Fikmin Sunda : CUREULEUK SOCA ANJEUN

cureuleuk-soca-anjeun-1

Jam lima, Elf nu didagaon datang, kuring asup tuluy diuk di tengah, kabeneran geus aya wanoja diuk di dinya, manéhna imut, mangsa kuring diuk gigireunana. Awak anu lungsé dumadakan jagjag deui.

Tiung jeung baju kelir kayas, mantes pisan dipaké ku manéhna.

“Ka Bandung ogé Néng?” Kuring muka carita.

“Sumuhun Kang.” Manéhna némbal bari teu ngaleungitkeun imutna.

Teuteupna seukeut tapi katutup ku cureuleukna panon tur carentikna bulu panon. Sapanjang jalan ti Malangbong ka Bandungkeun, kuring uplek ngobrol, cenah manéhna kakara mulang ti imah Mamangna di Ciawi.

Nepi Cicaheum kuring turun, dituturkeun ku manéhna.

“Ieu alamat bumi sareng nomer hapé abdi, upami aya waktos mah minggon payun amengan atuh!” Manéhna mikeun keretas jeung bros kembang anu nerap na tiungna.

“Mangga Insha Allah.” Ceuk kuring. Tuluy papisah, da puguh kuring béda tujuan.

Saminggu ti harita, pikiran terus kumalayang, galindeng sorana asa kapireng, panon anu cureuleuk ngolébat dina lolongkrang, kumalayang na lamunan. Keretas ti manéhna dibuka, tuluy ditelepon,

“Telepon yang anda hubungi tidak dapat menerima panggilan.” Kecap éta anu kaluar saban kuring nelepon manéhna.

Méakeun kapanasaran, kuring maksakeun datang ka imahna di Padasuka.

Motor eureun hareupeun imah anu dituduhkeun na keretas,

“Assalamu’alaikum…” kuring unjuk salam.

Teu lila panto aya nu muka, kaluar lalaki tengah tuwuh.

“Wa’alaikumsalam, aya anu tiasa dibantos?” Ngabagéakeun bari imut.

“Punten Bapa, upami Kinanti aya?” Kuring nuluykeun, anu ditanya mencong seukeut.

“Ari Aa saha?” Malik nanya.

“Abdi réréncanganana, minggu kamari pendak na Elf ka Bandungkeun.” Tuluy némbongkeun keretas jeung bros.

“Hayu atuh kalebet heula!” Manéhna ngajak asup.

“Saenyana, Kinanti, anak bapa hij-hijina tos ngantunkeun, ayeuna jejeg 40 dintenna.” Bapana muka carita.

Gebeg, kuring reuwas, asa dibéntar gelap.

“Anjeunna gaduh panyawat Leukemia, ngantunkeunana ogé  mangsa mancén ngawulang Madrasah di Ciawi.” Tuluyna deui.

Bros anu dicepeng teu karasa leupas na cepengan, ngolémbar cureuleuk soca manéhna.

 

Andi Rustandi Sunarya, 26 Mei 2015

 

Iklan

Posted on September 27, 2016, in Carpon jeung Fikmin. Bookmark the permalink. Tinggalkan komentar.

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout /  Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout /  Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout /  Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout /  Ubah )

w

Connecting to %s

%d blogger menyukai ini: