Carpon Sunda : WIRAHMA RASA NU MOKAHA

wirahma-rasa

 

Réngsé Diklat Pertanian di Ciamis, ngahaja balik téh ngaliwat ka Singaparna. Wanci geus nyedek tengah peuting, sup mobil ka SPBU Salawu, da puguh jarumna geus déngdék kana E, “Full Kang!” Ceuk kuring ka patugas, da puguh jugjugeun jauh kénéh. Réngsé dieusi, tuluy waé mobil dipajukeun deui, teu sabaraha jauh ti lawang SPBU katémbong aya wanoja keur diuk hareupeun toko nu nutup, satadina mah teu pati dipaliré, tapi katingali ku juru panon, éta wanoja teu sorangan. Mobil dipundurkeun deui, gebeg kuring reuwas, horéng manéhna keur ngeukeupan budak nu disimbutan ku samping, gigireunanan aya kantong gedé. Reg mobil eureun, tuluy kaluar.

“Téh nuju naon calim di dieu, badé ka mana?” Kuring ngadeukeutan.

Nu ditanya ngabigeu, tuluy  tanggah mencrong seukeut, taya kecap nu kaluar, pasémona semu pias, cimata maseuhan pipina. Simpé, da puguh geus nincak tengah peuting.  Kuring ngawanikeun diri ngadeukeutan, tuluy cingogo hareupeunana, sidik ayeuna mah, sorot jeung keureut beungeutna ngagurat ménak, geulis tur beresih kulitna.

“Tétéh nuju naon, badé ka mana?” Kuring nanya deui.

“Badé ka Cianjur Kang,” Sorana dareuda, tuluy ngeluk nyiuman anakna nu keur tibra.

“Aéh naha atuh bet calik di dieu, hayu atuh kana mobil waé, hawatos tiriseun murangkalihna.” Kuring ngawanikeun diri, tuluy cengkat.

Nu diajak teu némbal, kalah beuki pageuh ngeukeupan anakna, sajongjongan taya sora nu kedal, simpé deui. Kuring ukur bisa nempokeun kaayaan, teu bisa kukumaha, pada ngabetem baé.

“Hayu atuh Téh, ulah sieun ku akang, hawatos éta murangkalih, jaba ukur disimbutan ku sinjang.” Kuring rada maksa, alatan ningali budakna ngadégdég katirisan.

Manéhna nangtung lalaunan, teu wani neuteup ka kuring, kawas nu sieun. Panto hareup mobil dibuka, “Wios di pengkeur waé.” Kedalna.

Kuring teu loba omong, tuluy muka panto tengah, rada asa-asa manéhna asup kana mobil, teu poho kantongna diasupkeun ku kuring.

Dius, mobil maju meulah poék jeung simpéna peuting ninggalkeun éta tempat.

Can jauh ti tempat nu ditinggalkeun, teu lila kadéngé budakna lilir, “Mah.. mamam…” cenahna, meupeuskeun kasimpé éta peuting.

“Euleuh hawatos teuing, pasihan tuang atuh Téh!” Ceuk kuring.

Manéhna ngabetem deui, katingali na kaca spion manéhna nutupan budakna ku sinjang, budakna répéh.

“Keur disusuan meureun,” Pikir téh.

Tilu puluh menit mobil geus nepi ka Tarogong Garut, sup mobil asup ka mini markét nu muka 24 jam.

“Sakedap nya Téh, mésér tuangeun heula, hawatos Si Dédé, badé pesen naon?” Tanya kuring.

“Sawios teu kedah, mangga Bapa waé.” Témbalna.

“Nya atuh, abdi anu ka lebetna, antosan, ulah ka mamana!” Ceuk kuring, tuluy asup ka mini market. Teu lila kuring geus balik deui, tuluy asup ka tengah mobil.

“Sok Téh tuang heula, éta aya cai entéh haneut, roti, ogé susu kanggo Si Dédé.” Kuring ngasongkeun kérésék.

“Ih, naha Bapa? Sawios padahal mah, teu kedah, da Si Dédéna ogé tos bobo deui.” Témbalna.

“Téh, hapunten sateuacanna, hawatos ka Si Dédé, supados raos bobona tur Tétéhna ogé tiasa istirahat heula, kumaha saupami urang mondok heula waé di pamondokan, kumargi jugjugeun tebih kénéh, kumaha?” Kuring tarapti cumarita, bisi salah tarima.

Manéhna mencrong seukeut, tuluy nempo budakna nu keur tibra. “Mangga, teu langkung Bapa waé, abdi mah ngiringan.” Témbalna.

Kabeneran teu jauh ti dinya aya pamondokan, mobil asup ka pakarangan. Sup kuring ka lobby, dituturkeun ku manéhna, tatanya ka nu jaga, sugan aya kamar kosong.

“Anu kosong mah kantun hiji Pa, éta ogé single béd, kumaha?” Ceuk nu jaga.

Kuring ngahuleng ngadéngé omongan nu jaga, teu némbalan sajongjongan mah.

“Sawios anu éta waé Pa!” Wanoja tadi ngadeukeutan, pédah ningali kuring kawas nu bingung.

“Piraku sakamar Téh?” Kuring ngaharéwos, éra bisi kadéngéeun ku nu jaga.

“Teu nanaon, sawios sakamar ogé.” Haréwosna, terus neuteup.

Katingali di nu caang mah, atra pasémonna, kasedih nu tadi nyimbutan, katutup ku kageulisanana, bodas jeung beresih kulitna deuih. Mimiti aya rasa nu ngagulidak dina haté, mimiti aya anu nyérédét mangsa teuteupna diadu jeung kuring.

Teu lila kuring jeung manéhna asup ka kamar anu dituduhkeun ku nu jaga. Kuring diuk na korsi nu aya di jero kamar, manéhna ngagolérkeun budakna na ranjang, tuluy diuk gigireun na korsi hijina deui, tuluy muka carita.

Pondok carita, manéhna diusir ti imahna ku pamajikan anu ngora salakina, ti Singajaya nepi ka Salawu maksakeun leumpang, da puguh teu nyepeng duit sapérak-pérak acan, deuk balik ka Salawu, da puguh teu boga dulur. Maksud ka Cianjur téh, niatna rék balik ka nu jadi kolotna.

“Bapa, hatur nuhun kana sadaya bantosanana, upami teu aya Bapa mah,  duka kumaha abdi téh.” Manéna muka carita, “Ayeuna mah mangga nyanggakeun teu langkung Bapa.” Pokna deui.

“Mamah… mamah…” sora budakna megat  obrolan, tuluy manéhna ngagolér gigireun budakna, méréndé bari nyusuan kawasna mah, da nonggongan, teu ditutupan ku sinjang ayeuna mah.

Kuring ukur bisa neuteup manéhna nu keur ngagolér, pikiran mimiti rongkah lir ombak sagara, silih teumbrag. Syétan mimiti niupan ngagoda rasa jang pikiran, nitah sangkan kuring ngilu saré gigireun manéhna di éta ranjang. Pikiran geus mimiti kaeunteupan ku pikiran nu goréng, da puguh geus saminggu kuring teu panggih jeung nu jadi pamajikan. Nyéta, diklat di Ciamis téh apan saminggu lilana.

Panon dipaksakeun pereum, puguh teu bisa peureum, juru panon teu weléh hayang ngarérét ka manéhna.

“Kriiing… kriiing…” Hapé disada mencarkeun pikiran kuring nu tagiwur. Horéng nu jadi pamajikan nelepon, samar polah, rék balaka tangtu moal hadé, deuk ngabohong, asa kumaha.

“Assalamu’alaikum Mah..?” Telepon ditarima, da puguh bisi hariwangeun.

“Wa’alaikumsalam, Ayah di mana kénéh?” Pamajikan nanya.

“Ayah mondok heula di Garut Mah, asa carapé ieu téh, palaur upami dipaksakeun nyupiran mah.” Témbal kuring.

“Oh muhun atuh Yah, satadina Mamah ogé badé ngémutan Ayah, supados ulah maksakeun teuing langsung uih ka Sukabumi, bilih capé, wilujeng leleson Yah, sing tumaninah istrirahatna, keun da barudak mah saréhat, Ayah ogé sing séhat nya…!” Pokna.

“Muhun, hatur nuhun Mah.” Ceuk kuring.

“Ay Lap Yu Ayah… Salam sono ti Mamah, assalamu’alaikum.” Pamajikan nutup obrolan, tuluy mareuman hapé.

“Ya Allah, alhamdulillah…..” Kuring ngusap beungeut. Pikiran goréng anu tadi ngulibek dina uteuk nyingkah, malik jadi rasa karunya ka éta wanoja, jeung rasa nyaah ka nu jadi pamajikan anu geus ngélingan.

Panon dipereumkeun, suku nangunjar na korsi nu ngahaja disimpen pahareup-hareup. Les waé kuring tibra.

“Pa, parantos tabuh genep.” Sora wanoja ngahudangkeun.

Rét ditempo, wanoja tadi geus aya gigireun bari mangku anakna, katingali seger, geus mandi kawasna mah, da bajuna ogé geus garanti.

“Aéh, kapulesan geuning, sanés ti Subuh atuh ngagugahkeunana.” Témbal kuring.

“Teu wantun ngagugahkeunana ogé, katingal pules pisan kulemna.” Ceuk manéhna imut.

“Enya atuh, sakedap, abdi ibak heula.” Ceuk kuring, tuluy naléos ka kamar mandi.

Réngsé bébérés jeung mumuluk, konci dibalikeun ka penjaga. Satuluyna mobil ngadius deui nuju Cianjur ka imah kolot éta wanoja.

Nepi ka nu dituju, Teu lila di dinyana ogé. Geus sasadu ka kolotna mah, kuring langsung amitan, teu poho mahanan amplop ka manéhna, teu loba eusina mah, sugan wéh bisa ngurangan kasusahna.

Sapaparat jalan kuring mikir,

“Asa aya anu kurang ieu téh,” ceuk pikir, lila nginget-inget.

“Ya Allah, enya poho, kuring teu nanyakeun saha ngaran manéhna.”

 

Andi Rustandi Sunarya, 30 Agustus 2016

Posted on September 27, 2016, in Carpon jeung Fikmin. Bookmark the permalink. 3 Comments.

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: