SASAKALA SITU CILEUNCA

Situ Cileunca

Jaman baheula di hiji leuweung geledegan, aya tangkal kai anu kacida gedéna jeung jangkungna, ngaran éta kai téh Rasamala. Sakabéh tatangkalan anu aya di sahandapeunana jeung di sabudeureunana éta tangkal kai gedé téh mani ngarasa gigis tur kacida mihormatna malah saolah-olah ngaku raja waé, rajana tangkal kai di éta leuweung téa.

Dina hiji waktu, sawatara tatangkalan nu aya disabudeureunanan téh uplek ngabrol gunem catur. Anu ngamimitian ngobrolna téh tangkal Kareumbi, pokna téh kieu, “Lain, Ki Silah, ari di dinya rek angger anut wae jeung tetep rék ngaku raja ka Rasamala téh.”

“Nya enya atuh, moal enya teu sauyunan atawa teu umum jeung batur, kuriak pada nyarebutkeun nu notorogan mun boga lampah anu béda ti batur téh,” ceuk tangkal Dadap.

“Hih ulah waka boga anggapan kitu, anggur éta boga pakarang anu sareukeut, sasatna cucuk anu aya dipimilik ku awak sakujur gésék-gésék waé kana sakujur awak ngarah Rasamala téh peuriheun,” ceuk Tangkal Kareumbi.

“Naha Ku naon kitu?”

“Ngéwa tuda kami mah, éta mun aya milik téh hawek pisan, mun aya rijki sok dihampol dipiheulaan baé. Sok didongkang ku akar mayangna, jadi hakaneun téh béakeun ku sorangan.

“Aéh heueuh nya, kakara eungeuh. Kaula gé sarua sok mindeng ngarahuh. Sakalina hayang moyan bet sok lebeng da panonpoé téh kahieuman baé ku dahan jeung daun Rasamala.”

“Tah geuning kapikir ayeuna mah ku anjeun nya?” ceuk kareumbi nguntup.

“Ké heula, urang ménta pamanggih anu séjén,” ceuk Dadap rada nyandet.

Kuniang jukut alak-alak nyanghareup ka dadap jeung kareumbi. “Hih sukur atuh boda rencana kitu, puguh kuring gé sarua boga haté kitu ngan teu betus. Kuring gé ngan koré waé téh hésé ngajangkungan hésé rék ngarambat da kahalangan. Kuring ngarojong kana pamaksudan anjeun duaan,” pokna.

“Yu atuh ulah léléda ari pada-pada boga kanyeri mah urang ngajorag Rasamala,”pokna.

Teu lila Kareumbi, Dadap jeung jukut Alak-alak madep ka hareupeun Rasamala.
“Pangapunten sun, numawi ngadeuheus téh abdi saparakanca seja ngadugikeun kasedih ati katugenah manah. Éta ka mastaka salira téh sok aya nu cucungah, manuk ésé nangka sok clé waé kana mastaka salira anu sasat jadi makuta anu kedah dipupusti ari ieu dikotoran. Mangga emutan. Kotoran téh sok janten manggandeuh anu sok nyongcay tuangeun salira.”

Bakat ku ambek di mana aya manuk ésé nangka eunteup dina Rasamala sok ngagidegkeun tangkalna. Lila-lila tangkal Rasamala téh jadi purutul henteu daunan. Tinggal tangkal anu ngalengeceng tapi tanggoh henteu régrog sanajan kadupak angina kakeueum ku cileuncang anu ngadak-ngadak ngabendung sabudeureunana. Cileuncang anu ngeyembeng pedah cihujan teu bisa laju ka hirir kahalangan dangdaunan Rasamala anu numpuk. Kulah cileuncang lila-lia jadi ngalébéran, antukna jadi hiji situ anu katelah situ Cileunca, robah ucapan tina kecap cileuncang.

Dicutat tina :
http://archive69blog.blogspot.co.id/…/sasakala-situ-cileunc…

Posted on May 11, 2016, in Dongéng Sasakala. Bookmark the permalink. Leave a comment.

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: