Ngeunaan Ieu Blog

Andi R S
Assalamu’alaikum Wr Wb…
Sampurasun….

Wilujeng sumping di Blog simkuring, mugia anu kaleresan ngalongok ka ieu Blog aya dina karahayuan tur salawasna aya dina panangtayungan Alloh SWT.

Ieu Blog mangrupakeun salah sawios Blog anu ngaguar perkawis naon waé, boh Budaya, Talari/Tradisi, Pangajaran/Atikan Basa Sunda ogé dina Ngamumuléna.

Insya Alloh sadaya guaran di ieu Blog diserat ku Basa Sunda, tur sumberna dijéntrékeun. Namung hapunten sementawis nembé sakedik anu disanggakeun, Insya Alloh kapayunna tiasa langkung seueur deui anu dipedar.

 

Mugia katampi ku sadaya,

 

Haturnuhun

  1. Assalamu ‘alaikum….
    Wilujeng tepang di mandala maya hususna di dunya blog. Nyanggakeun salam pangwanoh ti urang lembur di pasisian Sumedang

  2. Sampurasun…
    Nepangkeun, simkuring putra sunda anu lahir di pangumbaraan. kaleresan pun bapa sareng ibu ngaping sim kuring ku ajaran sareng pola budaya sunda. Sanaos lami hirup di pangumbaraan, ari hatemah manceg di lembur sisi wetan gunung tampomas. Hatur nuhun Kang Andi Parantos nambihan pengetahuan kanggo simkuring supados langkung tiasa ngamumule budaya SUNDA…

  3. Sampurasun. Ngahaturkeun salam pangwanoh. Kataji ku pedaran perkawis iketna, neda widi kanggo dicantelkeun sareng sarwasunda.blogspot.com

  4. Duhh Sae pisann..Kang Andi Ngiring Bingah wae….#Kumaha ngadamelna…hehhe

  5. ke abdi pasihan terang Strategi na nya xixixxixixi…Kmha iket pesenan abdi tos aya teu acan

  6. Sampurasun… nepangkeun sim kuring anu hoyong ngecap keun basa anu leres na, sareng ngiring ngarewong..

  7. Abe al bantani

    Assalamualikum kang guru, ngiring aub bade tatamba élmu, mugia janten kahadéan kanggé kang guru umumna kanggé baléréa sadayana.aamiin!

Tinggalkan Balasan ke ciburuan Batalkan balasan