Carpon Sunda : HAMPURA

 

Réngsé bébérés kebon di tukangeun imah, awak karasa lungsé,  ramo leungeun karasa singsireumeun jeung rada peurih kualatan tadi mangsa di kebon lila teuing nyepeng pacul. Sirah mimiti karasa lieur, panon asa beurat rék dibeuntakeun, titingalian kararonéng. Kuring leumpang nuju ka korsi, maksudna rék néang keur muntang, hanjakal suku geus teu kuat ngaléngkah. Gebru, awak nyuuh kana téhel, téténjoan poék. Les… Kuring teu inget nanaon deui.

Panon mimiti bisa mélétét nalika aya sora anu keur ceurik di gigireun kuring, rét kuring ka gigir, katémbong anu jadi pamajikan keur ceurik bari mencétan leungeun. Kuring reuwas sabab teu apal kana eusi rohangan, rap leungeun nyampa kana dada, aya sababaraha kabel napel kana dada, karasa aya selang napel tina irung.

“Abah dimana?” Kuring nanya kanu jadi pamajikan.

“Abah nuju aya di Rumah Sakit.” Sora pamajikan dareuda.

Kuring beuki reuwas, “Naha bet aya di Rumah Sakit, ti iraha Mi?” ceuk Kuring,

“Ti mangkukna Bah, Abah tos 2 dinten di dieu, ti harita nembé gugah ayeuna.” Ceuk pamajikan.

“Ari barudak kamarana?” Kuring neuteup seukeut.

“Teu acan aya anu kadieu, duanana nuju sibuk di kantorna basa mangkukna ditelepon téh, minantu oge sami teu tiasa ka dieu, teu aya anu ngajajap cenah.” Ceuk pamajikan bari ngusapan tarang.

Kuring ukur bisa ngahuleng sajongjongan mah, padahal anu jadi anak téh cicingna teu jauh ti imah, masih sakota kénéh. Ras inget mangsa maranéhna keur sarakola, kuring rumasa can kungsi maturan maranéhna nalika aya acara di sakolana, boh dibagi rapot, diwisuda pon kitu deui nalika maranéhna keur ngiluan pasanggiri dina pangaresepna séeang-séwangan. Kuring nyibukeun diri ku pagawéan, indit mangsa barudak talibra kénéh, mulang mangsa barudak geus talibra, panggih jeung anu jadi budak ngan saukur poé minggu wungkul.

Meureun kieu balesanana, kuring teu bisa nyalahkeun anu jadi anak, sabab rumasa lampah kuring anu salah, méré kanyaah ngan saukur ku dunya.

Karasa cimata maseuhan pipi karasa tepi kana ati, kasedih karasa ngabendung. Ngadadak dada karasa eungap, ngarénghap geus teu bisa, nyelek tina tikoro. Biwir hayang cumarita ngan taya sora anu kaluar, sagala sora geus teu kadéngé, saukur panon anu masih kénéh bisa dipaké mangsa ningali anu jadi pamajikan ceurik bari ngoyag-ngoyag awak, biwirna kawas anu gogorowokan ngan teu kadéngé naon anu dikedalkeunana. Lila-lina téténjoan beuki samar, antukna poék, karasa kuring leupas tina raga anu salila ieu dicicingan.

“Bah gugah Bah, tos subuh.” Hawar-hawar kadéngé aya nu nyalukan.

Awak karasa oyag. Koréjat kuring lilir, terus ningali kanu tadi nyalukan. Bréh, katingali anu jadi pamajikan di gigireun keur ngageuingkeun bari imut. Kuring ningali sabudeureun rohangan, horéng masih aya kénéh di kamar sorangan.

“Alhamdulillah Gusti, geuning kuring hirup kénéh.” Kuring nyampa pipi, aya nu haneut, baseuh.

“Bah hayu ka Masjid!” Aya sora ti luar kamar.

Lol anu jadi budak ngelol ka jero kamar, beretek duanana asup, gajleng duanana naék kana kasur, si Cikal anu kakara kelas 5 SD metot simbut, si Bungsu anu kakara Kelas 1 SD numpakan tonggong bari ngélékéték sangkan kuring nyaring. Gap duanana digabrug, dikeukeupan raket pisan.

“Hampura Abah kasep.” Teu karasa cimata maseuhan deui kana pipi, hayang ceurik sahinghingeun, tapi lain éta jalan kaluarna.

 

 

 

Andi Rustandi Sunarya, 05-03-2014

Posted on September 27, 2016, in Carpon jeung Fikmin. Bookmark the permalink. Leave a comment.

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: