Fiksi Sunda

Fiksi Sunda Sakolébat
(Flash Sundanésé Fiction)

Diajar nyieun Fiksi Basa Sunda, Flash Fiction mangrupakeun carita anu pondokna kurang ti 1.000 kecap, tur leuwih ti 140 kecap (Fiksi mini / Fikmin)

 

HAMPURA

Réngsé bébérés kebon di tukangeun imah, awak karasa lungsé, ramo leungeun karasa singsireumeun jeung rada peurih ku alatan tadi mangsa di kebon lila teuing nyepeng pacul. Sirah mimiti karasa lieur, panon asa beurat rék dibeuntakeun, titingalian kararonéng. Kuring leumpang nuju ka korsi, maksudna rék néang keur muntang, hanjakal suku geus teu kuat ngaléngkah. Gebru, awak nyuuh kana téhel, téténjoan poék. Les… Kuring teu inget nanaon deui.

Panon mimiti bisa mélétét nalika aya sora anu keur ceurik di sagigireun kuring, rét kuring ka gigir, katémbong anu jadi pamajikan keur ceurik bari mencétan leungeun. Kuring reuwas sabab teu apal kana eusi rohangan, rap leungeun nyampa kana dada, aya sababaraha kabel napel kana dada, karasa aya selang napel tina irung. “Abah dimana?” Kuring nanya kanu jadi pamajikan. “Abah nuju aya di Rumah Sakit.” Sora pamajikan dareuda. Kuring beuki reuwas, “Naha bet aya di Rumah Sakit, ti iraha Mi?” ceuk Kuring, “Ti mangkukna Bah, Abah tos 2 dinten di dieu, ti harita nembé gugah ayeuna.” Ceuk pamajikan. “Ari barudak kamarana?” Kuring neuteup seukeut. “Teu acan aya anu kadieu, duanana nuju sibuk di kantorna basa mangkukna ditelepon téh, minantu oge sami teu tiasa ka dieu, teu aya anu ngajajap cenah.” Ceuk pamajikan bari ngusapan tarang. Kuring ngan saukur ngahuleng, padahal anu jadi anak téh cicingna masih sa kota kénéh. Ras inget mangsa maranéhna keur sarakola, kuring rumasa can kungsi maturan maranéhna nalika aya acara di sakolana, boh dibagi rapot, diwisuda pon kitu deui nalika maranéhna keur ngiluan pasanggiri dina pangaresepna, kuring nyibukeun diri ku pagawéan, indit mangsa barudak talibra kénéh, mulang mangsa barudak geus talibra, panggih jeung anu jadi budak ngan saukur poé minggu wungkul. Meureun kieu balesanana, kuring teu bisa nyalahkeun anu jadi budak sabab rumasa lampah kuring anu salah, méré kanyaah ngan saukur ku dunya.

Karasa cimata maseuhan pipi karasa tepi kana ati, kasedih karasa ngabendung. Ngadadak dada karasa eungap, ngarénghap geus teu bisa, nyelek tina tikoro. Biwir hayang cumarita ngan taya sora anu kaluar, sagala sora geus teu kadéngé, saukur panon anu masih kénéh bisa dipaké nalika ningali anu jadi pamajikan ceurik bari ngoyag-ngoyag awak, biwirna kawas anu gogorowokan ngan teu kadéngé naon anu dikedalkeunana. Lila-lina téténjoan beuki samar, antukna poék, karasa kuring leupas tina raga anu salila ieu dicicingan.

“Bah gugah Bah, tos subuh.” Hawar-hawar kadéngé aya nu nyalukan. Awak karasa oyag. Koréjat kuring lilir, terus ningali kanu tadi nyalukan. Bréh… katingali anu jadi pamajikan di gigireun keur ngageuingkeun bari imut. Kuring ningali sabudeureun rohangan, horéng masih aya kénéh di kamar sorangan. “Alhamdulillah Gusti, geuning kuring masih jumeneng kénéh.” Kuring nyampa pipi, karasa baseuh. “Bah hayu ka Masjid!” Aya sora ti luar kamar, lol anu jadi budak ngelol ka jero kamar, beretek duanana asup, gajleng duanana naék kana kasur, si Cikal anu kakara kelas 5 SD metot simbut, si Bungsu anu kakara Kelas 1 SD numpakan tonggong bari ngélékéték sangkan kuring nyaring. Gap duanana digabrug, dikeukeupan raket pisan. “Hampura Abah kasép.” Teu karasa cimata maseuhan deui kana pipi, hayang ceurik sahinghingeun, tapi lain éta jalan kaluarna.

 

Andi Rustandi Sunarya
Rancaékék, 05-03-2014

========

 

SAHA?

Hiliwirna angin subuh mimiti karasa nyecep kaca tulang, kacapé anu tadi dirarasakeun teu dipaliré, anu karasa kabungah anu taya padana mangsa léngkah nepi ka puncak ka-3 Gunung Manglayang. Kuring ngalieuk ka tukang, wanoja anu tadi nunutur mimiti katingali pias, napasna ngahégak, késang nyurulung tina tarangna.
Kuring ngasongkeun leungeun sangkan ditampanan, leungeun manéhna dicekel pageuh teu hayang dilepaskeun. Sakuat tanaga kuring metot bari muntang kana tangkal kai anu geus rada déngdék ka gawirkeun. Opat urang anu lianna geus tiheula nepi, maranéhna anteng gogonjakan bari nyuruput cikopi anu ngadadak diasakan.

Nepi kanu keur uplek, kuring ngilu diuk. “Kamana heula atuh, meni karék nepi?” Rahmat nanya, “Haar apan urang mah maturan Euis, karunya atuh ditinggalkeun mah.” Anu opatan silih rérét tuluy kerung, kuring nyicikeun cikopi kana cangkir kaléng anu geus sadia. “Keur saha éta nyicikeun sadua-dua?” Ayeuna bagéan Iman anu nanya, panonna terus mencong ka kuring. “Beu, nya jang Euis atuuuh, maenya sina kabulusan di leuweung.” Gék Rahmat diuk gigireun bari nepak punduk. “Hampura kami can ngabéjaan ka didinya.” Kuring mencrong bari rada teu ngarti, Rahmat ngaluarkeun HP tina jékétna, tuluy mikeun ka kuring. “Ieu aya SMS jam 2 peuting tadi.”

Sajongjonan kuring teu bisa cumarita, cangkir kopi anu dicepeng teu karasa ragrag tina leungeun. Kuring masih cangcaya, tuluy maca deui SMS, “Kang Rahmat punten wartoskeun ka Indra, tadi tabuh 1 Euis parantos pupus, ngantunkeun urang sadaya. Indra ditelepon ti tabuh 12 teu nyambung waé, pesen ti Euis supados Indra ngahapunten sadaya kalepatan Euis salami ieu kaanjeuna, tur supados tiasa ngaikhlaskeunana, hatur nuhun.”

Karasa aya anu haneut maseuhan pipi, dada karasa eungap. Pikiran kumalayang nyawang mangsa tadi naék ka Gunung Manglayang. Aya hiji anu kuring teu manggih jawabanana, “Ari tadi anu bareng jeung kuring ti handap kénéh saha?” Segruk kuring ceurik, kabungah anu tadi karasa saharita leungit, ukur kapeurih anu meungkeut tina ati.

 

Andi Rustandi Sunarya
Rancaékék, 10-05-2014

========

 

TITIPAN KOLOT

Cahya panon poé lebah wétan mimiti karasa panas kana tonggong, awak nu geus lungsé teu dipaliré, gecruk-gecruk pacul ninggang taneh anu beueus semu garing, sasakali késang disusut tina tarangna. Réngsé sapetakan Mang Karna mimiti reureuh, gék diuk dina galengan, pacul ditendeun gigireunana. Gap kana téko tuluy notorkeun cai kana bahamna.

Panonna seukeut nempo sawah anu ayeuna beuki heureut ku alatan sawaréh geus robah jadi komplek Regency. Anu nyésa tinggal 3 petakan deui, kabéh anu manéhna. Ras manesna inget poé kamari mangsa aya jalma anu datang ka imahna. “Kumaha Pa, janten badé diical sawah téh?” Ceuk jalma éta. “Moal Kasép, bapa mah moal ngajual, sabab ieu mah sawah titinggal anu jadi kolot, asa teu tega rék ngajualna ogé.” Mang Karna némbalan. “Atuh padahal mah sawios wéh, keun ku abdi digaleuh ku pangaos anu luhur, hawatos atuh Pa, apan tos rada sesah caina, kumargi solokannana tos katutup ku Komplék.”

Mang Karna ngagubragkeun awakna, panonna neuteup langit anu harita mimiti katingali angkeub. Manéhna ngarahuh bangun aya anu beurat na pipikiranna, tuluy cengkat ningali sawah anu tadi dipaculan ku manéhna, rét ka sawah anu can dipaculan, taneuhna leuwih garing batan sawah tadi. Geus sataun sawahna ngan saukur kakeueum ku cai hujan, sabab geus taya solokan anu baheula kungsi jadi sumber cai keur sawah manéhna jeung anu lianna.

Gap manéhna nyokot pacul tuluy ditanggung dina taktakna, téko dijéwang ku leungeun kéncana. Lila manéhna neuteup sawah anu kiwari geus kakurung ku témbok komplék. “Hampura Abah, Ambu, sawah rék dijual, kuring nu jadi anak teu bisa nyepeng amanah duaan, hampura.”

 

Andi Rustandi Sunarya
Rancaékék, 11-05-2014

========

 

JIBÉH (Panggih hiji panggih kabéh)

Réngsé Sholat Subuh di Masjid, barudak lalaki rabul lalumpatan ka sérang tukangeun Masjid. Sarung disaroléndang, kopéah disarakuan. “Taaah ayeuna mah geus ngariung kabéh euuuy.” Ceuk Bébén harita, barudak anu lianna ngilu unggeuk-unggeukan. “Bén, rék ulin naon yeuh dina poéan Puasa anu mimiti ieu?” sora Dani ngajorowok ti tukangeun. Bébén rada ngahuleng kawas anu keur mikiran kaulinan naon anu bakal dilakonan. “Geus wéh kieu, kumaha lamun urang ngayakeun Jibéh? Keula, cikan itung Min aya sabaraha urang kabéhanana?” Bébén nitah ka Amin. Amin rada kaluar tina riungan tuluy ngitung anu ngariung. “Dualas urang Bén.” Amin ngajawab. “Taaah pas ari kitu mah, genep urang séwang sa grupna, sok ah geura hom-pim-pah!” Bébén ngajakan kanu lian.

Grup geus kabagi jadi dua, grup kahiji dipingpin ku Bébén, grup anu hijina deui dipingpin ku Enang. “Sok Nang urang suten, anu meunang bakal nyumput tiheula.” Enang nyampeurkeun tuluy duanana suten. “Grup uing pangheulana euuung.” Ceuk Enang bari surak, di haminan ku balad sagrupna. Enang jeung baladna rada ngajauhan ti grup Bébén, tuluy ngariung bari haharéwosan, anu lian unggeuk-unggeukan. “Okéy?” Enang nanya ka baladna. “Okéééy…” ceuk anu lianna. “Bén, kuring rék nyumput ayeuna nya?” bari ngajorowok. “Heug.” Bébén ngajawab.Beretek Enang jeung baladna lalumpatan ka lebak, beuki lila beuki teu ngatingali, sabab harita wanci Balébat kénéh, hayam ogé masih réang kongkorongok.

Bébén ngariungkeun baladna, tuluy nyieun strategi keur néang Enang jeung baladna, réngsé cumarita bral maranéhna laleumpang ka lebakeun, anu tadi kungsi diliwatan ku grupna Enang. Palebah jalan anu nyagak Bébén ngabagi dua grupna, anu hiji ka kénca, hijina deui ka katuhu, mangsudna sangkan bisa ningker grupna Enang.

Geus satengah jam Bébén can manggih panyumputan Enang jeung baladna, tuluy amprok jeung baladna anu lian di sasak batu. “Kumaha Min, geus manggihan?” manéhna nanya ka Amin. “Nyéta geus diubek tadi ogé, ngan can kapanggih waé.” ceuk Amin bangun hanjelu, anu lian oge sarua pating haruleng. Panon poé geus mimiti ray-rayan lebah wétan. “Aduh hayang ngompol eung.” sora Dani bari ajrét-ajrétan jeung nyepengan calanana. “Tinggal cer waé atuh tah ka susukan, meni riweuuuh” ceuk Bébén bari luak-lieuk niténan sabudeureun tempat éta, sugan aya Enang jeung baladna.

Dani anu geus teu kuat nahan piompoleun, tuluy morosotkeun calanana, cer manéhna ngompol ka susukan anu pinuh ku rungkun. “Anjiiir, naon ieu anu ngucur? jaba bau hangseur deuih.” aya anu ngajorowok di kolong sasak. Dani anu harita keur ngompol reuwas, nepi teu sadar cai ompolna maseuhan calana, tuluy noong ka asalna sora. “Taaah geuning, kapanggih euuuy” Dani ngajorowok. Bébén jeung anu lianna lumpat nyalamperkeun Dani. “Aaah licik euy, néanganana bari ngaluarkeun cai mancur.” pecenghul Amin kaluar tina kolong sasak, buukna rancucut, baju jeung sarungna baseuh. “Hahahaha…” anu lian nyakakak bangun geunah pisan. “Geusan heula ah, teu puguh dituluykeun ogé, barau kieu awak uing, kacida si dani mah” Amin kaluar tina panyumputan, dituturkeun ku balad anu lianna.

Jibéh teu dituluykeun, barudak leumpang ka sérang bari teu eureun seseurian ningali Amin anu jamedud, manéhna rada dijauhan kunu lian sabab awakna bau hangseur.

 

Andi Rustandi Sunarya
Rancaékék, 13-05-2014

========

 

 

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: