Sunan Rangga Lawé. Kacida dipikaasihna ku rahayatna, lantaran kacida merhatikeunana kana kahirupan sakabéh rahayatna. Naon baé kahayang rahayatna, lamun éta hadé pikeun maranéhna, pasti ditedunan kalawan daria.

Sunan Rangga Lawé téh kagungan sadérék istri hiji. Jenenganana Maharaja Inten Déwata. Raka Sunan Rangga Lawé saibu-sarama.Tapi, anjeunna teu kersaeun calik di nagara, kersana palay mikampungan baé, diiring ku pangatikna lalaki anu umurna kolot pisan, ngaranna Batara Rambut Putih.

Kacaritakeun dina hiji mangsa, nagara katarajang halodo panjang, nepi ka rahayatna kakurangan cai. Tong boroning keur pepelakan, dalah keur pangabutuh sapopoé ogé, cai téh kacida héséna. Mangkaning kabéh ogé nyaho, cai téh pangabutuh anu kacida pentingna.

Pikeun ngungkulan éta masalah, taya deui jalanna anu kaerong ku Raja, iwal ti kudu nyieun situ. Éta situ baris gedé mangpaatna. Lain baé keur sasadian cai dina mangsa tigerat saperti harita, tapi bisa dipaké nyaian tempat-tempat anu angar lantaran kurang cai, nepi ka bisa dijieun sawah-sawah anyar.

Ngan di mana tempatna? Tuluy baé Sunan Rangga Lawé ngeprik paramantri jeung ponggawa lianna, sangkan néangan tempat pisitueun. Tempatna kudu anu hadé. Nyaéta anu henteu bangga ngabendungna, sarta lamun geus jadi situ, caina bisa dipaké ku sakuliah nagara.

Nepi ka dina hiji waktu, Sunan Rangga Lawé keur magelaran, dideuheusan ku paramantri, ponggawa, katut abdi-abdina kabéh. Pok Patih unjukan ka Kangjeng Sunan, “Abdi mendak pisitueun, teu kinten saéna. Ku émutan, upami di dinya disamel situ, tiasa nyaian ka sakuliah nagara, sareng tegalan anu upluk-aplak, tiasa didamel sawah-sawah anyar.”

Sunan Rangga Lawé kalintang bingahna, ngadangu piunjuk Patih kitu téh. Pok mariksa, “Di mana, Ki Patih, tempat anu hadé keur pisitueun téh?” Patih ngawalon, “Di hiji léngkob, anu aya di wewengkon Gunung Kutu. Dupi anu kagungan pisitueun téh, raka Kangjeng Sunan ku anjeun, Maharaja Inten Déwata.”

Sunan Rangga Lawé ngadawuh, “Gampang ari kitu mah.” Lajeng miwarang hiji mantri, dawuhanana, “Manéh ayeuna pisan kudu indit ngadeuheus ka Aceuk, dipiwarang ku aing mundut éta pisitueun, badé ditambak dijieun situ, sabab baris réa pihasileunana. Los manéh geura leumpang!”

Gancangna éta mantri teu talangké deui, harita kénéh ogé mundur ti payuneun ratu, leumpang gagancangan, ngajugjug ka bumi Maharaja Inten Déwata. Teu lila ogé geus nepi ka nu dijugjug. Sadatang-datang cong mantri nyembah, bari gék diuk mando ta’dim.
Ku Maharaja Inten Déwata geuwat dipariksa, saurna, “Dipiwarang naon ku gusti manéh?” Mantri unjukan, “Abdi gusti sadaya-daya, didawuhan ku rai gusti, dawuhanana, manawi aya lunturing panggalih dampal gusti, éta pisitueun dipundut, badé didamel situ. Margi saurna, baris seueur mangpaatna.”

Maharaja Inten Déwata ngalahir, lahiranana, “Unjukkeun ka gusti manéh, éta pisitueun hamo dihaturkeun, sabab aing euweuh deui nya kabetah, lian ti di tempat ieu pisan. Lamun éta léngkob dijieun situ, atuh meureun lembur aing kakeueum. Los Mantri, manéh geura balik!”

Ti dinya mantri tuluy mulang. Barang datang ka nagara, tuluy diunjukkeun sadayana, sadawuhan Maharaja Inten Déwata. Dawuhan Sunan Rangga Lawé, “Kajeun ari teu dipaparinkeun mah, urang néangan deui wé tempat séjén, sugan manggih anu leuwih alus.”

Bur-ber anu néangan pisitueun, tapi weléh taya anu manggih. Malah lila-lila mah, jul-jol rahayat anu ngadeuheusan, unjukan ka Sultan Rangga Lawé, nyuhunkeun énggal éta léngkob ditambak didamel situ. Supaya rahayatna henteu hésé cai,sarta bisa nyieun sawah-sawah anyar.

Kacarios Sunan Rangga Lawé tos dua tilu kali miwarangan mundut éta pisitueun, tapi weléh waé teu dipaparinkeun baé ku rakana, nyaéta Maharaja Inten Déwata. Sunan Rangga Lawé henteu iasa maksa, tina ngaraos ajrih ka raka.

Dina hiji waktu aya mantripan unjukan, mantri pangkolotna di éta magara. Piunjukna, “Awon teu kapiunjuk, wiréh abdi gusti ngaraos héran ku manah dampal gusti, sapertos anu teu miwelas miasih ka abdi-abdi anu laksa réwu, dugi ka ajrih ku raka istri.”
Sunan Rangga Lawé ngajenghok, pok sasauran, “Na kumaha kitu, Mantri?” Pok mantri neruskeun piunjukna, “Bawiraos abdi gusti, danget ieu dampal gusti nu jumeneng ratu di Timbanganten téh. Ku émutan abdi gusti, sakersa dampal gusti henteu kénging dihalang-halang ku nu sanés, sanaos ku tuang raka Maharaja Inten Déwata. Margi upami kitu, atuh di Timbanganten téh aya ratu dua: hiji istri, hiji pameget.”

Ngadangu piunjuk mantri, Sunan Rangga Lawé kacida benduna, ngaraos yén enya sapihatur mantri. Lajeng ngadawuh ka Patih, “Ayeuna kumpulkeun abdi-abdi kabéh, sarta kudu marawa pacul, linggis, jeung sapuratina parabot nu rék nyieun situ. Poé ieu kénéh urang tambak!”

Sanggeus meunang dawuhan ti ratu kitu, breng atuh rahayat arindit ka pisitueun. Jalma datang ti suklakna ti siklukna, maranggul pacung, ngajingjing linggis, katut parabot lianna keur ngali taneuh. Komo anu ngadéngé sorangan dawuhan raja, dalah anu harita ngadéngé béjana ogé, indit nuturkeun anu ngabrul, ngaleut ngeungkeut ngabandaleut.

Sunan Rangga Lawé ogé angkat, diiring ku mantri sareng paraponggawa. Barang sumping ka pisitueun téa, teras ngadamel pasanggrahan di dinya. Margi émutanana ngadamel bendungan téh, sanés padamelan sapoé jadi. Réngsé ngadamel pasanggrahan, pok sasauran, “Prak atuh geura digarawé! Ambéh téréh anggeus, téréh kaala hasilna!”

Breng atuh rahayat digarawé saregut naker. Unggal poé digarawé ti isuk-isuk nepi ka soré. Keur mah ngéstokeun timbalan raja, katambah-tambah lain keur kapentingan batur, tapi keur kapentingan maranéhna sorangan. Teu sirikna kabéh sanagara ubyag, nyarieun tambakan keur pisitueun. Capé gawé geus dianggap jamakna, sabab inget kana hasilna mun situ réngsé.
Sanggeus aya kana puluh poéna, tambakan téh réngsé ngalingkung léngkob. Teu sabaraha lilana deui ti harita, situ téh geus léb-léban pinuh, caina lébér ngamprah ke lembur-lembur. Sakumna rahayat saruka bungah. Ubyag deui digarawé poho di kacapé, nyieunan sawah-sawah anyar. Tegal angar anu legana upluk-aplak, jaradi sawah anu teu kakurangan cai.

Tapi kaayaan anu sarupa kitu téh, kanggo Maharaja Inten Déwata mah matak ngenes kana manahna. Anjeunna kagungan anggapan, yén raina parantos metakeun kateuadilan, milampah panganggo sawenang-wenang. Ngabendung léngkob cangkingan anjeunna, bari henteu aya widi ti nu kagungan. Manahna peurih, raos digerihan ku hinis.

Ti dinya anjeunna lebet ka bumi, nyandak kekemben hiji, raksukan hiji, tuluy angkat ngajugjug ka gunung leutik anu deukeut ka Gunung Kutu anu ayeuna katelah Gunung Putri, sabab baheulana dianggo ngarereb ku Maharaja Inten Déwata. Disarengan ku pangiringna anu satia, nyaéta Batara Rambut Putih.

Saparantos Maharaja Inten Déwata ngaso, lajeng ngadawuh ka Batara Rambut Putih, “Aki ayeuna kudu nyieun jolang keur wadah cai jeung kudu mawa taneuh sakeupeul, kula dék nanjak ka Gunung Kutu.” Matur Batara Rambut Putih, “Badé ngersakeun naon Gusti di ditu?” Nyaur deui Maharaja Inten Dewata, “Ah, hayang nyaho baé kaayaanana.”

Teu talangké Batara Rambut Putih tuluy nyieun jolang gedé sarta tuluy dieusian cai, bari mawa taneuh sakeupeul, ngiring Maharaja Inten Déwata angkat ka Gunung Kutu. Sajajalan teu lémék teu nyarék, bingung nyurahan maksud dununganana.

Sasumpingna ka puncak gunung, tuluy éta taneuh sakeupeul téh diawur-awur di luhur gunung jeung cai anu sajolang téa dibahékeun. Sanggeus cai dibahékeun, Maharaja Inten Déwata lungsur deui ti luhur Gunung Kutu ka Gunung Putri. Batara Rambut Putih henteu tinggal.

Sapada harita kénéh aya kajadian anéh, panonpoé nu keur meujeuhna mentrang-mentring, ngadadak kawas anu leungit sinarna. Tanah Timbanganten jadi poék mongkléng. Henteu lila kadéngé anu patingjelegur, datangna ti puncak Gunung Kutu. Seuneu muntab-muntab hurung mancur, silalatu tingbelewer ka ditu ka dieu.

Gunung Kutu muncratkeun batu panas, dibarengan ku hujan lebu nu luar biasa. Batu panas ninggang ka leuweung, ger leuweung kahuruan muntab-muntab. Ninggang ka pilemburan, loba imah anu ajur. Loba jelama anu misan, patulayah sisi jalan. Malah di puseur dayeuh gur-ger kahuruan. Dayeuh Korobokan ruksakna liwat saking.

Jelema anu henteu katinggang, anu jauh ti Nagara Korobokan, kalabur ka tempat anu leuwih, lantaran sieun katinggang ku batu. Seuneu di Gunung Kutu muntab-muntab, batu-batu tingbelewer ka luhur, katénjona burahay jadi seuneu sakuliahna. Lebu hudeung ngadingding sakuriling bungking. Beurang peuting salila opat puluh poé.

Jalma-jalma ménak-kuring kacida pisan sarusaheunana, lantaran katarajang bahla anu sakitu gedéna. Dina jero opat puluh poé opat puluh peuting henteu ngingetkeun kana salamet, ingetanana nu araya saperti kiamat baé, tina ningal bahla anu sakitu poharana, anu sakitu gedé karuksakanana.

Dina waktu kajadian kitu, rahayat anu henteu katinggang urug, kalaburna téh paburantak baé, aya nu ngétan, aya nu ngulon, anu ngalér, anu ngidul. Geus henteu ngingetkeun kana banda, henteu inget kana rajakayana, kalabur ka tempat-tempat nu jarauh, dapon dirina bisa salamet.

Aya anu kabur ka Bandung, ka Sumedang jeung ka Karawang, anu ka Tasik ogé teu kurang-kurang. Malah dina geus pépésna deui ogé, loba pisan anu teu baralik deui, ka tempat asalna di Kotobokan, tuluy baé ngalumbara di dinya, nepi ka turun tumurun ka anak-incu.

Sunan Rangga Lawé geus ngaraos yén pangna salirana katarajang balai anu sakitu poharana téh, tangtu pisan lantaran ti rakana, ti Maharaja Inten Déwata. Lajeng jengkar ti Dayeuh Korobokan, kersana rék nyungsi rakana, ngajugjug ka Gunung Kutu.

Teu lami katingali ku anjeunna, Maharaja Inten Dewata keur ngadeg dina batu. Sunan Rangga Lawé gagancangan muru rakana. Sanggeus patepang sareng rakana, Sunan Rangga Lawé ngarawu sampéan rakana, pok sasauran bari nangis lungas-lengis, “Aceuk, abdi mundut dihapunten tina sagala kelelepatan sareng kaluluputan. Rumaos abdi anu kirang tata kirang titi.” Tuluy dihampura ku Maharaja Inten Déwata. Tanda yén geus dihampura, seuneu nu keur hurung ngabéla-béla téh bet dadak sakala pes pareum. Kitu deui sora nu patingbeledug jep répéh. Batu nu cara hujan datangna ti gunung, les leungit kabéh, musna teu sakara-kara. Sunan Rangga Lawé matur ka rakana, “Sumangga Aceuk, ayeuna mah urang mulih baé ka nagara.”

Maharaja Inten Déwata nyaur, “Aceuk mo balik deui ka nagara. Deuk nurutkeun kahayang ati waé, jeung baring supagi upama ieu gunung jadi deui cara kieu petana, sambat baé ngaran Aceuk jeung ngaran Aki Batara Rambut Putih, salamet mo aya kitu-kieu.”
Maharaja Inten Déwata, kitu deui Batara Rambut Putih, sanggeus sasauran kitu les musna ti payuneun Sunan Rangga Lawé. Leungit tanpa lebih, ilang tanpa karana. Henteu kacaritakeun ka mana angkatna, atawa di mana calikna.

Ti harita Gunung Kutu dilandi ngaranna, sawaréh aya nu nyebut Gunung Agung, sawaréh deui aya nu nyebut Gunung Guntur. Ari gunung anu leutik, urut Sunan Rangga Lawé tobat ka rakana téa, nelah nepi ka ayeuna Gunung Putri. Ari situ anu didamel ku Sunan Rangga Lawé katelah Situ Taman di Timbanganten.
Saujaring carita, jalma anu paéh mangsa harita, boh anu katinggang ku batu, boh anu kaurugan ku taneuh atawa keusik, jeung anu kaléléd ku lahar panas, réana aya sawelas rébu; ari rupa sato héwan tujuh réwu.

Ari Dayeuh Korobokan jeung kampung-kampungna, anu kaurugan ku taneuh jeung ku batu, ayeuna katelah Tegalurug. Ari Nagara Timbanganten nya dipindahkeun ka Tarogong, Garut. Éta nagara pusaka ti jaman baheula. Sakitu dongéngna Gunung Kutu nu matak seuneuan nepi ka ayeuna.

 

 

Dicutat tina :
– http://archive69blog.blogspot.co.id/2014/03/sasakala-gunung-guntur.html
– http://dongeng-uing.blogspot.co.id/2008/07/sasakala-gunung-guntur.html

Posted on May 11, 2016, in Dongéng Sasakala. Bookmark the permalink. Leave a comment.

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: